You are on page 1of 1

Fikmin #Keukeuh Peuteukeuh#

KARÉK ogé bérés awéh salam, hapé luhureun risbang geus ngirining deui. Aya nu nga-WA. "Pasti Si Éta
deui," gerentes kuring bari ngalaan mukena. Hapé diilo, bener wé sangkaan téh. Hapé dialungkeun ka
luhur bantal. Horéam némbalan. Taya kaéra sakitu geus ditampik sapajodogan gé, angger wé teu kapok-
kapok. Mangkukna mah, kapanggih keur nyérangkeun ti peuntaseun jalan basa rék indit ka kampus. Sebel,
murel hayang utah ningali beungeutna ogé. Geuleuh ku kalakuanana nu pikacuaeun. Hayoh wé nunutur ka
kuring nu sidik embung ngalayanan. Tual-toél cunihin. Sakali mangsa mah maksa hayang cipika-cipiki
sagala. "Embung teuing...!" cékéng téh bari nongtak peupeuteuyanana. Manéhna ukur seuri. Teu ngambek.
Kalahkah murudul rayuan. Pokna, "beuki geulis mun keur ngambék téh, Néng.
Sakapeung mah sok karunya éta gé, dalah dikumaha da haté teu bisa narima. Teu méréan najan ukur
sagurat kawat. Poé kamari kuring bébéja rék kawin. Ngahaja ngarah eureun ngagangguna. Manéhna
tungkul bari nyusutan cimata ku cindung kayasna.

You might also like