You are on page 1of 2

Karang Nini

Harita di désa Karangtunjang--anu mun ayeuna mah katelahna téh désa Empak,
pernahna di Ciamis--hirup sapasang salaki-pamajikan. Nelahna Aki Ambu Kolot jeung nini Arga
Piara, anu najan sapuluh-taun geus lakirabi tapi can waé kabiruyungan boga turunan.
Demi keur nutupan sapopoéna, unggal peuting aki Ambu sok nguseup di sagara. Balik-
balik téh isukna bari mawa lauk. Lamun beubeunangan rada mucekil, sawaréh sok dijieun asin
ku nini Arga.
Dina hiji mangsa, kira-kira wanci sareupna ki Ambu geus dadahut. Tapi, katingalina jiga nu
lalungsé. Jigana mah asup angin. Tapi, najan kitu teu mugagkeun lampahna indit ngalaut.
Di tengah sagara, luhureun lambak anu umpal-umpalan, tanaga nu geus sakitu rarémpona
téh ngalungkeun useup ka tengah-tengah. Sabar nungguan, susuganan useupna disanggut
lauk. Tapi, nepi ka tengah peuting eupan can kénéh aya nu nyantok. Tapi sumangetna teu
kendor. Teu karasa, wanci geus ngagayuh ka subuh. Hayam geus kadéngé silitembal jeung
pada baturna. Nini Arga anu nungguan sapeupeuting geuntak hudang. Mirun seuneu bari
nungguan salakina datang.
Bari nungguan, Nini Arga sagawé-gawé mémérés imahna, mirun seuneu jeung
nyeuseuhan. pabeubeurang salakina can embol-embol kénéh baé. Ditungguan nepi ka soré,
masih kénéh can datang. Nya tungtungna mah lahaola néangan ka basisir. Aprak-aprakan nepi
ka peuting. Tapi angger teu kapanggih. Isukna rebun-rebun, bari dibantuan ku warga neruskeun
deui néangan. Tapi weléh. Warga kampung mah baralik deui, ninggalkeun Nini Arga anu
huleng-jentul di sisi basisir.
“Nun Pangéran abdi sadaya, pendakkeun jisim badi sareng salaki abdi.” kitu dungana Nini Arga
téh. Biidnillah, ku ijin mantenna dunga nini Arga diijabah. Teu lila ti harita di tengah-tengah
sagara ujug-ujug kaluar batu karang, terus ngambang.
“Nini Arga ukur bisa olohok. Teu nyangka sacongo buuk lamun salaki anu dipikacintana
ngalaman nanasiban samodél kitu. Gedé kanyaah jeung duriatna kanu jadi salaki.
Nini Arga lungsur dina batu karang. Brek deku mayunan batu karang anu ngambang. “Nun
Pangeran abdi sadaya, abdi kalintang nyaahna ka salaki abdi. Salamina hoyong sasarengan.
Jadikeun abdi kawas salaki abdi.” beuki murubut cisocana. Paménta Nini Arga diijabah ku
Pangéran.
Nini Arga ngajanggélék jadi batu karang. Persisna, pahareup-harep jeung batu karang
jelmaan salakina. Bentukna kawas awak nini-nini. Nya ti harita ku warga sapanjang basisir éta
patempatan dingaranan Karang Nini, sedengkeun batu karang anu ngambang téa dingaranan
Balé kambang. Kiwari, éta batu karang téh bisa ditingali di Pantai Karang Nini. Sok sanajan
Batu Nini-na mah kira taun 1981 kungsi kabéntar gelap nepi ka buntungna.
***

You might also like