Beuki dieu perekonomian di nagara urang beuki maju wae. Bisa
katingal ku urang upamana bae ku dug-degna industri di sawatara wewengkon. Di Jawa Barat kamekaran industri teh museur di kota-kota gede, upamana bae di Bandung, Jakarta, Bogor, Tangerang, Bekasi, jeung Karawang.
Kamekaran industri teh merlukeun lahan anu lega. Naha pikeun
wangunan pabrik, kantor, atawa pasilitas pangrojongna. Di sagigireun eta, ku lantaran pabrik-pabrik merlukeun karyawan loba, pamukiman oge milu ngarekahan.
Tangtu bae, lahan nu dipake teh nyaeta lahan pertanian. Ku kituna, ti
taun ka taun lahan tatanen mimiti dialihgunakeun jadi lahan industri. Sagedengeun eta, jumlah penduduk di nagara urang ti taun ka taun beuki nambahan, padahal lahan tatanen beuki lila beuki ngaheureutan. Balukarna, rahayat nu baroga tanah lila-lia beuki saeutik sarta beuki ngaheureutan.
Lanataran lahan tatanen beuki ngurangan, anu ngagarap sawah teh
moal mucekil, malah kana bakal pirugieun. Naon sababna? Kahiji lantaran lahan anu digarapna henteu lega, kaduana biaya tatanen leuwih mahal. Sedengkeun kabutuh hirup masarakat terus ngaronjat ti waktu ka waktu balukar tina ngaronjatna widang industri.
Ku ayana kamekaran industri, jumlah tanaga kerja beuki nambahan.
Eta tanaga kerja teh jolna ti padesaan. Hal ieu teh geus ngageser pola hirup masarakat padesan, nyaeta ganti pacabakan, anu tadina tina tani jadi pagawe pabrik. Ieu parobahan teh ngabalukarkeun, diantarana: beuki nguranganana jumlah penduduk di padesaan; nguranganana lahan pertanian; sarta nguranganana jumlah patani.