You are on page 1of 3

1.

Wangenan Résénsi
Hiji jenis tulisan nu miboga titik singgung ringkesan jeung ihtisar nyaéta résénsi.
Résénsi nyaéta hiji tulisan atawa ulasan ngeunaan nilai hasil karya atawa buku. Tujuan
résénsi nyaéta nepikeun ka para pamaca hiji buku atawa hasil karya téh kudu meunang
sambutan ti masyarakat atawa henteu. Résénsi ogé dijieun pikeun méré tinimbang kana
karya-karya seni séjénna, saperti drama, film, pertunjukan, jeung jste.

2. Dasar Résénsi
Pikeun méré tinimbang atawa penilaian sacara obyéktif kana hiji hasil karya
atawa buku, panulis kudu merhatikeun dua faktor, nya éta: kahiji, panulis résénsi kudu
maham kana tujuan ti pangarang aslina, jeung kadua kudu sadar kana maksud éta résénsi.
Tujuan pangarang buku nu dijieun résénsina bisa dipikanyaho tina pangjajap
atawa babagian bubuka. Panulis résénsi kudu manggih naon tujuan pangarang nulis éta
buku. Ku cara nganilai patalina tujuan dina pangjajap atawa bubuka sarta réalisasina dina
sakabéh éta karangan, panulis résénsi bakal miboga bahan pikeun nepikeun hiji maksud
ka pamaca.
Singketna mah panulis résénsi kudu merhatikeun kawajiban nu kudu dicumponan
dina nyieun éta résénsi, nya éta: kawajiban ka para pamaca, jeung kumaha nganilai éta
buku.

3. Sasaran-sasaran Résénsi
Pikeun nyieun hiji résénsi nu hadé, panulis kudu netepkeun sasaran-sasaran nu rék
dihontal. Pokok-pokok nu dijadikeun sasaran penilaian hiji buku atawa karya nya éta:
a. Kasang Tukang
panulis sok teu nyaho kumaha cara ngamimitian nulis résénsima. Leuwih
mangpaat pikeun pamaca, lamun panulis ngamimitian ku nuliskeun kasang tukang éta
buku.
Panulis bisa ngamimitian ku cara ngébréhkeun téma tina karangan. Penyajian
téma sacara singket bisa dilengkapan ku cara ngadéskripsikeun ngeunaan eusi buku.
Dina ieu hal kapanggih titik singgung antara résénsi jeung ringkesan atawa ihstisar.
Deskripsi ngeunaan buku lain eusina hungkul, tapi ogé nyebutkeun badan mana
nu geus medalkeun éta buku, iraha jeung dimana diterbitkeunna, jumlah bab jeung
kaca, lamun perlu jeung formatna. Panulis résénsi kudu ngawanohkeun pangarangna:
ngaran, katénaran panulis, buku atawa karya naon waé nu geus ditulis, atawa alesan
nulis éta buku.

b. Rupa atawa jenis buku


Pamaca miboga seléra séwangan-séwangan. Aya nu resep kana carita komik, aya
ogé nu resep kana carita detéktif., roman-roman, bibliografi jeung jste. Tapi
disagigireun éta aya oge nu resep kana buku-buku filsafat jeung élmu pangaweruh.
Sanajan aya perbédaan-perbédaan antara karesep pamaca, tapi aya ogé sasaruanna
nu umum nya éta: pamaca hayang mikanyaho kana buku nu anyar diterbitkeun.
Pamaca hayang mikanyaho kana jenis éta buku.
Pamaca kudu ngaklasifikasi ngeunaan éta buku, ku cara ngasupkeun kana kelas
buku nu tangtu mangka pamaca bisa nunjukeun sasaruan jeung perbédaan jeung
buku-buku séjén nu kaasup kana kelompok nu sarua. ku ngayakeun babandingan para
pamaca bakal ngarasa kairut, jeung leuwih hayang mikanyaho ngeunaan eusi buku.

c. Kaunggulan Buku
Faktor kadua nu digunakeun pikeun ngaévaluasi nyaéta ngébréhkeun segi-segi nu
ngirut tina éta buku. Buku-buku nu sarua jenisna bisa nunjukeun perbedaan nu leuwih
gedé, boh dina segi tulisan boh dina segi penetapan pokok nu husus. Buku-buku nu
nonfiktif bakal béda jeung nu séjén, éta nu nyababkeun perbédaan nilai jeung
kaunggulan nu dipibogana.
Dina kaunggulan buku, panulis résénsi kahijina ngawanohkeun organisasina. Nu
dimaksud organisasi nyaéta kerangka buku, patalina antara hiji buku jeung buku
séjén.
Faktor katilu tina masalah kaunggulan buku nyaéta masalah bahasa. Bahasa nu
hadé dinilai tina struktur kalimahna, patalina antar kalimah, sarta pilihan kecap nu
digunakeunna.
Hal nu terahir nu diébréhkeun ku panulis résénsi dina méré panilaian nyaéta
ngeunaan masalah tehnik. Kasalahan dina nyetak kecap-kecap atawa nempatkeun
tanda baca bakal ngaganggu pamaca. Sabab éta salah sahiji hal aspek nu penting
nyaéta méré catetan ngeunaan kasalah-kasalahan pencetakan.
Panulis résénsi kudu bisa nunjukeun kaunggulan éta buku ku cara penilaian
langsung, méré kutipan-kutipan nu bener. Nganilai hiji buku hartina méré saran ogé
ka pamaca pikeun nolak atawa narima ayana éta buku.hiji buku kudu dinilai sacara
kasaluruhanna. Panulis buku kudu bisa méré kesan ka pamaca yén penilaianna téh
dilakukan sacara jujur jeung objéktif.

You might also like