You are on page 1of 3

BABASAAN JEUNG PARIBASA

BABASAAN

Babasan nyaéta dua kecap atawa leuwih anu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana
geus dipikaharti ku saréréa. Babasan ogé sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nyaéta
ucapan-ucapan nu hartina henteu gembleng, teu jelas ogé konotasina, susunan basana ringkes, saeutik
patri, jeung ulah dihartikeun sabenerna.

contoh babasan basa sunda :


1. Amis Budi = Hade budi, teu weleh seuri ka batur.
2. Amis Daging = Babari kakeunaan ku panyakit kulit, contona borok.
3. Atah Anjang = Langka nganjang ka batur atawa ka tempat-tempat lianna.
4. Ayeum Tengtrem = Senang hate, teu boga kasieun atawa kahariwang.
5. Babalik Pikir = Sadar tina kasalahan.
6. Beak Dengkak = Geus ihtiar rupa-rupa tapi teu hasil.
7. Bengkok Tikoro = Teu kabagean dahareun lantaran elat datang.
8. Beurat Birit = Kedul, hese dititah.
9. Bodo Alewoh = Bodo tapi daek tatanya.
10. Buntut Kasiran = Pedit, koret, hese mere ka batur.
11. Cueut Ka Hareup = Jelema nu geus kolot.
12. Dogdog Pangrewong = Saukur omongan panambah. (Ngagosip)
13. Elmu Ajug = Mapatahan batur bari sorangan teu bener.
14. Epes Meer = Babari ceurik, babari peunggas harepan.
15. Gantung Denge = teu anggeus anu didengekeun.
16. Gantung Teureuyeun = henteu cacap barang dahar, lantaran kadaharanna kurang.
17. Gede Hulu = Sombong, Adigung.
18. Getas Harupateun = Babari nuduh atawa ngahukum.
19. Gurat Batu = Mawa karep sorangan.
20. Hampang Birit = Babari dititah, henteu kedul.
21. Hampang leungeun = Babari neunggeul.
22. Handap Lanyap = Ngomongna hade padahal maksudna ngahina.
23. Harewos Bojong = Ngaharewos tapi kadenge ku batur.
24. Haripeut ku teuteureunyeun = Babari kapincut ku pangbibita.
25. Hawara Biwir = Bebeja ka batur samemeh dipigawe.
26. Hejo Tihang = resep pipindahan.
27. Heuras Genggerong = Ngomongna kasar.
28. Heureut Pakeun = Saeutik Pangaboga.
29. Indit Sirib = Indit sakulawarga.
30.Kawas Gaang Katincak = jempe, teu ngomong.
PARIBASA

Paribasa nyaeta pakeman basa sunda anu ungkarana leuwih panjang tibatan babasan. Paribasa
umumna ngandung harti anu leuwih jero, aya anu eusina pangjurung laku jeung aya oge anu mangrupa
pieunteungeun.

conto paribasa basa sunda:


1. Adat kakurung ku iga = Adat atawa kalakuan goreng sok hese dirobahna.
2. Adean ku kuda beureum = Agul/ ginding ku pakean meunang nginjeum.
3. Agul ku payung butut = Agul ku turunan atawa kulawarga sorangan.
4. Asa mabok manggih gorowong = Boga kahayang ari pek aya nu nyumponan atawa aya nu mere jalan
bari teu disangka-sangka.
5. Aya cukang komo meuntas = Aya jalan tepi ka laksana anu dipikahayang.
6. Banda tatalang raga = Harta teh pikeun nulungan raga (awak).
7. Batok bulu eusi madu = Katenjo luarna (awakna) siga nu goreng padahal jerona (hatena) alus.
8. Bengkung bekas nyalahan = Robah tingkah laku, keur budak alus ari geus kolot goreng.
9. Bentik curuk balas nunjuk = Resep nitah ka batur.
10. Buruk-buruk papan jati = Najan gede dosana ari dulur mah sok hayang nulungan.
11. Caina herang laukna beunang = Ngarengsekeun perkara ku cara anu hade teu matak tugenah.
12. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok = Lamun tuluy dipigawe tangtu bakal karasa hasilna.
13. Clik putih clak herang, caang bulan opat belas = beresih hate, ikhlas, teu aya rasa keheul atawa
tugenah.
14. Cul dogdog tinggal igel = ninggalkeun pagawean anu baku.
15. Gindi pikir belang bayah = Goreng sangka atawa goreng hate ka batur.
16. Goong nabeuh maneh = Ngagulkeun diri sorangan.
17. Hade gogog hade tagog = hade omongan jeung tingkah laku.
18. Hade tata hade basa = Hade tingkah laku jeung hade omongan.
19. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = Kahadean anu loba leungit ku kagorengan anu saeutik.
20. Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat = Indung jeung bapa teh sumber kasenangan.
21. Jati kasilih ku junti = Anu hade kasilih ku nu goreng.
22. Ka cai jadi saleuwi ka darajat jadi salebak = Babarengan, akur sauyunan.
23. Kaciwit kulit kabawa daging = Kababawa ku batur anu nyieun kasalahan.
24. Kalapa bijil ti cungap = Rusiah dicaritakeun ku nu ngalakukeunnana.
25. Kudu bisa ngeureut neundeun = Kudu bisa ngatur rezeki najan saeutik tapi mahi.
26. Lamun keyeng tangtu pareng = Lamun digawe enya-enya tangtu bakal aya hasilna.
27. Bandung kandungan laer aisan = jembar pikiran atawa wijaksana dina nyanghareupan pasualan.
28. Lauk buruk milu mijah = Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur.
29. Leuleus jeujeur liat tali = Wijaksana dina mutuskeun sagala rupa perkara.
30. Lodong kosong sok ngalentrung = Jalma anu loba omong elmuna saeutik
TUGAS KELOMPOK

Anggota:
-Haura Wardah NZ
-Ajeng Wulandari
-Sapira Nurulita
-Amanda Delvita Sari
-Ramzy MA
Kelas:IX-A

You might also like