You are on page 1of 31

Géhgér Cigorowék

(Longsér)

Ku DHIPA GALUH PURBA


”Tokoh-tokoh Longsér “Proklamasi

1. Pa Guru
2. Bu Guru Susi
3. Juragan Kepala
4. Mang Upan
5. Si Buruy
6. Bi Iwah
7. Mang Amanta
8. Bi Popon
9. Bi Ucu
10. Bi Iroh
BABAK I

Dimimitian ku Tatalu (nabeuh gamelan pikeun ngiberan tur ngabéwarakeun yén


pintonan baris dimimitian). Saterusna muncul ronggéng, anu mintonkeun tarian
rayat. Ki Panjak asup ka satengahing aréna sabada tarian réngsé. Satuluyna
nyeungeut oncor, sakaligus muka pagelaran longsér.

Pa Guru asup ka satengahing aréna bari mencptan sirahna siga nu jangar.

Hadirin
Kunaon Pa Guru? Mani siga anu nuju baringung kitu?

Pa Guru
Enya puguh euy. Kuring téh lamun jalma mah, keur jangar bin rieut bin
baluweng bin parusing bin sagala rupa pokona mah.

Hadirin
Deudeuh teuing. Na nuju ngémutan naon atuh Pa Guru téh?

Pa Guru
Euweuh deui anu dipikiran ku kuring mah, Jang. Ukur barudak. Beuki dieu téh
asa leuwih balangor baé. Hariwang kuring téh, cacakan karék jadi budak SD,
geus sakitu mancangulna. Komo deui lamun geus sakola di tingkat nu leuwih
luhur deui. Rék kumaha jadina atuh bangsa urang téh.

Hadirin
Na kumaha kitu Pa Guru? Naha barudak téh tos wani ngalawan ka guru
ayeuna mah?

Pa Guru
Is, lain ngalawan deui ieuh! Baredang or barandelna ogé, geus ngaleuwihan
batas kailaharan. Si Aték, poé mangkukna katohiyan keur lalajo orkés di
Cigeuri. Padahal bébéjana mah apan gering ripuh. Tuluy Si Mélon anu geus
ngadeukeutan kana anarkis mah. Poé kamari pisan Si Éta wani-wani
malédogan kaca kelas.

Hadirin
Pédah naon éta téh Pa Guru?

Pa Guru
Teu pira pasualanna mah. Pilakadar buukna diturundulan. Keuheul atuda,
bebenyit sagedé kitu geus hayang ngukut buuk panjang. Pajarkeun téh ngarah
loba nu naksir cenah.

Hadirin
Teras, aya kajantenan naon deui Pa Guru?

Pa Guru
Yeuh, anu aktual kénéh mah, sababaraha bulan kaliwat, sakabéh barudak
nyerbu imahna murid anyar.
Hadirin
Ké, ké, na asa rada kamalinaan teuing. Naon cenah masalahna nepi ka kitu?

Pa Guru
Éta mah gara-gara ngaran bapana murid anyar téa; Édi Tansil.

Hadirin
Alhamdulillah. Atuh ari kitu mah barudak téh jadi pahlawan. Apan aparat ogé
geus teu metu néangan sakadang Édi Tansil téh.

Pa Guru
Heueuh lamun Édi Tansil anu korupsi mah, kuring ogé milu bungah. Da ieu
mah Mang Édi Tansil, bapana Si Usro. Pagawéan sapopoéna ogé, sok buburuh
macul di lembur Cigorowék.

Hadirin
Ooh…Upami kitu mah leres atuh, tos parah pisan barudak téh, Pa Guru. Komo
deui upami papagah guru tos henteu digugu sareng ditiru mah, hartosna guru
téh tos ical komara-na.

Pa Guru
Bisa jadi kitu . Mangkaning euweuh nu dagangna komara mah, nya. Aya ogé
kétang popotongan, Komara Blézinky.

Hadirin
Atuda Pa Guru-na seueur teuing ngicalan buku sareng foto-kopian. Janten wéh
Guru téh disamikeun sareng nu dagang.

Pa Guru
Ké, ké, kélanan. Naha ieu téh ujug-ujug los kana ngajualan buku? Da kuring
mah ngajualan buku téh sangkan barudak bisa dialajar deui di imahna.
Jeungna deui, da kuring mah tara ngabatikeun ieuh.

Hadirin
Apan ti penerbit-na aya discont 35 persén?

Pa Guru
Geus gandéng atuh. Éta mah itung-itung ladang mangmanggulkeun ti kantor
ka jero kelas. Atuda silaing mah nyawang guru téh ngan ti sisi négatifna baé.
Cik atuh sakali-kali mah teuleuman téh sisi positifna, da kasejahteraan guru
SD téh kurang diperhatikeun. Geus mangalam-alam kuring téh ngontrak jeung
ngontrak, can kungsi kabiluyungan boga imah…

Hadirin
Tos, tos, Pa Guru, teu kénging ambek-ambekan kitu. Teu saé éta téh.

Pa Guru
Na teu meunang lamun guru ngambek? Ditincak-tincak teuing mah, sireum
ogé bakal nyoco. Guru ogé da sarua sireum atuh, aéh sarua jelema...
Hadirin
Sumuhun, abdi ogé ngartos. Namung ieu mah uih deui kana perkara barudak
bangor téa. Cik upami numutkeun pamendak Pa Guru, naon anu
ngalantarankeun barudak ayeuna karitu peta téh?

Pa Guru
Loba. Loba pisan. Lobaaa… pokona mah. Mister Loba-loba, Mister Loba-
loba…

Hadirin
Cobi atuh, salah sahiji alatan naon?

Pa Guru
Di nagara urang téh loba teuing kajadian huru-hara; perang, kerusuhan massal,
démontrasi anu anarkis, jeung réa-réa deui. Réformasi ku réformasina, remen
disalah hartikeun, kalah loba anu parebut korsi. Tah, perkara éta téh jelas
mangaruhan pisan kana psikologis barudak. Mangkaning barudak mah apan
sok satingali-tingalina, anu lain tingalieunana. Sok sadéngé-déngéna, anu lain
déngékeuneunana. Jeung sok saambeu-ambeuna, anu lain ambeueunana.
Piraku sugan ari kuring kudu nyalonkeun persidén mah, kuriak barudak moal
kaurus atuh.

Hadirin
Paingan atuh ana kitu mah. Kahartos, kahartos.

Pa Guru
Taktagé kitu tah, bisi silaing hayang nyaho mah. Jaba ayeuna téh kuring keur
nyanghareupan hiji murid anu super mahiwal. Keur odob kabina-bina téh,
katambah ciriwisna moal aya dua. Bandel kabina-bina. Surup jeung ngaranna;
Buruy Odob The Katotoloyoh. Geus lima taun, ngan hayoh baé ngendog.

Hadirin
Atuh bararau panginten?

Pa Guru
Lain ngendog kitu maksud kuring téh. Ieu mah ngendog téh disawang tina
jihad konotasi. Hartina tara naék kelas.

Mang Upan rurusuhan nyampeurkeun Pa Guru.

Pa Guru
Aya naon, Mang Upan? Mani siga nu diudag hansip baé.

Mang Upan
Tiwas, Pa Guru, tiwas…!

Pa Guru
Tiwas nanahaon, ari Mang Upan? Saha anu tiwas téh? Sing pararuguh méré
warta téh, kudu keuna unsur 5 W pleus 1 H-na. What?

Mang Upan
Tangkal cau

Pa Guru
Where?

Mang Upan
Nu palih kulon, Pa Guru.

Pa Guru
Who?

Mang Upan
Si Buruy

Pa Guru
Why?

Mang Upan
Diliangan.

Pa Guru
When?

Mang Upan
Bieu pisan, Pa Guru.

Pa Guru
How?

Mang Upan
Ah, teu wasa nyariosna, Pa Guru. Pokona mah 17 taun dot com.

Pa Guru
Lamun silaing kuliah di Jurusan Jurnalistik, geus tangtu moal lulusna téh.
Hayoh caritakeun sing bener!

Mang Upan
Sumuhun kieu, Pa Guru, Tangkal cau anu palih kulon barolong saageung-
ageung kieu.

Pa Guru
Kutan? Enyaan ieu téh?

Mang Upan
Ih, sok teu percanten ari ka abdi téh. Leres pisan éta téh, Pa Guru. Malihan
bieu mah kaperego pisan Si Buruy nuju ngaliangan tangkal cau anu badé
dituar téa.

Pa Guru
Gusti Nu Agung. Nepi ka kituna. Naudzubillahimindalik. (Ka Hadirin) Ari
maranéh ngarti, nepi ka aya kajadian kitu téh?

Hadirin
Numawi rada teu ngartos ieu téh. Cik atuh écéskeun ku Pa Guru.

Pa Guru
Ah, pokona mah ieu kajadian téh dilantarankeun loba film atawa sinétron anu
ngaéksploitasi séksual. Komo deui ayeuna mah aya istilah duét paéh atawa
goyang jétpam téa geuning. Tah nu samodél kitu téh jelas-jelas bisa ngaruksak
moralitas barudak, da puguh bisa dilalajoanan bébas na télévisi téa. Teu anéh
lamun loba kajadian anu matak hareneg irung téh. Saperti; kasus Cigorowék
Lautan Asmara, kasus késting sabun colék, jeung kasus-kasus séjénna. Loba
kajadian anu bureuyeung méméh kawin, pemerkosaan, pelécéhan séksual,
jeung sajabana.

Hadirin
Tapi naha éta téh leres, diakibatkeun ku munculna Si Goyang Jétpam?

Pa Guru
Bisa jadi, éta salah sahijina. Tapi kalintang teu adilna, lamun urang ngaduduh
ukur ka hiji jalma. Komo deui nyebutkeun Si Manéhna henteu bermoral mah.
Tong loba teuing ngomong perkara moralitas lah, jeung kuring mah. Lamun
rék madungdengkeun moralitas, sakabéh télévisi ogé geus kudu dibrédél
tah…!

Hadirin
Apan Pa Guru, anu nyarios moralitas mah.

Pa Guru
Aéh heueuh nya. Jero teuing nyarita filsafat téh. Nepi ka mana bieu téh?

Hadirin
Sumuhun, tongtonan sarupi kitu téh, tos dugi ka mana dampakna ka barudak?

Pa Guru
Na ari silaing, kalah nanya deui. Apan sidik pisan; kasus ngaliangan tangkal
cau téh, minangka salah sahiji réalitasna, you now?

Bu Guru Susi asup ka tengah aréna semu rurusuhan.

Bu Guru Susi
Assalammu'alaikum Pa Guru, euh… aéh…

Pa Guru
Waalaikum salam, geulis, aéh Bu Guru Susi. Kunaon mani siga anu grogi
kitu? Biasa-biasa wéh atuh, teu kedah nyirikeun teuing.

Bu Guru Susi
Dupi, dupi… Juragan Kepala nyondong?

Pa Guru
Apan Juragan Kepala mah nuju rapat di sareng Déwan Sekolah. Tapi bisi aya
masalah mah, mending wakca baé ka kuring. Sabab Juragan Kepala geus
ngalimpahkeun tugas-tugasna ka kuring.

Bu Guru Susi
Kieu, Pa Guru. Abdi téh reuwas kabina-bina. Geuning barudak téh ayeuna
mah tos kamalinaan. Piraku abdi nuju ngajar, kalah disaruitan sareng
dicaletrakan. Keuheul abdi téh. Keuheul pisan. Ari abdi ngambek, kalah
digeuhgeuykeun kieu: IBu Guru Susi kalau lagi marah téh, kalah nambihan
geulis dan manis.

Pa Guru
Mémang enya da. Bu Guru Susi mah rék kukumaha ogé, bakal tetep geulis.
Cacak lamun kuring can boga Si Teueul mah…

Bu Guru Susi
Geuning Pa Guru téh taya binana sareng barudak?!

Pa Guru
Aéh, aéh, aya ku poho. Hampura pisan, kalepasan bieu mah. Omat, ulah
dianggap heureuy nya. Matakna Bu Guru Susi téh kudu diajar ékting ngambek
anu pikasieuneun. Sok geura, asup kuliah ka STSI Bandung, nyokot Jurusan
Téater.

Bu Guru Susi
Kumaha ari Pa Guru téh? Kalah ngalér-ngidul kitu. Ieu kumaha masalah
barudak? Si Buruy mah bieu ogé tos wantun ngirim surat cinta sagala.

Pa Guru
Deuleu étah! Kabina-bina teuing éta bebenyit. (Ka Mang Upan) Cik kadituh,
jiwir Si Buruy téh ka dieu!

Mang Upan ninggalkeun aréna.

Pa Guru
Cing ningali surat ti Si Buruy téh.

Bu Guru Susi
Mangga, ieu Pa Guru (Memberikan sepucuk surat)

Pa Guru muka éta surat. Satuluyna surat téh dibaca kalayan harus. Bareng jeung éta,
Juragan Kepala norojol ti tukangeun Pa Guru.
Pa Guru
(Maca Surat) Bu Guru Susi, di matamu aku menemukan pancaran kedamaian.
Dalam sikapmu, aku menemukan telaga keteduhan. Akan kubangun istana
cinta, walau harus bertiang derita dan beratap air mata. Oh, Bu Guru Susi,
sehitam jelaga jalan yang harus kutempuh, semerah api derita yang harus
kujalani, namun seputih salju sayangku padamu. Oh..Bu Guru Susi,
seandainya…

Juragan Kepala
(Motong bari nyentak) Meunggeus, meunggeus! Ieu téh rék ngajar murid,
atawa rék bobogohan?

Pa Guru
Euh, Pa, aéh…Juragan

Juragan Kepala
Is no good boga kalakuan siga kitu téh. Salaku guru, kuduna méré conto anu
hadé ka sakabéh murid, lain kalah bobogohan di kantor. Euweuh kaéra pisan,
sakitu budak barongkéakan téh.

Pa Guru
Sanés, Juragan, ieu mah…

Juragan Kepala
Étah-étah, loba pisan alesan nya. Pokona mah lamun rék bobogohan, aya aktu
jeung tempatna anu leuwih merenah, lain di kantor guru.

Bu Guru Susi
Namung, da ieu mah…

Juragan Kepala
Gandéng lah! Sugan téh artis wungkul anu sok beuki cilok téh. Geuning guru
ogé kajadian cinta lokasi. (Ka Bu Guru Susi) Kalahka siah, kakara ogé poé
mangkukna, nyebutkeun nyaah ka kuring téh.

Hadirin
Ooh…Juragan Kepala téh timburuan.

Juragan Kepala
Nya puguh atuh. Apan kuring téh geus paheut jangji, rék unggah ka balé
nyungcung, geusan sapapait samamanis ngayonan ieu kahirupan. Ka cai jadi
saleuwi, ka darat jadi salebak, sabobot sapihanéan, téng manuk téng anak
merak kukuncungan…

Mang Upan datang bari ngagiringkeun Si Buruy.

Juragan Kepala
Aéh, aéh, nanahaonan ieu budak dibawa kadieu? Apan keur dialajar lin?

Mang Upan
Har, apan abdi téh dipiwarang nyandak ieu murangkalih ku Pa Guru.

Pa Guru
Tah, leres éta téh Juragan. Margi kieu, anu bogoheun ka Bu Guru Susi téh
sanés sim kuring. Namung nya murangkalih ieu pisan. Mangga waé uningaan
serat cinta-na ku Juragan.

Mang Upan
Sumuhun kitu, Juragan. Abdi mah badé permios deui baé, margi pameng
ngantunkeun hanca padamelan.

Mang Upan ninggalkeun arena. Demi Juraga Kepala maca surat Si Buruy kalayan
daria. Katingali Juragan Kepala ngaranjug.

Juragan Kepala
Nya hampura baé atuh, Pa Guru. Ari sugan téh lain bebenyit ieu, anu boga
lampahna.

Pa Guru
Wios, wios.

Juragan Kepala
Tong bari molotot atuh, nyebut wiosna.

Pa Guru
Sumuhun wios!

Juragan Kepala
Lain, Pa Guru. Kuring téh kabeneran deuih, aya perelu ka ieu bebenyit. Yeuh,
bisi hayang nyaho mah…

Juragan Kepala ngaharéwos ka Pa Guru. Pa Guru unggut-unggutan.

Juragan Kepala
Bener, hidep téh bogoh ka Bu Guru Susi?

Buruy
Leres, Juragan. Sing wantun sumpahna ogé, moal…moal ngaheureuykeun
abdi mah. Saksina ogé bumi sareng langit.

Juragan Kepala
Deuleu étah! Berenyit sagedé cileuh kieu, geus hayang bobogohan.

Buruy
Da cinta mah, henteu pandang usia, Juragan.

Juragan Kepala
Heueuh ari kituna mah. Tapi apanan hidep téh sakola ogé henteu naék baé.
Rék kumaha bisa digawé? Rék kumaha ngabiayaan bobogohan? Mangkaning
bobogohan téh merelukeun modal.
Buruy
Cinta sajati mah, teu kedah nganggo modal, Juragan.

Juragan Kepala
Geus gandéng lah! Siga nu heueuh baé. Cinta sajati tujuh mulud siah! Cinta
sajati mah ukur sawangan jalma tukang ngimpi! Cinta sajati ukur sawangan
jalma tukang ngumbar imajinasi!

Hadirin
Dulur-dulur, sigana mah Juragan Kepala téh timburuan ka Si Buruy.

Juragan Kepala
Geus, jempé, jempé! Kuring mah lain merkarakeun nu kitu patut. Wirang wéh
deuih, ari kudu timburuan ka jajalmaan mah. Lain lépel! Nu jadi pasualan
mah, ieu budak geus teu boga étika pisan. Leuheung basa lamun pinter, da ieu
mah nurutkeun laporan ti Bu Guru Susi ogé, kacida odobna. (Ka Si Buruy)
Geus sabaraha kali hidep téh, henteu naék kelas?

Buruy
Nembé lima kali, Juragan.

Pa Guru
Lain ogé nembé, ari lima kali mah.

Juragan Kepala
(Ka Pa Guru) Geus cicing heula atuh, Pa Guru. Kuring can nitah ngomong!
(Ka Si Buruy) Yeuh, regepkeun ku hidep. Dina taun ayeuna mah, hidep bisa
naék kelas, asal bisa nedunan saratna baé. Daék atawa henteu?

Buruy
Kumaha upami Bu Guru Susina anu maksa bogoheun?

Juragan Kepala
Aéh, aéh, naha bet kalah jig-jigan kana urusan bobogohan.

Buruy
Da tangtosna ogé, saratna téh; abdi ulah bogoh ka Bu Guru Susi.

Juragan Kepala
Lain, lain…! Lain éta saratna mah. Perkara hidep bogoh ka Bu Guru Susi, pék
téh teuing, ari Bu Guru Susina daékeun mah, da moal dihalang-halang.

Buruy
Naon atuh saratna, juragan?

Juragan Kepala
Jawab heula, sanggup atawa henteu?

Buruy
Mangga atuh lah.

Pa Guru
Tong maké 'lah' atuh, nyebut manggana. Siga nu kapaksa baé euyna mah.

Buruy
Mangga, Pa Guru. Mangga, Juragan.

Juragan Kepala
Regepkeun yeuh, ukur hiji saratna mah…

Buruy
Interupsi! Sanés lima, sarat sah-na nikah mah, Juragan? Pangantén istri,
pangantén pameget, wali, saksi, pleus ijab qobul.

Juragan Kepala
Na ari hidep, sok motong caritaan kolot atuh. Tong dibiasakeun éta téh. Teu
sopan, nyaho!

Buruy
Nyaho, aéh sumuhun mangga, Juragan.

Juragan Kepala
Balikan deui yeuh. Ukur hiji saratna sangkan hidep naék kelas. Nyaéta hidep
kudu ngajawab pananya ti kuring; saha anu nandatangan naskah proklamasi?
Sakali deui; saha anu nandatangan naskah proklamasi?!

Buruy
(Sieun) Sanés, sanés abdi, juragan.

Juragan Kepala
Heueuh saha?

Buruy
Duka, Juragan, da abdi mah teu terang. Sanés, sanés ku abdi, Juragan.
Sumpah, Juragan. Saksina ogé bumi sareng langit…

Datang Bi Iwah (Tukang dagang di sakola).

Bi Iwah
Punten, Juragan, Ibi seja ngadeuheus. Aya anu badé didugikeun kalayan urgent
pisan.

Buruy
Juragan, hoyong ka pengker heula.

Juragan Kepala
Cicing siah, can bérés. (Ka Bi Iwah) Aya naon Ibi? Pok geura nyarita!

Bi Iwah
Kieu juragan, isin-na mah nataku. Isin pisan. Namung dalah dikumaha atuda,
Ibi téh tos séépeun pisan modal…

Juragan Kepala
Ké, ké, kélanan, Ibi. Naha béakeun modal, kalah los-los ka dieu? Yeuh, Ibi,
najan kuring sok ngajar sarupaning utang-itung duit, tapi lain hartina kuring
loba duit…

Bi Iwah
Sanés kitu, Juragan. Ibi mah teu gaduh maksad nambut artos ka Juragan.

Juragan Kepala
Enya, sok atuh nyarita sing bener. Ulah waka ditémpas, Pa Guru!

Bi Iwah
Juragan, salami ieu téh seueur pisan barudak anu sok ngaranjuk ka warung Ibi.
Leuheung basa lamun arémut kana mayarna. Da ieu mah siga anu haré-haré
baé. Malah dinten ieu téh, Ibi teu tiasa icalan, da séépeun pisan modal.

Juragan Kepala
Kutan?

Bi Iwah
Leres juragan, piraku Ibi ngabohong. Tah, murangkalih ieu pisan anu
pangseueurna ngajeblug téh. Tos mangalam-alam henteu mayar baé.

Juragan Kepala
Oh, enya, enya, ngarti ana kitu mah. Keun Bi, ieu perkara wang prosés ku
kuring, salaku kapala sakola. Ayeuna mah Ibi geura mulang baé heula.

Bi Iwah
Hatur nuhun pisan, Juragan. Diantos di péngkolan, aéh di rorompok…

Bi Iwah ninggalkeun arena. Juragan Kepala neuteup seukeut ka Si Buruy.

Juragan Kepala
Paingan atuh hidep téh ngadadak hayang ka cai. (Menarik napas sesaat) Bener
hidep téh loba hutang ka Bi Iwah?

Buruy
Teu pisan-pisan, Juragan. Saksina ogé…

Pa Guru
Langit jeung bumi.

Juragan Kepala
Cik atuh, Pa Guru, geroan deui Bi Iwah téh!

Buruy
(Reuwas) Leres kétang, Juragan. Namung da…ukur sakali, Juragan. Tilas
cilok sakali, tilas sorabi sakali, tilas comro sakali, tilas ciréng tilu sakali…

Juragan Kepala
Geus, geus! Teu hadé hidep boga kabiasaan kitu téh. Boro-boro can bisa ngala
duit, dalah sing geus bisa usaha ogé, ulah dibiasakeun unjak-anjuk, bisi jadi
adat kakurung ku iga. Sok wéh ayeuna jawab, naha boga keur mayarna?

Buruy
Ayeuna mah teu acan gaduh, Juragan. Namung…euh…

Bu Guru Susi
Sawios, ku abdi wéh dipangmayarkeun…

Pa Guru
Emh, aya ku ngeunah Si Buruy. (Ka Bu Guru Susi) Sakalian atuh jeung nu
kuring, urut kamari nyokot udud…

Juragan Kepala
Étah, étah, aya ku saruana nya Pa Guru.

Pa Guru
Sanés nganjuk abdi mah, Juragan. Kamari téh kaleresan teu aya pulangna di Bi
Iwah. Artos abdi duaratus rébu salambar…

Si Buruy ceurik

Juragan Kepala
Tah déngékeun ku hidep, kurang kumaha nyaahna Bu Guru Susi téh. Tapi
omat, hidep téh ulah gé-ér. Bu Guru Susi mangmayarkeun hidep téh, lain
hartina Bu Guru Susi bogoh ka hidep. Sanés kitu, Bu Guru Susi?

Bu Guru Susi
Leres pisan éta téh, juragan. (Ka Si Buruy) Yeuh, Buruy, Ibu mah nyaah pisan
ka hidep téh. Ibarat kanyaah indung ka nu jadi anakna sorangan.

Si Buruy beuki harus ceurikna.

Juragan Kepala
Geus gandéng, teu kudu méwék sagala. Goréng katingalina ogé. Ayeuna mah
geura pok jawab, saha anu nadatangan naskah proklamasi téh?

Buruy
(Bari ceurik) Da abdi mah teu terang, Juragan. Sumpah. Saksina ogé…

Pa Guru
Langit jeung bumi.

Juragan Kepala
Nya enggeus atuh, ari teu apal mah. (Ka Bu Guru Susi) Jung atuh, bawa deui
ka kelas budak téh!

Bu Guru Susi
Mangga, Akang, aéh…Juragan. Permios atuh. Assalammu'alaikum.

Bu Guru Susi ninggalkeun arena bari nungtun Si Buruy.

Juragan Kepala
Kumaha tah, lamun geus kieu Pa Guru? Naha kudu ditepungan baé kolotna?

Pa Guru
Kitu saé, Juragan. Abdi mah ngiringan waé.

Juragan Kepala
Hayu atuh, ulah diengkékeun deui, ngarah teu beurang teuing. Sakalian deuih
nguruskeun perkara Bi iwah.

Juragan Kepala jeung Pa Guru ninggalkeun arena.


Saméméh asup kana babak sateruna, diselangan heula ku tarian rayat.

BABAK II

Mang Amanta jeung bojona (Bi Popon) asup ka arena. Leumpang mani ngahégak
bangun nu capé pisan.

Hadirin
Marulih ti mana éta téh, mani siga anu lalungsé naker?

Mang Amanta
Biasa baé, Jang. Pekerjaan sehari-hari.

Hadirin
Naon téa pekerjaan sehari-hari téh?

Bi Popon
Alah, sok api-api teu apal baé. Apan Ibi téh kakara balik ti sawah.

Hadirin
Oh, kitu. Gaduh sabaraha héktar sawah téh, Ibi?

Bi Popon
Gandéng siah! Maké jeung nanya nu lain-lain. Lamun Ibi boga sawah
ngahéktar mah, moal ogé buburuh di sawah Mang Jena, urang Simpar.

Mang Amanta
Enya, ari taeun téh sok ka mana-mendi baé. Lamun déwék boga sawah
ngahéktar, meureun kuring téh kabeuli babi banén.
Hadirin
Na kanggo naon kitu Mang, babi banén téh?

Mang Amanta
Itu geura, aya ku kampungan pisan. Harianeun, nepi ka teu apal fungsi babi
banén-babi banén acan mah.

Hadirin
Sumuhun, na kanggo naon kitu, Emang?

Mang Amanta
Ari babi banén téh nyaéta mobil méwah, nyaho.

Hadirin
Oh, sanés babi banén atuh, Emang. Bébibén kituh…!

Mang Amanta
Cik atuh, pilakadar salah saeutik, kawas lain jeung dulur baé. Da maksud
déwék ogé ka dinya ieuh.

Bi Popon
Geus gandéng atuh, manéhna, tong loba teuing ngocoblak. Ieu waktu geus
nyedek ka wanci tunggang gunung, na ari Si Buruy can balik baé? Ka mana
heula atuh budak téh nya?

Mang Amanta
Nyao teuing lah. Paling ogé ngablu heula. Geus jangar mikiranna ogé, déwék
mah. Budak téh nya kebluk, nya odob. Ari karesepna ngan abur-aburan teu
puguh. Ngahéroan deui Néng Lina sigana mah.

Hadirin
Kutan kitu, budak téh Emang?

Mang Amanta
Enya puguh. Tapi da piraku ari kudu ditalian cokorna mah. Éta mimitina mah
basa keur usum kompanyeu. Teu sirikna unggal aya partai anu kompanyeu,
pasti wéh bebenyit téh miluan pawai. Tapi kétang aya alusna ogé, ngarah
déwék teu kudu mangmeulikeun baju. Malah kamari ieu mah déwék ogé
nginjeum kaos nu gambarna manuk. Hanjakal tidak bisa terbang.

Bi Popon
Sok ngaco baé ari nyarita téh. Warah atuh sakali-kali mah bebenyit téh,
manéhna!

Mang Amanta
Enya bener. Wang sina eureun baé sakolana sakalian. Kahambur-hambur biaya
pangpangna mah, bari jeung éra deuih, geus lima kali teu naék kelas.

Hadirin
Éh, ari Emang. Lepat pisan tah pamadegan téh. Geus puguh Si Buruy téh
bodo, hayoh kalah rék sina eureun sakola. Atuh kalah jadi beuki belegug.
Karunya, Mang, budak téh moal boga keur bekel masa depan.

Mang Amanta
Alaaah… Si Écé ogé teu disakolakeun, geuning angger bisa hirup tina buburuh
ngangon munding. Malah ladang ngangon munding téh, béjana geus kabeuli
domba jeung télévisi dua in satengah. Komo Ajip Rosidi mah, teu sakola ogé,
geuning angger wéh pinter. Kapaké ku urang Jepang ogé.

Hadirin
Da éta mah diajarna ogé rajin atuh, Mang. Loba maca buku!

Mang Amanta
Enya, naon héséna atuh sina macaan buku wéh, budak déwék ogé. Tuh dina
lomari, loba pisan jangjawokan warisan ti karuhun. Bener teu, manéhna?

Bi Popon
Bener pisan éta téh. Tapi ari ibi mah mémang geus over dosis ngabandungan
waragad sakola jaman ayeuna. Ongkoh dikudukeun sakola téh, tapi bayaranna
teu kireum-kireum pisan. Matak sakalor jalma pantar ibi. Matak aya alusna
deuih, tara naék kelas téh.

Hadirin
Naha bet kitu, Ibi?

Bi Popon
Apan sakola leuwih luhur mah, biayana ogé kudu jéngké. Ayeuna baé, anu
kudu dibayar téh rupa-rupa pisan. Geus puguheun ari sabangsaning duit SPP
mah, sataun téh mani kudu duapuluh opat kali mayar.

Hadirin
Ké, ké, naha bisa duapuluh opat kali, Ibi? Apan sataun téh ngan duabelas
bulan.

Bi Popon
Belet silaing mah. Ceuk Si Buruy ogé, sataun téh aya duapuluh opat bulan.

Hadirin
Sakanyaho kuring mah, bayaran téh ti mimiti januari nepi ka désémber.
Duabelas bulan, Ibi!

Bi Popon
Enya, ari bulan muharam, sapar, mulud, apan can kaitung éta téh?

Hadirin
Gusti! Ieu mah kudu ditalungtik yeuh. Cik, Ibi, aya bayaran naon deui di
sakola téh?

Bi Popon
Loba pokona mah. Ti mimiti uang good morning, uang becrol nepi kauang
pokrol. Katambah deui, aya uang I love you, anu kudu dibayar unggal poé.

Hadirin
Yeuh, Ibi, budak Ibi téh ana kitu mah uniko atuh, alias usaha nipu kolot. Di
sakola mamana ogé, da euweuh ari bayaran anu kararitu mah. Naha ibi teu
apal, hartina good morning? Naha Emang teu yaho, hartina pokrol jeung
becrol?

Mang Amanta
Nyao teuing. Teu apal jeung teu hayang apal. Tapi ari kajadianna nipéng mah,
bebenyit téh geus leuwih ti culanggung.

Bi Popon
Gusti, kutan budak téh geus wani nipu ka kolot? Paingan atuh dititah eureun
sakola téh embungeun, pajarkeun téh Bu Guru Susina nyaaheun kacida,
deukeut-deukeut kana katarik ati, kapentang asrama. Awas siah lamun balik,
rék digélang ceulina sakalian.

Mang Amanta
Nyaan budak téh, leutik-leutik geus wani nipu. Padahal ari cita-citana mah
luhur da, hayang jadi pangarang sunda. Goréng-goréngna ogé jadi persidén
cenah. Jadi melang tungtungna mah, lamun jadi persidén téh kuang
pagawéanna nipu jeung nipu rahayat wéh. Lah, mending kénéh ulah ari kitu
mah. Dulur, dulur! Geura béwarakeun na koran, Si Buruy mah ulah aya nu
milih kituh!

Bi Popon
Na ari manéhna, sok saengangna baé ari ngomong téh.

Mang Amanta
Aéh heueuh, rarasaan téh geus nyalonkeun. Keuheul atuda. Padahal lamun
hayang duit mah, teu kudu nipéng ka kolot, da loba piusahaeun téh. Buburuh-
buburuh démo kadinyah.

Hadirin
Buburuh démo kumaha, Mang?

Mang Amanta
Sok télmi pisan silaing mah. Tara maca meureun, nya? Maca atuh, maca! Tuh,
loba para inohong nu kalibet kasusu pidana, tapi aya ku anéh bet loba nu
ngabéla. Malah nu ngabélana téh tarurun ka jalan, marawa spanduk: Halalkan
Korupsi!

Hadirin
Teu sangka Si Emang téh, geuning mani nyari-nyari politikus baé.

Mang Amanta
Is, puguh baé. Tikus-tikus gé, da berpolitik.
Bi Popon
Geus gandéng, montong disada baé, manéhna. Bisi aya cak-cak bodas geura.
Mangkaning jaman ayeuna mah, lamun inohong geus ambek, nepi ka liang
kubur ogé baris udag!

Juragan Kepala jeung Pa Guru muncul. Mang amanta jeung Bi Popon kagét, tapi
buru-buru ngabagéakeun kalayan daréhdéh.

Mang Amanta
Alah, gening aya ménak ieu téh. Mangga ka lebet, Juragan. Kumaha dEmang?

Juragan Kepala
Pangésto, Emang. Sabalikna, kumaha di dieu calageur?

Mang Amanta
Ah, sadamang-damangna wéh, Juragan.

Juragan Kepala
Sukur lamun kitu, bagja lamun enya.

Mang Amanta
Aéh, Juragan. To the pointer waé Emang mah, maklum da sok kagét setelah
beristirahat, ari kasumpingan ménak téh. Tangtosna ogé, Juragan téh aya
kaperyogian, numawi ayeuna kersa rurumpaheun ka saung butut.

Juragan Kepala
Enya puguh, kuring jeung Pa Guru ka dieu téh, rék ngabadamikeun perkara
budak Emang, nya Si Buruy téa.

Mang Amanta
Moal naék kelas deui kitu, pun anak téh?

Juragan Kepala
Justru dina taun ayeuna mah, budak emang téh bakal ditaékeun. Ngan, aya hiji
sarat anu kudu dicumponan.

Mang Amanta
Perkawis artos kitu? Aduuuh, Juragan, pamugi sing aya tinimbangan. Dina
waktos ayeuna mah Emang téh nuju paceklik pisan. Sing karunya ka Emang,
Juragan. Tos tilu dinten ogé, mun ngabubur wéh, ngarah irit béas.

Juragan Kepala
His, lain kudu ngaluarkeun duit, Emang. Atuhéta mah ngaranna nyuap.
Paralun, amit-amit jabangbayi, ka sebrang ka palémbang. Teu meunang pisan
nyuap téh. Haram hukumna ogé.

Mang Amanta
Naon atuh saratna, manawi?

Juragan Kepala
Kieu, Mang, kuring téh ukur hayang ngadéngé walonan ti budak Emang. Ari
pertanyaanna téh da teu pira; saha anu nandatangan naskah proklamasi?

Mang Amanta
Teras?

Juragan Kepala
Enggeus, ngan sakitu. Sakali deui; Saha anu néken naskah proklamasi?

Mang Amanta
Alaaah, cinél atuh nu kitu mah. Cileuh, Juragan. Keun engké dilereskeun
perkawis nu kitu mah. Céték pisan, Juragan, tidak akan harus huhutanan.

Juragan Kepala
Nya sukur ari gampil mah. Ayeuna kuring jeung Pa Guru rék amitan waé, bisi
kahujanan di jalan.

Muncul Bi Ucu (tatangga Mang Amanta) dibarung beungeut beureum lir beusi atah
beuleum lantaran nyidem amarah.

Bi Ucu
Punten! Bener di dieu aya Juragan Kepala?

Juragan Kepala
(Reuwas) aéh, geuning bet apalan, aya kuring di dieu…

Mang Amanta
Is, tos biasa juragan di kampung mah, upami kasumpingan ménak téh sok
ibur salembur, éar sa…

Bi Ucu
(Némpas) Ménak-ménak tujuh puluh, siah! Kuring mah datang ka dieu téh rék
ngabudalkeun kapeurih ati jeung katunggara rasa. Haté nu diwewejét. Nepi ka
cucuk jeung peurah ogé moal neurak kana sakujur awak, sabab kamerkaan ku
tunggara nu taya hinggana.

Juragan Kepala
Haar, na boga salah naon kitu kuring téh?

Bi Ucu
Gandéng, tong sok seuneu-seuneu. Kéna-kéna jadi inohong Juragan téh. Sing
inget keur harita ngedalkeun jangji-jangji anu salangit. Bulsit, Juragan! Kiwari
Juragan téh kabuktian, henteu boga tanggung jawab!

Mang Amanta
Ibi, ieu téh Juragan kepala!

Bi Ucu
Enya apal, kuring ogé. Na ceuk saha Juragan Suku? Tapi da kuring mah moal
keueung ngayonan sagara motah, atawa maung ngamuk gajah meta. Pokona
mah kuring ukur sieun ku Gusti Nu Maha Suci. Allohuakbar!

Mang Amanta
Kélanan, Ibi, ulah sok ngalajur napsu jeung ngumbar amarah. Kudu tarapti
sagala rupana ogé, supaya airnya bening dan ikannya didapatkan. Cik, sok
écéskeun heula atuh, aya naon Si Ibi téh, sampai tidak ada petir, tidak ada
angin, ojol-ojol ngambek ka Juragan Kepala.

Bi Ucu
Kurang jelas kumaha, Emang? Apan saréréa ogé apal, Si Kunéng, anak kuring,
hahadéan jeung Juragan Kepala. Malah hahadéanna ogé geus kaleuleuwihi
ieuh. Teu kudu dijelaskeun proséséna mah, da saréréa ogé geus kolot. Nu
penting, ayeuna Si Kunéng keur bureuyeung, geus lima bulan. Ari anu gaduh
vokalna, kalah raos-raos wéh gulumbrang-gélémbréng ka ditu- ka dieu.

Pa Guru
Astaghfirullohal'adzim! (Ka Juragan Kepala) Hawatos ana kitu mah, Juragan.
Saéna mah mending ditikah baé, batan Nyi Kunéng kawiwirangan mah.
Perkawis Bu Guru Susi, sawios abdi rido janten gentosna.

Juragan Kepala
Emh, kahayangna éta mah…

Bi Ucu
Ayeuna mah, wayahna Juragan Kepala kudu milu jeung Ibi ka KUA.
Kabeneran Ibi boga kawawuhan di ditu; Dédi Ahimsa Riyadi. Manéhna kakara
ditarima gawé jadi tukang ngawinkeun.

Juragan Kepala
Sabar heula, ibi. Perkara ka KUA mah, gampil. Tapi ulah ngajak kuring, da
kuring mah teu wawuh-wawuh acan ka budak Ibi téh. Sumpah, saksina ogé
langit jeung bumi.

Bi Ucu
Itu geura. Kalah mungkir deuih! Na teu apal adi kuring téh sosobatan jeung
tatanggana gubernur?

Juragan Kepala
Kieu baé atuh, Ibi. Ari Ibi iraha jeung di mana kungsi panggih jeung kuring?
Da mun teu salah mah kakara ayeuna, pan.

Bi Ucu
Ari kuring mah, mémang rumasa can kungsi panggih. Tapi salaki kuring mah
harita téh mindeng pisan, lamun sakalieun keur dagang ulén di setatsion.

Pa Guru
Ké, ké, naha jug-jug ka setatsion deuih?
Bi Ucu
Itu geura, aya ku télmi. Apan Juragan Kapala téh sok di Statsion. Nya
manéhna téh kepalana Statsion. Sanajan ayeuna mah karék sadar, meureunan
Juragan Kepala téh, kepala copét atawa kepala buaya di Statsion.

Juragan Kepala
Aéh, aéh. Yeuh, Ibi, kuring mah lain Kepala Statsion. Kuring mah Kepala
Sakola!

Mang Amanta
Tuh, pan, bener teu? Matak ulah sok parardu téh. Akhirnya Juragan Kepala
ketiban harus mengganti ekor harimau.

Bi Ucu
Naon makudna, éta téh?

Mang Amanta
Heueuh, katempuhan buntut maung! Nu aya di hareupeun irung Ibi mah,
Kepala Sakola di Cigorowék.

Bi Ucu
(Éra) Kutan? Atuh ari kitu mah Ibi téh lepat. Neda agung jembar pangapunten
tina samudaya kalepatan. Mugia balungbang timur, caang bulan opatwelas,
jalan gedé sasapuan.

Mang Amanta
Muhun, Juragan. Sakumaha saur Bi Ucu, Juragan harus makan besar
selebarnya permaapan, dari segala kesalahan. Semoga balungbang timur,
terang bulan empat belas, jalan besar sudah dibersihkan.

Juragan Kepala
Teu nanaon, ibi.

Bi Ucu
Hatur nuhun ari kitu mah. Maklum atuh, Juragan, Ibi téh nuju baluweng pisan.
Sok wéh bayangkeun ku Juragan, budak Ibi hiji-hijina meunang musibah anu
sasatna wiwirang di kolong catang. Asa tungkeb bumi alam, Ibi téh. Numawi,
sakali deui, punten Ibi tos kapoékan…

Mang Amanta
Leres Juragan, Bi Ucu téh sudah kegelapan memarahi Juragan, semoga jangan
ada ekorna.

Bi Ucu
Aéh, pami Bapa ieu parantos kagungan garwa?

Pa Guru
Ari sabenerna mah kuring téh enggeus, Ibi. Malah kuring téh kacida resep
jeung nyaah ka pamajikan téh, pangpangna mah resep ménta jeung nyaah
méré. Awahing ku nyaahna ka pamajikan, batan hayang miceun mah, kalah
hayang nambahan kuring téh, Ibi.

Bi Ucu
Tah, tah…! Sugan wéh atuh asem di gunung, uyah di laut…

Pa Guru
Kieu wéh atuh Ibi, kuring mah seja niat ibadah, hayang nutupan wiwirang Ibi.
Kuring sayagi pikeun dikawinkeun ka budak Ibi, Nyi Kunéng téa. Tapi, naha
kuring bisa ningali heula potona? Malah mun bisa mah kuring ménta daptar
warisanana…

Juragan Kepala
Aduh éta Pa Guru, aya ku ampun nya. Lain ogé rék ibadah, ari kitu carana
mah. Hayu wang mulang, bisi béakeun ojég. (Ka Mang Amanta) Kadé perkara
Si Buruy, Mang. Kuring nganti jawabanana!

Mang Amanta
Tangtos diéstokeun pisan, juragan. Gampil lah perkawis nu kitu mah…

Juragan Kepala jeung Pa Guru ninggalkeun aréna.

Mang Amanta
Alhamdulillah geuning, teu ménta duit ayeuna mah…

Bi Popon
Piraku wéh, pan geus jaman réformasi.

Mang Amanta
Hayu atuh, wang téangan bebenyit téh, ngarah gancang-gancang bérés
urusanana.

Bi Ucu
Ari Si Buruy téh, sabaraha taun umurna, Mang?

Bi Popon
Lah, budak kuring mah can meujeuhna kawin, Ibi!

Bi Ucu
Éh, ditanya umur, kalah ngajawab perkara kawin.

Bi Popon
Limalas taun atuh! Rék naon nanayakeun umur Si Buruy?

Bi Ucu
Kawasna nurub cupu pisan, lamun réréndéngan jeung Si Kunéng…
Mang Amanta jeung Bi Popon langsung ninggalkeun arena. Bi Ucu ngudag, bari
ngageroan Mang Amanta jeung Bi Popon. Saméméh asup kana babak sateruna,
diselangan heula ku tarian rayat.

BABAK III

Mang Upan muncul bari mawa sapi. Tuluy sasapu bari héhéotan.

Mang Upan
Duh, Jungjunan IBu Guru Susi anu geulis… mugi salira henteu janten nangis.
Margi titis tulis téh geuningan mani sadis. Kumaha atuda Lis, Akang mah ukur
jalmi nunggeulis. Icis dina loket ogé ipis. Tara merékis cara Mang Ulis urang
Gunung Geulis. Tapi sanés nyangki Bu Guru Susi matrialistis, nanging inggis
Bu Guru Susi henteu tiasa diajak sapapait samamanis. Apan saur Bu Guru
Susi, Akang téh lalaki anu bengis sareng égois. Lalaki anu ngan saukur seueur
kucuwas-kecewis. Dugi ka ngalantarankeun haté Bu Guru Susi lir diturihan ku
hinis. Malah apan Bu Guru Susi ogé langsung milarian dukun anu wacis.
Untungna, dukun wacis ogé moal metu ngalawan jalmi anu ciriwis.
Bu Guru Susi anu geulis tur manis, Akang nuju ngarintis usaha kana ngukut
kapinis. Apan sayang kapinis téh tiasa laris kana icis, sareng wartosna mah
rada awis. Kaleresan Akang gaduh tempat niis di lembur pasisian Ciamis.
Sanaos kaayaan hawana kacida tiris, tapi Akang teu ngaraos gigis, demi
ngudag anu namina bisnis.
Bu Guru Susi anu geulis, Paniisisan téh ngawitanna mah iris. Teras ku Akang
diroris. Horéng téh ukur miis. Kapinis sok wiwis. Cenah mah wiwis kapinis
téh rada najis. Sok ras emut ka Bu Guru Susi, basa nuju wiwis dina kasur anu
kenging mésér ti Paris. Bu Guru Susi mah wiwis ogé mani romantis. Malih
apan enjingna Bu Guru Susi langsung kulimis. Teras Bu Guru Susi miwarang
Akang ngurud kumis. Atuh Akang ogé miwarang Bu Guru Susi supados
ngurud halis. Hanjakalna Bu Guru Susi kalah ngurud bulu bitis. Tapi Akang
henteu sinis, malihan Akang téh ngesun damis Bu Guru Susi.
Bu Guru Susi anu geulis tur manis, basa urang nuju romantis, pikiran mah
ngalayang ka Néng Iis. Néng Iis anu geulis. Néng Iis anu manis. Sasaha ogé
moal aya anu bireuk ka Néng Iis, margi anjeunna tos janten hiji artis anu laris.
Anehna, Néng Iis ngalengis, hoyongeun nyabak kumis bari diais. Néng Iis
badis pengemis. Ah… asa janten sélébritis. Dugi ka Akang dipangmésérkeun
sosis sareng kacang buncis. Malihan Néng Iis ogé mangmasakeun kangkung
anu ditumis. Puguh bae Akang téh ngagolér dina téhel anu tiis. Akang janten
tiris. Néng Iis ogé siga anu tiris. Mangkaning di luar nuju hujan miripis.
Bu Guru Susi anu geulis, kiwari pangaboga Akang tos ledis. Mending kénéh
nikah ka Cép Muhlis, urang Cimanggis. Najan dina rambutna seueur huis, tapi
Manéhna ogé gaduheun kumis. Pakéanana teu weléh nécis. Jaba padamelanna
jadi supir bis. Wartosna mah nyandak bis jurusan Prancis- Tumaritis. Raos,
Lis. Upami Bu Guru Susi badé ka Prancis, Bu Guru Susi teu kedah mésér
karcis. Bu Guru Susi mah bakal gratis, margi janten istrina Cép Muhlis.
Upami naék bis, tong seueur nuang bugis. Kadé hilap mekel kempis kanggo
wiwis.
Duh Bu Guru Susi, basa tokoh réformis Amin Rais ….
Hadirin
(motong) Hoyah…! Kanyahoan ayeuna mah, Si Mang Upan téh
kabungbulengan ku IBu Guru Susi.

Sakaabéh hadirin nyurakan Mang Upan.

Mang Upan
Tong maké salusurakan sagala, ieuh! Sirik mah, sirik wéh. Bisi harayang
nyaho, cinta itu anugrah, maka berbahagialah…

Hadirin
Anugrah sotéh ceuk Mang Upan. Da ceuk Bu Guru Susi mah musibah.

Mang Upan
Silaing cangcaya ka kuring? Montong disebut Si Upan urang Garut, lamun teu
bisa meruhkeun Bu Guru Susi.

Mareng jeung kitu, muncul Bu Guru Susi ti tukangeun Mang Upan.

Bu Guru Susi
Mang, henteu mendakan juragan kepala?

Mang Upan
Aéh, euh, ta…tadi mah angkeut, aéh angkat sareng Pa Guru.

Bu Guru Susi
Teu acan marulih deui, kitu?

Mang Upan
Tttt…teu…teurab, aéh teu acan, Bu…

Bu Guru Susi
Ari Mang Upan kunaon? Mani siga anu kasima kitu.

Hadirin
Éta Bu Guru Susi, Mang Upan téh…

Mang Upan
(Némpas) Jempé siah, bisi dikénca!

Para hadirin nyurakan Mang Upan. Tapi Mang upan satékah-polah nenangkeun
dirina pikeun nyarita ka Bu Guru Susi. Kalayan henteu sadar, Bi Iroh geus datang,
sarta melak cangkéng bari merhatikeun Mang Upan ti tukangeunana.

Mang Upan
Dupi, dupi Néng Susi, aéh, Bu Guru Susi teu acan mulih?

Bu Guru Susi
Apan ieu abdi, Mang.
Mang Upan
Aéh, sumuhun. Maksad téh, badé mulih?

Bu Guru Susi
Sumuhun, Mang.

Mang Upan
Wang jajapkeun atuh ku Aa, aéh ku Emang.

Bu Guru Susi
Alim ah, sieun diseuseulan ku istrina Mang Upan.

Mang Upan
Moal, ibu. Moal pisan. Moal wantuneun nyeuseulan ka abdi mah.

Bu Guru Susi
Naha bet kitu?

Mang Upan
Ibu, bilih hoyong terang mah, Emang nikah sareng Si Iroh téh alatan kapaksa
wungkul.

Bu Guru Susi
Kapaksa kumaha, Mang?

Mang Upan
Sumuhun, apan ari di kampung mah, sok dijodo-jodokeun geuning. Panjang
lalakonna mah, tapi engké ku Emang didadarkeun. Cindekna mah Emang téh
da teu bogoh-bogoh acan ka Si Iroh téh.

Bu Guru Susi
Piraku, Emang? Apan ayeuna téh tos gaduh putra, sanés?

Mang Upan
Duh, Bu Guru Susi, Emang téh abot nyarioskeunana. Balaka baé, Emang téh
diperkosa alias digadabah…

Bu Guru Susi
Piraku diperkosa dugi ka gaduh putra dua?

Mang Upan
Apan digadabahna ogé, dua jirangan, Ibu. Emang téh kapaksa baé ngalayan,
demi ngajalankeun bakti ka nu janten istri. Sanaos Emang téh sasatna bari
peureum [tana téh…

Bu Guru Susi
Naonna, Mang, nu bari peureum téh?
Mang Upan
Sumuhun, kulemna…

Bu Guru Susi
Na ari Emang, bogohna ka saha atuh?

Mang Upan
Saleresna mah Emang téh katarik ati, kapentang asmara ku…

Bi iroh geus henteu sabar deui nahan amarahna. Langsung baé ngagantawang
nyarékan Mang Upan.

Bi Iroh
Bogoh ka saha siah? Hayoh ngomong!

Mang Upan
(Reuwas, tuluy ngajak sasalaman) Aéh, damang nyai?

Bi Iroh
Naon éta téh, maké jeung ngajak sasalaman sagala rupa? Kawas keur lebaran
wéh…

Mang Upan
Is, ari nyai. Perkara sasalaman mah teu kudu keur lebaran baé. Justru anu alus
mah, unggal panggih jeung sasaha ogé, urang téh kudu sasalaman.

Bi Iroh
Itu geura, kalah ka ceramah deuih! Dasar lalaki nurustunjung! Peureum-
peureum tujuh puluh. Sakitu mani bolotot-bolotot waé téh. Poé mangkukna
kakara apal kuring ogé, pangna kuring bogoh ka silaing téh, horéng
didukunkeun ka Bah Dinta…

Mang Upan
Sabar, sabar. Kesabaran itu pahit, tapi buahnya manis.

Bi Iroh
Teu! Kajeun manis buahna manis kuring mah…

Muncul Juragan kepala jeung Pa Guru.

Juragan Kepala
Aéh, aéh, kunaon ieu téh maké jeung paraséa di dieu? Na mani euweuh kaéra
pisan atuh! Apan urang téh dilalajoanan ku batur?

Mang Upan
Aduh, hapunten Juragan…

Bi Iroh
Hapunten, hapunten nanahaon! Kamu téh geus ngahianat cinta, nyaho! (Bari
ceurik) Hariring dangding, kiwari geus lain nu kuring. Haleuang sora, ayeuna
teu miboga. Keretas bodas, pinuh gurat mangsi beureum, tinggeleber, ting
sariak dina kongkolak panon. Nutupan paneuteup nu angkeub, nyimbutan
kadeudeuh nu laas…

Juragan Kepala
Ibi, geus engké deui atuh nyajakna. Da moal leuwih alus ti Hadi AKS ieuh
atuh! Moal, moal meunang ngalawan Rizal Sabda ogénan!

Bi Iroh
Atuda bangkawarah pisan, juragan…

Juragan Kepala
Éh, ieu mah kalah siga nu ngahajakeun atuh nya. Engké deui, lamun rék paséa
téh kudu néangan heula tempat nu nyingkur, bisi kata-kata mutiarana
ditarurutan ku barudak. Mangkaning ayeuna mah keur usum plagiator deuih.
Kumaha lamun kecap Ibi téh diplagiat ku batur, nyaah pisan pan, hak cipta éta
téh. Hak cipta ditangtayungan ku undang-undang!

Muncul Mang Amanta jeung Bi Popon bari rurusuhan.

Juragan Kepala
Geuning Emang. Aya naon ieu téh, mani siga anu rarusuh kitu?

Mang Amanta
Kieu Juragan, pangna Emang sareng Embina maksakeun, jauh dijugjug
anggang ditéang téh…

Pa Guru
Pok-pok atuh, mang, rék nyarita mah. Teu kudu kukurilingan heula ka ditu-ka
dieu…

Mang Amanta
Har, kukurilingan kumaha Pa Guru? Apan Emang téh tatadi mula ogé di dieu?

Pa Guru
Kukurilingan maksud kuring, minangkana mah métafor…

Juragan Kepala
Meunggeus, teu kudu ngawangkong kasusastraan heula ayeuna mah. Sok,
Emang, orayna kaluarkeun!

Mang Amanta
Oray mana, Juragan? Da Emang mah teu nyandak oray?

Bi Popon
Yeuh, manéhna, oray vérs Juragan mah, oray métafor…

Mang Amanta
Oh, métafora kituh! Lain tatadi atuh ngabéjaanna.
Juragan Kepala
Sok, Emang, aya naon Emang téh, pangna jauh dijugjug anggang ditéang?

Bi Popon
(Ngaharéwos) Tuh, pan, ari ka Juragan Kepala mah, teu wanieun nyarék, najan
jelas-jelas nyaritana kukurilingan heula.

Mang Amanta
Kieu, Juragan, saangkatna Juragan sareng Pa Guru téh, Emang sareng Embina
harita kénéh langsung milarian pun anak. Emang téh ber…

Pa Guru
Hiber

Mang Amanta
Sanés, maksad téh; ber ka ditu, ber ka dieu. Nya Alhamdulillah dugi ka
kapendakna, nuju ngahéroan Néng Cici di Banjarsari.

Juragan Kepala
Tuluy kumaha, Mang?

Mang Amanta
Nya langsung baé budak téh ditaros perkawis anu nandatangan naskah
proklamasi téa.

Juragan Kepala
Kumaha tah jawabanana?

Mang Amanta
Numawi, budak téh teu ngaku, Juragan. Sakitu ku Emang tos dicehcer,
digebugan ku gagang sapu ogé, tetep baé teu ngaku. (Ka Bi Popon) Kalah
capé anu nyiksana, nya?

Bi Popon
Leres, Juragan. Ku Ibi ogé digélang cepilna ngarah ngaku. Namung paralun,
kalah Ibi anu leuleus… (Ka Mang Amanta) Naon basa malayuna, leuleus taya
tangan pangawasa téh?

Mang Amanta
Lemah lunglai, tidak tangan penguasa.

Juragan Kepala
Jadi kumaha tungtungna, Mang?

Mang Amanta
Janten, sanggem Emang mah, rupina pun anak téh mémang henteu nanda
tangan naskah proklamasi. Namung, duka upami Si Aték atanapi Si Akung
mah, da pun anak téh dalitna sareng budak dua éta. Kamari ieu ogé, Si Akung
mah kalibet kasus maling sendal. Mangkukna Si Aték, jadi tersangka anu sok
noongan nu keur siram di tampian.
Juragan Kepala
Ké, ké, ari budak Emangna ayeuna milu?

Mang Amanta
Henteu, Juragan. Ngahaja ku Emang téh ditalian di pacilingan. Mamanawian
wéh atuh engké mah ngaku. Atuh dina teu ngakuna, manawi ngabéjaan saha-
sahana, Juragan…

Juragan Kepala, Pa Guru, Bu Guru Susi, jeung Mang Upan gogodeg.

Juragan Kepala
Nepi ka kituna, ning.

Pa Guru
Sumuhun, Juragan, kuma deui atuda. Sakitu buktosna…

Muncul Bi Ucu bari nungtun Si Buruy.

Bi Ucu
Kunaon ieu budak, ngadon ditalian di pacilingan? Ngalanggar hak asasi
manusia, éta téh…

Mang Amanta
(Ngambek) Na ari Ibi, dititah ku saha dileupaskeun? Nyaho éta téh…

Juragan Kepala
Heup, heup, ulah katutuluyan. Kuring rék nyarita, yeuh. Coba regepkeun ku
saréréa. Pangpangna mah ku hidep, Buruy. Ogé ku Mang Amanta jeung Bi
Popon.

Saréréa jempling.

Juragan Kepala
Anu néken naskah proklamasi téh taya lian Bung Karno. Harita, poé Juma'ah,
tanggal 17 Agustus 1945, Bung Karno sareng Pa Hatta ngawakilan sakumna
bangsa Indonésia, mroklamirkeun kamerdikaan Indonésia.

O.S
Proklamasi. Kami bangsa Indonesia dengan ini menyatakan kemerdekaan.
Hal-hal mengenai pemindahan kekuasaan dan lain-lain, akan dilaksanakan
dalam tempo waktu yang sesingkat-singkatnya. Jakarta, 17 Agustus 1945,
Atas nama bangsa Indonesia, Soekarno-Hatta.

Juragan Kepala
Poma, ulah nepi ka dipopohokeun. Ngarah urang salawasna inget, mun yén
kamerdikaan Indonesia téh ladang tina pajoangan anu pinuh ku pangorbanan.
Ku ayana kitu, sanggeus kiwari merdika, ulah nepi ka dimomorékeun. Nu
ngawasa kudu nyaah ka rahayat. Pon pilalagi, rahayat kudu tetep runtut raut
sauyunan. Bhineka Tunggal Ika.
Pa Guru
Namung, pangapunten, Juragan. Palih dieu, urang teu tiasa ngalepatkeun kitu
baé ka masarakat samodél Mang Amanta. Pangpangna mah da seueur pisan
atuh, sajarah anu dimanipulasi téh. Antukna masarakat kiwari teu anoh kana
historis bangsa, pon kitu deui para pahlawanna.

Juragan Kepala
Nya, ayeuna mah teu kudu silih salahkeun. Anggap baé kasus Si Buruy téh,
minangka pépéling keur urang saréréa. Boa urang ogé salah, teu bisa
ngahontal targét ngajar tur ngadidik barudak. Wang pada-pada instropeksi diri
wéh ayeuna mah.

Buruy
(Sedih) Pa Guru sareng Bu Guru Susi mah, teu lepat, Juragan. Abdi nu lepat
mah. Rumaos mancangul sareng tara ngabandungan piwuruk guru. Anu
ahirna, abdi tara naék kelas baé.

Mang Amanta memeluk anaknya.

Mang Amanta
Geuning ayeuna mah éling, silaing téh…

Buruy
Hapunten Bapa, Ema. Ngawitan ayeuna mah, abdi jangji, badé suhud diajar,
sareng nurut kana piwuruk sepuh.

Semuanya mengucapkan Hamdallah.

Réngsé

Ranggon Panyileukan, 1999

You might also like