You are on page 1of 2

PKK Ningkatkeun Darajat Hirup

Assalamu’alaikum wr.wb

Bismillahirrahmanirrahim

Alhamdulillahirrabbil’alamin washolaatu wassalamu alaa asyrofil anbiyaa’i wa’alaa alihi

washohbihi azma’in amma ba’du.

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah swt, numana dina kasempetan

ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Hadirin sadaya anu dimuliakeun ku Allah swt, Tisaprak taun 1972 program PKK

parantos dilaksanakeun di Indonesia. PKK salaku unsur pangwangunan nasional ngagaduhan

misi anu mulya dina nyayogikeun pangrojong pikeun ningkatkeun kualitas kulawarga.

Tujuan program sareng kagiatan PKK pikeun ningkatkeun karaharjaan supados janten

kulawarga nu taqwa ,mandiri, sareng sadar lingkungan. Suasana kulawarga anu makmur kedah

dibuktoskan dina kahirupan kulawarga anu di rojong ku kagunaan kahirupan ekonomi dina

nyumponan kabutuhan hirup.

Hadirin saya, PKK oge ngagaduhan dampak positif sapertos ngawangun silaturahmi,

silih bantu. Di Indonesia aya 10 program PKK anu tos dilaksanakeun antawisna :

1. Ngahargaan sareng ngalaksanakeun pancasila

2. Gotong royong

3. Pangan

4. Sandang

5. Manajemen perumahan

6. Atikan sareng keahlian


7. Kasehatan

8. Kamekaran kahirupan koperasi

9. Kalestarian lingkungan

10. Ngarencanakeun asehatan

Halangan anu kedah diperhatoskeun dina kaayaan ayeuna nyaeta panyimpangan tina norma-

norma moral anu tiasa ngarobih hubungan antawis anggota kulawarga’

Konci pikeun karaharjaan dikulawarga nyaeta kawujudna kaharjaan kulawarga.

Hadirin sadaya, sakitu wae ti sim kuring, Haturnuhun ka sadaya hadirin anu parantos

ngaregepkeun. Hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah kana manah.

Akhirul kalàm, Wabillahitàufik walhidayah Wassalàmu’alaikum Wr. Wb.

You might also like