You are on page 1of 4

SI UDIN

Pemeran : Rizkya Maulida (Nyai)


Annisa Hanum (Ambu)
Risal Noor (Udin)
Deva P (Abah)
Cahyu Gs (H.Sobur)
Kartika (Bi Ai )
Susi S (Asih)
Yayan S (Omen)

Adegan 1
Di hiji desa ngarana desa saluyu aya keluarga nu hirup sederhana keluarga eta teh nyaeta
Udin,Ambu,Abah,jeung Asri adina si Udin. Si Udin teh budakna pinter tapi katinggaleun jaman lantaran
cicing di desa terpencil nu jauh ti kota. Si Udin teh umurna teh geus 25 tahun geus mateng ngabina rumah
tangga tapi manehna can boga calonna.
Udin : “Masak-masak sendiri,makan-makan sendiri,cuci baju sendiri,tidurpun sendirii,gustii
kunaon nya urang can payu keneh?hmmm” (ngahuleng bari jeung beunget nu sedih)
Abah : “Euleuh-euleuh ari maneh kunaon udin?ngalamun sorangan bari nyanyanyian kitu?”
Udin : “Ieu atuh bah,kunaon Udin sa kasep kasep kieu jiga artis korea si Lee Min Leho teh can
boga kabogoh?padahal umur teh geus tereh kolot”
Abah : “Ehhh ari maneh lain Lee Min Leho atuh abah ge poho deui ngarana teh.”
Asih : “Euleuh-euleuh ari si Abah jeung kang Kabayan aya naon ieu teh?.”
Abah : “Ieu yeuh lanceuk maneh mirip artis korea nu ngarana Lee Min Leho cenah”
Asih :”Naa ari si Abah lain Lee Min Leho tapi Lee Min Hoo,heg mirip naona si akang teh jeung
si Lee Min Hoo?”
Udin : “Ihhhh si Asih mah,akang the geus kasep ti lahir jadi sabelas dua belas lah jeung si Lee
Min Leho ehh Lee Min Hoo.”
Asih :”Euleuhh si akang the meni pede pisan atuh.”
Kabayan :”Nya enya lah kudu pede atuh.”
Asih :”Nya lah kumaha akang we,pokona mah akang mah teu mirip jiga si Lee Min Hoo”(Asih
kaluar ti ruang tamu)
Adegan 2
(Ambu nyampeurkeun Abah jeung si Udin)
Ambu :”Abah,Udin keur naraon didieu teh?itu kunaon anak ambu nu pang dipikanyaah teh
jiga nu sedih?”
Udin :”Ammmbbuuuuu,udin teh kan geus gede,naha atuh udin teh can boga kabogoh?udin
ge hayang atuh jiga babaturan udin geus barogaeun kabogoh.”
Ambu :”Euleuh-euleuh udin anak ambu nu pang kasepnaa, ambu kan geus ngajodohkeun
maneh jeung si neng Fifit anakna pa H.Sobur.”
Udin :”Ehh kumaha ari ambuu?ari ambu eling henteu maenya budak ambu nu kasep siga kieu
kudu di jodohkeun jeung neng Fipit nu kampungan jeung manja kitu?”
Ambu :”Eleuh kaseppp tong kitu atuh,neng fipit the solehah,bageur,pantes pisan jadi calon
pamajikan.”
Udin :”Ahhh ambu mah pokona kabayan mah embung dijodohkeun jeung neng fipit titik teu
pake koma teu pake spasi”.
Ambu :”Nya engges lah ambu oge can apal neng fipit daekeun atau henteu na lamun di
jodohkeun jeng maneh soalna ambu kakara badami jeung Pa H.Sobur na wungkul.”
Udin :”Ya allah moga moga si neng fipit embungeunn.”

Adegan 3
Isukna H.Sobur jeung Neng fipit datang ka imah si udin (tok tok tok)
H.Sobur :”Assalamualaikum”
Abah :”Waalaikumsalam,ehh pak haji aya naon atuh kadieu enjing enjing keneh?”
H.Sobur :”Eh eh kan urang teh ek ngajodo keun neng fipit jeung si udin.”
Abah :”Eleuh teuing atuh,ke geura ek di taroskeun heula ka si ambu.”
Abah “Ambuuu……Ambuuu…….Ambuuuu…..”
Ambu :”Aya naon atuh bahh?ngageroan ambu?”
Abah :”Eh ambu kadieu sakedap,ari ambu the ngajodo keun si udin jeung si neng fipit?apa rek
di jodokeun?”
Ambu :”Enya bah,kamari teh ambu tos nyarios jeung pa H.Sobur ek ngajodohkeun si udin
jeung si neng fipit.”
Abah :”Ahhh sok atuh piwarang kalebet heula atuh,”
Ambu :”Ehh neng geulis sok atuh manga kalebet heula kadieu.”
N.Fipit :”Uhun ambu,bapa hayu kalebet.”
Abah :”Neng geulis kumaha kabarna?kunaon geuning neng the hoyong di jodohkeun sareng si
udin anak bapa?”
N.Fipit :”Uhun abah jadi kieu neng teh tos nguping tentang kang udin bade dijodohkeun sareng
abi abiteh hoyong hoyong wae lantaran kang udin teh bageur,soleh sareng kasep
meureunan.”
Abah :”Ohh kitu,kela atuh bade ditaros heula udin teh hoyong henteuna”
Lantaran udin the geus apaleun rek dijodohkeun,si neng fipit jeung bapana ek datang ka imahna
udin geus kabur ti peuting jeung si omen.”
Ambu :”udin sayanggg dimana anjeunn???ieu aya tamu pak haji sobur jeung neng fipit.”
Ambu bingungeun lantana si udin the euweuh di imah. Pas ngecek di kamarna si udin aya kertas
diluhur kasurna.
Ambu :”Abahhhh…abahhh aduhhh ieu gustiiii ieu si udin kaburrrr.”
Ngadangu kitu pak H.Sobur jeung neng pipit pamitan bade uih lantaran si udin na kalah kabur.
H.Sobur :”emhhh nya atos atuh pa abi sareng putri abi bade mulih heula ke pami aya kabarna
udin tos mulih deui mah kantun telpon we.”
Abah :”Ohhh muhun pa haji,hapuntena pa haji.”

Adegan 4

Si udin kabur ka desa Ciparay ka si omen sobatna,lantaran manehna embung di jodohkeun jeung si
neng fipit. Omen rek indit ka sawah tapi meuli heula gula di warung soalna beak jang ninyuh kopi,si omen
menta anteur ka si udin.
Omen :”Dinnn anter ka warung cuang meuli gula ieu beak rek jang masak. Terus cuang langsung
ka sawah”(si omen bari naggorowok)
Udin :” ihhh sorangan we atuh.Urang mah ek di imah wee sugan aya nu ngalewat nu geulis.”
Omen :” Lah hayu we milu,geuwat.”
Udin :”Heuhh nya atuh hayuu.”
Geus kitu indit we omen jeung si udin the.sa nepina di warung.
Omen :”Punteeennnn,bii aii meser gula satengah.”
Bi Ai :”ehhh omen,nya ke tungguan sakedapp.”
Bi Ai :”ieu men,jadina 6000 eun.”
Omen :” ohh yeuh bi,nuhun bii.”
Geus eu lila aya si nyai ka warung
Ggg gg g ggg
Omen :”heuhh rek jeung si nyai nya?heuhh nya ntos atuh urang tiheula nya kade tong lila teuing.”
Udin :”Siapppppp”
Udin, jeung nyai teh mulang babarengan. Di jalan udin nanya ka Nyai
Udin :”Neng?”
Nyai :”Kahh kangg.”(bari seuri pelemod)
Udin :”Neng,akang bogoh ka neng,neng kersa henteu jadi kabogoh akang?”
Nyai :”Emhhh kumaha nya,”(bari ngahuleng)
Udin :”Kumaha neng?”
Nyai :”Uhun kang.”(bari seuri pelemod)
Udin :”yeesss yeeesssss nuhunn geulisna akangggggg,eh neng enjing kersa henteu nepangan keluarga
akang?soalna akang the kabur ti rorompok da bade di jodohkeun tapi akang kan alim heg akangna
acan gaduh calon. Nah ayeuna mah aya neng nu insya allah bakal jadi istri akang?”
Nyai :”ehhh naha mani tereh kang?kan abi the can terang akang the orangna kumaha”
Udin :”Etamah kumaha engke we neng nu penting mah nepangan abah sareng ambu heula we.”
Nyai :”ohh muhun atuh kang.”

Adegan 7
Isukna udin indit ti imahna si omen rek balik ka desa saluyu bari mawa calon pamajikanna nyaeta si
nyai jang dikenalkeun ka ambu jeung abah.
Udin :”Assalamualaikumm,ambuuu abahh ieu udinn.”
Teu lila ambu muka keun panto
Ambu :”Masya allah udinnn anak emaa kamana waee maneh the ema neneangan kaditu kadieu teu
kapanggih.ehhh ari ieu the saha?”
Udin :”ehhh ari ambu ieu the calon mantu ambuu geulis kan?udin bakal nikah jeung neng nyai pilihan
udin,udin mah alim dijodohkeun jeung neng fipit.”
Ambu :”Ohhh muhun kasepp wios beu atuh kadieu neng nyai duhh meni geulis pisan calon mantu ambu
teh.”
Nyai :”hehe muhun ambu.”
Geus kitu ambu abah jeung udin ngarencanakeun kawinan udin jeung neng nyai. 2 bulan kemudian
nikah we udin the jeung neng nyai hirup bahagia.

TAMAT

You might also like