You are on page 1of 2

Poé Sénén

Jam génép téh Risa karak hudang, Risa reuwas lamun poé ayeuna téh Risa
kudu pikét jeung upacara (.) Buru-buru wé cengkat hudang, mangkat ka jamban
mandi bari riweuh ngagoroan (ngageroan) mamahna “mamah naha teu
ngagugahkeun néng?” ngagorowok di jero jamban “pamali néng teu kenging
gogorowokan di jamban” ceuk mamahna téh. Nyalsé (beres) mandi Risa buru-
buru maké baju, tuluy nyampeurkeun mamahna “mahh... naha néng teu
digugahkeun? Pan jadi kasiangan” bari ngaléhé téh “atos dihudangkeun ku
mamah téh ngan saur néng kedap deui kedap deui waé. Hayu ahh ntos ayena mah
sarapan heula” bari nyiukan sangu keur sarapan Risa “moal ahh mah atos
kasiangan (siang), ieu bilih telat. pan Néng téh piket dinten ayeuna teras upacara”
bari buru-buru maké sapatu “kedap atuh antosan heula ku mamah urang bekel”
“muhun mah” “yeh bageur kudu di emam nya jeung diseepkeun” “muhun mah,
angkat heulanya Assalamualaikum” bari cium tangan (nyium panangan) “muhun
kadé dijalanna, waalaikumsallam”.

Dijalan téh Risa buru-buru leumpangna, (sabari tuluy) ngadoa dijero


haténa “ya Allah mugia acan di tutup gerbangna”. Leumpangna gancang
ngaliwatan pasar, nu isuk ieu asa loba pisan nu balanja téh jeung loba nu
ngahalangan Risa, leumpang Risa geus teu paruguh di jalan raya rék meuntas loba
kandaraan nu teu maju bejana aya nu tabrakan di parapatan, Risa geus was-was
pirasatna geus yakin lamun gerbang sakolana geus ditutupan jeung geus maju
upacara.

Dijalan téh Risa buru-buru leumpangna, sabari tuluy ngadoa dijero haténa “ya
Allah mugia acan di tutup gerbangna”. Manehna leumpang ngaliwatan pasar nu
keur loba jalma nu balanja, loba pisan nu ngahalangan jalan. Risa geus teu
paruguh lempang, di jalan raya rék meuntas teh loba tumpakan nu teu maju.
Cenah bejana mah aya nu tabrakan di parapatan. Risa reuwas, jaba pirasatna teh
geus yakin lamun gerbang sakolana geus ditutupan jeung geus maju upacara.

Sanggeus Nepi na hareup ka sakola téh benér wé gerbangna geus ditutup,


tuluy Risa rék indit mulang ka imah tibatan kanyahoan ku penjaga sakola mah
pasti bakal di hukum. karek gé Risa malikkeun awak geus digeroan mantén ku
penjaga sakolana “néng, néng, néng arék ka mana?” ngagupayan Risa “hehehe..”
jawab risa bari cengar cengir “pasti néng telat nya, hayu ngiring mamang”
“muhun, mang” Risa nuturkeun si Mamang ti tukang.
Si Mamang mawa Risa ka tempat nu biasana paranti ngumput nu telat,
ditempat éta téh ngan tiluan. Aya Risa, dua deui lanceuk kelasna jeung babaturan
béda kelasna. Risa nangtung di tempat nu panas sabari hormat, nepi ka upacara
beres. tuluy Risa jeung nu duaan éta dipangil dititah sinah ka harupeun nu keur
upacara. Risa kacida érana ngan bisa tungkul hungkul nutupan ka éra. Jaba teu
kuat oge nahan reumbay cimata, lantaran teu disangkan biasana mah Rajin
datang isuk-isuk. ieu mah kalah kabeurangan, babaturanna gé anéheun.

sanggeus dihukum, Risa asup ka kélas. dijéro kelas geus aya guruna, buru-
buru manehna diuk. Qku Mirna ditanya “sinarieun atuh Risa telat?” “nya Mir,
kasiangan keur peuting téh ningali filem diTV ramé pisan, jadi lalajo nepi ka
peuting teu karasa” “hmmm.. pantes atuh” “enya” tuluy duanana merhatikeun
guru nu keur ngajelaskeun di hareup.

Teu lila bell istirahat disada jeung kagiatan diajar eureun “mung sakitu
meureun nya ti ibu hatur nuhun, kanggo Risa ngiring ka ruang ibu nya” bari
leumpang kaluar ti kelas. Risa nuturkeun ibu guru ka ruangana, geus nepi téh Risa
inget kunaon bisa di panggil ka ruangan ibu guru “mangga Risa calik” “muhun
ibu, hatur nuhun” “Risa teurang kunaon dipanggil ku ibu?” “muhun terang bu”
“suyukur atuh lamun terang mah, saurna Risa téh teu ngiringan pikét sareng
kasiangan ogé nya?” “muhun ibu, abdi téh kasiangan neda di hapunten abdi jangji
minggu payun sareng saterusna moal kasiangan deui” “teu kedah jaangji bageur
da atos kawajiban pan, tos terangkan lamun pikét téh salah sahiji kawajiban urang
kanggo ngajaga kabersihan sareng ngalatih kakompkan sareng rerencangan dina
kerja samana” “muhun ibu, neda dihapunten” bari nungkulkeun sirah “sareng tong
kasiangan deuinya Risa isin pan lamun di katengah lapangan keun?” “muhun ibu
isin, sakali deui abdi moal kasiangan sareng neda dihapunten” nyerengeh seuri
bakat ku éra “muhun mangga geulis, sok ayena mah atos mangga bade kaluar
mah” “muhun ibu mangga hatur nuhun, assalamualaikum” cium tangan bari
mangkat “walaikumsalam” ceuk ibu guru.

Kaluar ti ruangan ibu guru Risa jangji dina jéro haténa lamun manehna
moal telat, moal ninggalkeun kawajibananan dina piket, jeung moal nonton filem
deui nepika peuting lamun lain hari libur.

Pangaping: Ajeng Fatiyah Azahra (1602036)

You might also like