You are on page 1of 4

Para hadirin sidang jumah anu mulya...

Mangga urang sami-sami manjatkeun puji sareng syukur ka Hadirat Allah


SWT nu parantos ngutus hiji abdina nu nyandak risalah sareng pituduh
kana jalan anu lempeng. Salajengna Shalawat sareng salam mugia tetep
ka jungjunan urang sadaya kangjeng Nabi Muhammad SAW sareng ka
kulawargana, ka para sahabatna, sareng ka sadaya anu tumut kana ajaran
anjeunna.
Salaku khotib pribados wasiat khusus ka diri pribadi umumna ka kaum
muslimin, mangga urang sami-sami ningkatkeun katakwaan ka Allah
SWT, nyaeta ngalaksanakeun saniskanten parentahna sareng nebihan
saniskanten cegahannana, margi ku taqwa pisan urang sadaya bakal tiasa
ngahontal kabagjaan dunia sareng akherat.
Mangga urang perhatoskeun dawuhan Allah SWT dina surat Al-Ahzab
ayat 21:
Hartosna: Saestuna keur maraneh aya conto anu hade di diri Rasulullah
pikeun jalma-jalma anu ngaharep karidhoan Allah jeung poe akhir tur anu
loba ingetna ka Allah.

Para hadirin sidang jumah anu mulya..


Disarengan ku kawijaksanaan sareng kaluhungan Rasulullah, anjeunna
parantos tiasa ngahontal hasil anu nyugemakeun dina ngawangun
masyarakat dina leubet salami 23 taun. Anjeunna parantos tiasa ngarobih
adat istiadat anu kawitna bedang basangkal, janten luhung budi sarta
parantos tiasa ti alam jahiliyyah janten terang benderang, tina resep
parasea janten rukun lalayeut, tina barodo janten palinter, tina ngaredul
janten daraekan, tina kalotor janten bareusih, tina paredit janten berehan.
Suri tauladan Rasulullah dina ngawangun umat dina sacara garis
ageungna ngawengku tilu perkara nyaeta: kahiji ibadah, kadua
kasejahteraan, katilu kaamanan.
Dawuhan Allah SWT dina surat Al-Quraisy ayat 3-4:

Hartosna: Kukituna maraneh aribadah ka pangeran ieu ka’bah, anu


maparin dahareun ka maranehna keur ngaleungitkeun lapar tur ngaraksa
maranehna tina kasieun.

Ayat di luhur ieu ngajelaskeun yen Rasulullah SAW dina ngawangun


umat masihan pola atawa conto dina tilu perkara sapertos anu kasebat di
luhur:
1. Dina masalah ibadah: Rasulullah SAW ti kawit ngalaksanakeun
tugasna teh nyaeta ngabina tauhid umatna. Ngalempengkeun
kapercayaan masyarakat tina musyrik kana tauhid. Saparantosna
tauhidna kiat, teras ngabina ibadah sareng akhlak, ti kawit ibadah
anu khusus dugika ibadah anu umum, saniskanten padamelan
masyarakat salamina ngandung ibadah ka Allah, sarengkak
saparipolah tebih tina ngalakukeun maksiat. Tah ku cara kitu
masyarakat jadi tentrem ayem aya dina ka sakinahan, margi gaduh
kayakinan anu kiat ka Allah SWT anu nangtayungan kana dirina.
2. Dina masalah kasejahteraan: Rasulullah SAW merhatoskeun
pisan kana pangwangunan ekonomi masyarakat. Ngawangun
sandang pangan sareng kaperyogian hirup anu sanesna.
Ngawangun kasejahteraan masyarakat ku sistim ekonomi
kakeluargaan, ngamekarkeun rasa duduluran, ngawangun jiwa
sosial, nyaah ka sasama tur mampuh ngajait nasib fakir sareng
miskin. Rasulullah ngadangdosan adat istiadat masyarakat anu
kawitna royal jadi rikrik. Jadi ku cara kitu masyarakat janten
tentrem tumaninah, sejahtera lahir katut batinna.
3. Dina masalah kaamanan: Sagala rupa anu jadi bibit sareng cukang
lantaran anu nimbulkeun kakacauan sareng kaonaran ku
Rasulullah di bersihkeun, kaadilan ditanjerkeun, kasarakahan di
tumpes, estuning jadi nagara anu “Baldatun Toyyibatun Warobun
Gafur”, nagara anu aman, tentrem, sepi tina dogdog pangrewong,
sahingga ibadah ka Allah SWT janten laluasa aya dina katertiban.

Para hadirin sidang jumah anu mulya...


Dupi anu janten taktik atawa siasat Rasulullah SAW dina ngawangun
umat numawi tiasa hasil anu nyugemakeun teh nyaeta:
1. Sagala rupi anu disaurkeun sareng diajarkeun ka masyarakat teh,
anjeunna parantos langkung tipayun ngalaksanakeun, anjeunna
parantos ngalaksanakeun langkung tipayun di lebet rumah
tanggana.
2. Saparontos anjeunna maparin conto nyaeta ku dilaksanakeun
heula di lebet rumah tanggana nembe anjeunna nguwar ngajak ka
balarea.
Tah ieu pisan Rasulullah SAW maparin conto ka umatna dina
ngawangun pribadi, rumah tangga sareng masyarakat atawa umatna.

Mudah-mudahan ieu khutbah ageung manfaatna kango urang sadaya


sareng mudah-mudahan urang sadaya salamina di paparin taofik
sareng hidayah-Na, sahingga urang sadaya tiasa nyonto kana sagala
rupi anu parantos dilakukeun ku jungjunan urang Rasulullah SAW,
amin ya Rabbal Alamin.

You might also like