You are on page 1of 2

MIMITINA UNCAL JADI TANDUKAN

WASTA : VINNA LAILA LUQIANA.

KELAS : 7-3.

NO ABSEN : 32

SAKOLA : SMPN 2 CIANJUR

Kacaturkeun mangsa baheula.... Mangsa dunya masih mangrupa leuweung. Mangsa


sasatoan silih cumarita sakumaha manusa ayeuna.

Di hiji leuweung..... Dina hiji poe,kira wanci haneut moyan. Sakadang Kuda nangtung
sisi talaga, ngadon moyan bari ngeunteung kana cai.

Bari ngeunteung teh manehna ngomong sorangan, “Bener kasep, gagah aing teh.
Awak lampayat, tanduk rangakgak jeung sareukeut deuih. Moal aya , sato anu ginding kawas
aing, anu boga tanduk sakieu alusna..”

Sabot muji maneh, jol aya uncal nyampeurkeun. Rek ngadon nginum gigireun kuda.
Kuda ujug-ujug haok bae ngambek bari molotot. Omongna, “Heh Uncal ! Rek naon kadieu?
Haling kaditu. Ulah ngiruhan cai paranti nginum kuring. Maneh mah teu kudu ngeunteung.
Da geus tetela, suku pacer goreng patut, teu boga tanduk kawas aing."

Keur kitu aya maung disada ngagaur tikajauhan. Kuda jeung uncal beretek bae
lalumpatan. Patarik-tarik. Sieuneun ditekuk maung. Kuda lumpat pangheulana, karepna rek
nyumput dinu buni.

Tapi tandukna tikait kana areuy-areuyan. Atuh teu bisa kebat lumpatna. Sanajan
manehna abrug-abrugan tandukna teu lesot. Malah beuki kapuket ku areuy,

Teu kungsi lila, jol datang uncal kadinya. Ceuk kuda. “ eh sakadang uncal tulungan
kuring, ieu tanduk kuring tikait kana areuy, meni pageuh kieu” Uncal karunyaeun tuluy areu-
areuy anu melit kana tanduk teh digegelan nepi paregat. Geus kitu belenyeng bae kuda jeung
uncal teh lalumpatan deui. Sieuneun kasusul ku maung.
Hadena maung teh teu kebat ngudagna. Ditempat nu aman kuda jeung uncal areureun.
Kuda ngomong ka uncal. “ sakadang uncal, nuhun pisan kaula geus ditulungan ku sampean.
Mun teu ditulungan ku anjeun mah meureun kuring teh geus tewas ditekuk maung. Pikeun
pamulang tarima, ieu kaula masrahkeun tanduk. Prak pake ku sampean turun tumurun. Hatur
nuhun uncal.”

Tanduk kuda teh rap dipake ku uncal nepi ka kiwari. Tah kitu dongengna sasakala
mimiti gaduh tanduk dina huluna. Ti saprak harita, eta sakadang Uncal teh tandukan nepi ka
ayeuna.

You might also like