You are on page 1of 2

Nama: Diyah Mardhasanti

Kelas: VIII.5

LAPORAN KARYA WISATA KA JOGJAKARTA

1. Tujuan:
Tujuan karya wisata ka Jogjakarta téh nyaéta sangkan parasiswa boga
pangaweruh katut pangalaman, hususna ngeunaan warisan budaya di Indonesia.
2. Tempat-tempat nu dituju:
Candi Borobudur, Sekolah Menengah Seni Rupa (SMSR), Muséum Gunung
Merapi, Keraton Yogyakarta, Bénténg Vredeburg, jeung Malioboro.
3. Waktu:
Ieu kagiatan téh dilaksanakeun poé Jumat nepi ka senén tanggal 13-16 April
2012.
4. Pamilon:
Anu milu dina ieu kagiatan téh sakabéhna murid kelas 2 SMP Negeri 11 Dépok.
Aya 10 kelas, jumlah pamilonna aya + 300 pamilon. Unggal bus diaping ku 5
orang guru.
5. Kagiatan di Jogjakarta
Poé kahiji di Jogjakarta, urang indit ka Candi Borobudur. Urang pergi ka Candi
Borobudur tabuh 07.00 WIB, nepi ka ditu tabuh 08.30 WIB. Di ditu, parasiswa
dibéré wktu 2 jam pikeun mengelilingi sabudeureun Candi Borobudur jeung
berfoto-foto saréng wisatawan asing. Parasiswa diwanti-wanti sangkan nyoret-
nyoret Candi borobudur.
Sanggeus ti Borobudur, urang saréréa indit ka SMSR tabuh 14.30 WIB, diditu
parasiswa dibéré pangaweruh jeung diajar jieun kerajinan tangan.
Poé kadua, urang indit ka Museum Merapi tabuh 08.30 WIB. Urang nonton film
dokumenter tentang Gunung Merapi sacara husus, jeung tentang Gunung Berapi
di dunya. Diditu urang dibéré pangaweruh ku Pemandu Wisata.
Sanggeus ti Museum Merapi, parasiswa ka Bakpia Djava tabuh 10.30 WIB, teu
lila ti Bakpia Djava, urang indit ka Keraton Yogyakarta.
Nepi ka Keraton Yogyakarta, urang di pandu ku pemandu wisata, sambil
mengelilingi sabudeureun Keraton Yogyakarta. Urang dibéré informasi tentang
kaayaan nu aya di Keraton Yogyakarta.
Sanggeus ti Keraton Yogyakarta, urang saréréa téh ngalanjutkeun ka Bénténg
Vredeburg tabuh 14.00 WIB. Urang dibéré informasi tentang Bénténg Vredeburg.
Urang saréréa nepi ka Malioboro téh urang leumpang. Sabab Malioboro téh
deukeut jeung Bénténg Vredeburg. Urang nepi ka Malioboro tabuh 15.00 WIB.
Diditu téh urang jeung babaturan meuli oléh-oléh pikeun kaluwarga di imah.
Sanggeus urang saréréa balanja di Malioboro, urang téh mulih ka Dépok sareng
perasaan bungah.

You might also like