You are on page 1of 1

ULANGAN HARIAN 1

Nama : ……………………… Hari/Tanggal : Sabtu, 08 – 09 – 2018


Kelas : VI (enam) Mapel : B. Sunda

I. Pilih salah sahiji jawaban nu benerna!


1. Karangan dina wangun lancaran (prosa) anu ukuranana pondok nyaéta ….
A. dongéng B. carpon C. skétsa D. carita wayang
2. Kecap lého lamun diberé rarangkén jadi ….
A. léhoan B. léléhoan C. ngalého D. lumého
3. Kecap pananya anu gunana pikeun nanyakeun cara atawa kaayaan, nyaéta ….
A. saha B. mana C. naon D. kumaha
4. Hayam disadana kongkorongok.
Kalimah pananya anu cocog keur jawaban di luhur, nyaéta ….
A. Mana anu disadana kongkorongok? C. Sato naon anu disadana kongkorongok?
B. Sabaraha anu disadana kongkorongok? D. Kunaon hayam disadana kongkorongok?
5. Kalimah di handap ieu anu tulisan huruf kapital sareng tanda bacana tos cocog, nyaéta ….
A. Dudi sakelas jeung wandi. C. bapa nembé mulih ti Jakarta!
B. Pang nyandakeun gula? D. Di mana bumina Pa Dédi téh?
II. Euisian titik-titik di handap!
6. Tokoh nu ngalalakon atawa nu dilalakonkeun dina carita disebut ….
7. Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita ….
8. Kecap pananya nu gunana pikeun nanyakeun hal, barang atawa tutuwuhan, nyaéta ….
9. Kecap hiber lamun ditambahan rarangkén tengan jadi ….
10. Nulis ngaran jalma kudu maké huruf ….
III. Jawab kalawan singget!
11. Jieun kalimah maké kecap harésé!
___________________________________________________________________________________
12. Jieun kalimah maké kecap pananya naon sababna!
___________________________________________________________________________________
13. énjing – énjing abdi mios ka sakola
Benerkeun huruf kapital jeung tanda bacana!
___________________________________________________________________________________
14. Jieun kalimah maké kecap sabaraha!
___________________________________________________________________________________
15. pa dédi linggih di désa sukamaju
Benerkeun huruf kapital jeung tanda bacana!
___________________________________________________________________________________

You might also like