You are on page 1of 3

Puji kagungan Gusti nu Maha Suci, teu aya deui tempat pangbalikan sakabéh mahlukna,

angin bakal uih ka Mantena. Solawat miwah salam mugia salamina ditetepkeun ka jungjunan
urang sadaya, nyatana Kangjeng Nabi Muhammad SAW., ka kulawargana, ka para
sohabatna, ogé ka nu hamba-hamba nu tumut ka anjeunna, kalabet mudah-mudahan urang
sadayana. Amin.

Ti payun, umajak ka sakumna kaum muslimin, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan
sareng katakwaan ka Alloh Swt. kalawan sabener-benerna takwa. Margi teu aya deui jalmi nu
pangmulyana mungguh Alloh, anging jalmi nu pangtakwana. Inna akromakum indallahi
atqoqum. Saéstuna jalmi nu pangmulyana dipayuneun Alloh, nyaéta jalmi nu pangtakwana.

Kaum muslimin, basa wukuf kamari pisan, mangyuta-yuta ti sakuliah dunya, kalebet jamaah
haji Indonesia sarumujud, sumerah diri di Padang Arafah. Hiji kakuatan tauhid, teu aya deui
nu diibadahan anging ka Alloh Swt. Sumerah mancegkeun kaimanan, geusan nanjeurna
kasolehan. Mudah-mudahan aranjeunna dilebetkeun kana haji mabrur. Amin.

Ku kituna, sabada réngsé urang ngalaksanakeun Idul Adha taun 1435 H ayeuna, penting
kacida urang muhassabah, ngariksa diri kana kaimanan jeung katakwaan urang ka Alloh,
lantaran, geuning satengahing hirup ayeuna, seueur kénéh ujian nu nimpa ka umat Islam,
utamana pasualan kafakiran, pangpangna fakir dina kaimanan ka Alloh Swt. Margi kitu, idul
adha atanapi idul kurban nu kamari, hayu urang sami-sami candak sareng laksanakeun naon
palajaran tina éta ibadah. Nu teu kirang mulyana, hikmah nu kacida mulya tur payus jadi
tiang papagon hirup urang, nyaéta nulad ka Kangjeng Nabi Ibrahim as., nu sakitu pengkuhna
dina nanjeurkeun bebeneran. Seueur pisan nu tiasa janten bekel hirup pikahareupeun tina
satukangeun perjuangan Nabi Ibrahim a.s.

Kahiji, mageuhkeun aqidah ka Allah swt. Nabi Ibrahim as ku anjeun geus méré conto,
kumaha kaimanan geus jadi pangubutuh utama dina diri satiap manusa. Raja jeung kaum
Namrud, nu sakitu borongosan nipu ku cara-cara kamuslihatan ka kaumna, ku kakuatan
aqidah Nabi Ibrahim, ngajadikeun maranehna taluk, teu wani ngéléhkeun kawewegan kaum
Nabi Ibrahim as. Témbrés pisan, kaimanan geus jadi senjata ampuh keur nalukkeun kaum
musrikin kaum kadoliman. Dawuhan Alloh surat A-Mumtahanah ayat 4:

Nu hartosna kirang langkung kieu: Saéstuna geus aya suri tauladan keur anjeun dina diri
Ibrahim jeung kaumna; nalika maranéhna nyarita ka kaumna: Saéstuna kami geus leupas tina
laku lampah aranjeun jeung tina sesembahan lian ti ka Alloh, kami geus ingkar tina
(kakapiran) anjeun jeung geus jelas, antara kami jeung anjeun mumusuhan jeung rasa bendu
keur salawasna nepi ka anjeun ngarasa iman ka Alloh wungkul.”

Margi kitu, jalmi nu kuat imanna bakal panceg pamadeganana. Malahan kapengkuhan iman
model kieu, Kangjeng Rosul dugi ka ngadawuh: ‘ajaban liamril mu’minin inna amrohu
kulluhu lahoeru walaesa dzalika liahadin illa lilmu’minin, in ashobathu sarrou syakaro
fakaana khoeron wain ashobathu dorro’u shobaro fakaana khoerollahu. Nu hartosna: Kacida
ta’jubna jalma nu iman, saéstuna sakabéh urusanana, boh keur dirina jeung moal aya deui nu
kitu, kajaba keur jalmi mu’min. Upama anjeunna meunang kasenangan, pasti ngarasa sukuran
jeung nu kitu téh hadé keur dirina. Saupama anjeunna katibaan kasusah, anjeunna sobar jeung
kituna téh hadé keur dirina. (HR. Ahmad jeung Muslim).

Kadua, nanjeurna ahlak anu mulya. Hikmah Idul qurban kamari, diantarana nanjeurkeun
ahlak mahmudah, ahlak anu pinuji. Ieu penting kacida, lantaran hiji bangsa lamun ahlakna
ancur bangsana ogé bakal ancur. Kituna téh sapertos pasipatan nu beuki dieu beuki matak
hariwang. Geuning jalma, kaasup para politisi, kadieunakeun, loba nu resep silihmusuhan,
silihsalahkeun malah aya deui nepi kasilihtelasan. Kitu deui, Kaayaan pasipatan jalma model
kitu, tangtu laun-launna mah bakal ngabalukarkeun bangsa nu ancur, ngalagragkeun martabat
bangsana. Saurang ulama Mesir Syauqi Bey, kantos sasauran: Innama amamul ahlaku ma
baqiyyat wain humuu dahabat ahlakquhum dahabuu. Hiji bangsa bakal langgeng, upama
nanjeurkeun ahlak. Saupama ahlak hadé geus sirna, mangka bangsa ogé milu sirna.

Palajaran sanésna, sapertos nu ditingalikeun ku putrana Nabi Ibrahim as., Nabi Ismail as.
Sikep taat ka ramana, éta jadi dasar poko dina cara ngatik putra nu soléh.

Katilu, nanjeurkeun kakuatan élmu agama Alloh, geusan diamalkeun. Dina hartos, élmu
pangaweruh, boh élmu keur habluminallohna boh keur habluminannasna, kedah
dilampahkeun dina kahirupan sapopoéna. Lantaran, élmu nu teu diamalkeun, Alloh Swt.
kacida dibendu. Kaburo maqtan indallohi an taquuluuna maa laa taf’aluun. Gedé pisan
bebendonna maranéhna nyarita anu ku maranéh henteu dilaksanakeun. Margi kitu,
nanjeurkeun élmu ogé, lianti mampuh dina ngamalkeunana, ogé kuat dina nyiarna. Lantaran,
umat sareng generasi Ibrahim a.s. kagolongkeun jalma-jalma nu luhung élmuna, jauh
paningalna. Pidawuh Alloh dina surat Shad ayat 54 : Wadkur ‘ibaadanaa ibrohima waishaqo
waya’quba uulil aedi wal abshor. Nu hartosna kirang langkung: Jeung sing inget ka abdi-abdi
Kami, Ibrahim, jeung Ishaq katut Ya’kub nu baroga jasa jeung jauh paningalna.

Kaopat, kakuatan ukhuwah Islamiyah. Para jamaah haji nu mangyuta-yuta karumpul, sarujud
kalawan teu ditingal ti bangsa mana jeung teu dibédakeun warna kulitna, jadi palajaran tina
pentingna cara babarengan dina nanjeurkeun agama. Sabalikna, dipahing pisan, umat Islam
paburencay, silihsalahkeun jeung silihmusuhan. Palajaran tina Ibadah kurban, sawadina
mampuh nanjeurkeun ukhuwah. Saiman sapatékadan ka Gusti, kacida luhurna tinimbang
urang kudu silihsalahkeun karana béda partéy, béda tim sukses jeung sajabana. Di dieu,
agama ngajarkeun pentingna ukhuwah kalawan teu ngabédakeun éta jalma naon kagiatanana.
Sanajan béda-béda, tapi agama nuduhkeun kamulyaan katempat sahiji. Inna akromakum
indallohi atqoqum. Badé kukumaha ogé, rék luhur kalungguhanana, rék geulis jeung kasép
rupana, éta sadayana teu aya hartina dipayuneun Alloh, anging éta jalma mampuh milampah
katakwaan ka Alloh Swt.

Kalima, kakuatan ékonomi. Islam jelas, ngajarkeun hirup didunya kudu narékahan bekel
dunyana. Ngan kumaha ari ngokolakeun dunyana? Ieu nu penting kanggo umat Islam. Alloh
parantos masihan ka urang nu namina washilah al-hayat. Alam dunya nu sakieu ni’matna, nu
sakitu legana, apan éta téh sangkan manusa bisa ngokolakeunana. Tah, rejeki nu diturunkeun
ku Alloh kitu, ulah dimomoré, ulah diurus kitu-kitu waé tanpa élmu. Elmuna kumaha? Dina
Islam aya nu namina syariáh nu dilebetna aya muamalah. Dina Islam, jelas, hirup di dunya
téh keur néangan bekel ahérat. Atuh ngokolakeun dunya ogé luyu jeung hukum agama. Jadi
kakuatan ékonomi Islam lain dina lobana ngumpulkeun hartabanda, tapi nanjeurna syari’ah
dina hirup urang. Gesit milari nu halal tur ngajauhan banda nu haram.

Margi kitu, dina ieu sasih haji anu mulya, mudah-mudahan urang satemenna dipasihan
kakuatan pikeun nanjeurkeun sahenteuna lima kakuatan sakumaha diluhur. Allohuma innaka
tasma'u kalami wataro makani wata'lamu sirri wa'ada niyyati laa yakhfa 'alaika syaeun min
amri anal baa isul fakiirul mustagiisul mustajiirul wajalul musfiqul muqirrul mu'tarifu bidanbi
as 'aluka mas alatal miskiina wabtahil ilaika ibtihala mudnibid daliili wa 'ad'uuka du'a'aal
khooifid doriiri man khodo'at lahu rokobatuhu wafaadot lahu 'aenahuu wadalla jasadahu
warogoma anfuhu, allohuma laa tajalni bidu'aika robbi sakiyyan wakun lii ro'uupan rohiima
yaa khoerul mas'uuliin waya khoerol mu'tiin. Ya Alloh, Gusti nu nguping ucapan abdi, jeung
ningali kana sagala tempat abdi. Gusti nu uninga kana sagala nu caang jeung nu poék tina
sagala nu aya dina diri abdi. Teu aya naon-naon nu dina diri abdi anging Gusti Nu Maha
Uninga. Abdi jalmi fakir, jalmi lemah, nu saéstuna butuh panyalindungan. Abdi jalma nu
sieun, nu butuh kanyaah Gusti. Abdi rumasa, seueur dosa. Sim abdi nyuhunkeun ka Gusti, ku
ampunan jalmi miskin jeung abdi nyuhunkeun ku ampunan jalma nu lumur dosa tur hina.
Nun Gusti, abdi nyuhunkeun ampunan kalawan abdi nu kagungan soca jeung jiwa raga abdi
nu hina. Nun Gusti, mugi Gusti ulah ngajadikeun panuhun kuring ka Gusti nu nyababkeun
lungsurna malapetaka. Mugi Gusti masihan rasa asih Gusti, saéstuna Gusti nu panghadé-hadé
tempat panyuhun sareng sahadé-hadé nu maparinan. Robbana aatina fiddunya hasanah wafil
akhiroti hasanah wakinaa adabannar. Amin.

You might also like