You are on page 1of 4

Conto Teks Artikel

Kasenian Daerah Pasundan

Indonésia téh kaasup nagri anu beunghar ku budaya, hususna budaya daérah. Saban sélér bangsa,
anu nyicingan rébuan pulo di Indonesia, mibanda kabudayaan séwang-séwangan. Diantarana,
kasenian daérah.

Naon ari kasenian daérah teh? Tangtu baé kasenian anu lahir sarta hirup di daérah. Ieu kasenian
téh perlu diipuk jeung dimekarkeun lantaran mangrupa banda bangsa anu gedé ajénna. Kasenian
daérah anu hirup, dipikawanoh, tur dipikaresep lain baé ku sélér bangsa anu nyiptakeunana disebut
kasenian nasional. Jadi, kasenian daérah téh mangrupa unsur pangwangun kasenian nasional.

Kasenian jaipong umpamana, ieu kasenian asal Jawa Barat téh geus jadi kasenian nasional. Lain
baé urang Sunda nu mikaresep jaipongan téh, tapi ogé dipikaresep ku sélér bangsa séjén. Ambahan
kamekaranana jelas leuwih lega, lain ngan di tatar Sunda wungkul. Malah, ceuk béja, urang
mancanagara ogé loba nu mikaresep.

Lamun seug ditalungtik, kasenian Sunda téh pohara lobana. Ieu kasenian anu sakitu lobana téh
kiwari nungtut laleungitan. Malah boa hidep mah ngan saukur kungsi ngadéngé ngaranna baé. Ari
pangna terus muguran téh lantaran taya generasi ngora anu neruskeunana. Kanyataan ieu téh puguh
matak pohara handeueulna. Pohara matak prihatinna. Enya, saha nu teu prihatin kaleungitan
kakayaan bangsa anu gedé ajénna?

Urang salaku urang Sunda ulah tepi ka pareumeun obor, atuh saeutikna apal ngaran-ngaranna,
heunteu apal janggélékna ogé. Ku sabab kitu, geura urang tataan, boh kasenian anu masih hirup
boh anu kungsi hirup. Geura urang tataan, diantarana baé, wayang golék, jaipongan, cianjuran,
angklung, calung, kendang penca, beluk, kiliningan, ketuk tilu, kuda lumping, tarawangsa,
sandiwara, réog, longsér, lais, debus, ubrug, ujungan, dombrét, kawih, gending karesmén,
bangbarongan, jeung gondang. Éta téh karék sabagian leutik, dah ceuk béja kasenian Sunda anu
kungsi hirup téh leuwih ti tilu puluh rupana.

Moal boa, di sélér bangsa séjén ogé mibanda kasenian anu kawilang loba sarta geus loba deui nu
paéhna. Lamun ti hiji sélér bangsa, sebut baé, mibanda tilu puluh kasenian, pék kalikeun ku hidep.
Énya maksud téh, kalikeun jeung jumlah sélér bangsa nu aya di Indonésia. Leuh, pohara
beungharna Indonésia téh.
Conto Teks Deskripsi
Babancakan Kaulinan Tradisional

Baheula ari babancakan teh mangrupakeun kaulinan tradisional anu sok dipaenkeun ku barudak.
Babancakan ieu teh cara maenna hampir sarua jeung ucing sumput, ngan babancakan mah
ngagunakeun beubeulahan genteng pikeun nangtukeun sabaraha lila ucing ngabereskeunana jeung
nu lain ucingna nyumput. Biasana kaulinan ieu teh sok dipaenkeun sanggeus balik sakola atawa
sore nepika burit.
Biasana lamun rek babancakan teh, karumpul heula di lapang. Satacan mulai, kudu nyiapkeun alat
-alat saperti beubeulahan genteng jeung batu. Beubeulahan genteng dipake pikeun nangtukeun
sabaraha lila ucing ngabereskeun jeung nu lain ucingna nyumput. Lobana beubeulahan genteng
minimal aya 7, eta beubeulahan teh ditumpuk ka luhur. Batu na mah cekap hiji nu gedena
sakeupeuleun leungeun.
Sanggeus aya ucingna, beubeulahan genteng teh geus ditumpuk ka luhur. Babaturan nu lain ucing
ngalungkeun batu sangkan bisa ngarubuhkeun eta tumpukan genteng. Lamun tumpukan genteng
rubuh, nu jadi ucing kudu ngabereskeun deui jeung nu lain ucing nyarumput ka tempat anu
sakirana aman jeung teu jauh ti lapang.
Sanggeus cape maen babancakan, biasana barudak teh baralik ka imahna masing – masing pikeun
nyiapkeun jeung ngaji ka masjid. Ari alatna mah sok disumputkeun ka tempat nu aman, saperti
dina jukut atawa handapeun tangkal nu aya di deukeut lapang.
Conto Teks Narasi
SDN Malabar

SDN Malabar mangrupakeun panggabungan sakola antara SD Negeri Malabar 1 jeung SD


Negeri Malabar 2 anu aya di Kecamatan Bogor Tengah anu ayeuna diluluguan ku Hj. Siti
Nuryani, S. Pd.
Dina wanci ayeuna muridna aya 400 urang anu kabagi kana 12 rombongan balajar sareng tanaga
pangajarna aya 16 urang. Sakola ieu tos kenging sababaraha prestasi diantawisna juara kahiji
MTQ putra tingkat Kecamatan Bogor Tengah, juara lomba ngawarna gambar tingkat TK/SD,
juara harapan kadua lomba lintas alam, juara katilu lomba estafet putra, juara kahiji bulutangkis
putra UPDT Bogor Tengah Gugus VIII, sareng juara kahiji Futsal BKM terbuka.
Silian prestasi, sakola ieu oge getol ngajarkeun cara hirup sehat ka sadaya muridna sareng
ngalaksanakeun ekstra kulikuler pramuka jeung pencaksilat anu ngalatih kamandirian sareng
ngarojong perkembangan mental siswa.
Conto Teks Eksposisi
Cara Ngadamel Bubur Kacang Hejo

Kacang hejo nyaeta palawija anu kakoncara pisan di nagara tropis, kacang hejo seueur mangpaatna
dina kahirupan sadidinten, salah saiji mangpaat tina kacang hejo nyaeta dijadikeun minangka asal
bahan pangan, margi kacang hejo ngandung protein nabati anu luhur pisan. Di Indonesia, kacang
hejo ayeuna aya di urutan ka-3 pangpentingna saentos kedelai sarta suuk minangka pepelakan
pangan legum.

Siki ti kacang hejo mangrupa bagian penting anu bernilai ekonomi. Biasana siki kacang hejo
dijadikeun bubur anu disebat bubur kacang hejo. Sajaba ti eta, siki kacang hejo oge biasa dianggo
minangka eusi ti jajanan bakpao atawa onde-onde, sedengkeun kanggo kacambah kacang
hejo tiasa dijadikeun sayur. Sajaba ti eta, kacang hejo oge tiasa diolah jadi tipung anu saterusna
dijadikeun mie atawa nu biasa dikenal mie soun.

Lamun nyarios perkawis kacang hejo, tangtos henteu tiasa esot tina bubur kacang hejo. Di manten
bubur kacang hejo ngabogaan rasa anu khas, ngandung protein nabati luhur, ku kituna bubur
kacang hejo sae pisan kanggo kasehatan barudak, dugi ka jalmi dewasa. Ngadamel bubur kacang
hejo teh gampil, margi cara-cara na oge sederhana.

Pami urang bade ngadamel bubur kacang hejo, bahan-bahan anu kudu disiapjeun nyaeta 600 ml
santen kentel, 400 gr kacang hejo, 600 gr gula jawa/gula beureum, 3 lambar daun pandan, 1,5 sdt
uyah, 3,5 ltr cai bersih.

Cara ngadamel bubur kacang hejjo nyaeta, mimiti kumbah kacang hejo nganggo cai bersih, piceun
sadaya sampah kaasup kacang hejo anu ngapung. Margi kacang hejo nu ngapung hartina rusak.
Teras, kulub kacang hejo kalawan 2,5 ltr cai dugi ka ngembang, hipu sarta asak. Saentos eta,
panaskeun gula beureum kalawan 500 ml cai dugi ka ngahiji. Disaring, teras dituangkeun kana
kacang hejo anu tos dikulub tadi. Asupkeun uyah sarta daun pandan dugi ka ngagolak, pami tos
ngagolak, tuangkeun santen. Aduk-aduk lalauanan. Angkat, bubur kacang hejo siap disayogikeun.

Kanggo ngahasilkeun rasa anu langkung variatif, tiasa ditambihan buah nangka atawa cau anu atos
asak, atawa tiasa oge nyampurkeun bubur kacang hejo sareng nu sanes na, margi sadaya na ge
gumantung ka urang saluyu sareng selera masing-masing.

You might also like