You are on page 1of 6

TUGAS ARTIKEL KABUDAYAAN SUNDA

Sunda nya éta istilah pikeun idéntitas hiji séké sélér nu nyicingan utamana bagian kulon
pulo Jawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan, ngawengku propinsi Jawa Kulon, Banten, jeung
bagian kulon Jawa Tengah), nyaéta urang Sunda, nu migunakeun basa Sunda salaku basa
indungna katut kabudayaanana.

Watak Urang Sunda


Rasa bangsa beuki leungit, alatan budaya bangsa séjén leuwih kasampak di batan budaya
sorangan, kaayaan ieu ogé lumangsung dina budaya Sunda, ku kituna urang Sunda kaleungitan jati
dirina. Pikeun nyanghareupan bangbalu dina kabudayaan Sunda, aya alusna urang ngaléngkah ka tukang
tiheula. Diajar, sarta ngumpulkeun keusik mutiara anu ambacak salila ieu, loba papatah anu
kapopohokeun, alatan henteu kungsi kacaba ku nu bogana. Hal ieu lantaran kuranna kahayang pikeun
diajar , komo maranéhanana méré anggapan tinggaleun jaman.Lamun ditalungtik, sabenerna pamor
étika moral Sunda ngabogaan hasanah hikmah anu rongkah, hal éta kagambar liwat talarina.Aya
sawatara étos atawa watek dina budaya Sunda ngeunaan hiji jalan pikeun ngahontal tujuan hirup. Sajaba
ti éta, étos sarta watek Sunda ogé bisa jadi bekel kasalametan dina ngambah kahirupan di dunya ieu,
diantarana waé nya éta aya lima, cageur, bageur, bener, singer, sarta pinter anu geus lahir kira-kira
jaman Salakanagara sarta Tarumanagara. Cageur, nyaéta kudu cageur jasmani sarta rohani, cageur mikir,
cageur boga pamadegan, cageur moral, cageur migawé sarta lalampah. Bageur nya éta boh haté, nyaah
ka sasama, loba méré pamadegan sarta kaidah moril nu hadé atawa materi, henteu korét, henteu
émosional, boh haté, penolong sarta ikhlas ngajalankeun sarta mengamalkan, lain ngan dibaca boh
diucapkan waé. Bener nyaéta henteu bohong, henteu asal-asalan dina migawé pancén pakasaban,
amanat, lempeng ngajalankeun ageman, bener dina mingpin, sarta henteu ngarusak alam. Singer,
nyaéta mawas diri lain was-was, ngarti dina saban pancén, miheulakeun batur saméméh pribadi,
ngahormatan pamadegan batur, pinuh kaasih nyaah, henteu gancang ambek lamun dikritik tapi diresapi
harti esensina. Pinter, nyaéta beunghar élmu dunya sarta ahérat, ngarti élmu ageman nepi ka dasarna,
bisa nyaluyukeun diri jeung sasama, bisa ngedalkeun sarta ngabéréskeun masalah kalayan wijaksana,
sarta henteu ngarasa singer sorangan bari nyudutkeun batur.

Jawa Barat Minangka Wadah Kabudayaan Sunda


Sacara géografis Jawa Barat mangrupa tempat lahir
jeung tumuwuhna kabudayaan sunda, Jawa Barat ogé
mangrupa daérah kepulauan anu biasa dosebut
kepulauan Nusantara. Istilah éta dipaké dina abad ka
14 Masehi nya éta jaman Majapahit.[2] Daérah Jawa
Barat anu tumuwuh minangka tempat urang sunda
hirup miboga kamekaran anu tangtu dina sagala
aspék saperti Téknologi(pakasaban), Sistem
duduluran, Basa, Kasenian, Ageman, jeung élmu
pangaweruh.
Téknologi Urang Sunda dina Widang tatanén
 Arit
 Asahan
 Aseuk
 Bakrik
 Bawak
 Bedog
 Burujul
 Caplak
 Congkrang
 Etem
 Garpuh, jeung sajabana

Sistem Duduluran

Urang Sunda ngagem sistem duduluran anu sipatna patental jiga urang Jawa. Hartina urang
sunda yakin ayana duduluran boh ngaliwatan dulur ti indung boh dulur ti bapa. Sistem duduluran
masarakat sunda, umumna sakum manusa di dunya aya disababkeun dua faktor nya éta turunan
jeung ayana ritual nikah. Nu pang pentingna dina tingkat hubungan duduluran urang Sunda
dumasar bébédaan generasi tilu golongan. Katilu golongan nu dimaksud nya éta (1) golongan
sepuh, kolot, wong tuo anu ngawengku aki, nini, bapa, jeung ema, generasi anu tingkatanna
leuwih luhur ti égo; (2) golongan sadulur, dina harti anu heureut, nya éta dulur saindung-sabapa,
dulur téré (dulur saindung misah bapa atawa dulur sabapa misah indung), nu disebut lanceuk
lamun umurna leuwih kolot jeung adi atawa rayi lamun umurna leuwih ngora. Jadi sadulur téh
hiji generasi jeung égo; (3) golongan anak, nya éta turunan égo, anak égo, lalaki atawa awéwé.
Sistem duduluran masarakat sunda anu dipikawanoh kiwari aya tujuh turunan, tapi sabenerna
urang sunda baheula miboga salapan garis turunan nya éta anak, euncu, umpi, cicip, muning,
anggasantana, kulasantana, pretisantana, jeung witwekas. Kiwari sistem duduluran urang sunda
leuwih dipikawanoh Pancakaki. Pancakaki nya éta hiji sistem anu ngagambarkeun hubungan
kulawarga. Dina adat istiadat urang sunda, pancakaki téh ngabogaan dua harti. Harti anu kahiji,
pancakaki téh mangrupa perenahna jelema ka jelema deui, anu sakulawarga atawa anu kaasup
baraya kénéh. Upamana waé kumaha pancakaki si Dadap ka si Waru, naha kaasup indung, bapa,
nini, aki, emang, bibi, anak, buyut, alo, suan, jsté. Harti anu kadua pancakaki téh mangrupa
papayan perenahna kabarayaan.

Rundayan/Turunan

 Ti luhur ka handap

-Bau Sinduk : Indung Bapana Gantung Siwur/Kait Siwur -Gantung Siwur/Kait Siwur : Indung
Bapana Udeg-udeg -Udeg-udeg : Indung Bapana Janggawareng -Janggawareng : Indung Bapana
Bao -Bao : Indung Bapana Buyut -Buyut : Indung Bapana Nini -Nini : Indungna indung/bapa -
Aki : Bapana Indung/bapa -Indung : Indungna anak -Bapa : Bapana anak -Anak : Indung Bapana
Incu -Incu : Anakna anak -Buyut : Anakna incu -Bao : Anakna buyut -Janggawareng : Anakna
bao -Udeg-udeg : Anakna janggawareng -Gantung siwur/kait siwur : Anakna udeg-udeg -Bau
sinduk : Anakna gantung siwur/kait siwur

 Kagigir

-Adi : Dulur Sahandapeun -Lanceuk : Dulur Saluhureun -Emang : Adina Bapa/Indung (lalaki) -
Bibi : Adina Bapa/Indung (awéwé) -Ua : Lanceuk Bapa/Indung -Alo : Anak Lanceuk -Suan :
Anak Adi -Kapiadi : Anak Emang/Bibi -Kapilanceuk : Anakna Ua -Incu ti gigir : Incuna Adi -
Aki ti gigir : Adina/Lanceukna Aki/Nini (lalaki) -Nini ti gigir : Adina/Lanceukna Aki/Nini
(awéwé) -Ua ti gigir : Anakna Lanceuk Aki/Nini -Emang ti gigir : Anakna Adi Aki/Nini (lalaki)
-Bibi ti gigir : Anakna Adi Aki/Nini (awéwé)

 Istilah anu Séjénna

-Adi Beuteung : Adina Pamajikan/Salaki -Dulur Sabaraya : Dulur pisan, anakna emang/bibi
jeung ua -Dulur Teges : Dulur enya saindung sabapa -Indung Téré : Pamajikan Bapa lain anu
ngalahirkeun urang -Bapa téré : Salaki indung lain anu ngalantarankeun urang lahir -Anak Téré :
Anak sampakan ti lalaki/pamajikan -Dulur Patétéréan : Anak indung/bapa téré -Cikal : Anak
panggedéna -Pangais Bungsu : Lanceukna bungsu -Bungsu : Anak Pangleutikna -Baraya Laér :
Baraya anu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna -Teu Hir Teu Walahir : Teu baraya
saeutik-eutik acan -Bau-bau Sinduk : Baraya kénéh sanajan geus laér -Dulur Pét ku Hinis :
Dulur teges -Baraya : Sakur anu aya pancakakina -Karuhun : Luluhur, jalma-jalma anu kungsi
aya lilaHeulaeun urang, anu ngarundaykeun urang -Bésan : Indung/bapana minantu -Minantu :
salaki/pamajikan anak -Mitoha : Indung/bapana salaki atawa pamajikan -Dahuan : Salaki atawa
pamajikanna lanceuk.
Basa Masarakat Sunda
Informasi pangkolotna ngeunaan basa jeung aksara nu
dipaké di wilayah Kepulauan Nusantara, kalibet Tatar
Sunda, aya dina prasasti ti abad ka-5 Masehi. Dina éta
abad digunakeun basa Sanksekerta jeung aksara Palawa
pikeun nuliskeun sababaraha prasasti di Kalimantan
Timur (Karajaan Kutai) jeung Tatar Sunda (Karajaan
Tarumanagara). Éta basa jeung aksara lain basa pituin
diajangkeun pikeun nuliskeun dokumen resmi, henteu
digunakeun pikeun komunikasi sosial. Jaman Karajaan
Galuh jeung Karajaan Sunda, prasasti jeung naskah
ditulis ngagunakeun dua basa jeung dua aksara, nya éta
basa jeung aksara Sunda kuna sarta basa jeung aksara
Jawa kuna. Basa Sunda resmi diaku salaku basa nu
madeg mandiri ti mimiti taun 1841, dicirikan ku ayana
(terbitna) kamus basa Sunda nu munggaran (kamus basa
Belanda-Melayu dan Sunda). Kamus éta diterbitkeun di
Amsterdam, disusun ku T. Roorda, Sarjana basa timur,
sedengkeun kandaga kecapna mah dikumpulkeun ku De Wilde. Tuluy Roorda ngajieun
pernyataan : Tulisan déngdékIeu kamus aya mangpaatna, hususna ngarah leuwih apal kana basa
anu nepi ka ayeuna kurangna pangaweruh jeung teu sampurna, basa anu dipaké di wewengkon
Jawa wilayah barat (kulon), ku masarakat di dinya mah sok disebut Sunda atawa Sundalanden,
basa nu dipaké di wilayah timur, béda jeung basa Jawa jeung Melayu, nya éta basa anu dipaké
ku urang dengeun di kepulauan Hindia Timur. Basa Sunda salaku basa anu digunakeun dina
pakumbuhan masyarakat, miboga sababaraha dialék gumantung daérahna, kayaning dialék
Banten, Bogor, Parahyangan, jeung Cirebon. Alatan kitu, basa Sunda ogé mibanda basa anu
maneuh dina hartian basa lulugu minangka basa penganteur atawa basa nu baku dina pengajaran
atawa dina pakumbuhan nya éta basa nu aya di wilayah Priangan utamanya Bandung. Dina basa
sunda aya anu disebut undak-usuk basa anu mangrupa padodan pikeun basa masarakat sunda.
Undak-Usuk basa Sunda gumelar antara abad ka-18 atawa 19 nalika datang pangaruh politik
Mataram jeung pengaruh ti basa Jawa Kuna. Dina jaman harita, jaman urang dijajah Walanda,
mémang dina pakumbuhan urang Sunda (cara pakumbuhan sakumna urang Indonesia) aya panta-
panta sosial. Dalah kalungguhan masing-masing jalma ogé béda-béda nurutkeun hukum, da aya
hukum anu khusus jang urang Walanda katut urang Barat, aya hukum husus pikeun utang Timur
asing (Cina, Arab, Keling jsté). Ari urang pribumi jadi dadampar panghandapna. Tapi ku
lantaran jumlahna pangréana, masih kénéh dibagi-bagi deui kana panta-panta: ménak, santana,
somah atawa cacah kuricakan. Undak-usuk basa anu dijieun jeung diajarkeun dina abad ka-19
nepi ka awal ka-20, mémang luyu jeung kaayaan masyarakat Sunda harita anu dibagi dina tahap-
tahap sosial. Basa Sunda mibanda alat pikeun nuliskeunana nya éta aksara Sunda, ogé
dieuyeuban ku Undak-Usukna anu digunakeun nalika nyarita anu diluyukeun jeung tempat,
jalma anu diajak nyarita jeung anu dicaritakeunana minangka silih ajénan anatara papadana.
Tétéla geuning basa Sunda téh mangrupa basa anu madeg mandiri, basa anu tumuwuh di
lingkungan masarakat Sunda, basa nu kudu dijaga, kudu diriksa jeung diraksa ku sakumna urang
Sunda minangka salasahiji unsur budaya pikeun ngécéskeun yén “Basa Sunda Jati Diri Urang
Sunda”.
Élmu Pangaweruh Masarakat Sunda
Elmu nya éta kumpulan pangaweruh pikeun ngajawab pasualan dina kahirupan manusa.
Sedengkeun pangaweruh nya éta sakabéh hal anu dipikanyaho ngeunaan objek anu tangtu.
Gunana élmu pangaweruh nya éta pikeun alat dina ngabantu manusa nalika ngaréngsékeun
masalah nu disanghareupan sapopoéna. Teu sakabéh élmu pangaweruh bisa disebut élmu, sabab
élmu mangrupa pangaweruh anu cara meunangkeunna téh kudu nyumponan sarat-sarat kalawan
ngagunakeun metode ilmiah. Élmu mimitina tina pangalaman manusa jeung rengse dina wates
pangalaman manusa. Dina masarakat sunda, aya anu istilah Pamali,Uga, Cacandran, jeung Kili-
kila pikeun sawatara élmu pangaweruh masarahat sunda jaman harita.

'''Pamali''', mangrupa istilah Basa Sunda pikeun ngagambarkeun norma tradisi lokal. Upama
norma éta teu dilaksanakeun, mangka bakal aya balukarna. Dina tradisi filsafat positif, pamali
téh disawang teu asup akal, sabab pamali miboga harti nu teu logis. Tapi dina jihat séjén pamali
disawang pikeun hiji kaarifan lokal nu sabenerna miboga rasionalitasna sorangan nu aya patalina
jeung étika. Dihandap ieu aya conto-conto pamali nu bisa dipercaya ku urang atawa henteu :

 Ulah lila teuing cicing di WC (Rohangan paranti mandi)

Sabab lamun urang lila teuing cicing di WC, mangka fisik urang kaciri leuwih kolot tibatan umur
urang.

 Kabiasaan dahar petis dina waktu peuting

Sabab lamun urang dahar petis dina waktu peuting bakal ngabalukarkeun kateungeunahan haté,
jeung lamun pikeun nu can kawin mah bakal hésé jodo, tapi pikeun nu geus kawin mah bakal
paséa waé.

 Kebiasaan maké baju bari leumpang

Sabab bisa ngabalukarkeun cita-cita urang teu kalaksanakeun.

 Cicing dina lawang panto

Lamun urang cicing dina lawang panto, tangtu urang bakal hésé meunangkeun jodo.

 Mandi dina waktu beurang

Bisa ngabalukarkeun babari kolot.

'''Uga''' jeung wangun séjén nu aya di sakuliah dunya, geus aya ti jaman baheula. Hal ieu
dumasar kana ungakara-ungkara anu aya dina ajaran agama jeung folklor anu aya di unggal
nagara. Dina agama Islam, uga disebut “nubuat” anu eusina mangrupa tujuman pikeun kahirupan
kahareup. Basa uga ditelahkeunana kana omongan anu méré béja piayaeun naon-naon
kangeunahan atawa bancang pakéwuh (kasusahan) di ahir, tapi lain anu bangsa lahir, saperti
kana tangkal cau, jaga bakal jantungan. Ieu jelema jagana bakal diruang; tapi kapakéna uga mah
kanu moal kapanggih, tapi ku pikiran tahayulan jelema tangtu kapangih, ngan teu nyaho di urang
kénéh atawa ku anak incu. Nu matak ari aya nu rada sarupa jeung taksiran sok diaoromongkeun
‘geus tepi ka ugana’ atawa ‘samorong ceuk uga’.

Ari conto-contona omongan baheula: Jaga mah, barudak, sajajalana disaungan. Béh karéta api.
Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat. Béh telegram. Jaga mah, barudak, batu
turun keusik naék. Béh anak somah naék pangkat, anak ménak teu pangkat. Jaga mah, barudak,
ngateuran ka nu digawé gé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angker gawé Béh nu dagang di
pagawéan.

''Cacandran'', nya éta carita luluhur nu ngagambarkeun kaayaan nagara jeung sajabana nu bakal
dialaman, saperti cacandran masarakat sunda numutkeun kolot baheula geus ngomong yén
“Sumedang ngarangrangan, galunggung ngadeg tumenggung, Sukapura ngadaun ngora,
Bandung heurin ku tangtung, Cianjur katalajuran, Ciamis amis ku maneh, Banagara sor ka
tengah ”. Hiji uga anu kawentar di Tatar Sunda. Ari uga teh bisa jadi ramalan atawa prediksi,
tapi, bisa jadi oge panggero pikeun sasadiaan sangkan ulah kajadian atawa ulah kasorang hal
sakumaha anu digambarkeun dina uga. uga anu tadi aya benerna, tapi aya oge teu benerna.
Benerna, kusabab memang kabuktian, ayeuna Bandung heurin ku tangtung. Malah lain wae keur
anu masih hirup (anu masih bisa nangtung) heurin téh, dalah keur anu maot gé di sababaraha
tempat geus heurin kacida. Puluhan taun ka tukang di daerah Cicadas kungsi kajadian aya mayit
dina pasaran anu rek ti imah ka masjid pikeun disholatkeun nepi ka kudu ngajebol hateup jeung
kentengna, Kituna teh sabab lamun eta pasaran dibawa ngaliwatan panto sakumaha ilaharna
moal bisa, da heurin téa jalan kaluar tina panto mah. Anu bener deui: Cianjur. Memang eta
kota/wewengkon ayeuna jadi rada tiiseun. Sababna tangtu kulantaran geus aya jalan tol
Purbaleunyi anu ngabalukarkeun lalar liwat kandaraan Bandung-Jakarta jeung sabalikna leuwih
rame ngaliwatan eta jalan tol tinimbang ngaliwatan Cianjur. Tapi, moal boa, prediksi
"katalanjuran" teh oge pikeun ngingetkeun yen Cianjur bisa wae dicapluk ku DKI Jakarta dina
konsep (anu dipaksakeun) megapolitan téa. ''Kila-Kila'', nya éta totondén ti alam kana naon-naon
anu bakal kajadian ku urang. Jalma-jalma nu hirup tiheula saméméh urang nya éta kolot atawa
karuhun urang leuwih dalit jeung alam. Manusa miara alam nya kitu ogé alam miara manusa.
Nya salah sahijina ku ayana sasatoan anu méré totondén siga kieu téa. Cenah :

 Sora manuk sit uncuing = bakal aya nu maot


 Sora hayam jago lain wayahna = rék aya nu reuneuh
 Sora manuk bueuk tengah peuting = bakal aya wanoja nu lalagasan tapi kakandungan
alias reuneuh tapi acan kawin.
 Sora manuk bebencé = Ceuk cenah lamun ngadéngé sora bebencé di lembur, tanda aya
bangsat keur kukulamprengan neangan palingeun. Urang lembur kudu taki-taki, ulah saré
tibra teuing.
 Aya kukupu hiber di jero imah = rék aya tamu
 Ngimpi newak lauk = rek meunang duit
 Kekenudan panon kenca = rek manggih kasedih
 Kekenudan panon katuhu = rek manggih kabagjaan
 Murag bulu mata = aya nu sono ka urang
 Lamun panas ceuli = aya nu ngomongkeun.

You might also like