You are on page 1of 4

Novel Sunda Sandekala karya Godi Suwarna sinopsis dan ulikan strukturnya

RINGKASAN CARITA
Judul : Sandékala
Pangarang : Godi Suwarna
Eusi :

Dina nopel ieu dicaritakeun aya kuncén anu sok ngajaga Surawisésa anu tempatna aya
di Cikawali. Ki kuncén éta ngabogaan incu ngaranna Bagus. Bagus téh digawé jadi Wartawan.
Tapi saenggeus ngawartakeun kasus pejabat korupsi, anu pejabat éta téh dulurna kénéh
pingpinan pausahaan manéhna dipéhaka. Alesanna mah perampingan cenah. Dalah pingpinan
redaksina kalah haré-haré wé sanajan Bagus tepi ka dipecat pisan. Sabab ngarasa teu aman
cicing di Bandung, Agus mulang ka kampung halaman nyaéta Cikawali.
Pandu salah sahiji warga di kampung Surawisésa jeung mahasiswa universitas di
daérah Bandung dekeut jeung budakna pa Camat didinya. Pa Camat Suroto ngaranna. Dewi
budak pa Camat Suroto sarua kuliah di Bandung. Dina hiji waktu, indungna Dewi aya niat rék
nitip béja ka Pandu keur Dewi, tapi kusabab Pandu na geuring jadi henteu bisa nitip bejana.
Panedu kudu istirahat heula saminggu mah ceuk Dokterna.
Bagus maca koran. Panasaran néangan rohang budaya. Tapi angger wé teu kapanggih.
Ari bréh téh, aya poto Sari kira-kira opat ka genep. Sari téh awéwé anu dipikaresep ku Bagus.
Tapi Sari na geus kawin ayeuna mah jeung pa Widagdo anu ngabogaan hotel teuing sabaraha
hiji. Keur ngalamunkeun Sari téh aya Otong ka imahna. Babaturan manéhna baheula, ménta
dibantuan ngamodalan usaha. Bagus anu kakara tas dipehaka boro-boro aya jeung ngamodalan
atuh.
Camat Suroto susulumputan nitah Éman pagawéna sangkan mérékeun amplop ka Nyi
Nani pamajikan kang Dadang anu geulis tur bageur. Pédah budakna Nyi Nani keur geuring
ceuk béja mah.
Pandu rarat-rérét, aya di kamarna kénéh. Indungna ngabéjaan Pandu tadi Akangna
nelepon, naha bet mulang téh teu béja-béja. Pandu ukur seuri maur. Rumasa. Nganjrek di kang
Déa lanceukna di Bandung téh. Ti barang aya gerakan mahasiswa gé manéhna teu mulang-
mulang ka imah lanceukna. Haroréam. Kang Déa na teu panujueun pisan Pandu milu aktif di
kampus téh.
Pandu hulang-huleng deui. Rus-ras ka kang Déa. Lanceukna nu cikal. Lanceuk anu
ngan hiji-hijina. Anu ngabiayaan sakola ti barang bapana maot. Kang Déa téh pagawé pémda
di Bapéda. Beunghar. Tapi sanajan kitu, kasiksa Pandu mah. Da apal éta duitna menang teu
bener.
Kang Dadang salakina Nyi Nani gawéna sok ngojég. Dina hiji poé ditatagih ku kang
Boja. Pajak jalanan cenah mah, mun teu mayar waé motor rék dirampas. Jaba kang Dadang
can mayar salila opat bulan. Balueung deui keur teu boga duit kang Dadang téh. Kang Dadang
balik ka imah ti pangkalan ojég teu kapanggih waé. Bet karérét, aya tungtung amplop
handapeun tumpukan buku. Amplop dibuka. Goréhél, duit eusina téh. Saratus tujuh puluh lima
rébu. Geus lila gé teu kungsi nyekel duit sakitu gedéna kitu.
“ari duit ti saha Nan?” pok na bari némbongkeun duit jeung amplopna.
Nyi Nani ngaranjung pias. Pias pisan.
Kang Dadang terus tatanya éta duit timana asalna. Tapi Nyi Nani na teu ngajawab sakecap-
kecap acan. Tungtungna mah duit dialungkeun kana kasur. Mawur. Manéhna tuluy ngagejlig.
Kaluar. Ugang-uging nyelah motor. Ngaber.
Nagara harénghéng. Hahargaan marahal. Hama, panyakit, cocoba teu eureun-eureun.
Rahayat patingkocéak. Komo geuning Présidén mah. Kalah hayoh anclang-anclangan ka
mancanagara, nyiar anjukeun ka mana-mendi. Jangeung ngeusian saku sorangan jeung bekel
sanak-kadangna paling ogé. Ras deui ka lanceukna. Kumaha teuing mun heug indungna
apaleun. Kapan unggal bulan dibayuan ku kang Déa téh lading tinu kitu pisan. Jadi keuheul.
Keuheul ka lanceukna anu teu weléh-weléh bro-broan. Nyenangkeun indung meren tiditu na
mah. Tapi da kalah ngadorakakeun atuh. Ras deui kapan manéhna nyaho talajak anu jadi
lanceuk, tapi anggeur wé teu bias nanaon geuning. Paméré na teu weléh ditarima. Da butuh téa.
Rumasa.
Dewi balik ti Bandung, sono ka Pandu. Bongan ditelepon teu nyambung waé. Kang
Boja manggihan kang Dadang. Nanya rék iraha mayar pajak ojég. Bari ngancam lamun teu
mayar rék dilaporkeun ka Pulisi.
Isukna, Kang Dadang aya nu ngoroyok jeung nusuk. Pandu jeung Dewi nepungan
Dadang di Pawon. Ku limaan dikoroyok na téh. Tegah peuting, dihareupeun warung kérsen,
basa Dadang rék mulang pisan ka imah. Duka ari saha-sahana mah. Da hésé poék. Ngan nu
puguh mah kang Boja da apal kana sorana.
Pandu, kang Bagus, Dewi, jeung tukang ojég baturna kang dadang rék ngalapor ka
pulisi. Sadatangna dikapolsék, Pandu nyaritakeun kajadian anu nimpa ka kang Dadang.
Dibantuan ku Dewi.
Di imah, Dewi ditanya ku bapana, camat Suroto. Naha bet milu-milu ka kapolsék. Dewi
kalah berontak ka bapana. Kalah sagala diomongkeun. Sagala kagoréngan bapa na. ti mimiti
kebon anu di Panjalu, sawah, imah anu di Ciilat, dewi apal éta téh menang teu bener. Bapana
ambek kabina-bina. Indungna datang. Misahkeun budak jeung bapana anu keur paséa. Dewi
asuk ka kamar nungtungna mah.
Di kampung keur aya unjukrasa. Keukeuh nitah nutup pasar malem. Ditambah deui aya
anu nabrak kang Kodir. Kang kodirna pateuh. Motorna mha ancur pisan. Untung aya anu
nyaksian. Kang Boja jeung si junéd anu nabrakna téh. Jigana mah pa Camat kasigeung pédah
Kodir pangpokalna dina unjukrasa.
Pandu jeung balad-baladna ngarencanakeun rék pawéy, bongan asa sangarenahna waé
pikirna. Jaba kang Boja deui teu daék dipanjarakeun. Keur ngarencana kitu, torojol wé Déwi
dina motor. Dewi mawa béja yén di imah na aya Muspika keur rapat. Aya nu ti Ciamis deui
ceuna mah. Dewi ngintip terus kadéngé yén Pandu, kang Bagus, kang Tisna, kang Zam-zam,
Rahman, kang Didon rék diamankeun.
Didinya, kabéhan bingung rék numput kamana. Kang Bagus ngusulkeun nyumput di
Tabet. Baturna satuju. Kang tisna, kang Didon, Bagus indit langsung ka Tabet. Pandu mulang
heula ka imah barangbawa heula bebekelan. Kabeneran di Tabet na aya Otong pas béh lawang,
asup deui aya ki Kuncén deui didinya téh. Nungtungna saréréa ngumpul di batu tapak.
Isukna, di Alu-alun kacamatan. Tenda-tenda pasar malem dibareleum. Telepon sibuk
di kantor kacamatan, di Koramil, jeung di Kapolsék. Nu ménta bantuan ka Kabupatén halarésé.
Da sakabéh pasukan disiagakeun di Ciamis, di Banjar, jeung di wates Tasik nu sarua keur
harénghéng.
Jalma terus-terusan nambahan. Ngagelek budeureun kantor pulisi. Beuki nyedek ka
jalan, nutup jalan, terus nyedek kana pager bari aréak-éakkan. Aya malédog ku batu, motor
dines digarotong digubragkeun di jalan aspal.sora bedil ngabérébét, sora nu jumerit, sora nu
tingkocéak.
Di Terminal geus teu puguh katénjona. Jalma pasuliwer, nu ti rumah sakit, nu ka rumah
sakit. Pandu geus di hareupeun kantor dikbud. Teu lila aya wé Dewi. Dewi ngajak ka Tabet.
Nungtungna kabéhanna ngumpul di Tabet. Ngan kang Bagus anu can katémbong téh.

Pandu, Dewi, kang Didon néangan kang Bagus ka Cikawali. Tapi teu manggihan. Anu
kapanggih téh ngan ukur notes kang Bagus anus sok biasana dibabawa, baju jeung calana kang
Bagus. Boa kang Bagus di culik kitu pikirna. Maranéhna terus wé lempang.
Bréh, bet aya kang Dadang anu ngajepat dina léléngkahan pisan. Jeung ceu Nani ma
geuning. Getihna rarémbét kamamana. Pandu gogodeg. Leumpangna beuki laun beuki bruh-
bréh kang Bagus bet aya didinya. Kang Bagusna ngabebengkang. Nu beungeut na barengep,nu
getihna ngaberey tina biwir, tina irung, tina ceulina.
Sora gumuruh, sora nu séah, sora nutinggorowok, sora pélor teu eureun-eureun.
Neregteg. Akhirna, Pandu, Dewi, kang Dadang, Nyi Nani, jeung batur-baturna téwas dina
kajadian éta.

You might also like