You are on page 1of 1

Seureuh Ubar Kampung Urang Sunda

Seureuh Ubar Kampung Urang Sunda nepi ka kiwari daun seureuh mindeng dipaké ubar
kampung atawa tradisional, pangpangna di pakampungan anu jauh kénéh ka tempat prakték
dokter. Lamun seureuh dipaké ubar, biasana sok dicampuran ku bahan bahan séjénna,
kayaning apu, uyah, gula beureum, jeruk nipis jeung nu lain lainna deui. Ku lantaran resépna
asalna ti pakampungan, biasana ubar tradisional modél kieu téh sok disebut ubar kampung.

Urang Sunda geus ti baheula wawuh jeung seureuh (piper betle). Seureuh téh réa rupana, nya
éta seureuh Jawa, rupana hideung sarta leuwih lada; seureuh nu rada beureum uratna,
ngaranna tikuhur; jeung seureuh nu hejo uratna. Seureuh mangrupa tutuwuhan nu ngarambat,
daunna sari lada, sok dipaké nyeupah jeung dipake ubar. Sanajan kiwari wanoja nu ngarora
langka nyeupah, tapi seureuh masih aya kénéh dijarualan di tukang rampé. Seureuh bisa
dimangpaatkeun atahna, oge bisa diolah heula jadi minyak. Lamun aya nu raheut, bisa dibalur
ku minyak seureuh atawa bisa ogé daun seureuhna dirieus, dicampuran apu saeutik, tuluy
ditaplokkeun ka nu raheutna. Pikeun ubar nyeri panon, seuruhna sabada dikumbah beresih,
tuluy digélang ditinyuh ku ciatah. Éta cai seureuh téh dipaké meresihan panon nu nyeri téa.

Pikeun ubar batuk, daun seureuhna dirieus dicampuran apu, tuluy dibalurkeun kana
beuheung. Anu nyeri dada ogé bisa diubaran ku seureuh nu meunang ngarieus kira-kira lima
lambar, dicampuran ku minyak hadas, apu, cai jeruk nipis, kina tipung, jeung bawang
beureum sapotong. Seureuh matak kuat kana huntu. Ku kituna, nu sok rajin nyeupah mah
langka anu nyeri huntu. Jadi, pangaruhna gedé pisan. Dina iklan odol (pasta gigi) aya anu
make daun Seureuh minangka salahiji bahanna. Kitu deui seureuh sok dipaké paranti kekemu
(obat kumur). Lian ti éta, nu bau baham ogé bisa dikurangan ku seureuh, ku cara meuweung
salambar atawa dua lambar seureuh. Mun bisa mah seureuh nu dibeuweung tadi téh terus
diteureuy.

Mangpaat daun seureuh bisa oge keur ngubaran sariawan. Panyakit sariawan dina istilah
urang Sunda, biasana sok ditandaan ku kaluarna getih tina liang pangambung. Dina basa
Indonesia mah disebut mimisan. cara ngubarana, daun seureuh dipintel-pintel, jiga aki urang
nu sok leukeun kénéh ngaroko maké daun kawung. Daun seureuhna gé dipintel-pintel jiga
kitu. Tuluy daun seureuh nu meunang mintel-mintel téa teh dicocokkeun kana pangambung.
Insya Alloh, moal lami deui ogé getihna bakal saat. Kiwari geus langka wanoja Sunda nu
nyeupah. Kitu gé geus karolot pisan. Ku kituna, seureuh geus teu pati dipikawanoh
mangpaatna ku nu ngarora. Padahal dina seureuh téh loba zat nu aya mangpaatna pikeun
awak urang.
Disarungsum tina : Majalah pendidikan, Cahara Bumi Siliwangi No. 1.Maret.2009.Kaca 38-
40. (Ruhaliah)

Disalin dari : http://www.burung-net.com/2015/06/contoh-artikel-bahasa-sunda-tentang-


kesehatan-sirih.html

Tugas:
1. Naon témana éta artikel téh?
2. Aya sabaraha paragraf éta arikel? Téangan gagasan utama dina unggal paragrafna!
3. Paragraf anu mana nu nuduhkeun bagian bubukana? Tuliskeun!
4. Paragraf anu mana nu nuduhkeun bagian panutupna?
5. Kumaha kacindekan pedaranana
Kelompok 1

You might also like