You are on page 1of 7

SASAKALA SITU BAGEUNDIT

Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ
Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:
Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna,
da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.
Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah,
tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja
mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian,
ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit
ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali
paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna
saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut
tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia
tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.
Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun.
Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan
aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun,
pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung,
aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong
kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”
Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy
amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah!
Caah!” cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh
geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet
dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna,
cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh
laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh
sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep.
Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi
Bagendit.
GAJAH JEUNG SIREUM

Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana, ngaliwat kana alur jajalaneun gajah. Keur
rame ngarak, jol datang gajah. Sireum nu sakitu keur nakleukna teh, teu antaparah deui, leye-
leye bae ditincakan, bongan cenah make ngaliud di jajalaneun.
Atuh lain ratus deui, tapi aya rebuna sireum anu paeh teh. Barang raja sireum ningal baladna
rea nu paeh, kacida ambekna, tuluy susumbar, “Eh Sakadang Gajah, sato nu telenges, nu teu
boga ras-rasan ka papada mahluk, rasakeun pamales ti kami.
Ulah adigung asa aing. Engke di Jumaah Kaliwon, urang perang tanding jeung kami!” Walon
gajah bari seuri, “Rek ngajago Sakadang Sireum teh? Lamun enyaan, heg ku kami didagoan!
Di mana hayang perang teh?”
“Tuh di ditu, di handapeun tangkal waru nu itu, nu condong ka jalan!” gancang, gajah
nuluykeun deui lampahna. Ari raja sireum teu talangke deui, tuluy bae nabeuh tangara,
ngumpulkeun kabeh baladna.
Teu sabaraha lila, balad sireum teh geus nakleuk di tegalan. Ceuk Raja sireum, “Eh balad
kami kabeh! Di Jumaah Kaliwon kaula rek perang tnding jeung Sakadang Gajah, tuh
handapeun tangkal waru nu itu! Ku sabab eta, kaula menta ka aranjeun sakabeh ulah
sisingeun, kudu pada digarawe.
Sarerea kudu nyieun lombang sing gede pikeun piruang. Nya palebah waru nu itu kudu
nyieun piruang teh. Prak geura digarawe ti ayeuna. Tapi kade jukutna mah ulah ruksak, kudu
angger bae kawas ayeuna.
Dikorowot ti jero bae, taneuhna engke sesakeun, tuh kira sakandel papan beunang Sakadang
Manusa, ka luhurna mah.” Balad sireum saur manuk, kabeh pada jangji rek pada suhud
digarawe, sarta pada sanggup anggeus dina waktu tujuh poe.
Saomong balad sireun teu nyalahan, dina waktu tujuh poe piruang teh geus beres. Ti luhurna
teu katara, teu jiga piruang meueus-meueus acan, kawantu buatan par ahli nerus bumi.
Barang nepi kana waktuna, kana poe Jumaah Kaliwon tea, subuh keneh Raja Sireum geus
ngabedega sisi piruang beulah kulon, nyahareup ngetan. Saksi-saksi geus karumpul, nyaeta:
Sakadang Peucang jeung Sakadang Monyet.
Wanci haneut moyan, jol Sakadang Gajah ti beulah wetan maju ka kulon, nyampeurkeun
Raja Sireum. Jauh keneh oge Raja Sireum geus celuk-celuk nangtang ka Sakadang Gajah,
“Gancang ka dieu Sakadang Gajah, ieu sihung kami geus seukeut meunang ngasah tujuh poe
tujuh peuting, geus sadia bakal maehan sampean.
Lamun enya sampean sakti, gancang geura rontok kami!” Barang gajah ngadenge panangtang
Raja Sireum kitu, jol suruwuk bae narajang. Tapi cilaka, teu kungsi nepi, da awakna kaburu
tigebrus manten kana piruang, sukuna tipitek.
Sakadang Gajah adug-adugan meakeun tanaga hayang kaluar tina piruang, tapi weleh teu
bisa. Tungtungna beak tanaga ngajoprak teu bisa walakaya. Ceuk raja Sireum ka balad-
baladna, “pek ayeuna geura hanca ku aranjeun eta sato telenges teh!”
Balad sireum nu reana mangyuta-yuta, bareng narajang, napuk kana sakujur awak Sakadang
Gajah. Gajah ripuh dicocoan ku sireum. “ampuuun…ampuuun!” Sakadang Gajah tulung-
tulungan menta ampun.
Manehna taluk tarima eleh, jeung jangji moal deui-deui ngaganggu ka bangsa sireum. Ti
dinya riwayatna, aya paribasa “Sireum oge ditincak-tincak teuing mah sok ngalawan”. Atuh
lamun aya nu suten, jempol anu jadi perlambang gajah, eleh ku cinggir anu jadi perlambang
sireum.
DONGENG FABEL SUNDA "SAKADANG KUYA"

Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, ti isuk keneh nepi ka beurang
manehana tacan keneh manggihan nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih
tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naek.
Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung. Kie omongna
“Sakadang Monyet, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa
naek, cing tulungan pangalakeun, engke paparoan”
“Hade,” tembal Sakadang Monyet. “Di mana?” Tuluy maranehna arindit babarengan ka
tempat tangkal cau tea. Sakadang Monyet, tuluy naek, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut
dihakanan.
Sakadang Kuya mah teu dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we neureuyan
ciduh. “Sakadang Monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang
Kuya ngagorowok.
Tapi Sakadang Monyet teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan, kalahkah
maledogan ku cangkangna. Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang
males.
Dina hiji poe isukana, Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak,
warnana bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun aramis pisan. Manehna
indit nepungan Sakadang Monyet.
Biwir sakadang kuya dipulas ku pucuk daun jati supaya beureum, tuluy cupak capek,
cuplak ceplak, cara nu geus barang dahar geunah.
Ditanya ku Sakadang Monyet, “Sakadang Kuya, maneh teh keur ngahadar naon? Cik uing
menta!” Tembal Sakadang Kuya, “ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar buah
loa paparin ti Dewata. Kakarka uing mah barang dahar ni’mat kieu.”
“Cing ngasaan saeutik, uing lapar pisan.“ Ceuk Sakadang Monyet bari lumah lameh menta
ngarah dipikarunyaan. “Keur naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu mere
cau ka uing, padahal eta teh uing anu manggihana?”
“Hampura bae atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan
buah loa paparin Dewata!” omongna deui lengas lengis.
“Nya ari maksa-maksa teuing mah top bae, tuh cokot deukeut tangkal caringin itu!” tapi
ulah dibeakeun kabeh, sesakeun keur uing saparona.”
Sakadang Monyet pihara atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin Dewata
tea. Lantaran tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun.
Kabeh dibawa lumpat, di tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari beak….
Adug lajer, jejeritan awahing ku lada jeung panas.

Sakadang Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena keur bareto.
SI KANCIL JEUNG BABATURAN NA NU DAHAGA

Peucang : "Keur naon maneh hey sakadang kuya, sakadang hayam? Singharuleng kitu
kawas nu susah?"

Hayam : "Ker pararusing yeuh, teu kaharti kuring ka sakadang buaya, eta mani asa ku ulah
nginum di walungan téh?

Hayam: “Heuh bener, abong-abong awak urang laletik mani teu dibere cai, teu kawas
sakadang banteng.

Peucang : “Aduh-aduh kuat ka kitu eta si buaya!”

(Keur kitu jol Gagak)

Gagak :"Hey, dulur-dulur! Aya info yeh, tadi kuring ningali di sawah deukeut saung pa
Tani, aya gentong isina cai, tapi henteu pinuh. Kuring bie rek nyoba nginum tapi pamatuk
kuring teu nepi euy kana caina."

Kuya : "Hayu ayena urang ka daritu sarerea. Kuring mah geus teu kuat yeuh nahan
hanaang, aus pisan!"

Hayam : "Aya cai ge taya gunana. Hulu kuring ge kapiran moal nepi oge asup kana
gentong eta."

Gagak : "Kumaha lamun urang gulingkeun wae gentongna? Ke lamun caina kaluar, urang
nginum saseubeuh-sebehna.”

Peucang : "Salah atuh kitu mah. Lamun caina bahe, tangtu nyerep ka jero taneuh Moal bisa
diinum."

Hayam : "Kudu kumaha atuh jadina?"

Peucang : "Kudu make akal!"

Gagak :"Kumaha akalna?"

Pecang : "Cik geura kumpulkeun batu, nu laleutik bae, sing loba. Tuluy abuskeun ka jero
gentong."

Teu lila mongan peucang langsung diturutkeun ku sakadang kuya, gagak, jeung hayam.
Teu lila bener bae, sageus batu laletik diabuskeun ka jero gentong, caina jadi naek. geus kitu
mah tuluy sarerea ngarinum, silih gantian.
SIREUM JEUNG JAPATI

Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat. Pluk
ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari
ngojay kasisi mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek
tikerelep, tulungan..!”

Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai. Kadengeun
aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum keur
kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar.

Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun
kujapati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka
japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.

Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea.
Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita
tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan

Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna.
”heh japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus
ngawengkang bedilna. Tapi japati kaburu geleber hibeur.

Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati: ”Nuhun pisan sakadang sireum,
kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.” Jawab sireum: ”ari eta mah kapanan
kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring
ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.”

Tah kitu cenah lalakon sireum jeung japati anu akur jeung silih tulungan. Abdi gaduh
sisindiran yeuh.... kieu geura ...!!
" Itu lain langlayangan
Manuk heulang puputeran
Hirup teh henteu sorangan
Kudu daek silih tulung. "
GAGAK HAYANG KAPUJI

Aya gagak maling dengdeng ti pamoean. Geleber hiber bari ngaheumheum dengdeng tea
kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida
kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus
anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu direret-reret acan.

Anjing mikir piakaleun supaya dendeng tea kapimilik ku manehna. Sanggeus manggih
anjing ngomong, Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi
mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna
dibandingkeun jeung cendrawasih ge moal eleh.”

Mimitina mah omongan anjing teh teu didenge. Tapi sanggeus aya omongan moal eleh ku
cendrawasih, gagak atoheun pisan. Manehna kungsi beja yen cendrawasih tehmanuk pang
hadena. Tapi ceuk anjing manehna moal eleh".

Kitu nu matak manehna ngarasa ngeunah kupamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa
haying ngabagi dengdeng jeung anjing. Ngan kusabab hese meulahna kahayangna teu
kalaksanakeun.

Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manehna. Ceuk pikirna pasti
usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon hesena muji-muji keur ngahontal kahayangna.Kusabab
kitu pok deui anjing,”Lamun daekeun mah haying nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna.
Ngan rumasa sorangan mah sato hina.

Saumur-umur kudu ngadunungan, sare digolodog, rajeun manggih hakaneun oge pasesaan.
Tapi najan teu bisa nyobat oge jeung manuk lucu, atuh ngadenge-ngadenge sorana. Meureun
moal panasaran teuing!”.

Barang ngadenge pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum
dengdeng, ngan ngong we disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna
barang pluk we dengdeng tehmurag. Anjing gancang nyantok dengdeng nu murag tea tuluy
dihakan di nu bala.

Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak teh cindekul we dina
dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manehna karek ngarti yen
anjing muji bebeakan tehhaying dengdeng nu keur diheumheum ku manehna.

Ti dinya mah geleber gagak tehhiber kana tangkal kai rek neangan hileud keur ganti
dengdeng nu disantok ku anjing.
KUDA HADE BUDI

Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar handapeun tangkal kai
bari gegerungan. Sato-sato nu kungsi menang kanyeri ti manehna ngarumpul ngariung nu
keur gegerungan tea.

Ceuk Munding, “Ah siah make gegerungan! Rek nyambat ka saha? Moal aya nu nyaaheun
ka sia mah! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari ngagadil nu keur gegerungan.

Nempo kalakuan Munding kitu, sakabeh sato nu harita aya di dinya sareuri akey-akeyan.

Kabeh sato nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat, kajaba sakadang
Kuda. Nempo sato-sato sejen galumbira teh manehna mah ukur gogodeg.

Ceuk Domba, “Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain tejeh tah si Belang teh
ku sampean! Lain baheula si Belo ditekuk?” Tembal Kuda, “Kaula mah lain teu ngewa kana
kalakuan Maung teh.

Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manehna teh keur sakarat, sakeudeung
deui oge paeh. Kuduna mah sato nur keur sakarat teh ulah dihareureuykeun kitu.

Meureun ceuk batur teh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat!” Sanggeus ngadenge
omongan Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya jempe sarta patinglaleos ka leuweung deui.

You might also like