You are on page 1of 6

SEUNEU BANDUNG

(Karna Yudibrata)

Saha nu bisa mareuman seuneu Bandung


geni sakti nu nyebrot ti dapur Cikapundung
najan laut Kidul
ngolétrak dipaké nyiram?

Seuneu Bandung
Dayang Sumbi gupay pucukna
Tangkubanparahu jadi suluhna;
sut urang sundut
nyeungeut obor kamerdékaan
bray caang lampu néon jutaan watt

Langit ngempray, langit harepan


seuneu teuneung, geni kawani
ngaléntab sagara keusik
ngahuru, ngabela-bela
ngaduruk
leuweung-ganggong langit-langgong
Afrika-Asia bébas merdéka

Seuneu nyebrot ti dapur Cikapundung


geni sakti, cahya Illahi
hamo bisa dipareuman

Panorama, 19 April 1965


ÉLÉGI LEMAH CAI
(Odji Setiaji)

balaréa, éta téh ombak jaladri


tan kenang reureuh tan kenang umahir lakon
nya ti maranéhna datang panggeuri
éwon talék jeung tanya

ieu lemah cai


disusun tina bata-bata késang jeung getih
diadegkeun dina lelemah kaasih kamelang
deudeulna babatang para pahlawan

lir tegal sampalan pangangonan


lir bubulak pajemuhan

para raja punggawa nagara


para jéndral mentri jeung laksamana
éta nu ngangon para abdi
ngaraksa riksa towéksa ngaping ngajaring

bala réa téh leuleuy kadia beungeut talaga


bala réa téh motah lir gulidag caah
nya ti maranéhna datang peredih
jeung talék

di mana
iraha
HASEUP TEU WELÉH NGELUN
(Yus Rusyana)

Nyeueung haseup nu teu weléh ngelun


tina corobong pabrik tinun
naha anggur ngungun
kapan urang keur ngawangun

Nénjo sawah nu ngupluk-ngaplak


anu nungtut disaeuran ku barangkal
naha maké nyeblak
kapan galengan gé diaspal

Nyawang gunung nu ngalumuk


horéng rurud balulistir
naha kudu ngaheruk
kapan untungna geus kakeruk

Ku naon atuh tibelat


ka sawah nu héjo ngémploh
ka gunung nu ngalanglaung
ka leuweung anu geueuman
da éta mah geus kaliwat

Lain nineung pédah euweuh


nineung sotéh ka nu heueuh
nu hirup bari huripna
aringgis kari urutna

Bandung, 6 Januari 1978


NU METIK ENTÉH
(Agus Suhérman)

Ibun can réngsé turun


Basa ramo suku ngarameusan taneuh beureum
Nu leyur dikuah cihujan nu peuting turun

Datang ka mumunggang
Beurang karék mangkak
Dipirig manuk leuweung nu teu weléh ngelak

Ramo nu geus dibakutet palastik


Jonghok jeung pucuk entéh nu bangun karék gigisik
Sabada peuting pules
Dikulambu halimun nu teu weléh migandrung

Édas ku lalancip
Pucuk entéh nu bangun nganti geusan dipetik
Boa ieu téh rémana Sinta
Nu diparebutkeun ku Rahwana jeung Sri Rama

Édas deui ku pucuk entéh


Anu geus ditinyuh dina gelas
Seungitna nyambuang kaangseu ku béh ditueun irung
(nyambung jadi dévisa jeung uang)
tapi geuning seungitna entéh téh
teu saseungit nasib nu metikna
nu langlayeuseun bakat ku kurang pakeun
da puguh geus dipergasa
ku mangyuta-yuta Rahwana

Rongga, 2003
TANAH SUNDA
(Ajip Rosidi)

Héjo pagunungan
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring

Masing di mana kuring nangtung


Masing ka mana kuring leumpang
Tanah lémbok tempat bumetah
Angin nyéot nyiuman tarang

Masing di mana anjeun nunjuk


Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mungpang kuring rék datang
Neueulkeun tarang neueulkeun jantung

Kuring tungtung teuteupan


Kuring tungtung
Teuteupan
Tungtung bedil
Ngincer dada

Kuring geus nyaksian getih ngabayabah


Getih maranéhanana nu mikacinta anjeun
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Jasad nu ruksak ngalungsar na dada anjeun

Héjo pagunungan paul lautan


Taya kamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman
Ngan lantaran kuring cinta
Ngan lantaran kuring tresna
Langit hibar lembur musnah
Jalan lecek ngabulungbung ka kota

Kembang beureum buah biru


Kembang wéra kembang jayanti
Tanah tempat kuring sideku
Ngurugan mun kuring tepi ka pati

You might also like