You are on page 1of 3

BAB II

EUSI
A. Ringkesan Novel
Novel ieu teh nyaritakeun kahirupan dimana masalah ekonomi, rumah tangga
jeung kalakuan jalma dimana geus kalajur ku napsu, eta sabab na novel ieu
lolobana di baca na ku kalangan jalma anu dewasa . sabab nyaritakeun kahirupan
anu umum na sok aya di kahirupan sapopoe .
Novel “Gogoda Ka Nu Ngarora” boga maksud anu hade nyaeta mere conto yen
jalma nu sok ngalajur napsu teh matak cilaka jang manehna tur ka kaluargana . ieu
novel teh nyaritakeun dua lingkungan bangsawan jeung lingkungan rakyat biasa .
Novel “Gogoda Ka Nu Ngarora” nyaritakeun atawa ngalalakonkeun Ujang Kusen,
Nyi Rapiah, jeung Aom Usman . Dina jaman menak sok sewang-sewangan, Aom
Usman hayangeun pisan ka Nyi Rapiah, tapi geus jadi pamajikan Ujang Kusen .
Kusabab hirup dikota loba godaan nana Ujang Kusen mawa Nyi Rapiah hirup di
lereng gunung, Aom Usman nitah Agan Ali anu tukang pukul pajajaran datang ka
imah Ujang Kusen anu digunung sangkan Nyi Rapiah di dekeutan, tuluy Nyi
Rapiah di bawa ka kota, kusabab Nyi Rapiah ge ngarasa teu betah hirup di gunung
Nyi Rapiah ge Ngilu ka Agan Ali .
Timimiti kawin Ujang Kusen jeung Nyi Rapiah geus silih bogoh pisan, tapi
kaayaan Ujang Kusen anu ngan saukur rakyat biasa teu bisa mere leuwih ka Nyi
Rapiah, nepika Nyi Rapiah pirak jeung Ujang Kusen, Ujang Kusen sabar ningali
pamajikan na di goda ku Aom Usman .
Aom Usman anu eunggeus megatkeun Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen, tuluy Nyi
Rapiah di wayuh, Aom Usman kawin deui jeung anu sadarajat jeung manehna
nyaeta Agan Suriningrat, lantaran kolot Aom Usman teu satuju lamun Aom Usman
teu kawin jeung Anu Sadarajat . ari siujang kusen mah prustasi lantaran ninggali
nyirapiah dikawin ku aom usman, ujang kusen tidinya sok gunta ganti pamajikan,
lantaran ngarasa eweuh nu leuwih ti nyirapiah, ujang kusen sok judi, mabok,
pokonama beda jeung ujang kusen basa jadi pamajikan nyi rapiah, ahirna ujang
kusen dibuang kasurabaya kusabab dituding maling duit, duit eta teh di pake jang
judi deui .

B. Analisis Novel
1. Identitas Buku
• Judul buku : Gogoda Ka Nu Ngarora
• Pangarang : M. A. Salmun
• Penerbit : Pusaka Sunda
• Taun terbit : 1966
• Didigitalkeun : 24 Februari 2009
• Kandel buku : 224 kaca
2. Tema
Tema nyaeta gagasan atawa ide pokok anu jadi dumasar hiji carita, atawa
mangrupakeun pokok caritaan dina hiji carita. Dina novel ieu temana nyaeta
masalah – masalah dina kahirupan.
3. Latar
Latar nyaeta tempat, waktu atawa suasana anu dicaritakeun dina hiji carita. Dina
novel ieu latarna nyaeta :
• Latar tempat :
Di hiji daerah di Surabaya, Dirompok Haji Abdul Rauf, Dirompok Aom Usman,
Dirompokna Nyi Rapiah sareng Udjang Kusen, Ditempat pernikahan.
• Latar waktu :
Sadaya latar waktu nyaeta isuk, beurang, sore, peuting.
• Latar suasana :
Tegang, resep, sedih, bahagia, ngamuk, reueus, hariwang.
4. Galur
Galur nyaeta runtuyan kajadian anu aya dina hiji carita anu patali jeung unsur
sabab akibat. Novel ieu ngagunakeun galur maju, anu tiasa ku urang tingal tina
runtuyan bab anu aya dina buku ieu.
5. Watek
Watek nyaeta sifat anu ngawangun tokoh dina hiji carita, bisa watek lahir atawa
batin. Watek tokoh dina novel ieu nyaeta :
No. Tokoh Watek
1. Nyi Rapiah Mimitina bageur tapi akhirna jadi jalmi anu ngahianatan
2. Udjang Kusen Mimitina sabar, tapi akhirna jadi jalmi anu carana ngendalikeun
3. Aom Usman Gede ambisi, teu konsisten, jeung teu kuat pamadegan.
4. Nyi Dampi Bageur

6. Palaku
Palaku nyaeta, tokoh anu ngalakonan atawa anu dilalakon dina carita. Dina novel,
umumna palakuna na teh manusa biasa, beda jeung dina dongeng, carita, pantun
atanapi wawacan, palakuna teh makhluk gaib, sabangsaning jin, jeung sasatoan anu
bisa ngomong. Watek nyaeta sifat anu ngawangun tokoh dina hiji carita, bisa
watek lahir atawa batin.
Dina novel ieu, palakuna nyaeta :
• Nyi Rupiah ( tokoh utama awewe )
• Udjang Kusen (tokoh utama lalaki )
• Aom Usman (Pameran Sampingan )
• Nyi Dampi (Pameran Sampingan )
• Hadi Abdul Raup (Pameran Sampingan )
• Nyi Hadji (Pameran Sampingan )
• Abdullah (Pameran Sampingan )
7. Pesen Moral Anu Hade Dina Novel
• Urang dilarang ingkar atawa khianat ka kapercayaan atawa amanat ti batur
• Manusia kudu sabar
• Urang teu meunang maksakeun kahayang urang lamun kaayaan urang teu
ngijinkeun
• Suami istri kudu saling percaya jeung ngahargaan.
8. Hal Anu Kurang Hade Nu Aya Dina Novel
Ayana gambaran ngeunaan penghianatan, kabohongan, iri hate, dengki, penipuan,
jeung loba deui sifat goreng lainna anu pantesna mah di olah nganggo kata –kata
anu leuwih di saring deui sangkan lemes

You might also like