You are on page 1of 1

Ngeuyeuk seureuh

Ngeuyeuk Seureuh nyaéta salah sahiji upacara nu dilaksanakeun sapoé saméméh prung
diistrénan, pangantén awéwé didangdanan, halisna dikerik sangkan bérésih[1]. Anu ngahiasna
nyaéta hiji jalma ahli dina widang huas-hias anu dingaranan tukang hias[1]

Étimologi
Ngeuyeuk téh robahna kecap tina ngaheuyeuk nu hartina nguntun kantéh. [2] Ari seureuh
téh tutuwuhan nu loba gunana, hususna keur wanoja. [2] Matak Ngeuyeuk Seureuh téh kagiatanana
ngarangkep-rangkepkeun daun seureuh tangkayan tuluy digulungkeun jeung ditalian ku
kantéh beureum. [2] Malah aya kabiasaan baheula, lamun jajaka ngungkabkeun rasa katresna ka
wanoja hég dibales ku seureuh salambar ditalian ku kantéh beureum, éta téh tangarana katresna
jajaka ditarima ku wanoja.

Prakprakan Ngeuyeuk Seureuh


Dina waktu nu geus ditangtukeun di rohangan tengah diamparkeun kaén sarung
poléng atawa kasang-jinem,diluhurna diteundeun baki anu eusina seureuh nu masih kénéh
aya gagangan anu geus disusun, kapur seureuh sababaraha bungkus, gambir sababaraha
siki, bako sababaraha hiji, jambé sababaraha hiji anu geus dikacip[1]. Biasana éta kabéh dibawa
ku lalaki nalika seserahan[1].Digigireunana aya hiji lampu cémpor anu tujuh sumbuna, maké minyak
kalapa[1]. Sanajan tibeurang tapi angger éta lampu dipasang[1]. Lian ti éta aya ogé bokor anu
eusina béas dicampurkeun jeung kunir anu geus disiksikan jeung duit récéh[1].

Léngkah-léngkah Anu Kudu Diperhatikeun Nalika Upacara Ngeuyeuk


seureuh

 Bapa jeung indung salaku wawakil ti kolot pangantèn awèwè jeung pangantèn
lalaki babarengan maca sajak pantun anu eusina papatah silih tembalan dina basa sunda[3].
 Talian 5 nyèrè anu disabetkeun lalaunan ka pangantén lalaki jeung pangantén awéwé ku dua
pihak kolot sababaraha kali[3].
 Panganten dititah nyokot duit récéh anu aya dihandapeun samak[3]. Hal ieu boga makna yèn
saha waé anu meunang duit loba hartina manéhna pinter néangan duit[3]. Duit éta dibikeun
ka juru rias pikeun diteundeun[3].
 Juru rias mèrè tujuh lambar daun seureuh ka pangantén awéwé ogé tujuh lambar ka pangantén
lalaki[3]. Lian ti èta masing-masing pangantèn meunang benang
lawè saperluna[3]. Pangantèn paheula-heula ngagulung daun seureuh hiji – hiji saha nu bérés
mimiti hartina leuwih parigel dina rumah tangga[3].
 Benang lawè disambung-sambung jadi hiji jeung dicekelan ku pangantén katut indung bapana.
Maksudna pikeun ngaraketkeun tali kakulawargaan
 Baju pangantén peningseut dibungkus ku kaén bodas ( panutup ) tuluy dibawa asup ka kamar
pangantén ku pangantén[3]. Saréngséna diuk deui ditempat samèmèhna[3].
 Panganten lalaki meulah waluh konèng, pangantén awéwé ngabagi-bagikeun ka para tamu[3].
 Saputangan anu geus di minyak seungitan dibagi-bagikeun ku pangantén awéwé
ka parawan anu aya harita[3].
 Samak anu geus ditataharkeun saméméhna digotong ku pangantén dibantuan ku para tamu
tuluy diiringkeun ku kolot pangantén dibawa ka parapatan jalan diiringkeun maké colén[3].
Sapapanjang jalan pangantén miceun eusi samak saeutik-saeutik[3]. Sabada nepi diparapatan
jalan anu geus ditangtukeun sesa eusi samak dibahékeun kabéh kaasup samakna, maksudna
sagala anu ngahalangan bakal leungit[3].
 Sabada èta pangantén diiringkeun deui ka imah[3].
 Sanepina di imah pangantén sungkem ka kolotna[3].
 Sabada èta dituluykeun kanu upacara dahar sangu kebuli, Panganten silih huapan[3].
 Sabada silih huapan upacara ngeyeuk seureuh réngsé[3].

You might also like