You are on page 1of 1

Ngamumule Budaya Sunda

Kawajiban Urang Sadaya

Bismillahirrohmanirrohim

Assalamu’alaikum Wr. Wb.


Langkung tipayun hayu urang sasarengan manjatkeun puji sinareng sukur ka kersaning
Gusti Allah SWT, anu parantos masihan nikmat sehat jasmani sareng rohani, kalayan tiasa
kempel dina dinten ieu. Teu hilap sholawat sareng salam mugi tetep ngocor ka junjunan
urang Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Ka kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka urang
sadaya anu insya Allah turut kana ajaranna.
Nu dipikahormat Bapa Pupuhu Sakola, sareng Bapa/Ibu Guru SMPN 1 Luragung, teu
hilap rerencangan sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh.
Salanjengna abdi cumarios didieu bade ngawartoskeun sakedik ngeunaan “ Ngamumule
Budaya Sunda Kawajiban Urang Sadaya”
Saderek sadayana anu ku sim kuring dipikahormat.
Basa Sunda sareng budaya Sunda mangrupakeun hiji hal anu raket pisan hubungannya
anu teu tiasa dipisahkeun jadi sewang-sewangan. Lamun urang nyaritakeun basa Sunda
hartina urang nyaritakeun budaya sunda. Sanajan ngara netepkeun basas Indonesia jadi basa
nagara, basa daerah tetep dipiara jeung dimekarkeun ku nagara. Tapi eta teh lain tanggung
jawab nagara atawa pamarentah wungkul, rakyatna oge kudu tanggung jawab. Salah sahiji
cara pikeun nanjeurkeun kabudayaan daerah daerah nyaeta ku jalan ngamumule basa sunda,
babakuna mah ku para rumaja.

Saderek sadayana anu kusimkuring dipikahormat,


Lamun ku urang dibandingkeun dina kahirupan sapopoe, katingalina para rumaja
ayeuna loba nu kurang wanoh kana basa sunda. Memang henteu sakabeh rumaja ngabogaan
sikep saperti kitu. Tapi hal ieu kudu jadi kaprihatinan urang sarerea. Sabab saha deui anu
bakal miara basa sunda teh iwal ti urang sadayana, para rumaja. Ulah nepi ka urang sunda teu
wawuh kana basa sunda. Kacida teungteuingeunana lamun hal eta karandapan ku urang
sunda
Salah sahiji sabab nu matak rumaja ayeuna asa kurang reueus kana basa sunda nyaeta
ayana anggapan yeh basa sunda teh hese diulik. Hese dilarapkeun dina kahirupan sapopoe.
Dina kasempatan ieu kurin umajak ka para saderek sadaya hayu urang babarengan
miara basa sunda, nya rumaja ayeuna nu boga tanggung jawab pikeun ngamumulena.

Saderek sadaya anu ku simkuring dipikahormat


Rupina mung sakieu anu tiasa abdi tepikeun, hapunten anu kasuhun pami aya cariosan
anu kirang merenah. Hatur nuhun ka sadayana, dipungkas

Wabillahittaufik walhidayah.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Nami : Andin Milanisti


Kelas : 9-2
Absen : 3

You might also like