You are on page 1of 2

Lirik Musikalisasi Puisi Bahasa Sunda

Meureun ieu atos jalan takdirna


Urang sadaya bakal papisah
Teu nanaon abdi mah asal urang sadaya
bakal sarukses, (bakal) sarukses

Tos lami urang babarengan didieu


Suka cita urang jalankeun babarengan
Hayu urang beerjuang ameh sukses engke urang kapayunna, (engke)
kapayunna

- PUISI -
Sobat,..
Kiwari urang bakal papisah
Ninggalkeun kenangan nu tiheula

Gening,
Takdir teu meunang di pungkir,
Kodar teu bisa di singgar

Tapi,..
Najan urang pajauh,
Hate mah tetep dedeuh
Najan urang paanggang,
Hate mah tetep nyongcolang

Jalan kahirupan, sewang sewangan


Anu baris dilakonan,
Teu beunang di nyana nyana,
Teu bisa di naha naha

Mereun nggeus kuduna,


Gurat takdir ti maha kuasa

Reff :
Abdi nganuhunkeun
Ka guru sadaya nu tos ngawulang
Sareng ngawurukan urang sarerea
Jeung miharep urang patepang engke kanggo ka payunna

- PUISI -
Guru,...
Pangabdian, pangorbanan anu tos bapak ibu korbankeun, moal kaetang
Moal kabayar ku ngan saukur ucapan nuhun,
Moal kaganti ku intan jeung berlian,
Moal leungit ku gedena ombak samudera,
Jasa-jasa Ibu Bapak guru,
Tos nyaahkeun hate simkuring

Reff:

Sok widian abdi


Sangkan urang sukses neraskeun sakola

Ngagumbirakeun bapa ibu di bumi


Jeung jalankeun paturay tineung kanggo sakedap wae

You might also like