You are on page 1of 3

Assalamu’alaikum wr.wb.

Alhamdu nu jadi panundung rambu takabur, panyinglar rasa sarakah, panyeuseuh geugeuleuh manah,
nyapukeun iri dengki nu ngancik dina diri, ngaberesihkeun hasud anu nyimbutan wujud sangkan beresih
diri berséka raga teu geuneuk teu meuleukmeuk éstuning caang bulan narawangan jalan gedé sasapuan.

Patali jeung éta, langkung payus urang muji sukur ka yang Agung, muja basa kanu kawasa malah mandar
keuna hampura nu maha jembar.

Rahmat miwah kasalametan mudah-mudahan diséblok deudeuhkeun ka insan pang nyongcolangna


saalam mancapada kanjeng nabi Muhamad SAW. Kapara kulawargina, para sahabatna, tabiin
waltabiatna, malah mandar tur dugi ka urang sadayana umat ahir jaman anu satékah polah nyekel
pageuh saripati Islam. Mudah-mudahan sing kaangken umat ku mantena sarta mudah-mudahan éta
rahmat katut kasalametan sing diéprét parét diémprat ratakeun ka urang sadayana.

Juru saur tatanan basa anu ku simkuring dipihormat, alim ulama, instansi pamaréntahan ti kawit
atasan dugi ka bawahanana, nu gaduh maksad sakulawargi ogé sakulawargi hadirin walhadirot anu sami-
sami ku simkuring dipihormat.

Alahamdulillah dina danget anu mulya ieu urang sadayana tiasa riung mumpulung bongkok ngaroyok
hempak merbayaksa di ieu haplah mubarokah.

Cunduk waktu nu rahayu, ninggang mangsa nu lugina. Kiwari pameungkeut ranggeuy kadeudeuh,
panyangcang simpay kanyaah, tali patri kaasih nu dianti ti bihari, nu didago ti baréto kiwari medal
mangsana.

Salajengna simkuring ngahaturkeun nuhun ka sadayana, réhna simkuring tos dipaparin widi, dipasihan
alas pikeun ngadugikeun maksud nu dikemu ti kapungkur, ngabalakakeun maksad anu diheungheum
tibaheula.

Dina kiceup anu ieu, dina rénghap anu ayeuna. Simkuring keuna ku paripaos, biwir samung leméh suku
samung léngkah, seja nyesepuhan tipihak pangantén pameget.

Dongkapna simkuring miwah rombongan ka ieu tempat ngandung maksad anu kawengku, nyandak
maksad anu kariksa, gaduh niat anu utama seja masrahkeun sababaraha hal:

1. Silaturahmi

Khususna ka nu gaduh maksad umumna ka balaréa kalayan laksana harepan tina ladang silaturahmi,
buah nepangan baraya, sing sugih rizqi jeung pangarti, jembar harta nu manfaat, panjang yuswa nu
barokah.

Salajengna simkuring seja nyuhunkeun dihapunten tisadayana bilih teamah ti rombongan, khususna
simkuring pribadi aya laku lampah nu teu ka ukur aya basa nu teu biasa, rumaos simkuring keuna ku basa
biwir teu di wengku létah teu tulangan, biwir keuna ku jalir janji létah keuna ku salah basa.
2. Silatul wa’di

Simkuring datang ti anggang cunduk ti jauh, tomorojog dongkap ka ieu tempat téh kaayaan ngaleut
ngeungkeuy ngabandaleut, ngepat-ngepat nyatang pinang, sanés suwung tina maksud leupas tina seja,
nanging kagungan maksud menakan maksad seja merik asih nu kamari ngancik, ngudag subaya nu jadi
panyangcang rasa. Nyusul betus bukur catur nu kapungkur, sawala anu baheula, badanten anu tipayun,
badami anu kamari.

Angkatna pun anak téh dijurung ku laku sepuh, dipirig kadang wargi, dipapag kadang baraya tapi sok
sanaos kitu, ieu rombongan téh ngabrulna mah ngabrul nanging teu bari manggul, ngabringna mah
ngabring nanging seueur nu ngaligincing, ngaleutna mah ngaleut nanging teu nanggeuy, ceuk kasarna
mah teu bungkus-bungkus kosong acan.

3. Silatul jasdi (nepungkeun 2 jasad)

Simkuring seja nyanggakeun ieu pun anak dohir sareng batina, tiluhur sausap rambut, ti handap
sausap dampal, ti gigir saligincir cingir, ti hareup sabuleud peureup mangga nyanggakeun.

Nyakitu deui batinna. Pinter sareng bodona, sae miwah awonna nu ngancik dina diri nu tumerep dina
raga pun anak hasil ngatik ngadidik ti leuleutik buruh pitutur tikapungkur, buah pangajar ti baheula éta
ogé sami nyanggakeun.

Atuh pamunut tinu janten sepuh, paneda ti ibu rama. Upami pun anak subur ku bengkung pang
lempengkeun ku pangjeujeuh, upami subur ku renjul pang nyugukeun ku pitutur, upami keuna ku simbut
kedul disaléndang ku horéam dipasieup ku taligeuh, ditambah balangah jeung gagabah pangnoélkeun,
pangnepakeun sing dugikeun ka robih deui.

4. Silatul mal (nepungkeun harta)

Jingjingan anu kajingjing, panggulan anu ka panggul, cacandakan anu kacandak, sasieureun
sabeunyeureun mangga nyanggakeun. Sok sanaos mung alakadarna, sanes badé nyapirakeun kana
maksud ngalalaworakeun kana maksad, nanging ieu mah tawis kaisin, tilam kasono ciri kadeudeuh
sareng katineung, sakali deui hapunten, simkuring ngaraos janten jalmi anu heureut pakeun pungsat
bahan teu tiasa ngabageakeun.

5. Silatulahmi

Sateuacan amit mungkur amit mundur tutup catur wekasan basa ahir carita. Simkuring seja ngémutan
ka pun anak. Jalu anaking, kiwari cunduk waktu medal mangsa, pakait patali, pasini atos ngabukti,
subaya atos nyata, sakedap deui hidep bakal robah kaayaan ngantunkeun jaman lalagasan nuju jaman
rimbitan jaman anu nangtang sabar jeung tawekal. Sing hareupaneun hidep kiwari sanés ukur tanjakan
sajengkal sagara sadeupa.
Perkawis kawajiban sareng tanggung jawab anu kamari ditibakeun ka rama néng Iis sakedap deui bakal
janten kawajiban sarta tanggung jawab hidep, upami kamari kirang tuangna, awon angona eta
mangrupikeun kawajiban ramana, sakedap deui bakal janten kawajiban hidep.

Hidep dangukeun ieu pangwejang, turut ieu piwuruk amanat nu janten sepuh, siapkeun kaimanan tur
kaislaman masing kuat, tanamkeun tabah sabar katut tawekal margi dina rumah tangga mah bagja bakal
datang bingung tangtu cunduk, susah bakal karandapan. Lamun bagja anu datang poma ulah kaleleban,
lamun bingung anu cunduk poma ulah ngarasula, lamun susah anu karandapan omat ulah aral subaha.
Sing bisa narima kana qodo qodar anu kawasa.

Tutup catur pungkasna basa, mudah-mudahan pun anak dina ngambah rumah tangga sing runtut raut
sauyunan, ka cai jadi sa leuwi ka darat jadi salogak, silih asih ku pangarti, silih asah ku pangabisa, silih
asuh ku pangaweruh. Keuna kubasa sakinah mawadah warohmah. Amiiii.

Hapunten anu kasuhun hampura anu kateda, bilih aya saur anu teu ka ukur basa anu teu ka teda, ulah
janten pondok nyogok panjang nyugak, sapatungul sirungan catang supaan gantar kakaitan.

Ahirukalam. Wassalamu’alaikum wr.wr.

You might also like