You are on page 1of 5

BALADA BUDAK SAKOLA ZAMAN AYEUNA

Zaman modern siga kiwari balukarna geus loba mangaruhan kana tingkah laku budak
sakola, contoh kagorengan-kagorengan geus loba di turut ku barudak ayna anu geus teu akur
jeung status na sebagai budak sakola salah sahiji contohna siga budak sakola ayeuna geus di
alajar ngaroko, bobogohan jeung sajabana. Tapi teu saeutik oge budak sakola anu rajin, soleh,
bageur nu bisa ngabagjakeun kolotna.

Ayeuna siswa jeung siswi MTs Bongas bade nyanggakeun drama anu judulna balada
budak sakola zaman ayeuna, wilujeung nongtong.

Adegan Pertama

Ahad : “barudak hayu edek ka warung tea?”


Juned : “atulah teu boga duit euy...”
Joni : “ woles we atulah loba duit mah kamari urang karek ngagadekeun hape yeuh
hahhaha “
Juned : “ hape saha ari maneh nu di gadekeun?”
Joni : “ hape indung urang atuh da apan urang mah teu boga hape hahaha “
Ahad : “ na ari maneh teu boga pikiran hayang kawalat maneh hape kolot di
gadekeun? “
Juned : “ heeh beneur maneh mah belegug joni duh”
Joni : “ apan rek kumaha deui mun urang teu ngagadekeun hp urang moal boga
duit jang udud atuh. Buru edek moal mun moal bae urang rek sorangan we
ahh mayan sabungkus ku sorangan ge wareug komo jeung kopi hideung mah
madep hahaha “
Ahad : “ heeh hayu atuh ah bae da nu dosa mah maneh joni urang mah moal dan
ngan ngasaan hungkul teu milu ngagade ahahha, hayu ned buru ah”
Juned : “ heeh hayu atuh (juned milu bari kapaksa)”
Adegan Kadua
Kodom : “ ning.. ning... aya awewe euy gareulis kitu”
Gining : “ aehh heeh dom euy eta mah si carolin jeung si monika, bentang sakola
urang tea”
Kodom : “ heeh nya bener urang hereuyan tinggali yeuh mamang kodom beraksi”
Gining : “ cing sok cing sok ngan kade mun di cabok tong leweh kos kamari era lah
urang mawana”
Kodom : “ moal atuh ning da kamari mah kesalahan tekhnis sugan teh lain pamajikan
pa ulis boro di hereuyan we”
Gining : “ hahaha heeh atuda boloho nini nini di hereuyan puguh we di cabok hahaha,
sok atuh buru eta kaburu jauh budak awewena”
Kodom : “ siapp lah... ehh neng neng dangukeun aa,
tulas tulis buca baca
eneng geulis aa cintaaa”
Gining : “ hadee hadeee bener” (bari atoh)
Carolin : “ eleuuh si aa eta ngagombal, baleus atuh monik”
Monika : “muhun mangga carolin, yeuh aa dangukeun,
tulas tulis buca baca,
abi geulis aa siga hileud bajra” (monika jeung caroline seuri atoh)
Kodom : “ ehh neng tong kitu k aa teh, yeuh aa gaduh deui dangukeun,
Ka ciparay tuluy ka singaraja
Ngala buncis bari kukudaan
Teu sawios raray aa siga hileud bajra
Tapi punteun acis aa teu kawadahan
Carolin : “ eleuh monik gening si aa eta teh loba duit na”
Monika : “ heeh bener bae olin gopet ge urang ajak kenalan we sugan we urang duaan
di jajanan”
Carolin : “ satuju monik lumayan hayu atuh ahh”
Monika : “ heyy aa punteun nya da tadi mah hereuy, banyol we meh rame hehe”
Carolin : “ muhun aa bieu maha hereuy da saleureusna mah aa duaan teh kararasep
siga artis nu dina sinetron”
Gining : “ tuh da kitu ari awewe mah teu kaop ngadenge duit langsung nyampeurkeun
tadi mah nyebutkeun siga hileud bajra”
Kodom : “ bae lah ning tong loba di pikiran penting mah urang boga kabogoh teu jones
teuing lah era ku barudak”
Gining : “ tapi da heueuh bener nya euy, hayu ah urang ajak jalan-jalan dom”
Kodom : “ heeh hayu, neng hayu ahh bilih bade ngiring jajan sareng aa?”
Monika : “ muhun hayu aa asal abi duaan di jajanan?”
Kodom : “ muhun mangga hoyong naon ge di pang meserkeun”
Adegan Katilu
Onel : “ heuuuaaayy aya ku ngeennaaah hudang sare subuh subuh nya hees deui,
tuluy ngimpi meunang putrii silih ledoot silih lekohh”
Aksan : “ euhh ari si onel balik sakola ka kbogong teh lain ngaji tawa solawatan
ngadon hees jeung jeung hees we”
Ahmad : “ heeh onel maneh teh cik atuh solawatan tawa angaji lain sare weh”
Onel : “ atulah aku lelah setelah seharian menuntut ilmu di sekolah”
Aksan : “ emmmhhh bisa we alesan nateh”
Ahmad : “ heeh buru hudang maneh teh ih”
Onel : “ enya atuh enya heug yeuh kami rek solawatan”
Aksan : “ tah kitu atuh....” ( onel solawatan caritanamah)
Ahmad : “ heup.. heuupp... kela solawatan teh asa aneh?”
Onel : “ haarr na aneh kumaha pan tadi titah solawatan cenah?”
Aksan : “ heeh da solawatan nanahaon eta mah lain solawatan tapi nyanyi lagam
arabbari lirikna ge ngacaprak”
Onel : “ ahh salah wae geus atuh ah reka sare deui we aahhhhh, heeuuaaaaayyyy
aya ku ngenahh”
Ahmad : “ kela kela tong waka sare mending ge anteur kami meli kitab jang engke
ngaji peuting”
Aksan : “ heeh bareng atuh kami ge rek meuli pulpen sakalian, onel hayu milu ke di
jajanan daripada sare mah”
Onel : “ siaapp komandan lah ari rek di jajanan saya mah hayu wae”
Ahmad : “ euh ari si onel beuki kana jajan mah”
Adegan Kaopat
Joni : “ madeuppp pan ned had udud bari ngopi?”
Juned : “ heeh bener joni euy cing sering we nraktir siga kieu lah”
Ahad : “ eta pisan ned cing sering we nraktir”
Joni : “ kalem we salama urang keur loba duit siga kieu mah tong hariwang
hahahaha”
Indung joni datang bari gegeoran
Indung joni : “ jonnn..... joni...... kamana budak teh nginjem hape sakedeng cenah tapi
eweuh balik.... jooonnnn joniiiiiii”
Ahad : “ suuut...suuutt... dengekeun”
Juned : “ naon ari maneh?”
Ahad : “ eta dengekeun sora indung si joni gegeroan?”
Juned : “ aehh heeh joni siah indung maneh gegeroan”
Joni : “ alah siah euy boa rek nanyakeun hape? Buru nyumput buruu” (joni, ahad,
jeung juned nyumput dina tukangeun rungkun)
Indung joni : “ jonn.... joni..... kamana budak teh duh?”
Joni : “suut tong gandeng bisi indung urang apaleun”
Ahad : “ duhh jon ned euy teu kuat”
Juned : “ kunaon ari maneh had?”
Ahad : “ teu kuat urang hayang hituttt.... duuuutttttt ( ahad hitut tarik bari bauuuu)
Indung joni : “ bau naonn iyeu teh nya asa bau kadal kaduruk, tp bauna asa tina tukangeun
rungkun?” ( indung joni ngadekeutan rungkun)
Joni : “ duh maneh mah euy indung urang ngambueun”
Juned : “ heeh atuda bau na siga bau hitut abroha”
Ahad : “ heeh da gempeur kalepasan euy teu ka erem”
Indung joni : “ gening iyeuuu budak bangkawarah teh nyumput didieu, kaluar siah sujang”
Joni : “ ma ampun ma ampuuunnn”
Juned : “ ceu ampun ceu da abi mah diajak hungkul ku joni ceu”
Ahad : “ muhun ceuu tong di wartoskeun ka si bapa jeung ka si ema ceu”
Indung joni : “ ahh buru siah kadieu kaluar, joni mana hape ema?”
Joni : “ ampunn ma teu aya hape nage”
Indung joni : “ na dikamanakeun ari maneh? Apan tadi di ijnem ku maneh?”
Joni : “ di gadekeun maaaa...”
Indung joni : “ astagfirulloh... na dipake meuli naon sateh? Apan ku ema dibere duit jang
jajan mah?
Joni : “ di belikeun udud jeung kopi maaa”
Indung joni : “ na maneh teh sujang gening geus di ajar ngaroko, balik siah bejekuen ka
bapa maneh sena di carekan”
Joni : “ emaaa ampun maaa ampunn”
Indung joni : “ juned ahad maneh ge baralik kaituh bisi dibejakeun k kolot maraneh balik
sakola lain baralik kalah nyumput arudud”
Adegan Kalima
Ahad : “ jon kumaha euy kamari dikumaha ku kolot maneh?”
Joni : “ nya lumayan we pipi rada di galpok ku sendal”
Juned : “ heeh euy urang ge di babauk ku sarengseng ku indung urang, da kamari
indung maneh jon ngabejakeun ka kolot urang”
Ahad : “ ahahaha mamam atuh urang mah teu di kukumaha ngan cenah ulah sakali-
kali deui udud da gening dina tulisan bungkus nage dilarang menjual atau
memberi pada anak dibawah 18 tahun dan perempuan hamil jadi urang moal
udud-udud deui ah sieun geuring”
Juned : “ heeh urang ge moal ah kapok... ehhh kela kela jon itu lain kabogoh maneh
jeung si ahad? si monika jeung si carolin keur jeung saha itu teh?”
Ahad : “ alaahh siah bner jon euy iyeu mah kurang ajar duh kudu di ontrog”
Joni : “ heeh bener euyy sampeurkeun hayu”
Juned : “ hayu jonn...”
Joni : “ hey monik naha maneh ngadeketan si eta hah?
Monika : “ kalem mas joni ini bisa di jelaskan”
Joni : “ alahh teu kudu” ( di lelewe ku juned nyanyi hancur hatiku trus nyanyi bukan
Pilihan)
Monika : “ (nyanyi)
Joni : “ ehh maneh naon maksud na ngahereuyan kabogoh urang?”
Kodom : “ keheula naon da nu ngadekeutan nage awewe didinya lain urang”
Joni : “ ahh maneh loba alesan sok gelut jeung urang”
Aisyah : “ ehhh joni kodom ulah garelutt ihh atuh ihhh bejakeun ka pa guru pekkk”
Joni : “ cicing aisyah tong loba ikut campur kami rek ngabuktikeun saha nu paling
jago disakola iyeu” (deur joni jeung kodom garelut)
Aisyah : “ atuh ihh tong garelut oneell, aksan, ahmadd bantuan iyeu pisahkeun iyeu
aya nu garelut”
Ahmad : “ ehh heup heup tong garelut era jeung babaturan sa sakola garelut”
Joni : “ heeh tah da si kodom nu mimitian ngarebut kabogoh urang mad”
Kodom : “ teuing mad ketang da lain kami nu ngarebut mah tapi tah awewena we
ngadedeketan wae”
Aisyah : “ atuhh ih apan saur pa ustad sareung pa guru ge teu kengeng bobogohan
apan eta teh nyaketan kana zinah ih amit-amit, iyeu deuih istrina monika
carolin kedah inget kana purwadaksi anjeun duaan teh istri teu panteus umur
sakieu tos nyaketan pamegeut, urang teh pan alit keneh angguran mah hayu
urang ngaos cing lereus, sakola cing lereus urang ngabagjakeun oratua urang
sanes bobogohan, da mereun engke ge mun umur urang tos cekap mah
urang ge bakal rumah tanggi janteun teu kedah bobogohan ti ayeuna ngewa
teu panteus katinggal nage”
Aksan : “ leureus pisan saur neng aisyah apan agama urang mah tidak menganjurkan
berpacaran? Trus iyeu nu gelut naon untung na? Ayeuna kangge naon urang
sakola ari masih reseup kana gelut mah? Sok ayna mah damai urang silih
hampura jaga tali silaturahmi urang boh jeung babaturan, dulur tawa
tatangga ulah aya permusuhan pamali etateh”
Onel : “ lereus tah apan ceuk lagu roma irama ge kieu” (onel nyanyi)
Ahmad : “ heup atuh onel maneh mah nyanyi wae leheung mun merdu sora teh siga
bangkong ka dempet oge”
Onel : “ nya ari kami mah ngabejaan we atuh mad euy, jeung sakalian menghibur
meh teu panas teuing”
Aksan : “ enggeus iyeu teh kalah saruana rek garelut deuih duh, tos ayna mah aisyah
ajak monika jeung carolin ka kelas, joni kodom sok sasalaman era ku
masyarakat tuh naringgalieun”
Kodom : “ heeh atuh jon hampura nya sok we ayeuna mah bisi rek jeung neng monika
mah”
Joni : “ enya atuh dom hampura urang ge nya, keun ah abi ge moal bobogohan
deui”
Aksan : “ tah ari geus silih hampura kitu mah hayu ah urang asup ka sakola”
Sakitu carita balada budak sakola zaman ayeuna, hapunteu bilih aya nu kasebat nama
kasabit nami iyeu mung saukur carita, urang candak hikmah jeung pelajaran dina iyeu carita
wasalamualaikum wr.wb

You might also like