You are on page 1of 1

Budi Purnomo

1804457

Kelompok 2

Mayarna Fasilitas di UPI

Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) mangrupa salasahiji ti sabelas paguron luhur anu geus berbadan
hukum atawa nu biasa di sebut PTN-BH. Kusabab UPI geus jadi PTN-BH jadi UPI boga hak jeung
ngokolakeun sagala sumber dayana ku sorangan kaasup ngokolakeun masalah keuangan na. UPI meunag
bantuan Operasional Perguruan Tinggi Negri (BOPTN) ti pamaréntah ngan saukur 40%. UPI pikeun
néangan deui dana jeung oprasional kampus UPI maké cara nyokot iuran ti mahasiswana ku cara uang
kuliah tunggal atawa UKT, uang pangkal, jeung nu pang kontroversial na mah UPI netepkeun sagala
fasilitas anu aya di UPI kudu berbayar nepinka masjid anu jadi imah na gusti gé kudu mayar lamun arék
dipaké

Aya na fasilitas berbayar di UPI anu jadi salah sahiji bangbaluh di ieu paguron luhur, balukarna
mahasiswa jadi rada hesé lamun arék ngayakeun hiji acara anu kudu maké tempat pikeun lumangsung na
acara lantaran harga nyewa tempat di dieu teh teu bisa ku duit Rp. 50.000,. tapi bisa nepika sakali nyewa
teh Rp. 500.000,. Naha kitu fasilitas kudu mayar emang duit UKT, uang pangkal, jeung usaha anu lain na
di kamanakeun? Loba anu nanyakeun kitu lantaran teu transparan na sistim pengolahan keuangan na.

Pamadegan kuring mah nya ngeunaan fasilitas berbayar ieu bisa ngabeuratkeun mahasiswa anu geus
mayar UKT tapi ayeuna kudu mayar deui lamun arék maké fasilitas di UPI. umpama fasilitas masih keneh
berbayar, éta peraturan berbayar téh berlaku na lain keur mahasiswa tapi keur masyarakat di luar warga
UPI, jadi mahasiswa mah haratis jeung maké na tapi kudu maké surat perizinan tempat.

You might also like