You are on page 1of 1

Carpon atawa carita pondok, mangrupakeun karya sastra wangun lancaran atawa prosa.

Carpon
teh kaasup karya sastra wangun prosa modern. Conto karya sastra wangun prosa modern lianna
nyaeta saperti novel. Sedengkeun conto karya sastra wangun prosa buhun nyaeta saperti dongeng
jeung carita wayang. Carpon disebut carita pondok sabab eusi caritana relatif leuwih pondok
umpama dibandingkeun jeung carita nu aya dina novel. Carpon mangrupa carita rekaan anu eusina
bisa carita nyata atawa hayal.
Unsur unsur nu aya dina carpon nyaeta unsur intrinsik jeung unsur ekstrinsik. Unsur-unsur
intrinsik anu aya dina hiji carpon nyaeta tema, latar, galur, tokoh, watak tokoh, amanat, sudut
pandang jeung gaya basa. Dihandap ieu dijentrekeun unsur-unsur intrinsik nu aya dina hiji carpon:
1. Unsur tema, mangrupakeun gagasan, pikiran atawa ide utama anu jadi dasar eusi carita nu
aya dina carpon. Tema mangrupakeun jiwa ti sakabeh bagian carita nu aya dina carpon.
Umpama ditilik tina cara nepikeunana, aya tema anu ditepikeun ku sacara tersurat atawa
sacara jelas jeung ku sacara tersirat atawa sacara samar-samar.
2. Unsur latar, mangrupakeun sagala pitunjuk atawa katerangan anu aya kaitanana jeung
waktu, suasana, ruang, jeung situasi kajadian hiji peristiwa nua aya dina carpon. Aya tilu
unsur anu dianggap poko nu aya dina latar, nyaeta latar waktu, latar tempat, jeung latar
suasana.
3. Unsur galur, mangrupakeun runtuyan carita anu diwangun ku tahapan-tahapan kajadian
anu aya nepi ka ngabentuk hiji carita dina carpon.
4. Unsur tokoh, mangrupakeun jalma-jalma nu dicaritakeun jeung loba mawa peran dina
carpon. Tokoh dibagi jadi tilu rupa, protagonis nyaeta anu jadi tokoh utama, antagonis
nyaeta anu jadi tokoh penentang atawa lawanna tokoh utama, jeung tritagonis nyaeta anu
jadi Penengah antara tokoh utama jeung tokoh lawan.
5. Unsur watak tokoh, mangrupakeun unsur anu ngagambarkeun karakter atawa watak tokoh
nu bisa ditilik tina tilu segi nyaeta : dialog tokoh, penjelasan tokoh sarta penggambaran
fisik tokoh.
6. Unsur amanat, mangrupakeun pasualan, perkara, pesan atawa nasehat anu rek ditepikeun
ku pangarang liwat carpon.
7. Unsur sudut pandang, mangrupakan hiji cara mandang dina ngahadirkeun tokoh-tokoh nu
aya dina carpon ku nempatkan posisi diri pangarang dina hiji posisi anu ditangtukeun.
8. Unsur gaya basa, mangrupakeun hiji teknik dina ngolah basa anu dilakukeun ku pangarang
dina raraga ngahasilkeun carpon anu hirup jeung endah.

Sedengkeun unsur-unsur ekstrinsik nu aya dina carpon nyaeta unsur-unsur ti luar anu mangaruhan
kana eusi carita nu aya dina hiji carpon. Unsur ekstrinsik nu mangaruhan eusi carita nu aya dina
carpon nyaeta saperti nilai budaya, sosial, politik, adat istiadat, jeung agama.

You might also like