You are on page 1of 6

SOAL PREDIKSI

PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS) SMA/MA/SMK/MAK


KURIKULUM 2013
MATA PELAJARAN : BAHASA SUNDA

KELAS/SEMESTER : XI (SEBELAS)/2 (GENAP)

SOAL PILIHAN JAMAK

1. Babasan atawa paribasa anu nuduhkeun kana pang jurung laku hadé nyaéta….
a. Kudu bisa kabula kabalé
b. Ulah koméok méméh dipacok
c. Ulah incah balilahan
d. Umur gagaduhan, banda sasampiran
e. Uncal tara ridueun ku tanduk

2. Kudu hadé gogod hadé tagog, hartina….


a. Kudu bisa mawa awak
b. Kudu direncanakan kalawan asak
c. Hadé basa jeung hadé tingkah lakuna
d. Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mahi
e. Ulah waka nyebut teu sanggup saacan dicoba

“Can digawé geus hayang ménta buruh!”


3. Paribasa atawa babasan anu luyu jeung kalimah di luhur nyaéta …..
a. Mipit kudu amit ngala kudu bébéja
b. Pupulur méméh mantun
c. Cul dog-dog tinggal igel
d. Asa ditonjok congcot
e. Ranggah méméh tandukan

4. “Unggal daérah tangtu ngabogaan ciri nu mandiri ngeunaan budayana tur béda jeung daérah
séjénna”
Paribasa nu luyu pikeun ngagambarkuen kalimah di luhur nyaéta....
a. Jati kasilih kujunti
b. Uyah mah tara téés ka luhur
c. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak
d. Ciri sabumi cara sadésa

Diunduh dari https://www.carasunda.com/


e. Mipit kudu amit, ngala kudu bébéja

Paribasa Hartina
1. Legok tapak genténg kadék maké pakéan kumaha ogé pantes baé.
2. Kudu bisa ngeureut neundeun miharep ka nu lain tanding
3. Jati ka silih ku junta pribumi kaéléhkeun ku urang deungeun-
deungeun (urang asing)
4. Kuru cileuh kentél peujit kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran
5. Landung kandungan laér aisan jadi kabiasaan nu hésé dipiceun

5. Pasangan paribasa jeung hartina anu bener nyaéta…..


a. No 1
b. No 2
c. No 3
d. No 4
e. No 5

6. “Ulah waka buru-buru nyieun kaputusan, kudu dipikir dibulak-balik heula”


Babasan anu luyu pikeun ngagambarkeun kalimah di luhur nyéta….
a. Gedé hulu
b. Kejot borosot
c. Panjang leungeun
d. Béngkok tikoro
e. Murag buku bitis

7. ... cai dina daun taleus.


Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan paribasa di luhur nyaéta….
a. Siga
b. Lir
c. Kawas
d. Ulah
e. Kudu

8. ... ngukur ka kujur nimbang ka awak.


Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan paribasa di luhur nyaéta….
a. Siga
b. Lir
c. Kawas
d. Ulah
e. Kudu

9. Sumedang Ngarangrangan
Ngarangrangan hartina…...

Diunduh dari https://www.carasunda.com/


a. Kaleuleuwihi nuar tatangkalanna
b. Tatangkalan nu mimiti daunna maruragan
c. Tatangkalan anu geus paéh
d. Sirung anu mimiti jaradi deui
e. Dahan tangkal anu mimiti jadi

10. Bandung … ku tangtung.


Kecap anu luyu pikeun ngeusian ungkara basa cacadran di luhur nyaéta….
a. Heurin
b. Ngadeg
c. Loba
d. Ngalaan
e. Katempo

Saba Budaya Ka Kampung Naga


Kampung Naga téh pernahna aya di jajalaneun antara Garut-Tasikmalaya, nyaéta di
wilayah administratif Désa Néglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya, Provinsi
Jawa Barat. Jarak ti puseur dayeuh Bandung ka Kampung Naga téh kurang leuwih 90 km, lamun
dijugjug maké kendaraan kira-kira 2-3 jam.
Kampung nu aya di hiji léngkob nu subur téh diwatesan ku leuweung larangan. Anu ceuk
urang Kampung Naga mah éta leuweung nu aya di beulah kuloneun Kampung Naga téh
dianggap karamat teu meunang sagawayah disaba, lantaran di jero éta leuweung aya makam
karuhun masarakat Kampung Naga. Ari di beulah wétan diwatesanan ku Walungan Ciwulan nu
huluwotanana ti Gunung Cikuray Garut.
Kampung Naga kaasup hiji pakampungan nu masarakatna masih nyekel deleg tali
paranti titingal karuhunna. Kahirupan sapopoéna masarakat Kampung Naga téh éstu basajan
pisan béda jeung pakampungan-pakampungan tatar Sunda séjénna.

11. Kampung Naga téh aya di.....


a. Bandung
b. Garut
c. Sukabumi
d. Tasikmalaya
e. Ciamis

12. Aya dibeulah mana leuwueng larangan téh?


a. Kuloneung Kampung Naga
b. Kaléreung Kampung Naga
c. Wétaneun Kampung Naga
d. Hareupeun Kampung Naga
e. Kiduleun Kampung Naga

13. Gunung Cikuray aya di....


a. Bandung

Diunduh dari https://www.carasunda.com/


b. Garut
c. Sukabumi
d. Tasikmalaya
e. Ciamis

14. Kecap “disaba” asalna tina kecap “saba” anu hartina....


a. Kaluar ti imah nuju ka tempat anu jauh
b. Meuntas ka hiji tempat
c. Lumpat ti imah nuju ka tempat anu jauh
d. Balik ka imah
e. Asup ka ka imah anu jauh.

15. Dina wacana di luhur aya kecap “léngkob” anu hartina....


a. Luhur
b. Pasir
c. Hilir
d. Lebak
e. Gunung

16. Tali paranti hartina.....


a. Tambang paranti nalian
b. Budaya anu maneuh
c. Adat istiadat nu geus baku
d. Pageuh dina nyekel prinsip
e. Tali tina tambang

Sagala tina Sampeu


Jenis sampeu nu dipelak tur dikonsumsi di Cireundeu nyaéta sampeu pait/karikil, nu ku
masarakat séjén mah sok dipaké parab ingon-ingon. Lantaran lian ti rasana pait, ogé matak
weureu. Nurutkeun Asep Wardiman, mémang sampeu pait goréng lamun langsung dikonsumsi,
tapi lamun diolah kalawan apik tur beresih, sampeu pait lian ti gedé kandungan karbohidratna
(unggal 100 gr sampeu ngandung énérgi 359 kkal, 86,5 gr karbohidrat, 1,4 gr protéin), ogé gedé
pisan kandungan acina.

17. Sampeu naon anu dikonsumsi ku urang Cireundeu téh?


a. Sampeu manéhot
b. Sampeu Cilembu
c. Sampeu karikil/pait
d. Sampeu beureum
e. Sampeu aci

18. Sampeu anu diolah ku urang Cireundeu gédé pisan kandungan….


a. Vitamin D
b. Acina jeung karbohidrat
c. Vitamin A jeung acina
d. Cai jeung Karbohidrat

Diunduh dari https://www.carasunda.com/


e. Gizina jeung Vitamin

19. Dihandap ieu kaolahan anu bahan dasarna tina sampeu, nyaéta, iwal…..
a. Colénak
b. Awug
c. Ulén
d. Misro
e. Getuk

20. Saméméhna budak disunatan téh sok dibawa hélaran, dina iring-iringan seni kuda rénggong.
Kasenian daerah kuda rénggong asalna ti ….
a. Subang
b. Majalengka
c. Sumedang
d. Bandung
e. Garut

SOAL URAIAN

1. Jieun wangun kalimah ngagunakeun babasan jeung paribasa ieu di handap!


a. Dosa salaput hulu
Hartina : dosa anu geus kacida lobana
Kalimahn :……………………………………………………………………
b. Dug hulu pet nyawa
Hartina : digawé satékah polah taya eureuna.
Kalimahna :…………………………………………………………………..

2. Pék paluruh ku hidep kila-kilana!


a. tanda aya nu sono ka urang
kila-kilana: …………………………………………………………………..
b. tanda aya nu ngomongkeun
kila-kilana: …………………………………………………………………...

3. Tataan 3 kasenian sunda jeung asal daérahna!

4. Jéntrékeun ku hidep adat kabiasaan dina acara nyunatan budak lalaki!

5. Kumaha prak-prakanana dina adat kabiasaan nyawér pangantén!

Diunduh dari https://www.carasunda.com/


KONCI JAWABAN

1 A 11 D
2 C 12 A
3 B 13 B
4 D 14 A
5 C 15 D
6 B 16 C
7 A 17 C
8 E 18 B
9 B 19 C
10 A 20 C

Diunduh dari https://www.carasunda.com/

You might also like