You are on page 1of 4

Ngadu Maen Bal

Dihiji kampung aya kampung, ngarana kampung Cikuniang. Di kampung eta teh aya
sakumpulan barudak nu unggal sore sok ulin bola di lapang. Maneh na teh boga ngaran
grup, ngaranna “AIUEO”. Maranehna teh nya eta, Adi, Idin, Udin, Edi, Oman. Barudak eta
teh masih SMA keneh. Tapi sanajan barudak eta teh sok arulin bola wae, lamun masalah
pendidikan siga sakola, belajar, ngerjakeun pr mah poho da maranehna mah getol jeung
rajin.
*****
Enjing-enjing tabuh 6 barudak teh tos ngarumpul di Pos ronda. Kabiasaan barudak di
kampung Cikuniang teh nyaeta ari bade indit sakola sok babarengan, jadi tempat janjian
jang ngumpul di Pos ronda. Barudak tabuh 6.15 teh masih ngarumpul keneh di Pos ronda,
lantaran nungguan si Udin.
Bu Inem:”tos tabuh sakieu can inidt sakola jang?”
Adi:”teu acan bu, nuju ngantosan si Udin.”
Bu Inem:”oh, nya atos atuh, ibu ti payunnya bade ka pasar”
“Muhun bu, mangga” jawab sarerea.
Teu lila Bu Inem indit, si Udin teh datang bari rurusuhan.
Idin:”lila amat si maneh teh din, nanaonan heula si?”
Udin:” tadi milarian sapatu heula, sapeuting abdi teu acan nyiapkeun jang sakola”
Adi:”nya ngges atuh, hayu geura indit bisi kabeurangan”
“hayu...” jawab sarerea
*****
Tabuh 12 beurang barudak tos baralik sakola. Biasana sok ngerjakeun pr heula barudak teh,
sorena karak weh arulin bola. Sangges pasamper-samper, barudak teh kalapangan. Pas di
tengah jalan, jalan nu biasa diliwatan teh becek, belok. Eh si Edi teh tipoleset, lantaran
taneuhna leeur. Eta babaturanna lain na nulungan si Edi, malah nyeungseurikeun, tapi da
akhirna mah ditulungan oge. Barudak ngalanjutkeun deui perjalananna. Akhirna barudak teh
nepi di lapangan. Sihoreng teh babaturan ti kampung Kucrit tos ngantosan di lapangan.
Barudak teh langsung nyamperkeun ka manehna.
Adi:”hapuntennya lila ngantosanna”
Barli:”teu nanaon, hayu ah geura mulai”
“hayu....” jawab sarerea.
Si Barli jeung Adi neangan batu bata jang dijakeun gawang. Parantos aya batuna barudak
pemanasan heula. Pemanasanna dipimpin ku si Adi. Sangges pemanasan teh langsung weh
atur posisi jang ulin bola. Barudak teh ulin ari ulin bola ngan saayana nu datang.
Pas barudak keur arulin bola, ujug-ujug aya jalma nyamperkeun ka arurang. Barudak teh jadi
weh eureun heula ulun bolana.
Idin:” woy eta sahanya? Jigana rek nyamperkeun ka dieu”
Barli:”teu apal atuh abdi ge”
“hoh kunaon eureun ulin bolana?” tanya jalma nu tadi nyamperkeun kadieu
Idin:”hah,heh,huh” si Idin hulang-huleng
“akang kenging ngobrol jeung aranjeun?”
Adi:’ muhun kang, kenging”
Barudak langsung dariuk di deket gawang. Jalma eta teh ngaranna Jajang. Manehna teh
pelatih sepak bola. Pas keur ngaliwat kang Jajang teh nempo aya barudak keur arulin bola,
maneh na teh resep lantaran barudak teh ulin bolana alus, siga pemain bola nu dilatih ku
manehna. Jadi weh manehna langsung nyamperkeun barudak. Kang Jajang nyamperkeun
barudak teh nawarkeun turnamen antar kampung sa-Jawa Barat.
Kang Jajang:” maksud abdi nyamperkeun barudak teh bade nawarkeun turnamen bola sa-
Jawa Barat
Oman:”turnamen? Dimana kang acarana?
Kang Jajang:” acarana di Jakarta, di Stadion Gelora Bung Karno, lamun masalah
palaksanaana 2 bulanan deui”
Oman:” owh kitu kang, kumaha yeuh bade miluan moal? Urang ngagabung weh yu jadi hiji
tim”
Adi:” Man, mending urang badamikeun heula tong rurusuhan teuing”
Kang Jajang:” nya muhun atuh, sok badamikeun heula, ngkin abdi 2 poe deui datang kadieu
jang nariman kaputusan ti barudak. Nya nggeus atuh, abdi bade pamit, sok lanjutkeun deui
ulin bolana. Assalamualaikum”
“waalaikumsalam” jawab sarerea
Parantos kang Jajang mangkat, barudak ngalanjutkeun deui ulin bolana. Tabuh 5 barudak
teh atosan ulin bolana. Pas di jalan barudak teh ngabahas tentang soal tawaran ti kang
Jajang. Di sepanjang jalan si Oman ngoceh weh terus da lantaran maneh na atoh aya
tawaran turnamen. Manehna ngomong wae pokona kudu miluan eta turnamen, soalna kan
can pernah ngiluan turnamen-turnamen kos kitu. Si Edi lansung weh ngomong mending
menta izin heula ka Pak RT, meh bener. Adi jeung Edi nu bade menta izin ka Pak RT ngkin
balik sakola. Teu karasa barudak teh tos nepi di Pos ronda.
Idin:” din awas siah isukan tong telat datang deui kos tadi”
Udin:” muhun tenang weh”
Idin:” mangga atuh sadayana abdi, abdi ti heula”
Tabuh 12 parantos balik sakola, Adi jwung Edi teh bade ka bumi Pak RT rek ngabahas soal
tawaran kamari. Si Adi nyampeur ka si Edi.
Adi:”“Assalamualaikum...”
Edi:”Waalaikumsalam, kunanon di?”
Adi:” maneh teh hilap? Kan ayeuna teh bade ka bumi Pak RT bade nagabahasa soal kamari
tea.”
Edi:” eh muhun nya, abdi teh hilap. Sakedap atuh nya abdi bade ganti acuk heula”
Teu lila, si Edi kaluar. Manehna ngan duaan indit ka bumi Pak RT. Bumi Pak RT rada jauh ti
bumi Edi. Teu lami manehna duaan nepi.
Adi:”assalamualaikum”
Pak RT:”waalaikumsalam, eh aya naon ieu teh? Sok atuh mangga calik heula”
Adi:”jadi kieu pa, kamari teh aya nu nawaran barudak jang miluan turnamen bola di Jakarta,
sakirana bapak ngadukung teu? Barudak teh hayang miluan tapi masih ragu-ragu”
Pak RT:”kira-kira turnamenna iraha?”
Edi:” dua bulanan deui pa”
Adi:” lamun misalna di dukung, siga masalah ongkos, transportasi jeung nu sejenna kumaha
pak?”
Pak RT:”coba ngkin nyieun proposal ka lurah”
Adi:” owh nya muhun atuh pa ari kitu mah, abdi bade pamit heula. Assalamualaikum” Adi
jeung Edi salim ka Pak RT
Parantos eta, Adi jeung Edi ka Pos ronda nyamperkeun babaturan nu lain. Biasana barudak
sok ngarumpul di Pos ronda bari ngobrol. Pas nepi di dinya, manehna langsung ngabahas
soal tadi nu di obrolkeun jeung Pak RT. Manehna nyaritakeun naon wae tadi nu dibahas ku
Pak RT.
Oman:” nya lamun jawaban Pak RT kitu mah, hayu atuh urang miluan turnamen eta”
Idin:” hayu ah, teu sabar isukan euy, mere nyaho ka Kang Jajang”
\

You might also like