You are on page 1of 1

Kasenian Daerah Pasundan

Indonésia téh kaasup nagri anu beunghar ku budaya, hususna budaya daérah.
Saban sélér bangsa, anu nyicingan rébuan pulo di Indonesia, mibanda kabudayaan
séwang-séwangan. Diantarana, kasenian daérah.

Naon ari kasenian daérah teh? Tangtu baé kasenian anu lahir sarta hirup di
daérah. Ieu kasenian téh perlu diipuk jeung dimekarkeun lantaran mangrupa banda
bangsa anu gedé ajénna. Kasenian daérah anu hirup, dipikawanoh, tur dipikaresep lain
baé ku sélér bangsa anu nyiptakeunana disebut kasenian nasional. Jadi, kasenian
daérah téh mangrupa unsur pangwangun kasenian nasional.

Kasenian jaipong umpamana, ieu kasenian asal Jawa Barat téh geus jadi
kasenian nasional. Lain baé urang Sunda nu mikaresep jaipongan téh, tapi ogé
dipikaresep ku sélér bangsa séjén. Ambahan kamekaranana jelas leuwih lega, lain
ngan di tatar Sunda wungkul. Malah, ceuk béja, urang mancanagara ogé loba nu
mikaresep.

Lamun seug ditalungtik, kasenian Sunda téh pohara lobana. Ieu kasenian anu
sakitu lobana téh kiwari nungtut laleungitan. Malah boa hidep mah ngan saukur kungsi
ngadéngé ngaranna baé. Ari pangna terus muguran téh lantaran taya generasi ngora
anu neruskeunana. Kanyataan ieu téh puguh matak pohara handeueulna. Pohara
matak prihatinna. Enya, saha nu teu prihatin kaleungitan kakayaan bangsa anu gedé
ajénna?

Urang salaku urang Sunda ulah tepi ka pareumeun obor, atuh saeutikna apal
ngaran-ngaranna, heunteu apal janggélékna ogé. Ku sabab kitu, geura urang tataan,
boh kasenian anu masih hirup boh anu kungsi hirup. Geura urang tataan, diantarana
baé, wayang golék, jaipongan, cianjuran, angklung, calung, kendang penca, beluk,
kiliningan, ketuk tilu, kuda lumping, tarawangsa, sandiwara, réog, longsér, lais, debus,
ubrug, ujungan, dombrét, kawih, gending karesmén, bangbarongan, jeung gondang.
Éta téh karék sabagian leutik, dah ceuk béja kasenian Sunda anu kungsi hirup téh
leuwih ti tilu puluh rupana.

Moal boa, di sélér bangsa séjén ogé mibanda kasenian anu kawilang loba sarta
geus loba deui nu paéhna. Lamun ti hiji sélér bangsa, sebut baé, mibanda tilu puluh
kasenian, pék kalikeun ku hidep. Énya maksud téh, kalikeun jeung jumlah sélér bangsa
nu aya di Indonésia. Leuh, pohara beungharna Indonésia téh.

You might also like