You are on page 1of 4

Mang Bén Milih

Carpon. Chinua Achebe

Dina taun sarébu salapan ratus salapan belas, emang diajar jadi jurutulis di Niger
Company, Umuru. Harita mah jadi jurutulis téh lir jadi pandita ayeuna. Bayaranana
dua pound sapuluh sén. Matak pikaseurieun puguh, ngan dua pound sapuluh sén
harita sarua jeung lima puluh pound ayeuna. Da embé gedé gé harita mah opat
shilling. Nu inget téh, pagawé Afrika pangseniorna di pausahaan téh urang Saro dina
sapuluh-tilu belas-empat. Blég wé Gupernur Jenderal cék urang-urang mah. Saperti
umumna nonoman nu maju, sup emang ka Kleub Afrika. Maén ténis jeung bola
sodok. Unggal taun ngayakeun turnamén ngalawan Kleub Éropah. Ngan teu pati
resep kikituan téh. Karesep téh dangsa malem minggu. Wanoja balawiri. Lain wanoja
waw-waw kawas ayeuna di pakotaan, tapi nu rarancunit ieu mah.
Boga sapédah Raleigh anyar, ku batur sok digeroan téh Jolly Ben. Kasohor
atuda, emang téh. Ngan nu jadi cecekelan, rék kukumaha ogé, angger kudu sadar.
Rék nepi ka lelenggakan seuri, ngalulucon, atawa mabok ogé. Cék bapa, barudak
lalaki bangsa urang mah kudu bisa saré, tapi panon sabeulah kudu angger mélétét.
Hamo poho kana pokpokanana. Jadi najan ulukutek ulin, tingcakakak saleuseurian
jeung nu séjén gé, bari gura-gero 'Jolly Ben! Jolly Ben!' angger wéh emang mah
sadar. Wanoja Umuru mah iceus pisan tuda; méméh pok A maranéhna mah geus B.
Kitu nu matak ati-ati téh. Da tara sok nepi ka nuduhkeun jalan ka imah, jeung teu
kungsi ngasaan asakanana lantaran sieun dipélét. Harita, réa kasaksian nonoman nu
nemahan pati alatan awéwé, jadi kapireng waé pokpokan bapa: Kadé, mun
sasalaman ulah kaleuleuwihi. Komo nepi ka semet siku mah.
Nu bisa disebut nenggang téh hiji budak awéwé nu lenjang, enay, bodas lir
uyah, digeroanana téh Margarét. Sakali mangsa, poé Minggu isuk-isuk emang keur
nyetél gramofon, HMV Senior anyar (Da teu percaya atuh kana barang urut mah.
Mun teu boga duit jang meulina mah kajeun bedo; kitu nu jadi cecepengan téh).
Keur nyetél éta rekaman, ngadon bari nangtung sarta ngabulaéh nyeupah. Batur-
batur balawiri, maraké baju alus muru garéja pangdeukeutna. Margarét gé keur
leumpang jeung nu séjén, basa prok paadu teuteup téh. Sué, teu kaburu ngabalieur.
Jadi poé éta kénéh, teu nungguan isuk atawa pagéto, sanggeus bubaran garéja gé
gurujag datang. Pokna, hayang ngajak asup Katolik Roma. Kapanasaran taya
pungkasanana! Margaret Jumbo! Geulis pisan. Ngan lain Margarét nu rék
dicaritakeun ayeuna mah. Nu rék diobrolkeun téh cara mungkas kalakuan emang.
Kajadianana, basa hiji mangsa ngaria-ria datangna Taun Baru kawas ayeuna.
Arengeuh meureun nya, kangaranan Taun Baru sok ngaleuwihan Natal ana sukan-
sukan téh pan. Padahal keur urang-urang mah tanggung bulan. Ngahaeub ka Poé
Natal téh bulan lir paila, béda jeung Taun Baru saku téh apan merekis. Jadi poé éta,
emang muru Kleub.
Mun maranéh ayeuna ngarora jeung sok jumawa mamawa soal nginum,
emang mah sok hayang seuri. Lah kawas nu arapal kana bagbagan inuman. Éta
geuning maranéh mah ana ngaleklek bir sabotol atawa wiski saseloki, tuluy
ngocomang ka mana karep siga nu owah. Peuting éta emang nginum White Horse.
Nu kacipta téh hayang meuntas ti Edinburgh ka London atawa ka tempat séjénna,
ngarah bisa ka gudang White Horse.... Gusti Nu Agung!
Nu jadi cecekelan téh, emang mah tara nguplas-ngoplos inuman. Mun hiji poé
keur pareng nginum wiski, nya wiski nu diinum téh; mun isukanana ngalekik bir éta
téh hartina poé ngabir; teu kungsi dicampuran nu séjenna. Peuting éta emang
nginum White Horse. Geus kaasaan panggang hayam jeung Guinea Gold sakaléng
gé. Kana ngaroko atuh geus manukna harita gé. Eureun ngaroko sotéh bané wé
dokter Jérman nyingsieunan jajantung emang geus lestreng badis pariuk. Dokter-
dokter Jérman téh bangsaning jurig nyiliwuri. Atuda gejos-gejos wéh nyuntik dina
sirah atawa dina beuteung atawa di mana waé sakahayangna. Sok wé geura
tuduhkeun nu karasa nyeri, moal burung gejos disuntik, atuda maranéhna mah moal
natambuh waktu.
Tadi téh keur nyaritakeun naon nya?... Ooh, heueuh, keur notor White Horse,
bari diganda ku hayam panggang... mabok? Taya tina buku rusdina maké kudu
mabok. Can kungsi mabok saumur hirup gé emang mah. Cék bapa, mun embung
mabok nya tuluy wé omongkeun moal mabok. Mun pareng hayang nginum nya
nginum, mun hayang eureun nya eureun. Jadi kira-kira pukul tilu janari ngomong
sorangan, geus cukup semet dieu. Nu matak clak kana Raleigh anyar, dius muru ka
imah, sangkan rinéh ngagolér tadina mah.
Harita jurutulis senior dibui alatan kapanggih maling sababaraha bal balacu,
emang jadi gagantina. Jadi nganjrek téh di pamondokan pausahaan. Nyaraho di
mana ayeuna G. B. Olivant?... Enya, di deukeut walungan Niger. Di dinya pamatuhan
téh. Kabagian dua kamar, dua kamar deui ku nu jaga toko. Tapi satuluyna mah
kaluar, kosong wéh taya pangeusian nu dua kamar deui mah.
Kulutrak muka panto hareup, sup wéh. Jeprét dikonci deui. Cul sapédah dina
kamar kahiji, sup ka kamar saré. Ku payah pisan nénéangan lampu gé. Porosot-
porosot ngalaanan baju, bru ditambrukkeun di tukangeun korsi, blug meubeutkeun
manéh, mani ngageblug siga meubeutkeun kai golondongan kana ranjang beusi.
Gusti Nu Agung, aya awéwé dina pangsaréan. Jol-jol ka Margaret, élingan téh.
Hayang seuri, tuluy disasaran di ditu-di dieu. Nyaan sabeuleugeunjeurna téh. Emang
tuluy waé ngahéhéh, bari pok deui-pok deui iraha asup ka dinya. Manéhna teu
ngomong sakemék gé, ngahéphép wé. Jéngkéleun meureun alatan teu dibawa ka
Kleub, bari emang gigideug basa manéhna nyebutkeun hayang milu téh. Pok téh:
Mun milu ka ditu pasti urang tepung, tapi da tara mamawa sasaha ka Kleub mah. Éta
meureun nu matak ambek téh.
Pok deui nyebutkeun tong ambek, ngan angger ituna jempé waé. Sabulang
béntor, ditanya iraha saré di dinya. Angger teu ngabijilan. Najan emang teu resep aya
awéwé nyimpang ka imah, tapi pan dina saban aturan téh tangtu aya nu
diiwalkeunana. Jadi mun emang nyebutkeun ambek lantaran Margaret peuting
harita aya di kamar emang, pasti bohong. Tuluy wé emang téh ngadon hahah-héhéh,
bari niténan dadana nu rata siga parawan umur genep belas taun atawa paling
banter tujuh belas. Cék ijiran mah, bisa jadi ku lantaran saréna nangkuban.
Ngan barang pel kana buukna, karasa lemes siga buuk urang Eropah mah, teu
katahan seuri téh. Ragamang deui kana buukna. Méh luncat tina pangsaréan, bari
pok téh: “Saha ieu?” Sirah mudigdig ngabeukahan, awak ngagibrig. Gék si awéwé
diuk, dua leungeunna ranggah sangkan emang kana pangsaréan deui; ramo-ramona
ngaramesan. Puguh emang ngejat deui ka tukang, bari pok deui-pok deui nanya
ngaran. Ngan teng kapikir: Naha maké sieun ku awéwé? Rék bulé rék hideung,
angger wé hargana mah sapuluh pence. Jadi pok téh: “Mun kitu, rék dipaksa tah
bangus téh,” bari uyup-ayap nénéangan korék api luhureun méja. Si awéwé meureun
engeuheun. Pokna, “Biko akpakwana oku.”
Pok téh: “Jadi lain urang kulit putih nya. Saha manéh? Ieu korék api rék
dicekéskeun, mun hantem teu daék nyarita”. Korék api téh dikoclak-koclak, keur
nuduhkeun emang téh enyaan. Kawani datang deui, bari nginget-nginget sora éta
awéwé lantaran asa mindeng kapireng.
“Sok atuh ka dieu deui, ku abdi badé dicarioskeun,” kitu nu kapireng téh. Sing
saha waé nu nyebutkeun emang apal kana sorana, tangtu ngabohong. Sorana
halimpu lir gula pasir, ngan teu apal sama sakali. Cekés wéh korék api téh
dihurungkeun.
“Duh hapunten,” kitu pungkasan omonganana téh.
Mun disebutkeun naon-naon nu kajadian satuluyna, atawa cara emang kaluar
ti dinya, céték katebakna. Nu inget téh teu sirikna notog-notogkeun manéh, lumpat
sakalumpat lampét muru imah Matthew. Leungeun duanana dipaké gegedor.
“Saha?” cék nu ti jero.
“Buka,” emang ngogorowok. “Tulungan, buka panto.”
Pok wéh disebutkeun ngaran emang, bari sora téh areutat siga nu beurat.
Rekét pintu méléngé, bray nu nyenyekel pentul korék api dina leungeun katuhuna.
Rumpuyuk, bru wéh, emang ninggang ubin. Pokna, “Gusti teu widi.”
Peuting éta, Gusti Nu Agung ku Anjeun, nu mawa emang ka imah Matthew
Obi, lantaran teu sadar ka mana nya indit atuh. Teu sadar, naha hirup kénéh atawa
geus maot. Matthew nyamahan emang, ku cai. Sanggeus watara jongjongan, pok wéh
malikan sakur kajadianana. Bisa jadi nyaritakeunana ti balik, da mun bener mah
meureun manéhna moal pok deui-pok deui nanya rupa awéwé téa.
“Ti tatadi gé pan disebutkeun teu katingali,” pok téh.
“Kaharti, kadéngé meureun ari sorana mah?”
“Tangtu waé kadéngé mah. Karampa jeung ituna malik ngarampaan.”
“Ngan enya henteuna matak pikasieuneun, sorangan mah teu nyaho,” cék
Matthew.
Bet ku butek cara ngécéskeun téh. Ngan barang mireng kekecapan Matthew,
pangacian téh bisa ngumpul. Teg wéh, emang téh kadatangan Mami Wota, lelembut
nu ngancik di walungan Niger.
Pok deui Matthew nyarita: “éta mah gumantung kana kahayang urang di
dunya. Mun hayang beurat beunghar, tangtu poé ayeuna téh matak mawa sué. Mun
enya anak sajati bapa urang, sok yeuh cekel leungeun kuring.”
Tuluy silicekel leungeun. Pokna, “Bapa urang apan ngipat-ngipatan sangkan
leuwih ngaheulakeun pamajikan katut anak batan nguruskeun kakayaan”.
Tah, mun ayeuna bibi-bibi maranéh matak jéngkél, ku emang sok diomongan:
“Moal disaralahkeun, moal. Da mun wijak mah apan tangtu bakal milih Mami
Wota.” Tuluy tingcarikikik, ngadon sareuri, bari nanya pangna teu milih Mami Wota.
Cék nu pangorana, “Tong salempang, Papa, bakal datang deui Mami Wota téh.
Isukan.” Irihil, irihil wéh, saleuseurian deui.
Tapi da heureuy pan éta mah. Lantaran di mana aya lalaki nu leuwih milih
kakayaan batan anak-anakna? Anging kulit putih owah cara Dr J. M. Stuart-Young.
Oh, can kacaritakeun ka maranéh nya. Dina peutingan emang ngusir Mami Wota,
manéhna muru Dr J. M. Stuart-Young, sodagar kulit putih tuluy jadi nyai-nyaina.
Geus ngadaréngé acan?... Oh enya, manéhna jadi jalma nu beurat beunghar di
sapangeusi ieu nagri. Ngan ku Mami Wota teu meunang kawin. Basa Stuart-Young
maot, cing kumaha? Kabéh harta bandana ragrag ka batur pan. Hadé kitu tuluy
ngagugulung kakayaan? Cing emang nanya. Gusti Nu Agung apan mahing pisan kitu
péta téh.

Carpon “Pilihan Mang Bén” disundakeun ku Atép Kurnia tina “Uncle Ben's Choice”
karya Chinua Achebe, nu dimuat dina buku Girls at War and Other Stories (1972).
Chinua Achebe (1930-2013) téh pangarang, panyajak, jeung kritikus sastra urang
Nigéria. Karya nu pangkosohorna novel Things Fall Apart (1958). Manéhna dilélér
the Man Booker International Prize taun 2007.

You might also like