You are on page 1of 4

Sagala puji kagungan gusti anu maha suci, shalawat salam mugi salamina di sanggakeun ka kanjeng Nabi

Muhammad SAW katut kulawarga sahabat sareng kasadayana umatna anu mutaba’ah ka anjeuna tug dugi
ka yaumil kiamah.

Sajagad raya umat islam di dunia dinteun ieu nuju ngarasa bungah bahagia kulantaran tos beres
ngalaksanakeun dua kawajiban nyaeta ibadah puasa sareng zakat fitrah.

Saur pidawuh Rasululloh SAW “Pikeun nu puasa aya dua kabungah nyaeta nalika buka sareng nalika
tepang jeung Allah jaga di akherat”

Ayeuna umat islam kudu ngarasa bungah sabab urang tos berhasil ngalakonan puasa dina sabulan lilana,
pamugi wae puasa urang jeung sagala ibadahna di tarima ku Allah SWT.

Allahu Akbar Allahu Akbar Allahu Akbar

Ibadah puasa bisa di tingali tina 4 jihad nyaeta Aqidah, fiqih, etika jeung falsafah.

Kahiji, tina segi Aqidah urang wajib nekadkeun yen puasa teh bagian tina rukun islam anu lima kalawan
di dadasaran ku dawuhan Allah anu nyata jelas tur tandes dina Al-Quran Al-Karim.

Saha wae jalma anu ingkar kana wajibna puasa romadhon berarti murtad, hartosna eta jalma tos kaluar
tina islam, pon nyakitu keneh anu teu puasa di bulan romadhon kalawan ingkar kana wajibna puasa di
hukuman murtad, nukitu lain wae wajib qadho tapi wajib di syahadatkeun deui, lamun henteu syahadat
deui eta jalma di hukuman kafir.

QS Al-Baqarah: 161-162

Hartosna “ saestuna ari jalma anu kafir tur maot dina kaayaan kafir maka eta jalma-jalma teh bakal
meunang la’nat Allah, malaikat jeung sakabeh manusa, maranehna abadi di naraka tur moal meunang
karinganan sarta moal di tingali-tingali acan”

Ancaman dina ayat ieu diantarana di tunjukeun pikeun jalma anu ingkar kana wajibna puasa, kalawan
ancamanana naraka salawasna. Sedengkeun keur jalma anu henteu puasa tanpa uzur bari nekadkeun kana
wajibna puasa, mangka di hukuman jalma durhaka, kalawan wajib tobatna jeung ngodoan dina bulan
sejena.

Kadua, dina segi fiqih, puasa kudu di laksanakeun kalayan akur jeung katantuan hukum diantarana rukun
puasa kudu niat di waktu peuting jeung ngajaga tina sagala rupa anu matak ngabatalkeun dina waktu
beurangna. Sedeungkeun sah na puasa kudu anu beragama islam, mumayyiz (hartina bisa ngabedakeun
antara hade jeung goreng), terus puasa teh kudu suci tina darah hed jeung nifas. Puasa mung wajib keur
jalma nu berakal, baligh jeung mampu ngalaksanakeunana. Sedengkeun keur jalma anu henteu kuat
saperti anu geuring jeung musafir henteu wajib puasana, tapi wajib qado di bulan sejena.

QS Al-Baqarah: 184

Hartosna “puasa dina pirang-pirang poe anu di tangtukeun, saha wae anu teu puasa lantaran geuring
atawa musafir maka qodoan puasana dina poe lain, sedengkeun lamun teu mampu puasa sabab uzur
maka kudu di ganti fidyah anu di pasrahkeun ka jalma miskin anu lobana sa’mud sapoe, jeung saha
jalma anu nyieun kahadean kucara nambahan fidyah maka eta leuwih hade pikeun aranjeun kitu oge
lamun aranjeun pada ngarti”

Katilu, masalah etika dina puasa mangrupakeun pokok pergaulan sapopoe, mun jalma boga etika pasti
bakal di hargaan, tapi ulah mihareup jalma ngahargaan lamun urang heunteu pernah ngahargaan ka batur.

Etika anu puasa atawa anu henteu puasa pada-pada wajib silih ejenan. Keur anu henteu puasa etika na
kudu nutupan yen dirina henteu puasa, ulah sembarangan cuam caem balangdahar dimana wae. Masalah
puasa eta urusan pribadi, rek puasa heug rek henteu oge heug, ngan kahayang teh kudu boga kaera mun
bulan puasa balang dahar sembarangan, paling saetik kudu era ku jalema lamun teu era ku gusti Allah.
Mun teu era ku jalema berarti eta nandakeun yen dina dirina henteu boga iman. Saperti pada umum
jalema anu beda agama, malah sopan keneh non muslim sok ngahargaan sanajan manehna teu puasa.

Sedengkeun keur jalma anu puasa kanu henteu puasa etikana kudu ngelingan, kucara mere nasihat atawa
ngawurukan sangkan urang ngajaga balang dahar sanajan henteu puasa. Sabab penting kacida urang
ngajaga tina penilaian negatif batur terhadap diri urang, sahingga ulah di anggap kubatur urang tara puasa
tara sholat tara ibadah, kajaba mun urang geus henteu bener-bener ngaku kana agama islam. Dina agama
islam aya wacana mun berbuat maksiat bari nyumput eta masih aya kahadean keneh. Tapi lamun nyieun
kagorengan bari terang-terangan nandakeun geus rusak imana. Saur kanjeung Nabi yen era teh bagian tina
iman :

Hartina : “lamun jalma teu boga kaera dina waktu berbuat maksiat berarti eta jalma geus kurang
imanna”

Allahu Akbar Allahu Akbar Allahu Akbar

Pitutur kanjeung Rasulullah SAW anu hartosna : “saha jalma anu ningali pamungkaran di antara anjeun
mangka kudu ngarobah ku leungeuna, mun henteu mampu ku leungeun kudu ngarobah ku letahna, jeung
lamun henteu mampu ku letah kudu ngarobah ku hatena, jeung etateh pang lemahna iman”

Dumasar kana hadist dilihur ngandung harti yen mun aya pamungkaran ulah diantep tapi kudu di
da’wahan sesuai kamampuan masing-masing.

Allahu Akbar 3x

Kaopatna, ari puasa di tingal tina segi falsafah nyaeta terwujudna perobahan sikap mental, moral, spritual,
emosional jeung sosial.

Mental jalma anu puasa kudu tahan uji kudu siap menghadapi sagala rintangan jeung tantangan, kudu
sabar, ulah cengeng ulah epes meer ulah teu kaopan, ulah ngarasa lemah ulah ngarasa minder.

QS Al-Imron: 139

Hartosna: “poma anjeun ulah ngarasa hina ulah ngarasa nalangsa, sedengkeun anjeun teh jalma anu
luhung lamun anjeun tetep jadi jalma anu beriman”
Pidawuh Rasulullah SAW anu hartosna : “ari jalma mu’min anu kuat eta leuwih alus jeung leuwih di
pikacinta ku Allah dari pada mu’min anu lemah, kulantara eta kudu sumanget neangan nu mere manfaat
ka anjeun sarta anjeun ulah ngarasa lemah”

Moral jalma anu puasa kudu leuwih hade, diantarana kudu mampu ngajaga letahna tina nyarita bohong
sumpah palsu, gibah, nyarekan batur jeung sajabana. Sabab ceuk kanjeung Nabi, Allah henteu butuh kana
puasana hamba lamun eta hamba henteu mampu ngajaga tina omongan bohongna, hartina jalma anu
puasa akhlakna kudu leuwih hade, rumah tanggana kudu leuwih tentrem oge barudakna kudu leuwih
soleh.

Secara spritual jalma anu puasa kudu leuwih peka hatena, mampu ngarekam sagala isyarat-isyarat Allah
nu aya dina damelanana, boh damelan anu aya di langit, di bumi, anu aya dina awak atawa anu aya dina
Al-quran.

QS Al-Anfaal: 2

Hartosna: “saestuna ari jalma anu iman dimana disebut jenengan Allah bakal sieun hatena, jeung
dimana dibacakeun ayat-ayat Allah bakal tambah imanna sarta ka Allah tambah tawakkalna”

Secara emosi jalma anu puasa kudu mampu nyengker tina sagala kaambek, kanjeung Nabi midawuh yen
lamun aya jalma ngajak pasea sedengkeun urang keur puasa bejakeun yen urang keur puasa, pon nyakitu
keneh mun aya nu ngambek.

Oge kanjeng Nabi midawuh yen saestuna ari jalmi anu gagah lain anu sok sosorongot tapi jalma anu
gagah mah jalma anu mampu mengendalikeun nafsuna lamun aya kaambeuk.

Allahu Akbar3x

Saterusna jalma anu puasa sacara sosial kudu hade jeung balarea, kudu ngajaga hubungan jeung dulur,
kudu akur jeung batur sakasur, batur sadapur jeung batur salembur.

Utamana daek silaturahmi, gede hampura, jembar manah sarta ulah saruana mun aya jalma anu goreng
adatna.

Kahadean anu paling gede ganjarana di bulan ramadhan nyaeta nulung kanu butuh nalang kanu susah,
sanajan ngan kucarita atawa bahasa.

Pidawuh Rasullullah, “saha jalma nyumponan hajat jalma islam di bulan romadhon mangka Allah bakal
nyumponan sarebu hajatna dina poe kiyamah”

QS An-Nisa: 85-86

Hartosna “sing saha jalma anu ngabantuan kana hade pasti bakal meunang bagian tina kahadean,
sedengkeun lamun jalma ngabantuan kana goreng pasti bakal meunang kagorengan, saenya na Allah eta
kacida maha kuatna”

Pidawuh Rasulullah anu hartosna yen :


“saestuna Allah SWT salawasna bakal nulungan hambana salami hamba eta masih sok tutulung ka
sasama hambana” (al-hadist)

Dina QS Al-Maidah: 2 saur Allah anu hartosna :

“jeung kudu silih tulung tinulung aranjeun kahadean jeung katakwaan, sarta ulah silih tulung tinulung
aranjeun dina perbuatan dosa jeung permusuhan”

Ibadah puasa kudu mampu ngarobah tina sifat sewang-sewangan kana sifat gotong royong, anu tadina
pedit jadi berehan, anu tadina haseum budi jadi someah.

Tah ieu anu di sebut kasolehan sosial, ulah lebar ku harta da harta mah moal dibawa maot. Urang kudu
ngaberesihan hate tina cinta kana dunya ku cara loba sodaqoh anu ikhlas.

Yu urang titipkeun harta urang titipkeun harta urang supaya nepi ka Allah melalui panti asuhan, pondok
pesantren, mesjid, majlis ta’lim jeung nu sejena malak mandar eta harta jadi syafaat jaga di poe kiamah.

Pamugi puasa urang sing jadi benteng tina sagala bentuk maksiat sarta jadi panyinglar tina penderitaan
dunya akhirat, Amin ya robbal alamin.

You might also like