You are on page 1of 2

Assalamualaikum wr.

wb
Sampurasun,
Girang pangaje’n hormateun simkuring, wargi sadaya miwah re’re’ncangan anu sami linggih anu
kusimkuring dipihormat. Langkung ti payun hayu urang sasareungan manjatkeun puji sinareung sukur ka
kersaning Alloh SWT. anu parantos maparingan ni’mat anu kalintang seueur, kersaning Gusti anu Maha
Suci urang sadaya tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu kasempeutan.
Solawat kalih salam mugia tetep ngocor ngagolontor ka panutan urang sadaya nyae’ta Nabi
Muhammad SAW. ka kulawargina, sobatna, mugia dugi ka urang sadaya salaku umatna tug dugi ka ahir
jaman.
Wargi sadaya anu sami linggih,
Ngadegna simkuring dina danget ieu, taya sane’s seja ngiring jabung tumalapung dina ieu
pasanggiri, sanaos suwug kupangaweruh suda kupangabisa, simkuring baris nyobi medar te’ma
“Ngawewegan Karakter Nonoman Sunda” ku biantara anu judulna “ Pentingna Ngamumule’ Basa
Sunda”.
Sade’re’k sadaya,
Basa mangrupakeun ciri mandiri hiji bangsa, dina basa kasimpeun kabudayaan bangsa, nu mana
kabudayaan te’h nunjukeun karakter hiji bangsa. Dina basa sunda kasimpeun kabudayaan sunda anu
nunjukeun karakter urang sunda.
Basa jeung budaya mangrupakeun hal anu raket patalina anu teu bisa dipisahkeun jadi se’wang-
se’wangan. Ayeuna sanajan nagara netepkeun ye’n basa Indone’sa jadi basa nagara, tetep wajib
hukumna pikeun miara jeung ngamumule’ basa dae’rah.
Tapi, pami ku urang dibandungan jeung sakumaha ku urang kasaksian dina hirup kumbuh
sapopoe’, kiwari seueur para wargi anu parantos kirang reueus kana basa dae’rah oge’ para rumaja para
nonoman anu teu wanoh kana basa dae’rah. Hususna pikeun urang nyae’ta basa sunda.
Me’mang henteu sadayana ngagaduhan sikep sapertos kitu, tapi tetep ieu kudu jadi kaprihatian
urang sadaya, sabab saha deui anu baris miara basa sunda iwal ti urang sundana sorangan. Ulah
dugikeun ka urang sunda sorangan teu wanoh kana basa sunda. Angot mun dugi ka teu tiasa nyarios ku
basa sunda, kacida teungteuingeunana lamun hal ieu karandapan ku urang sunda.
Asa ane’h mun urang sunda, hirup di wewengkon sunda, hirup kumbuh sapopoe’ jeung urang
sunda, tapi beut teu nyarios ku basa sunda, ibarat angeun teu make’ uyah.
Wargi sadaya,
Naon sababna para wargi hususna para nonoman parantos henteu mikawanoh jeung
mikareueus kana basa sunda? . Lamun dipaluruh, kiwari aya anggapan ye’n basa sunda te’h he’se’
diulikna, he’se’ dilarapkeunna, ngandung unsur-unsur feodalisme, teu ngindung kana waktu, teu
ngabapa kana jaman.
Teu kitu kumaha, sapope’ nu dilalajoanan ukur pilem luar negri, da ari sabangsa pawayangan,
jeung sine’tron basa sunda mah jigana geus teu ditolih-tolih acan.
Padahal, dina basa sunda aya nu namina undak-usuk basa, unggah-ungguh anu luyu jeung
tatakrama basa. Kumaha ka batur, kumaha ka saluhureun, kumaha ka sahandapeun. Ieu lain hartosna
basa sunda ngandung unsur-unsur feodalisme, tapi nunjukeun aje’n luhur tina baa sunda anu
ngahargaan ka sasama manusa.
Oge’ ti baheula basa sunda parantos tiasa narima kana pangaruh basa se’je’n. Anu disebut basa
kosta. Seueur basa kosta nu tos jadi basa sunda, jadi salah mun aya nu nyebatkeun ye’n basa sunda te’h
teu luyu jeung jaman, nutup diri tina pangaruh luar, teu ngindung kana waktu, teu ngabapa ka jaman.
Girang pangaje’n hormateun simkuring,
Ningali kaayaan sapertos kitu, taya lain ieu kudu dimimitian deui pikeun mibanda katineung
kana basa jeung budaya sorangan. Ulah dugikeun ka jati kasilih kujunti, mupusti budaya asing bari jeung
teu malire’ kana budaya sorangan. Beut asa bakal langkung puyus pami weruh kana basa jeung budaya
deungeun disareungan ku miara katut mikareueus kana basa jeung budaya indung.
Wargi sadaya,
Kuring umajak ka diri pribados, umumna ka wargi sadaya anu sami linggih, hayu urang
sasareungan ngajaga, ngaraksa, ngariksa,miara, jeung ngamumule’ basa sunda. Ulah isin, ulah ge’ngsi
ngagunakeun basa sunda jeung mamawa budaya sunda anu jadi karakter urang sunda. Ulah dugikeun ka
basa sunda henteu diperhatoskeun deui ku urang sadaya, sabab lamun urang parantos ngapilainkeun
kana basa dae’rah ieu mangrupakeun karugian ageung pikeun urang sadaya. Sabab rupaning basa jeung
kabudayaan nu aya di Indone’sa jadi cicire’ n bangsa indone’sa. . Piraku basa sunda, basa dae’rah re’k
leungit ti Indone’sa?. Lantaran kade’se’h kubasa jeung budaya deungeun sareung ge’ngsi anu ngawasa
kana diri.
Boa engke’ mah diajar basa jeung budaya sorangan oge’ kudu ngulik ka mancanagara, kusabab
di Indone’sa tos teu aya ahlina. Atuh basa sunda, basa dae’rah te’h kari waasna, ukur carita, tinggal
sajarah. Hususna pikeun urang sunda, ye’n di Jawa Barat di tatar sunda baheulana te’h make’ basa
sunda.
Wargi sadaya,
Ieu lain ukur tugas jeung tanggungjawab pamare’ntah, ieu lain ukur tugas jeung tanggungjawab
para sastrawan jeung budayawan sunda hungkul. Tapi ieu tugas, tanggungjawab, jeung kawajiban urang
sarare’ra. Saha anu baris ngajaga, ngaraksa, ngariksa, miara, jeung ngamumule’ basa jeung budaya
sunda iwal ti urang sundana.
Ieu mah ukur unek-unek simkuring, da ahirna mah diwangsulkeun deui ka para wargi, para
nonoman, para generasi tatar sunda. Manawi bahan katampi, hapunteun anu kasuhun sane’s bet
maksad mamatahan ngojay ka meri, ieu mah mungguhing ka jurung ku identinas simkuring salaku
nonoman sunda, sasieureun sabeunyeureun mugia aya mangfaatna.
Neda dihapunteun, boh bilih aya cariosan anu kirang merenah kana manah, anu nyelekit kana
ati. Sakitu anu kapihatur.
Wassalamualaikum wr. wb

You might also like