You are on page 1of 2

Assalamu’alaiku wr.

wb

Bismillahirrohmanirrohim

Nitih wanci nu mustari

Ninggang mangsa nu sampurna

Kadar teu beunang di singular

Takdir teu bisa di pungkiri

Jauh di jugjug

Anggang di teang ngenyang elmu pendidikan

Kiwari mangsana datang

Anaking asep jeung eulis

Kiwari hidep rek indah

Mimiti rek papisah

Tandaning nincak sawawa

Ieu pas ti asuhan ibu sinareung bapa guru

Najan geus bisa mandiri

Ulah poho ka wiwitan

Da mungguhing syareatna nu ngadidik

Hidep hamo lulus lulus aean

Mun milang ti hiji heula

Rek leumpang ngalengkah heula

Lungsur ti pangkonan ibu

Bari neda jiad rama

Ayeuna saat hidep rek lunta-lunta ngambah kola anu beda.

Tong indit anaking,indit bari teu amit,ngaleos kawas nu pundung.

Munjung heula ka indung bapa nu di pi sepuh ku urang sarerea.


Sangkan mulus rahayu,barokah elmu pangaweruh na.

Jembar ku pangabaisa salamet dunya aheratna.

Ayeuna pisan midep geura munjungan ka ibu sareng ka bapa.

Anaking duh bagja teuing.

Buah hate kembang suukna.

Anak ibu buah hate.

Sesempalan raga nyawa.

Duh utuh duh inji bagja sadaya.

Di rungrum arum.

Kiwari hideup neung miang.

Utung jeung janji anaking

Pamenta ibu jeung bapa

Poma hidep ulah poho

Lakonan pancen agama

Rukun iman rukun islam

Sholat anu lima waktu

Peupeujeuh ulah tinggaleun.

You might also like