Professional Documents
Culture Documents
Khutbah Iedul Fitri 2019 B. Sunda
Khutbah Iedul Fitri 2019 B. Sunda
”MUHASABAH DIRI
TINA HASIL RAMADHAN”
Diterbitkeun Ku :
Seksi Bimas
KEMENTERIAN AGAMA
KANTOR KABUPATEN BANDUNG
2019 M / 1440 H
1
Khutbah Iedul Fitri 1440 H/2019 M
””MUHASABAH DIRI TINA HASIL RAMADHAN
3
Khutbah Iedul Fitri 1440 H/2019 M
Hadirin Rahimakumullah
Atsar atawa tapak tina ibadah shaum
Ramadhan kudu minuhan ati sanubari hiji jalma
muslim supaya leuwih micinta diri, kulawarga,
masyarakat, lingkungan, bangsa oge nagarana. Tapi,
peryogi ditekadkeun,micinta ka Alloh sareng Rasul-
Na kudu saluhureun micinta sagala rupa perkara.
Cinta kana harta banda jeung kahirupan dunya kudu
5
Khutbah Iedul Fitri 1440 H/2019 M
dikurangan lancaran leuwih cinta ka Alloh swt.
Micinta jeung resep sare kudu dikurangan lantaran
leuwih cinta ka Alloh swt. Micinta kana hatra
dikurangan ku cara ngaluarkeun zakat lantaran
leuwin micinta ka Alloh swt. Ku cara ieu manusa bisa
leuwih anteb taqorrub. Lamun geus taqorrub maka
sagala duana bakal makbul ku Alloh swt.
Ajaran Islam ngawajibkeun zakat pikeun
satiap muslim anu mampu supaya diri jeung hartana
suci beresih. Shaum Ramadhan ngarupakeun
pangberesih jiwa. Tangtuna oge, jiwa bakal leuwih
beresih upama dikaluarkeun zakat fitrah. Fungsi
zakat fitrah pikeun ngaberesihkeun nu shaum tina
amal pagawean anu gaplah jeung tina caritaan-
caritaan anu kotor salami shaum. Sadaya agama
ngajarkeun cara ngaberesihkeun diri. Nyakitu deui
ajaran agama Islam ngajarkeun cara beberesih diri
ku rupa rupa cara. Sangkan beresih diri, Islam
marentahkeun supaya sholat 5 waktu. Dina hal ieu,
Rasululah saw ngadawuh yen hiji muslim anu
ngalaksanakeun sholat 5 waktu ibarat di hareupeun
imahna aya walungan anu caina herang, manehna
mandi unggal poe 5 kali sahingga awakna beresih
tina rupa-rupa kokotor.
Shaum Ramadhan oge ngagaduhan fungsi
pikeun meresihan diri tina rupa-rupa kokotor lahir
jeung batin. Rasulullah saw ngadawuh :
6
Khutbah Iedul Fitri 1440 H/2019 M
7
Khutbah Iedul Fitri 1440 H/2019 M
ngalaksanakeun shaum Ramadhan mung 9 kali
Ramadhan. Sakumaha nu kauninga, yuswa
Rasulullah saw 63 taun. Tapi aya kaanehan ngeunaan
fisik Rasulullah saw, anjeunna salami 63 taun teu
damangna mung 2 kali nyaeta kahiji puyeng, anu ka 2
na muriang panas waktos bade pupus. Sigana upama
urang bade milarian jalma anu pang sehatna sa alam
dunya mung Kanjeng Nabi Muhammad Saw.
Rasiah sehatna Kanjeng Nabi Muhammad saw
ku sabab anjeunna ngalaksanakeun 5 prinsip hirup
anu aya dina kabiasaan shaum, nyaeta :
1. Rasulullah saw salamina taliti dina ngajaga
kabersihan.
Kanjeng Nabi Muhammad saw kacida talitina
dina ngajaga kabersihan boh kabersihan badanna,
pakeanna, oge lingkunganna, salaku kabersihan
lahiriyah. Kanjeng nabi nyakitu deui salamina miara
kabersihan batin, kabersihan hate supados
salawasna beresih. Malah saparantos kanjeng nabi
diangkat janten rasul netepkeun, Ath-Thuhuru
Syatrul Iman, yen kabersihan teh sabagian tina iman.
Para ahli kasehatan parantos sapagodos yen miara
atanapi ngajaga kasehatan ngarupakeunsalah sahiji
usaha nyecah tibulna rupa-rupa panyakit. Nyegah
timbilna panyakit leuwih hade tibatan
ngubarannana. Kumargi kitu, pantes kacida upami
8
Khutbah Iedul Fitri 1440 H/2019 M
kanjeng nabi kacida apikna dina soal kabersihan,
anjeunna teu pernah kakeunaan ku panyakit kulit.
Ieu sadaya garupakeun rasiahna ibadah shaum
Romadhon. Ibadah Romadhon teh ngajaga tina rupa-
rupa kokotor lahir jeung batin.
2. Ngabiasakeun Gugah Samemeh Bijil Fajar
Kabiasaan Kanjeng Nabi Muhammad saw
nyaeta sok ngabiasakeun gugahna samemeh kaluar
fajar, ngalatih salirana ku gerakan-gerakan sarta
ngalatih napasna pikeun kasehatan paru-paru.
Panten upami anjeunna teu pernah kakeunaan ku
panyakit menular sapertos TBC sareng sajabina.
Rasulullah gugah kulem kirang langkung tabuh
04.00, tangtosna oge henteu kulem wengi teuing. Hal
ieu nyimpulkeun yen anjeunna tiasa ngatur kulem.
Tapi jaman kiwari ku kamajuan media sosial sareng
teknologi, kahirupan masyarakat condong sare
leuwih peuting sahingga nyababkeun teu bisa sareng
teu biasa hudang waktu fajar, anu otomatis teu
kabagean waktu segerna udara. Pantes upami kiwari
loma manusa anu nurun daya tahan fisikna, loba
geringna batan sehatna. Al-Quranul Karim
nguningakeun hal ieu :
َو َج َعلنَا ألَّي َل ِل َباسا َو َج َعلنَا ألَّنَّ َ َار َم َعاشا
“Kami ngajadikeun peuting pikeun istirahat jeung
beurang pikeun neangan kahirupan“ (QS.An-Naba 10-11)
9
Khutbah Iedul Fitri 1440 H/2019 M
10
Khutbah Iedul Fitri 1440 H/2019 M
4. Optimis Pinuh Pangharepan
Sikep optimis, pinuh pangharepan ngadorong
jiwa kanggo langkung sumanget dina sagala widang
kagiatan. Kanjeng Nabi Muhammad saw parantos
masihan pelajaran ka urang sadaya, anjeunna
salamina optimis pinuh pangharepan jeung tara
pesimis putus harepan. Ieu kabiasaan Rasul
nyababkeun anjeunna tara kenal istilah putus
harepan sahingga manah anjeunna salamina
tengtrem. Katengtreman manah mantenna
nyababkeun bebasn tina sagala rupi panyawat.
Timbulna panyakit alatan manusa ruwet hatena.
Kadang karuwetan hate bisa nimbulkeun panyakit
anu teu bisa diubaran ku rupa-rupa obat lahiriyah
sabab nilik kaayaan fisikna sehat sareng normal.
Obat hate teu aya deui kajaba optimis atanapi pinuh
pangharepan. Ajaran pinuh pangharepan aya dina
didikan shaum Romadhon. Shaum Romadhon
ngadidik manusa sangkan hirup pinuh harepan nyiar
kifayah dunya, sarta soson-soson ibadah pikeun
bekel ka alam akherat.
5. Nebihan Gede Ambek
Hal anu paling penting dina kahirupan,
Rasulullah saw nyontokeun supaya satiap jalma
nebihan sifat gede ambek. Kanjeng nabi salamina
tiasa nguasai diri upami aya piambekeun. Sifat
11
Khutbah Iedul Fitri 1440 H/2019 M
ambek hakekatna ngarupakeun usaha syetan pikeun
nyilakakeun hirup manusa. Tujuan shaum nyaeta
ngahontal darajat taqwa. Ciri jalma taqwa nyaeta
sanggup nahan kaambek dimana ambek jeung gede
hampura ka papada jalma. Hal ieu didawuhkeun ku
Allah swt.
َوأل َك ِظ ِم َْي ألغَيظَ َوأل َعا ِف َْي َع ِن ألنَّ ِاس َوأ َّ ُلِل ُ ِي ُّب أل ُمح ِس ِن َْي
“....jeung anu nahan amarahna, jeung anu
ngahampura ka jalma-jalma, jeung Allah micinta
jalma-jalma anu ngalampahkeun kahadean”. ( QS Ali
Imron 134 ).
Numutkeun panalitian ahli kasehatan,
timbulna panyakit darah tinggi sabab manusa
ngabiasakeun gede ambek. Ngalatih diri sangkan
sabar, sikep tenang, ngawasa rasa kaambek,
sadayana aya dina ibadah shaum Romadhon. Maka
pantes upami Kanjeng Nabi Muhammad saw teu
pernah kakeunaan ku panyawat darah tinggi margi
anjeunna salawasna tara ngabiasakeun gede ambek.
Allahu Akbar 3x Walillahil Hamdu
Hadirin Jamah Iedul Fitri Rahimakumullah
Ngudar sareng cumarios masalah hikmah
shaum Romadhon, kacida jero sareng pinuh ku
hikmahna dina raraga minuhan diri ku amal ibadah.
Seueur pisan hikmah shaum Ramdhon anu tos
12
Khutbah Iedul Fitri 1440 H/2019 M
kapendak ku urang sadaya, tapi seueur oge hikmah-
hikmah sanesna anu teu acan kapendak. Jero sareng
legana hikmah diwajibkeunnana shaum, sami sareng
jero oge legana tujuan diwajibkeunnana ibadah
shaum. Upami disimpulkeun mung janten hiji kecap
nyaeta “Muttaqin”. Pribadi muttaqin minangka
tujuan shaum Romadhon. Nu dipiharep sangkan
manusa janten manusa anu paripurna, manusa anu
utuh, insan kamil, lahir batinna. Manusa anu mampu
ngalaksakeun sagala parentah Alloh swt, tur mampu
oge nebihan sagala rupa larangan sareng
pangharaman Alloh swt.
Taqobbalallahu Minna wa minkum shiyamana
wa shiyamakum. Mudah-mudahan Allah swt nampi
shaum sareng sagala rupi ibadah urang sadaya,
sareng ngalimpahkeun taufik sareng hidayah-Na
sahingga urang sadaya tiasa miara hasil-hasil tina
ibadah shaum. Aamiin
هللا َِل َولَ ُ ُْك ِِف الْ ُق ْرأ ِن الْ َع ِظ ْ ِمي َون َ َف َع ِِن َوا ََِّي ُ ُْك ِب َما ِف ْي ِه ِم َن ُ َََب َرك
َّ ْال ََي ِت َو هِاَّل ْك ِر الْ َح ِك ْ ِمي َوتَ َقبَّ َل ِم ِ هِن َو ِمنْ ُ ُْك ِت َال َوتَ ُه ان َّ ُه ه َُو
الس ِم ْي ُع
.الْ َع ِل ْ ُمي
13
Khutbah Iedul Fitri 1440 H/2019 M
اخلطبة الثانية
َا ُهلل اَ ْك َ َُب َ ،x 7ا ُهلل اَ ْك َ َُب َكب ْ ًِْيا َوالْ َح ْمدُ ِ َّ ِلِل َك ِث ْ ًْي َاو ُس ْب َح َان ِ
هللا
بُ ْك َر ًة َو َا ِص ْي ًالَ .الْ َح ْمدُ ِ َّ ِلِل َّ ِاَّلى َانْ َع َم عَلَ ْينَا ِب ِن ْع َم ٍة َال ُ ُْت َص،
ْل َو َ ُهل َشيْ َك َ ُهل َ ُهل الْ ُم ْ ُ هللا َو ْحدَ ُه َال َ ِ َأ ْشهَدُ َا ْن الَّ ِا َ َهل ِاالَّ ُ
ك َش ْ ٍْي قَ ِد ْي ًرا َو َأ ْشهَدُ َا َّن ُم َح َّمدً ا َع ْبدُ ُه الْ َح ْمدُ َو ََك َن عَ ََل ُ ِ ه
َو َر ُس ْو ُ ُهل الْ َم ْب ُع ْو ُث ِا ََل ََكف َّ ِة النَّ ِاس ب َ ِش ْ ًْيا َون َ ِذ ْي ًراَ .اللَّه َُّم َص ِ هل
ْصا ِب ِه َو َم ْن َو َس ِ ه ْل عَ ََل َس ِ هي ِدَنَ ُم َح َّمدَ ِن الْ ُم ْص َط َفى َوعَ ََل أ آ ِ ِهل َو َا ْ َ
تَ ِب َعه ُْم َِب ْح َس ٍان ِا ََل ي َ ْو ِم الْ َج َزاَ .ا َّماب َ ْعدُ :
هللا لَ َق ْد فَ َاز َم ِن ات َّ َقا ُه فَ َيا َاُّيُّ َاالْ ِ ُم ْس ِل ُم ْو َن ُا ْو ِص ْي ُ ُْك َوا ََِّي َي ِب َت ْق َوى ِ
َاب َم ْن َع َصا ُه .قَا َل تَ َع َاَل ِِف ِك َتا ِب ِه الْ َع ِزْي ِز َأ ُع ْو ُذ َِب َّ ِلِل ِم َن َوخ َ
هللا َو َم َالئِ َكتَ ُه يُ َصل ُّ ْو َن عَ ََل النَّ ِ ِِب الش ْي َط ِان َّالر ِج ْ ِمي :ا َّن َ َّ
ِ
ااَّل ْي َن أ َمنُ ْو َاصل ُّ ْوا عَلَ ْي ِه َو َس ِل ه ُم ْوات َ ْس ِل ْي ًما َ ،اللَّه َُّم َص ِ هل َو َس ِ ه ْل
ََي َاُّيُّ َ َّ ِ
ْصا ِب ِه َا ْ َج ِع ْ َْي أ ِم ْْي ََي َاهلل عَ ََل َس ِ هي ِدَنَ ُم َح َّم ٍد َوعَ ََل أ آ ِ ِهل َو َا ْ َ
ََي َر َّب ال َعا ِمل ْ َْي.
ات ات َوالْ ُم ْؤ ِم ِن ْ َْي َوالْ ُم ْؤ ِمنَ ِ َاللَّه َُّم ا ْغ ِف ْر ِللْ ُم ْس ِل ِم ْ َْي َوالْ ُم ْس ِل َم ِ
ْ َال ْح َيا ِء ِم َّْنُ ْم َو ْ َال ْم َو ِات ِان ََّك َ َِس ْيع قَ ِريْب ُم ِج ْي ُب ادلَّ َع َو ِات َو
14
Khutbah Iedul Fitri 1440 H/2019 M
ااَّلى ه َُو ِع ْص َم ُة اتَ .اللَّهُ َّم َا ْص ِل ْح لَنَا ِديْنَنَ َّ ِ اِض الْ َحا َج ِ ََيقَ ِ َ
َا ْم ِرَنَ َو َا ْص ِل ْح لَنَا ُدنْ َياَنَ ال َّ ِِت ِف ْْيَا َم َع ُاش نَا َو َا ْص ِل ْح لَنَا أ ِخ َرِتنَا
ك خ ْ ٍَْي ال َّ ِِت ِال َ ْْيَا َم َعادَُنَ َاللَّه َُّم ا ْج َع ِل الْ َح َيا َة ِز ََي َد ًة لَنَا ِِف ُ ِ ه
َشَ .اللَّه َُّم ا ْج َع ْل ب َ ْ َْلتَنَا ك َ هٍ َوا ْج َع ِل الْ َم ْو َت َرا َح ًة لَ َنا ِم ْن ُ ِ ه
ِانْدُ ْو ِن ِس َيا َه ِذ ِه ب َ ْ َْل ًة َط ِ هي َب ًة َو َسائِ ِر ِب َال ِد الْ ُم ْس ِل ِم ْ َْي عَا َّم ًة ِان ََّك
ك َش ْ ٍْي قَ ِد ْير َ .ربَّنَا أ ِتنَا ِِف ادلُّ نْ َيا َح َس نَ ًة َو ِِف ْال ِخ َر ِة عَ ََل ُ ِ ه
َح َس نَ ًة َو ِقنَا عَ َذ َاب النَّا ِر َو َا ْد ِخلْنَا الْ َجنَّ َة َم َع ْ َال ْب َر ِار ََي َع ِزْي ُز
ََيغَفَّ ُار ََي َر َّب الْ َعال َ ِم ْ َْي ُ .س ْب َح َان َرب ه َِك َر ِ هب الْ ِع َّز ِة َ ََّعا ي َ ِص ُف ْو َن
َو َس َالم عَ ََل الْ ُم ْر َس ِل ْ َْي َوالْ َح ْمدُ ِ َّ ِلِل َر ِ هب الْ َعالَ ِم ْ َْي .
الس َال ُم عَلَ ْي ُ ُْك َو َر ْ َْح ُة ِ
هللا َوبَ َر ََكتُ ُه . َو َّ
15