You are on page 1of 4

Maasyiral muslimin Rahimakumullah,

Sakumaha tos kauninga urang sadaya tos dugi kana sasih


syaban, sasih anu ditempatkeun ku Allah diantara rajab
sareng ramadhan anu seseringna sok di apilainkeun ku
seuseueurna jalmi. Nabi Muhammad SAW parantos
nguningakeun :
“(Syaban) ieu nyaeta bulan anu sok dipopohokeun ku
seuseueurna jalma, nyaeta cicingna diantara rajab jeung
ramadhan” (HR. An-Nasa-i)

Cirina jalma mopohokeun kana bulan syaban bisa ku


urang katitenan nalika jalma-jalma reuwas rehna bulan
ramadhan parantos datang, rarasaan jauh keneh ari pek
isukan geus kudu puasa. Aya deui jalma anu apal kana
bulan syaban mung ngalalaworakeun kana ieu bulan,
bahkan sabagian jalma aya anu ngahaja ngalakonan
maksiat bari pokna : mumpung teu acan ramadhan”

Jamaah Shalat Jumat Rahimakumullah ,


Seueur pisan jalmi anu ngalalaworakeun kana bulan
syaban. Padahal ieu bulan termasuk bulan anu istimewa.
Di bulan syaban ieu amal manusa diangkat ku Allah
SWT

Rasulullah shallallahu alaihi wasallam ngadauh:


َ‫ب ْالعَالَ ِمين‬
ِ ‫ش ْه ٌر ت ُ ْرفَ ُع فِي ِه ْاْل َ ْع َما ُل ِإلَى َر‬
َ ‫َو ُه َو‬
"(Syaban) nyaeta bulan dimana diangkat dina eta bulan
sagala amal perbuatan manusa ka Allah SWT”(HR. An-
NasaI; hasan)
Ieu hiji kautamaan dina bulan syaban. Bulan syaban
nyaeta bulan diangkatna amal manusa ka Allah SWT.

Kautamaan anu kadua nyaeta dina malam pertengahan


anu sok katelah Nishfu Syaban. Rasul SAW ngadauh
dina kautamaan bulan syaban:

‫ فَ َي ْغ ِف ُر‬، َ‫ش ْع َبان‬


َ ‫ف ِم ْن‬ ْ ِ‫ط ِل ُع فِي لَ ْيلَ ِة الن‬
ِ ‫ص‬ َّ ‫َّللا لَ َي‬
َ َّ ‫ِإ َّن‬
ِ ‫ِل َج ِميعِ خ َْل ِق ِه إِالَّ ِل ُم ْش ِركٍ أ َ ْو ُمش‬
‫َاح ٍن‬
"Saestuna Allah mariksa dina satiap maleman nishfu
Syaban, terus ngahampura dosa sadaya makhluk-Na,
anging jalma anu syirik jeung nu purah pasea jeung
dulurna” (HR. Ibnu Majah; syaban)

Eta dua diantara kautamaan dina bulan syaban anu


didasaran ku hadis anu soheh.

Maasyiral muslimin hafidhakumullah,

Amalan naon anu dicontoan ku Rasul dina ieu bulan?


Diantara amalan anu utami anu dicontoan ku Rasul dina
bulan Syaban nyaeta nyeueurkeun shaum sunnah.
Sakumaha anu disaurkeun ku Usamah bin Zaid:

‫صو ُم ِم ْن‬ ُ َ ‫ور َما ت‬ ُّ ‫ش ْه ًرا ِم ْن ال‬


ِ ‫ش ُه‬ ُ َ ‫َّللا لَ ْم أ َ َركَ ت‬
َ ‫صو ُم‬ ُ ‫قُ ْلتُ يَا َر‬
ِ ‫سو َل ه‬
‫ضانَ َوه َُو‬ َ ‫ب َو َر َم‬ ٍ ‫اس َع ْنهُ بَيْنَ َر َج‬ُ ‫ش ْه ٌر يَ ْغفُ ُل النه‬
َ َ‫ش ْعبَانَ قَا َل ذَلِك‬ َ
‫ع َم ِلي‬ َ ْ َ ُ َ َ
َ ‫ب العَال ِمينَ فأ ِحبُّ أن ي ُْرف َع‬ ْ َ َ ْ َ ُ
ِ ‫ش ْه ٌر ت ْرف ُع فِي ِه اْل ْع َما ُل إِلى َر‬ َ
‫صا ِئ ٌم‬
َ ‫َا‬ ‫ن‬َ ‫أ‬ ‫َو‬
Kaula naros ka Rasulullah SAW : “Ya Rasulallah, kaula
teu pernah ningali anjeun puasa langkung seueur
tinimbang dina bulan Syaban”. Rasul ngadawuh: “Ieu
syaban nyaeta bulan anu dipopohokeun ku kalolobaan
jalma, nyaeta diantara rajab jeung ramadhan. Di bulan
ieu amal manusa diangkat ka Allah nu Mangeranan
sadaya alam. Kulantaran kitu kaula hayang nalika amal
kaula diangkat ka Allah kaula keur puasa”. (HR. An-
NasaI; hasan)

Ummul Mukminin Aisyah radhiyallahu anha dina hadis


anu sanes ngariwayatkeun

“Rasulullah shallallahu alaihi wasallam teu pernah


shaum sunnah dina hiji bulan anu langkung seuseur
tibatan bulan syaban, Mantenna shaum sabulan
campleng” (HR. Al Bukhari)

Dina Fathul Bari, Ibnu Hajar Al Asqalani nerangkeun


yen nu dimaksud “shaum sabulan campleng” nyaeta hiji
ungkapan anu ngarujuk kana makna yen Rasul dina eta
bulan syaban seueur shaumna tibatan henteuna.

Tina katerangan anu nembe, kuurang sadaya kauninga


yen shaum dina bulan syaban jadi perkara anu istimewa
kumargi dina eta bulan amal urang diangkat, oge
sakaligus persiapan, atanapi latihan dina engke
ngalakonan shaum ramadhan

Jamaah Jumat yang Rahimakumullah


Mugi-mugi urang sadaya dipaparin kakiatan dina raraga
merangan hawa nafsu khususna di bulan syaban ieu ku
shaum sareng rupi-rupi amal ibadah anu sanesna, malah
mandar urang sadayana nalika amal urang diangkat ka
Allah SWT aya dina kaayaan nuju ngalakonan amal
soleh.
Mugi-mugi urang sadaya dipaparin yuswa anu panjang
sahingga urang dugi deui kana sasih ramadhan.
Ramadhan nu bakal dongkap mugi-mugi janten
sababiyah ningkatna kataqwaan urang ka Allah SWT.

You might also like