You are on page 1of 13

BAB I

BUBUKA
A. Kasang Tukang
Sastra Sunda mangrupa salah sahiji kakayaan budaya Sunda. Sastra sunda teh kacida
pisan lobana, diantarana nyaeta dongeng. Dongeng nyaeta carita anu teu asup akal jeung teu
bener- bener kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian - kajadian zaman baheula. Tapi
mun ningali kaayaaan zaman ayeuna mah barudak teh, khususna anu cicing di Tatar Sunda
loba anu teu wanoh- wanoh acan kana dongeng. Kukituna urang salaku kaom muda anu gelar
jeung cicing di Tatar Sunda boga kawajiban ngawanohkeun tur ngajak barudak sangkan resep
kana Sastra Sunda utamana kana dongeng.
Dongeng teh loba pisan rupana diantarana aya fabel, parable, legenda, mite, sage, pamuk
jeung dongeng pieunteungeun.

B. Rumusan Masalah
Dina makalah ieu, bade dipedarkeun ngeunaan :
a. Kumaha sajarah jeung kamekaran dongeng ?
b. Naon anu dimaksud dongeng ?
c. Naon wae unsur-unsur dongeng ?
d. Naon wae ciri-ciri dongeng ?
e. Naon fungsi dongeng ?
f. Naon wae papasingan dongeng ?

C. Tujuan
Tujuan anu dipikaharep bisa dihontal umumna nyaeta pikeun bisa ngeuyeuban pamikiran,
pangaweruh kanu maca, utamana kanu teu wanoh kana karya sastra sunda (dongeng). Aya
oge tujuan hususna nyaeta :
a. Mikawanoh tur maham kana sajarah jeung kamekaran dongeng
b. Mikawanoh tur maham kana wangenan dongeng
c. Mikawanoh tur maham kana unsur-unsur dongeng
d. Mikawanoh tur maham kana ciri-ciri dongeng
e. Mikawanoh tur maham kana fungsi dongeng
f. Mikawanoh tur maham kana conto dongeng
BAB II
PEDARAN
A. Sajarah Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng
Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina zaman buhun anu dicirian ku ayana
pangaruh Hindu. Dina ieu zaman, sastra anu aya, teu kapanggih ngaran pangarangna
(anonim). Teu kawas pantun, carita-carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan,
asihan, jampé-jampé, kawih, jeung saterusna. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana
tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya sanggeus urang Sunda wawuh kana tradisi tulis. Ku
sabab téknologi ayeuna beuki maju, loba dongéng anu dimuat dina majalah jeung surat
kabar.

B. Wangenan Dongéng
Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian. Dongéng biasana
sok nyaritakeun kajadian - kajadian jaman baheula.
Numutkeun kamus, dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu
kajadian saenyana. Dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur
ukuranana parondok (Budi Rahayu Tamsah). Dongéng téh mimiti gelarna mangrupa wangun
lisan, nu nyebar ti hiji jalma ka jalma lianna, tur teu kapanggih saha nu ngarangna atawa
anonim. Lantaran nyebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit.
Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa. Nilik kana
wandana jeung patempatana, dongéng biasana sok ngambarkeun kaayaan baheula. Tokoh-
tokoh dina dongéng henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk
séjénna. Bisa oge nyaritakeun tempat.

C. Unsur-unsur Dongéng
1. Téma, nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita
dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa
ngadéngékeun dongéng.
2. Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-
sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung
patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita.
Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur
campuran.
3. Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
4. Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.
5. Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina
dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita
nu sagemblengna.

D. Ciri-ciri Dongéng
1. Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi
alesanana nyaéta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé
kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.
2. Aya bagian anu pamohalan.
3. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
4. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
5. Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa
kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepikeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu
utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
6. Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung logika umum.
7. Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.
8. Pola ngadongéng sok angger.

E. Pungsi Dongéng
Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel
pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun
kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun,
dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nu
nurutkeun kana kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak
céngéng. Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur
ngabobodo budak céngéng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun nu ditétélakeun ieu di
handap:
1. Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.
2. Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.
3. Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.
4. Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali
parantina.
5. Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna.
6. Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.
Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun
1975, yén dongéng mampuh ngaronjatkeun Intelegence Question (I.Q) budak. Budak
kakeunaan ku Virus Ach (need for Achievement) nyaéta virus nu ngamotipasi budak sangkan
miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus
ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal. Panalungtikan séjén nu
ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun
kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu
nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas tibatan barudak turunan
urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna,
utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.

F. Papasingan Dongéng
1. Dongéng Sasatoan (Fabél)
Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa
atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa, tapi
diperankeun ku sato. Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna
kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung
pikiran. Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola. Contona carita Sakadang
Kuya jeung Sakadang Monyet.
Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet téh mangrupa dongéng sasatoan asli ti
Sunda. Bénteun jeung dongéng anu palakuna sato séjén. Contona dongéng Sakadang
Peucang, hirupna dina sastra téh mangrupa pangaruh ti sastra Jawa.
2. Dongéng Babad (sage)
Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kajadian atawa jelema
anu ngandung unsur sajarah. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna
nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa
lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.
3. Dongéng Kahirupan Jalma Biasa (Parabél)
Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap
mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu
pangsohorna dina sastra Sunda nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé
dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si
Congcorang,jjrd.
4. Dongéng Mite
Dongéng mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap karamat
ku masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana
alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung
ayana nu maot. Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun
topografi, jeung tanda-tanda alam. saperti sangu, jagong,jsté. Contona : Dongeng Dewi
Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén,
jeung Dongéng Ngipri.
5. Dongéng Pieunteungan
Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan
pikeun kahirupan manusa. Bisa dongéng jalma biasa atawa sasatoan. Contona Cikaracak
Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.
6. Dongéng Pamuk
Dongéng pamuk nya éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur
biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk
di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nya éta
tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi
téh nya éta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan.
7. Dongéng Légénda
Dongéng légénda nyaéta dongéng anu nyaritakeun asal-usul hiji tempat, barang, sasatoan,
atawa tutuwuhan. Dongéng sasakala mangrupa golongan carita anu geus turun tumurun, anu
geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa.
Papasingan Legenda :
1. Legenda Agama nyaéta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama islam. Legenda nu
geus dikumpulkeun diantarana:Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan
Geseng, Syéh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat, jste.
2. Legenda Alam gaib nya éta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-
mahluk nu gaib.
3. Legenda tokah jalma nya éta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya
kajadianana.
4. Legenda tempat atawa legenda wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji tempat,
ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb.
Contona nyaeta saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ
Patenggang, Sasakala Maribaya.
G. Tekhnik-tekhnik Ngadongéng
a. Maca langsung tina buku
Tekhnik ieu anu paling éféktif lamun guru ngabogaan buku dongéng anu pikareseupeun nu
cocok di bacakeun ka murid. Cirining yén dongéng bisa dipahami ku barudak nyaéta pesen
nu didugikeun bisa diserep tur paham yén kalakuan dina dongéng téh bener atawa salah.
b. Ngadongéng ngagunakeun ilustrasi tina gambar
Teknhik ieu éféktif lamun dongéng anu didugikeun dibarengan ku ilustrasi gambar tina buku
anu pikaresepeun budak. Nyaritakeun dongéng maké ilustrasi gambar téh, maksudna pikeun
ngajelaskeun pesen-pesen anu aya dina caritaan.

c. Nyaritakeun dongéng sacara langsung


Tekhnik ieu éféktif digunakeun lamun guru nyadiakeun dongéng anu bisa narik karesep
siswa. Teknik ieu mangrupakeun teknik anu paling simpel, sabab teu mikabutuh kana média
anu séjénna.
d. Ngadogéng ngagunakeun papan flannel
Cara ngajieun papan flannel nyaéta ku cara ngalapisan papan ku kaén flannel nu warnana
netral, terus gambar tokoh-tokoh anu ngawakilan watak dina dongéng éta digunting polana
dina kertas, terus ditémpelkeun dina papan éta.
e. Ngadongéng ngagunakeun bonéka
Biasana métode ieu mah disesuaikeun jeung umur sarta pangalaman barudak, biasana
barudak bakal resep pisan lamun dongéng dibacakeun bari make bonéka.

H. Conto Dongeng Legenda

Asal Usul Gunung Tangkuban Perahu

Di Jawa Barat tepatnya di Kabupaten Bandung terdapat sebuah tempat rekreasi yang sangat
indah yaitu Gunung Tangkuban Perahu. Tangkuban Perahu artinya adalah perahu yang
terbalik. Diberi nama seperti karena bentuknya memang menyerupai perahu yang terbalik.
Konon menurut cerita rakyat parahyangan gunung itu memang merupakan perahu yang
terbalik. Berikut ini ceritanya.
Beribu-ribu tahun yang lalu, tanah Parahyangan dipimpin oleh seorang raja dan seorang ratu
yang hanya mempunyai seorang putri. Putri itu bernama Dayang Sumbi. Dia sangat cantik
dan cerdas, sayangnya dia sangat manja. Pada suatu hari saat sedang menenun di beranda
istana, Dayang Sumbi merasa lemas dan pusing. Dia menjatuhkan pintalan benangnya ke
lantai berkali-kali. Saat pintalannya jatuh untuk kesekian kalinya Dayang Sumbi menjadi
marah lalu bersumpah, dia akan menikahi siapapun yang mau mengambilkan pintalannya itu.
Tepat setelah kata-kata sumpah itu diucapkan, datang seekor anjing sakti yang bernama
Tumang dan menyerahkan pintalan itu ke tangan Dayang Sumbi. Maka mau tak mau, sesuai
dengan sumpahnya, Dayang Sumbi harus menikahi Anjing tersebut.
Dayang Sumbi dan Tumang hidup berbahagia hingga mereka dikaruniai seorang anak yang
berupa anak manusia tapi memiliki kekuatan sakti seperti ayahnya. Anak ini diberi nama
Sangkuriang. Dalam masa pertumbuhannya, Sangkuring se lalu ditemani bermain oleh seekor
anjing yang bernama Tumang yang dia ketahui hanya sebagai anjing yang setia, bukan
sebagai ayahnya. Sangkuriang tumbuh menjadi seorang pemuda yang tampan dan gagah
perkasa.
Pada suatu hari Dayang Sumbi menyuruh anaknya pergi bersama anjingnya untuk berburu
rusa untuk keperluan suatu pesta. Setelah beberapa lama mencari tanpa hasil, Sangkuriang
merasa putus asa, tapi dia tidak ingin mengecewakan ibunya. Maka dengan sangat terpaksa
dia mengambil sebatang panah dan mengarahkannya pada Tumang. Setibanya di rumah dia
menyerahkan daging Tumang pada ibunya. dayanng Sumbi yang mengira daging itu adalah
daging rusa, merasa gembira atas keberhasilan anaknya.
Segera setelah pesta usai Dayang Sumbi teringat pada Tumang dan bertanya pada pada
anaknya dimana Tumang berada. Pada mulanya Sangkuriang merasa takut, tapa akhirnya dia
mengatakan apa yang telah terjadi pada ibunya. Dayang Sumbi menjadi sangat murka, dalam
kemarahannya dia memukul Sangkuriang hingga pingsan tepat di keningnya. Atas
perbuatannya itu Dayang Sumbi diusir keluar dari kerajaan oleh ayahnya. Untungnya
Sangkuriang sadar kembali tapi pukulan ibunya meninggalkan bekas luka yang sangat lebar
di keningnya.Setelah dewasa, Sangkuriang pun pergi mengembara untuk mengetahui keadaan
dunia luar.
Beberapa tahun kemudian, Sangkuriang bertemu dengan seorang wanita yang sangat cantik.
Segera saja dia jatuh cinta pada wanita tersebut. Wanita itu adalah ibunya sendiri, tapi mereka
tidak saling mengenali satu sama lainnya. Sangkuriang melamarnya, Dayang Sumbi pun
menerima dengan senang hati. Sehari sebelum hari pernikahan, saat sedang mengelus rambut
tunangannya, Dayang Sumbi melihat bekas luka yang lebar di dahi Sangkuriang, akhirnya dia
menyadari bahwa dia hampir menikahi putranya sendiri. Mengetahui hal tersebut Dayang
Sumbi berusaha menggagalkan pernikahannya. Setelah berpikir keras dia akhirnya
memutuskan untuk mengajukan syarat perkawinan yang tak mungkin dikabulkan oleh
Sangkuriang. Syaratnya adalah: Sangkuriang harus membuat sebuah bendungan yang bisa
menutupi seluruh bukit lalu membuat sebuah perahu untuk menyusuri bendungan tersebut.
Semua itu harus sudah selesai sebelum fajar menyingsing.
Sangkuriang mulai bekerja. Cintanya yang begitu besar pada Sangkuriang memberinya suatu
kekuatan aneh. Tak lupa dia juga menggunakan kekuatan yang dia dapat dari ayahnya untuk
memanggil jin-jin dan membantunya. Dengan lumpur dan tanah mereka membendung air
dari sungai dan mata air. Beberapa saat sebelum fajar, Sangkuriang menebang sebatang
pohon besar untuk membuat sebuah perahu. Ketika Dayang Sumbi melihat bahwa
Sangkuriang hampir menyelesaikan pekerjaannya, dia berdoa pada dewa-dewa untuk
merintangi pekerjaan anaknya dan mempercepat datangnya pagi.
Ayam jantan berkokok, matahari terbit lebih cepat dari biasanya dan Sangkuriang menyadari
bahwa dia telah ditipu. Dengan sangat marah dia mengutuk Dayang Sumbi dan menendang
perahu buatannya yang hampir jadi ke tengah hutan. Perahu itu berada disana dalam keadaan
terbalik, dan membentuk Gunung Tangkuban Perahu(perahu yang menelungkub). Tidak jauh
dari tempat itu terdapat tunggul pohon sisa dari tebangan Sangkuriang, sekarang kita
mengenalnya sebagai Bukit Tunggul. Bendungan yang dibuat Sangkuriang menyebabkan
seluruh bukit dipenuhi air dan membentuk sebuah danau dimana Sangkuriang dan Dayang
Sumbi menenggelamkan diri dan tidak terdengar lagi kabarnya hingga kini.
SAKADANG KUYA SILIH DURUK JEUNG MAUNG
Dina hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa,
katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan.
Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik
ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.
“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan
Sakadang Kuya.
Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang,
kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.
“Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh.
“Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna
angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. “Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya
kolot ogé!”
“Sabar, Sakadang Maung, sabar,” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, “Lamun
mémang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus
kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing téh tiis jeung hampos. Lamun
hayang ngeunah jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.”
“Diduruk heula? Kumaha carana?” ceuk Sakadang Maung.
“Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.”
“Ari suluhna ti mana?”
“Ngala ka leuweung!”
“Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka
leuweung néangan suluh, sia rék kabur! Aing moal bisa katipo deuleu!” ceuk Sakadang
Maung.
“Bisi anjeun teu percaya mah, pék tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!”
témbal Sakadang Kuya.
“Heug atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung. Tuluy néangan areuy keur nalian kuya.
Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya téh ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana
tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu paménta Sakadang Kuya téh. Sanggeus
yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh.
Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik.
Liangna kawilang jero ogé, gedéna sapaseun awakna. Tuluy manéhna cicing dina luhureun
éta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang.
Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur
baé suluh téh diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu téh, kawantu suluh gararing. Sakeudeung
ogé seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya,
barang durukan hurung téh, terus baé mubus kana liang anu aya di handapeunana.
“Sakadang Kuya!” ceuk Sakadang Maung.
“Kuk!”
“Can paéh?”
“Encan, seuneuna kurang gedé.”
Suluhna ditambahan deui.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Can paéh kénéh?”
“Encan, anéh di dieu mah seuneu téh bet haneut!” témbal Sakadang Kuya.
Suluhna ditambahan deui.
“Sakadang Kuya!”
Sakadang Kuya teu némbalan.
“Ah, jigana ayeuna mah geus paéh Sakadang Kuya téh.”
Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koréh kana durukan, néangan daging
kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku
lebu.
“Sakadang Kuya, geuning sia hirup kénéh?” ceul Sakadang Maung kacida kagétna.
“Puguh ceuk uing gé tadi, seuneuna téh jadi haneut di lebah dieu mah!” témbal Sakadang
Kuya kalem.
“Baruk tiis nya?” ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. “Jeung
deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasép euy!”
Sakadang Kuya mésem. Pok ngomong, “Sakadang Maung hayang siga kuring?”
“Ih, puguh wé, ti baheula aing téh hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep,
nya!”
“Tangtu wé atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas téh, bakal leuwih
gagah jeung kasép. Ayeuna ogé cacakan coréléng geus tegep.”
“Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna?” ceuk Sakadang Maung, rada
sopan ayeuna ngomongna téh, teu uang-aing teuing.
“Nya bisa atuh, asal daék diduruk wé siga uing tadi,” ceuk Sakadang Kuya.
“Diduruk? Moal panas kitu?”
“Moal. Apan uing ogé henteu nanaon, malah kulit jadi bodas,” témbal Sakadang Kuya.
“Lamun arék, jung atuh néangan suluhna heula!”
Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh. Meunang
sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh gararing.
“Pék ngagolér di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!” ceuk Sakadang Kuya.
Sakadang Maung ngagolér, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur baé
hurung, tangka ngabebela.
“Sakadang Maung!”
“Heuy!”
“Hirup kénéh?”
“Hirup, euy, ngan panas geuning!”
“Panas sotéh mimitina, engké mah moal geura.”
Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh?”
“Hirup euy, ngan panas,” témbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.
Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh?”
“Iup, han hanas heuy …,” Sakadang Maung némbal, sorana beuki teu kadéngé baé.
Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku
Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh euy?”
Sakadang Maung teu némbalan.
“Lah, kawasna mah geus paéh Si Belang téh,” ceuk Sakadang Kuya.
Teu lila kadéngé sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak Sakadang Maung baritu.
Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk.
“Yakin geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan
sato laleutik,” ceuk Sakadang Kuya.
BAB III
PANUTUP

A. Kacindekan
Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun
kajadian - kajadian jaman baheula. Dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih
kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongeng bisa dipaké pikeun ngadugikeun pesen saperti pesen
moral. Kusabab kitu bisa di peka pangajaran ogé di sakola

B. Saran
Tinangtos dina nyusun ieu makalah masih keneh seueur kakirangan margi rumaos si kuring
sadayana masih keneh diajar, kuayana kitu miharep ti rerencangan sadayana komentar sareng
saran kanggo langkung saena dina nyusun makalah basa sunda.
DAPTAR PUSTAKA
Yayat, Sudaryat, Spk. 2007. Makaya Basa. Bandung : Sonagar Press.
Yudithea. Cara Menceritakan Dongeng dari Buku. http://yudithea.blogspot.com [13
Nopember 2012].diunggah ping 18 Agustus 2014
Eukaristia Victorique. Metode Dongeng sebagai Salah Satu Layanan BK di SD.
http://animenekoi.blogspot.com [13 Nopember 2012]. Diunggah ping 18 Agustus 2014

You might also like