You are on page 1of 1

Pidato bahasa sunda 'nyambut taun baru islam'

Para Bapa, Ibu, saderek sadaya anu dipihormat


Assalamu’alikum Wr. Wb.,
Disamping teu diselempak....
Kakuping tapi teu kompak.....
Assalamu’alaikum Wr. Wb.,
Alhamdu Lillahi bini’matil imaani wal islami, asyhadu alaa ilaha ilallah wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu
warusuluh. Allahumma sholli wasallim ‘alaa sayyidina muhammadiw wa’alaa alihi wasahbihi ajma’in, amma
ba’du.......
Langkung tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka hadzirat Allah SWT., nu parantos
maparinan rahmat sareng karunia ka urang sadaya, sahingga dina dangeut ieu urang tiasa patepang lawung
paamprok jonghok anu dimulyakeun mungguh Allah SWT.
Salajeungna salawat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka panutan urang sadaya nyatana kanjeung Nabu
Muhammad SAW., sareng ka kulawargana, para sahabatna dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Para hadirin sadaya,
Dina dinten enjing urang sadaya bakal gentos taun nyaeta taun anu enggal. Nu hartosna urang bakal ngintunkeun
tau anu ngalangkung.
Ku dongkapna Muharram, hartosna urang asup kana hiji babad anyar., saperti anu tos diterangkeun dina ajaran
Islam, oge mangrupikeun bulan dimana Rasulullah SAW., seueur kenging kamenangan dina ngalaksanakeun syi’ar
da’wahna. Sajabi ti eta bulan muharam teh ngarupikeun bulan pergantian taun islam nu biasa ku urang disebut taun
“Hijriah”.
Anapon maksud urang ngayakeun paringeutan dina nyambut taun munggaran ieu, sajabi ti ngarayakeun sebage
taun baru islam pikeun ngalaksanakeun syiar agama islam. Supaya urang sawadina ngarayakeun itungan jeung
pertimbangan pikeun diri urang sorangan samemeh urang diitung pertimbangan sagala amal urang boh anu hade
atawa goreng dipayuneun Allah SWT., dina poean wawales, sapertos dina salah sawios katerangan disaurkeun kieu
‫تحاسبوا ان قبل سبواانفسكم حا‬
Anu hartosna :
“Perhitungkeun hade goring aranjeun samemeh aranjeun ditimbang ku Allah SWT.”
Supaya dina ngamimitian hirup dina taun nu bakal datang, sadaya nu kakurangan tiasa ditambahan jeung naon anu
tinggaleun di omean sarta sadaya nu hade tiasa dipertahankeun kalawan ditingkatkeun kunu leuwih hade batan nu
geus kaliwat.
Ku kituna dina ngajalankeun taun anu enggal ieu, urang sami-sami nyeeurkeun amal-amalan anu sae,. Mungpung
meungpeung urang sadaya aya dina waktu anu nganggur, hayu urang gunakeun ngeumpeulkeun amalan ibadah ka
Alloh SWT.
Dawuhan Rasululloh SAW dina hadistna:
‫خمس قبل خمسا اغتنم‬، ‫موتك قبل حياتك‬، ‫سقمك قبل وصحتك‬، ‫شغلك قبل وفراغك‬، ‫هرمك قبل وشبابك‬، ‫فقرك قبل وغناك‬.
Anu hartosna :
“Geurakeun lima perkara samemeh datang lima perkara (1) meungpeung hirup samemeh datang maot, (2)
meupeung cager samemeh gering, (3) meupeung nganggur samemeh riweuh, (4) meupeung ngora samemeh kolot,
(5) meungpeung benghar samemeh sangsara”.
Ku jalan ngagunakeun waktu hirup samemeh kadongkapan maot, dianggo kasempetan ngamalkeun ibadah sareng
beramal sholeh, etateh ngandung hartos urang beubeukeulan engke dimana mulih ka alam ka langgeungan, di
akherat mah moal aya nu manfaat pikeun manusa kajabi ti amal sholeh nu di laksanakeun ku urang sadaya nalika
hirup di alam dunya.
Rupina sakitu nu kapihatur dina raraga nyambut mieling taun munggaran, mudah -mudahan Alloh SWT ngahaputen
kana sagala dosa nu parantos kalakonan ku urang sadaya dina taun-taun nu kalangkung, sarta mudah-mudah an
Alloh salamina maparin pituduh sareng rahmat ka urang sadaya. Aamiin ya Rabbal alamin…
Tiada langit yang berbintang
Tiada laut yang bergelombang
Tawa dan tangis permainan cinta
Salah dan khilap permainan kata

Wabilahitaufik walhidayah…. Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

You might also like