You are on page 1of 7

HOMÉ INDUSTRI ROTAN PLUMBON

Lamun di nagara maju seperti Jepang motor ogé geus jadi homé industri. Kumaha di
Indonésia? Keur di Indonesia hususna di Cirebon homé industri téh kalolobanna bagerak
dina kerajinan tangan. Kerajinan tangan nu aya di Cirebon memang loba rupana.
Husus di daérah plumbon aya kerajinan anu dikelolana di imah-imah sewangan-
sewangan (homé industri). Bentuk karajinan tangan na téh mangrupa ngokolakeun rotan
(hoe) jadi korsi, meja, rak baju, wadah seuseuheun, kotak maénan budak, wadah
sésérahan kawinan, jrrd.
Saliwatan mah siga nu babari nyien ieu karajinan téh. Sok padahal ieu karajinan téh
memerlikeun kaahlian husus nya éta nganyam hoe geus meunang nyebitan leutik-leutik.
Masarakat satempat kalolobaanan mah nyieun nepi ka jadi bentuk karajinan. Saterusna
disérénkeun ka Bos-bos rotan nu masarkeun ka luar daérah jeung ka luar negeri.
Kurang-kurangna sabaran mah nganyam rotan téh matak seunggah. Rék teu kitu
kumaha tina sapoé jeput téh paling banter meunang opat siki Karanjang. Kitu gé karanjang
nu bentukna laleutik.
Panghasilan tina ieu karajinan téh teu sabaraha. Tapi bisa pikeun nyumponan
pangabutuh sapopoé di éta lingkungan masarakat. Ceuk salah saurang pangrajin tamba
kesel jeung nganggur di imah cenah.

A. Pilih salah sahiji jawaban nu dianggap paling bener!

1. Di Jepang mah nyien motor ogé geus jadi homé industri. Éta kalimah téh aya dina pada
ka …
a. hiji c. tilu
b. dua d. opat
2. Karajinan nu dijieun tina rotan nurutkeun wacana di luhur nya éta, iwal …
a. korsi c. rak baju
b. meja d. asbak
3. Nyienkarajinan tangan tina rotan merlukeun …
a. kaahlian husus c. kabiasaan husus
b. kagiatan husus d. kamonésan husus
4. Tina sapoé jeput pangrajin meunang … karanjang.
a. dua c. opat
b. tilu d. lima
5. Alor sok disebut ogé …
a. plot c. setting
b. adegan d. téma
6. Nu teu kaasup conto kecap pangantét nya éta …
a. ka, tina, kana c. siga, tepi ka, di
b. dina, ti, tina d. téh, mah, sih
7. Di handap seni-seni nu aya di Cirebon, iwal …
a. sintrén c. tari topéng
b. kuda lumping d. beluk
8. Ngajarkeun tembang Sunda ka barudak ayeuna kacida héséna lantaran …
a. barudak ngora loba ulin
b. barudak ngora kurang sumanget kana diajar
c. barudak ngora ayeuna daya juangna kurang
d. barudak ngora jarang gadéngékeun / némbangkeun tembang Sunda
9. Di handap nu teu kaasup kana seni sora nya éta …
a. tembang Sunda c. rampak sekar
b. kawih d. tari topéng
10. Nu dimaksud karangan bahasan téh nya éta …
a. karangan anu eusina medar hiji perkara dumasar kana data jeung pakta nu bisa
dipertanggungjawabkeun.
b. Karangan anu eusina medar hiji perkara dumasar kana biodata jeung kabiasaan nu
bisa dipertanggungjawabkeun.
c. Karangan nu eusina ngabahas hiji carita boh piktip atawa non piktip
d. Karangan nu eusina ngagambarkeun hiji ajadian.
11. Sari tina pedaran karangan bahasan disebut ogé …
a. kacindekan c. pedaran
b. saran d. bubuka
12. Manéhna … sarua ngan ukur tamat SD.
a. ogé c. kieu
b. baé d. heula
13. Bakating ku tunduh … manéhna saré dina korsi.
a. guher c. clak
b. am d. bius
14. Dina pelebah ngalapalkeunana dialog drama kudu dibarengan ku …
a. inprési c. aspirasi
b. ékspresi d. diréksi
15. Kalimah nu caritaanana ngandung harti pabales-bales disebut
a. aktif c. résiprokatif
b. répléksif d. pasif
16. Urang kudu loba … diri dina énggoning nyanghareupan kahirupan.
a. ngaji c. ngajak
b. ngagasab d. ngarang
17. Udin silihsimbeuh jeung baturna di walungan. Éta kalimah téh ngandung kecap …
a. résiprokatif c. éféktif
b. répléksif d. intransitif
18. Ti simkuring hayu urang sasarengan / babarengan beungkeutkeun hijikeun sumanget
urang, pikeun ngamumulé budaya sorangan.
a. panungtungc. pamungkas
b. terahir d. pandeuri
19. Sakitu nu kapihatur tutus langkung kepang halang bobo sapanon carang Sapakan.
Mangrupa bagéan … biantara.
a. bubuka c. panutup
b. eusi d. salam bubuka
20. Ceuk saha di dinya geus euweuh dayang. Kecap dayang ngandung ma’na pényorasi
lantaran….
a. mana dayang baheula leuwih lega tibatan ayeuna.
b. harti dayang baheula sok dilandi ka putri, ayeuna mah ka awewé bangor.
c. harti dayang baheula sok dilandi ka awewé bangor, ayeuna mah ka putri.
d. Harti dayang baheula jeung ayeuna sarua baé.
21. Teu hilap sim kuring ngahaturkeun nuhun ka panata calagara. Nu dimaksud panata
calagara nya éta …
a. pambawa acara c. juri
b. panitia d. sekrétaris
22. Nu Pangheulana ditanyakeun dina ngawawancara tokoh nya éta ngeunaan …
a. jati diri c. pagawéan
b. pendidikan d. karier
23. Pengarang : Yus Rusyana
Penerbit : Depdiknas
Taun terbit : 1980
Judul buku : Gemitan Dalam Pendidikan
Tempat terbit : Bandung
Cara nulis daftara pustaka tina data di luhur nya éta …
a. Rusyana, Yus. Dépdiknas. Gemitan Dalam pendidikan. Bandung. 1980.
b. Yus, Rusyana. 1980. Gemitan Dalam Pendidikan. Dépdiknas : Bandung.
c. Rusyana, Yus. 1980. Gemitan Dalam pendidikan. Dépdiknas : Bandung.
d. Yus, Rusyana. 1980. Gemitan Dalam Pendidikan. Dépdiknas. Bandung.
24. Pilih nu kaasup pungsi tanda kutip!
a. pikeun ngapit kalimah cutatan langsung
b. pikeun pamisah antara ngaran penerbit jeung tempat terbit
c. digunakeun pikeun nungtungan kalimah parentah
d. digunakeun pikeun ngarinci bagean-bagean
25. Mawa budak dina cangkéng istilahna …
a. gandong c. ais
b. nglélék d. gembol
26. Antara lolongkrang kiceup urang pateteup. Harti dénotatif kecap lolongkrang nya éta …
a. tempat anu kosong antara dua barang, tangkal atawa waktu
b. tempat anu heurin usik
c. jalma nu teu bisa ningali
d. panon
27. Asih téh teuing ku wening. Wening hartina …
a. séhat c. bersih
b. kotor d. hérang
28. Sasaruaan sora nu bisa dititénan boh sacara horizontal atawa vertikal dina sajak
disebut …
a. ritma c. irama
b. rima d. asonanasi
29. Irama nu méré kakuatan sarta bisa ngalantarankeun sumanget, atawa sabalikna nu
ngalantarankeun teu sumanget. Turun naek, gancang laun, tarik halonna nu
ngalantarankeun éta puisi/sajak ngeunah kadéngéna disebut …
a. ritma c. skétsa
b. rima d. asonanasi
30. Ngajak ulin Néng Imas mah matak olok duit. Ningali tukang perhiasan hayang
perhiasan, ningali tukang pakean hayang pakéan. Kecap ningali ngandung gaya basa

a. personipikasi c. asonansi
b. répétisi d. asosiasi
31. Berita nu pidanganna leuwih lengkep sarta informasina henteu saharitaeun disebut …
a. spotnéws artikel
b. féatures d. bahasan
32. Kecap kritik téh asalna tina kecap …
a. kritikus c. critik
b. krites d. kritos
33. Maman : “Tos ningal karangan carpon abdi teu acan, Dan!”
Dadan : “Atos sae, mung klimak caritana kirang seru. Upami ahir caritana happy
ending mah resep tah!”
Nu dikritik dina paguneman di luhur téh nya éta …
a. jalan carita dina karangan carpon
b. sétting carita dina karangan carpon
c. palaku carita dina karangan carpon
d. tokoh carita dina karangan carpon
34. Jalma nu teu daék incah jauh ti lembur disebut …
a. kurung manukeun c. batok kohok
b. kurung batok d. batok bulu madu
35. Babasan mah biasana hartina ngandung ma’na …
a. dénotatif c. sabenerna
b. konotatif d. kamus
36. Nulis bewara nu sipatna féatures leuwih … batan nulis spotnéws.
a. gampang c. hese
b. babari d. alus
37. Karajinan tangan atawa naon waé anu dikokolékeunana di imah sok disebut …
a. industri badag c. home industri
b. industri biasa d. industri homé
38. Warna baju téh koneng.
Bi ijoh seuri konéng.
Kecap konéng dina kalimah di luhur ngandung parobahan harti kecap …
a. asosiasi c. asonansi
b. péyorasi d. sinestesia
39. Néng Mila mah budakna amis budi. Kecap amis dina éta kalimah nuduhkeun indra …
a. pangrasa c. pangdéngé
b. paningali d. pangreungeu
40. Uswatun masihan amplop ka nu hajatan. Kecap amplop ngandung parobahan harti
kecap …
a. asosiasi c. asonansi
b. péyorasi d. sinéstésia

41. Conto bagian panutup surat uleman numerenah nyaeta………

a. sakitu wae. Hatur nuhun

b. mugia tiasa janten tinimbangan Bapa

c. kasumpingan sadèrèk kalintang di antosna

d. kirang langkungna mugia ngahampunten

42. Kalimah di handap nu ngagunakeun tanda koma nu merenah nyaèta……


a. Pa Haji meuli jeruk, apel, melon jeung sawo
b. Lanceukna mah bageur tapi, adina mah badeur
c. Jadi manèhna, nu teu bisa dicepeng omongannana tèh?
d. Saur Bapa, “Neng Nurma tèh nuju ka Bandung”.

43. Babasan nu ngandung harti daèkan, nyaèta……..


a. awak sampayeun c. hampang leungeun
b. ngarawu ku siku d. leuleus awak

44. Dina acara paturay tineung kelas XII, Erik jadi wawakil kelas X jeung kelas XI.
Eusi biantara numarenah nyaeta……..
a. Maju terus pantang mundur, sumanget kudu ngagedur, lamun henteu ancur lebur.
b. Hidep ulah eureun sakola tepi kamana wae oge, teruskeun tong loba kakeueung.
c. Wilujeng angkat. Perjuangan masih panjang geusan ngahontal cita-cita anu luhung.
d. Ronjatkeun terus prestasi aranjeun, sangkan kolot sarugemaeun.

45. Ungkara dihandap nu cara nuliskeun aksara gedèna merenah, nyaeta……..


a. Dongèng sasakala curug Parèang tèh geunimg pikareseupeun.
b. Cik atuh solat tèh berjamaah di mesjid
c. Saha nu can kungsi maca majalah Manglè?
d. Alusna mah urang Sunda tèh malahèr Basa Sunda.

46. Cara ngalarapkeun kecap rerencepan numerenah dina kalimah aya dina kalimah…….
a. Pa Haji mah sanajan loba duit ogè tetep waè sok rerencepen.
b. Kulantaran peunteunna kurang nyugemakeun, manehna rerencepan bae
c. Nyunatan budak tèh rèk rerencepan waè, da teu boga waragadna.
d. Boga kadaharan tèh rèk rerencepan wae, da bisi aya numènta

47. Ieu kalimah dihandap ngandung kecap rundayan nu makè rarangkèn hareup para- nyaeta
……….
a. Mangsa katukang mah suluh tèh sok digarang dina paraseuneu.
b. Neundeun parè di leuit tèh baheula mah sok makè sasajèn, disimpenna dina
parasandak.
c. Raja baheula mah saliah ti adil tèh kasohor paramarta.
d. Parapadagang kakilima mangsa kiwari mah henteu tentrem, lantaran sering di rajia.

48. Cik atuh Jang, nyarita tèh ulah……, da matak tunduh nu ngadèngèkeun!
a. ngagelendut b. lancad laer c. ngagerentes d. ngagorocok

49. Teu hadè ngan…… bae, da hirup manusa mah geus aya nu ngatur!
a. humandeuar b. jejebris c. kukulutus d. ngutruk

50. Nonoman sunda mah tibaheula gè, galedè wawanèn. Sipat….. tur teu payaan kacida
dipahingna.
Babasan numerenah pikeun ngalengkepan èta ungkara di luhur nyaèta……..
a. leutik burih b. ceuli lèntaheun c. pondok pikir d. bodas ceuli

You might also like