You are on page 1of 16

MODUL BASA SUNDA KELAS XI LM0KS 2019/2020

BAB 1
BIANTARA
Biantara nya eta nyarita di hareupeun jalma rea minimal 10 jalma.eusina
diluyukeun jeung kapentingan acarana, anu ngahadiran jeung anu
ngadengekeunana, sarta kalungguhan anu biantarana.
Biantara resmi, suasanana beda, tangtuna wae eusi bintarana oge kudu
resmi, sanajan angger diluyukeun jeung kapentingan acarana, kalungguhan anu
biantaran, katut anu ngahadiranana.
Anu kaasup suasana resmi contona rapat, sidang, upacara agustusan, jeung
acara resmi sejenna. Ari anu teu resmi contona panggung hiburan, tepung taun,
jeung sabangsana.
Biantara teh tangtuna miboga tujuan, diantarana: nepikeun informasi, mere elmu
pangaweruh, mangaruhan, ngajak, promosi jeung sabangsana.
Tehnik-tehnik biantara:
1. Tehnik nalar, nya eta tehnik biantara anu teu ngagunakeun naskah.
2. Tehnik maca, nya eta tehnik biantara anu ngagunakeun naskah
3. Tehnik nyatetkeun inti biantara, nyatetkeun piomongeun atawa hal-hal anu
penting anu rek ditepikeun.
Ditilik tina eusi jeung wangunna biatara teh kabagi jadi 3 bagian,
1. Bubuka
2. Eusi
3. Panutup
Aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun upama biantara
1. Sora
2. Lentong
3. Wirahma
4. Nada
5. Paroman
6. Pasang peta
Hal-hal anu kudu diperhatikeun upama rek biantara:
TAMAN
T= tatag nyaritana
A= aktual temana
M= munel eusina
A= alus basana
N= ngandung wirahma

Ari biantara bisa ngaliwatan sababaraha sarana diantarana:


1. Biantara langsung
2. Biantara ngaliwatan media

Ari jenisna mah:


- Imfromtu
- Ekstemporan (catetan ringkes)
- Manuskrip (maca naskah)
- Memoryter ( nalar)
- Variatif (campuran)

LATIHAN 1
Pek jieun conto naskah biantara sunda, eusina bebas

LATIHAN 2
Jawab patalekan di handap!
1. Dina bagian panutup biantara biasana sok aya ungkara” kumargi kitu,
minangka panutup catur, bobo sapanon carang sapakan, tawakup anu
kasuhun, sareng mugi-mugi aya mangpaatna”.
Cik pek jentrekeun naon harti tina kalimah anu dikandelan di luhur!
2. Jentrekeun naon harti babasan jeung paribasa ieu di handap
a. Sasieureun sabeunyeureun
b. Clik putih clak herang
c. Mapatahan ngojay ka meri
d. Asa kagunturan madu, kaurugan menyan bodas
e. Ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal
BAB 11
SISINDIRAN
Sisindiran teh asalna tina kecap sindir anu ngandung harti omongan atawa
caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung eta, anu disebut sisindiran
dina karya sastra sunda anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun.
Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu rek dikedalkeun teh dibungkus ku
cangkangna.
Wangun sisisndiran kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal
padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Kulantaran kitu, sisindiran
kaasup kana wangun ugeran (puisi).
Upama ditilik tina wangun jeung cara ngebrehkeunana, sisindiran teh
dibagi jadi tilu golongan, nya eta: rarakitan, paparikan jeung wawangsalan.
Upama nilik kana eusina, sisindiran dibagi jadi tilu golongan: silih asih,
piwuruk, jeung sesebred.
1. Rarakitan
Disebut rarakitan lantaran wangunna papak di puhuna, dipapandekeun
kana rakit.
Cirina:
- Diwangun ku cangkang jeung eusi
- Cangkang jeung eusina teh pada papak di puhuna, salian ti eta antara
cangkang jeung eusina kudu sasora sarta murwakanti engang
panungtungna dina unggal padalisan (a-b-a-b)
- Jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Ari jumlah
padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep, satengah
cangkang, satengah eusi
Conto
Batur mah jalan ka Dago (batur 8-o)
Abdi mah rek ka Jatayu (abdi 8-u)
Batur mah mareunang jodo (batur 8-o)
Abdi mah teu payu-payu (abdi 8-u)

Tibeurang melak paria


Pasosore ngala bogo
Tibeurang ngajak pasea
Pasosore nyebut bogoh

Ditilik tina eusina, rarakitan teh aya anu mangrupa:


- Silih asih, eusina nya eta silih asih, cinta jeung birahi
- Piwuruk, eusina nya eta piwuruk, nasehat atawa tuladaneun
- Sesebred, eusina nya lulucon, kritik, jeung tambuh laku

2. Paparikan
Disebut paparikan lantaran sorana anu padeukeut antara cangkang jeung
eusi.
Ciri-cirina:
- Diwangun ku cangkang jeung eusi
- Cangkang jeung eusi teh sorana murwakanti. Antara cangkang jeung
eusi teh kudu sasora (murwakanti) engang panungtungna dina unggal
padalisan (laraswekas). Sarua jeung rarakitan, laraswekas anu aya dina
paparikan oge nya eta laraswekas anu kaselang heula (a-b-a-b)
- Jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Ari jumlah
padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep, satengah
cangkang, satengah eusi
- Jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Ari jumlah
padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep, satengah
cangkang, satengah eusi.
Conto
Cau ambon dikorangan (8-an)
Kanyere kapipir-pipir (8-ir)
Lalaki ambon sorangan (8-an)
Awewe teu mikir-mikir (8-ir)

Meuli sate di Cibogo


Saratus pikeun susuguh
Nyeri hate ku kabogoh
Diputuskeun teu pupuguh
Ditilik tina eusina, paparikan teh aya anu mangrupa:
- Silih asih, eusina nya eta silih asih, cinta jeung birahi
- Piwuruk, eusina nya eta piwuruk, nasehat atawa tuladaneun
- Sesebred, eusina nya lulucon, kritik, jeung tambuh laku

3. Wawangsalan
Wawangsalan teh asalna tina kecap wangsal hartina jawab; angsal hartina
asal; wangsul hartina balik; wangsalan/ wangsal.
Ciri-cirina:
- Diwangun ku cangkang jeung eusi
- Sapadana diwangun ku dua padalisan, padalisan ka hiji cangkang
padalisan kadua eusi. Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang.
- Padalisan kahiji mangrupa gambaran, katerangan atawa pasualan
ngeunaan hiji hal atawa barang anu pieusieunana kudu diteguh dina
padalisan kadua. Eta hal teh nyamuni dina salahsahiji kecap anu aya
dina padalisan kadua.
Conto:
Belut sisit saba darat ( 8 engang)
Kapiraray siang wengi (8 engang)
(oray)

Teu beunang dihurang sawah ( 8 engang)


Teu beunang dipikameumeut( 8 engang)
(simeut)

LATIHAN 1
Pek jieun conto sisindiran masing-masing 3

LATIHAN 2
Naon harti kcap ieu di handap!
- Togmol
- Dipapandekeun
- Nyamunikeun
- Itikurih
- Togmol
LATIHAN 3
Pek jieun conto kalimahna tina sual latihan 2!
BAB III
PANATA ACARA /PANUMBU CATUR
Panumbu catur atawa panata acara teh jalma anu miboga pancen ngatur
jalanna acara sangkan lumangsung kalawan lancar.
Panata acara teh aya dua rupa nya eta panata acara dina hiji acara anu
disebut protokol / MC, aya panata acara dina sawala, rapat jeung sajabana anu
sok disebut panumbu catur / moderator.
Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun upama hayang jadi MC atawa
presenter anu hade, nya eta:
- Vokal
- Lentong jeung wirahma
- Pangaweruh anu jembar
- Ngareka basa
- Surti
- Sikep nu hade
- Mibanda rasa humor

Panumbu catur biasana miboga pancen:


- Nyebutkeun jejer jeung pasualan anu rek disawalakeun
- Nyebutkeun pangjejer katut kasang tukangna, utamana mah anu luyu
jeung jejer anu rek disawalakeun
- Ngatur lumangsungna sawala kalawan tandes, komaraan, bari tetep
ngajenan ka pamilon sawala
- Ngatur saha anu kudu nyarita, jsb. Sangkan sawala lumangsung
kalawan lancar jeung tartib
- Nangtukeun waktu sawala
- Muka jeung mungkas sawala

LATIHAN 1
1. Cik pek tataan istilah naon wae anu aya dina kagiatan sawala teh?
2. Pek jieun conto teks panata acara!
3. Jentrekeun harti kecap ieu di handap!
- Tatahar
- Ngaluuhan
- Kaping
- Jembar
- Nyangkolong
- Teleb
- Enas-enasna
- Ngayayay
- Munel
- Tandes
- Kunyam-kunyem
4. Pek jieun conto kalimahna tina kecap no 3 di luhur!
BAB IV
CARITA PONDOK
Carita pondok mangrupa karangan fiksi dina wangun lancaran, nu kacida
populer jeung dipikaresep lantaran eusina loba nyaritakeun kajadian sapopoe,
basajan jeung ringkes.
Carpon kaasup karya fiksi, hartina nu dicaritakeunana teu kudu enya-enya
kajadian. tapi lolobana nyaritakeun kahirupan sapopoe, jadi sok jigah enya-enya
kajadian.
Luyu jeng sesebutanana, wangunna memang pondok; Kusabab pondok, teu
loba anu dicaritakeunana biasana ukur hiji-dua kajadian; Biasana museur kana
hiji-dua tokoh; tokohna teu rea; malah loba carpon anu tokohna saurang sarta
nyaritakeun hiji kajadian; tempat kajadianana teu loba pundah pindah; eusi carita
na pasti ngabogaan tema sarta pesen atawa amanat nu hayang ditepikeun ku
pangarang.
Keur ngagampangkeun nu disebut pondok teh lantaran rata-rata lamun
dibaca ku satengah jam oge tamat, upama dimuat dina majalah antara tilu nepi ka
10 kaca, dina koran mah leuwih ti sakaca.
Wangun carpon asup kana sastra sunda mangrupa pangaruh tina sastra
Walanda jeung Indonesia. Mimiti hadir dina sastra sunda teh dina majalah
parahiangan ahir taun 1920-an. Kumpulan carpon munggaran dina karya sastra
sunda judulna Dogdog Pangrewong meunang G.S medal dina taun 1930. Ari dina
karya sastra Indonesia mah medalna dina taun 1936 meunang M. Kasim judulna
Teman Duduk.
Lengkah-lengkah diajar ngarang carpon
1. Nangtukeun tema (saripati eusi carita)
2. Nangtukeun tujuan (tujuan anu hayang ditepikeun)
3. Nangtukeun palaku katut karakterna (saha, sabaraha urang, watekna)
4. Nangtukeun latar atawa setting (iraha jeung di mana kajadianana)
5. Nangtukeun galur / plot (runtuyan kajadian)
 Manggalasastra atawa mangkat carita minangka pamuka carita
contona mah kucara ngawanohkeun karakter, tokoh, ngebrehkeun
suasana, waktu jeung tempat.
 Komplikasi (bagian inti carita)
 Resolusi (bagian ahir carita)
 Antasastra (bagian panutup)
6. Nangtukeun puseur implengan / point of view patali jeung cara
nyaritakeun naha make “kuring, manehna, atawa mangnyaritakeun
atawa ngadalang”.
7. Ngajudulan.

LATIHAN 1
Cik pek jieun conto carpon temana bisa anu dipikaresep ku hidep!

LATIHAN 2
Eusian kalimah di handap ieu ku kecap panyambung jeung kecap pangantet anu
merenah!
1. Sanajan......kiamat oge, .........aya belut tandukan
2. Isukan teh poe minggu,...... kuring moal ka sakola......sakola pere
3. ......kuring ......manehna teu tulus indit......Cianjurna teh
4. .......loba anu milu,......alus.....kuring mah.....loba batur pakumaha
5. .......dieu teh, asa.....loba dedengean teu paruguh, lain beuki aman.

LATIHAN 3
Benerkeun ejahanana
1. Rek kakaler rek kakidul oge jig bae, da ayeuna mah geus euweuh
kabeubeurat
2. Dimamana oge ari anu ka sebut di gawe dikantor mah ku du nurut ka na
aturan anu geus di tetepkeun
3. Jalma daratang timana timendi, malah anu timancanagara oge aya, ngadon
tatamba kadieu
4. Kulantaranhargana geus mahal, ayeunamah dilembur kuringoge loba tanah
nudi jual kaurangkota
5. Imah anu disisi jalan mah geus di kontrak kumahasiswaanutiluar kota

LATIHAN 4.
Jenetrekeun hartina!
- Sagawayah
- Dalitna
- Moyan
- Pamoyanan
- Bubuara

LATIHAN 5
Jieun conto kalimahna tina kecap-kecap latihan 4!
BAB V
WARTA
Warta teh hartina mere katerangan atawa beja ngeunaan hiji hal ka balarea
ngaliwatan media massa, boh media citak boh media elektronik.
Warta anu hade nya eta warta anu informasina bisa jadi bahan pangaweruh
keur nu macana atawa keur nu ngadengekeunana. Di antarana dumasar kana
fakta-fakta sarta jelas sumberna.
Salian ti mere beja fungsi warta teh nya eta mangrupa kontrol sosial. Warta
mah diperedih salawasna kudu objektif, netral, teu kacampuran ku opini
(sawangan pamadegan pribadi). Ari anu nulis warta disebut wartawan, jurnalis,
juru warta atawa reporter.
Nilik kana cara nepikeunana warta teh kabagi jadi sababaraha bagian, nya
eta:
1. Straight news atawa warta langsung
2. Depth news nya eta warta anu dipidangkeun sajaba ti nepikeun
peristiwa anu sabenerna, oge sok ditambahan ku informasi sejenna nu
mangrupa fakta.
3. Soft news atawa warta hampang
4. Feature, feature story, investigation news atawa warta kisah anu
dilengkepan ku kasang tukang kajadian tur dipidangkeunana
ngagunakeun gaya basa anu matak nimbulkeun rupa-rupa rasa nu
narima eta warta
5. Reportase (intrpretative news), nya eta ngalaporkeun warta anu
ditambahan ku pamanggih panalungtik jeung sumber tinulis sangkan nu
narima eta warta ngarasa sugema
6. Opinion news nya eta warta anu dilengkepan ku pamadegan nu nulis
kana hiji peristiwa nu keur kajadian.

Prinsip-prinsip nepikeun warta:


1. Prinsip piramida tibalik (miheulakeun hal-hal nu penting / lead dituturkeun
ku body)
2. Prinsip piramida tegak (midanggkeun warta sacara kronologis)
Jenis wangun warta
1. Warta tulis
2. Warta lisan

Eusi jeung adegan warta


Ditilik tina eusina, warta umumna ngandung unsur-unsur anu disebut 5W + 1 H,
nya eta: who (saha), what (naon), why (kunaon), where (di mana), how (kumaha).
Ditilik tina adeganana warta diwangun ku puhu warta (ngebrehkeun inti
atawa poko-poko inti sagemblengna eusi warta) jeung eusi warta (mangrupa
wincikan atawa katerangan tina inti warta anu aya dina bagean puhu warta).

LATIHAN
Cik pek teangan salah sahiji conto warta tina koran, tuluy teangan eusi (lead jeung
body) jeung adeganana!
BAB VI
NOVEL
Novel teh karya rekaan (fiksi) dina wangun prosa. Umumna panjang teu
pondok kawas carpon. Ku sabab panjang galur caritana atawa plot na ge
ngarancabang (Loba). Ku kituna bias midangkeun rupa-rupa tokoh, kajadian,
sarta laluasa medar karakter masing-masing tokohna. Eusina ngindung kana
kajadian sapopoe, jadi teu kawas dongeng sanajan sarua fiksi carita dina novel
mah kaharti ku akal.
Novel munggaran dina karya sastra sunda medal dina taun 1914 judulna
Baruang ka nu ngarora meunang D.K Ardiwinata (sastrawan Walanda taun
1912) ku PT Bale Pustaka
Sedengkeun novel dina karya sastra Indonesia medal dina taun 1920
Judulna Azab dan sengsara karangan merari siregar ku PT Balai Pustaka

Ciri-ciri Novel
1. Wangunna prosa (fiksi) panjang, jauh leuwih panjang batan carpon .
Keur ngagampangkeun, upama dicitak cukup keur sabukueun. Upama
dibaca nepi ka tamat moal cukup satengah jam.
2. Tokohna loba sarta kajadian nu dicaritakeunana bias ngarancabang
(rupa-rupa)
3. Jejer jeung eusina nyaritakeun kahirupan sapopoe

Unsur Intrinsik novel

1. Tema / jejer
2. Palaku
3. Latar
4. Galur
5. Amanat

Pancen
1. Pek baca novel baruang ka nu ngarora!
2. Sebutkeun unsur intrinsikna!
BAB VII
BIOGRAFI JEUNG OTOBIOGRAFI
Biografi teh kaasup karangan narasi, nyaeta karangan anu nyarioskeun
Hiji hal atawa perkara
Biografi nyaeta lalakon kahirupan hiji jelma anu ditulis atawa di
caritakeun ku batur, ciri utamana ngagunakeun kecap anjeunna atawa manehna.
sedengkeun otobiografi nyaeta lalakon kahirupan anu ditulis atawa dicaritakeun
ku sorangan, ciri utamana ngagunakeun kecap kuring atawa simkuring.

Hal-hal nu dianggap penting dina nulis biografi:


1. Tempat jeung tanggal lahirna
2. Indung bapa jeun kulawargana
3. Riwayat pendidikanana
4. Lalakon hirupna nepi ka bisa sukses dina widangna
5. Prestasina
6. Jalma-jalma nu dianggap gede jasana dina milampah karirna
7. Sikepna dina nyanghareupan kahirupan
8. Karesepna, katut hal-hal nu dianggap penting dina lalakon hirupna.

Sedengkeun hal-hal anu dianggap penting dina otobiografi meh teu beda jeung
biografi
1. Tempat jeung tanggal lahir
2. Indung bapa jeung kulawarga
3. Riwayat pendidikan
4. Prestasi hidep di sakola atawa dina widangna
5. Karesep
6. Jalma-jalma anu gede pangaruhna kana kahirupan hidep
7. Bisa oge diwuwuhan ku cita-cita, sikep dina nyanghareupan kahirupan,
sarta hal-hal anu dianggap penting dina kahirupan .
Pancen
1. Pek jieun biografi babaturan hidep!
2. Jieun otobiografi hidep!
BAB VIII
WAWACAN

Wawacan teh asalna tina kecap waca anu hartina maca. Wawacan teh
mangrupa karangan panjang lantaran suasana nu beda-beda tur ngagunakeun
patokan pupuh, lebah midangkeunana sok dibaca heula tuluy ditembangkeun.
Seni maca wawacan disebut ngabeluk / beluk / gaok.
Wawacan teh mangrupa carita anu didangding, ditulis dina wangun puisi
pupuh, wawacan teh mangrupa lalakon atawa carita.
Gelarna wawacan lantaran ayana pangaruh tina sastra jawa, asupna kana
sastra sunda dina mangsa abad ka-19.
Anu nulis wawacan teh diantarana nya eta paramenak jeung para santri
atawa ulama.
Wawacan nu ditulis ku para menak mah ditulisna ngagunakeun aksara
cacarakan sunda-jawa sedengkeun wawacana nu di tulis ku para ulama mah
ngagunakeun aksara arab pegon (eusina mah ngeunaan da’wah).

Pancen
pek baca salahsahiji carita wawacan tuluy caritakeun deui di
hareupeun babaturan!

You might also like