You are on page 1of 1

“ALAM DUNYA”

Alam dunya geus teu angger


Alam dunya geus paciweuh
Loba jalma anu lieur
Bencana datang ngeureuyeuh
Ka pasantren beuki minder
Nu ma’siat beuki maceuh
Kana solat ngabalieur
Nu ibadah beuki euweuh
Dunya geus tereh kiamat
Alam dunya beuki keu’eung
Hayu gancang geura tobat
Loba jalma nu malaweung
Geura jauhan ma’siat
Nu doraka beuki anteung
Meh bagja dunya aherat
Kana ibadah teu mayeng

Alam dunya beuki ruksak


Nu doraka pabalatak
Pamarentah geus teu mihak
Ka umat islam geus nincak

Alam dunya geus pakewuh


Ku bencana angin puyuh
Loba tangkal anu rubuh
Katut imah ge raruntuh

Alam dunya beuki ancur


Jalma-jalma geus lalacur
Silih hewa’an jeung dulur
Poho kana alam kubur

Alam dunya beuki poek


Geus loba jalma anu fasek
Umat islam silih ledek
Ka ulama wani ngadek

Alam dunya beuki angar


Loba jalma anu sasar
Kana takdir geus teu sadar
Ma’siat di anggap wajar

Alam dunya geus teu ca’ang


Loba beja anu mang-mang
Ngabohong geus teu kapalang
Berita geus nyararimpang

You might also like