You are on page 1of 2

DU’A AWAL TAUN

‫وصلى ا على سيدناا ومولناا محمد وعلى أله وصحبه وسلم‬


Nun Gusti, mugi Gusti masihan rohmat ka Gusti abdi sadaya Kangjeng Nabi
Muhammad saw. Oge ka kulawargina sareng ka para sohabatna.

‫أللهم أنات البأدي القديم الول‬


Nun Gusti, Gusti anu maha langgeng, heubeul teu aya kawitna,
Langgeng teu aya tungtungna

‫وعلى فضلك العظيم وجودك المعول‬


Sareng kalayan kurnia Gusti, anu maha agung nu maha luhur
Gusti anu berehan, anu bageuran, sok masihan bari teu disuhunkeun
Gusti langkung uninga kana kabutuh abdi,
Gusti uninga kana anu pantes kanggo abdi

‫وهذا عام جديد قد أقبل‬


Ayeuna taun nu enggal, tahun baru hijriyyah, tos aya dipayuneun abdi
Teu karaos, umur abdi dugi ka danget ieu
Abdi bari malaweung, abdi teu nitenan kana umur abdi
Awak abdi ngagedean, umur nambahan, bari abdi teu sadar
Teu terang sareng teu ngaraoskeun ieu kani’matan ti Gusti.

‫ناسألك العصمة فيه من الشيطان وأوليائه وجنوده‬


Abdi nyuhunkeun pangriksa kagusti, supados dina taun ieu abdi dijagi
dijaring tina panggodana syetan.
Syetan anu ukang ngadodoho, ngabongohan ka abdi
Sahingga kalakuan abdi tebih tina papagon gusti
Tebih tina padoman gusti
Abdi wantun ma’siat, abdi wantun ngalakukeun dosa
Mugi gusti ngariksa ka abdi
Boh ti syetan, atanapi ti balad-baladna
Boh nu mangrupi jalmi
Atanpi mangrupi Jin, nu teu katawis ku abdi
‫والعون على هذه النفس المارة بأالسوء‬
,Sareng mugi gusti nulungan ka abdi
Supados abdi tiasa ngelehkeun nafsu amarah
Anu sering pisan Ngajak goreng ka abdi
Nafsu abdi ngaberung, mangprung, ngagunung
Abdi sering teu kiat nahan.
Abdi sering eleh perang jeung nafsu abdi sorangan
Abdi sering teu kiat mengkek hawa nafsu abdi
Gusti mugi kersa ngalungsurkeun pitulung ka abdi
Ka saha deui abdi muntang, upami sanes ka gusti
Ya alloh, tengtremkeun nafsu abdi
Lirenkeun kahayangna, tolak pangajakna

‫والشإتغال بأما يقربأنا إليك زلفى‬


Mugi Gusti masihan kasibukan kabdi
Ku ibadah sareng deuheus ka dampal gusti
Abdi hoyong caket sareng gusti
Abdi hoyong salamina aya dina pangkonan gusti
Mugi gusti masihan jalan ka abdi
Supados salamina abdi tiasa deuheus ka gusti
Tiasa ngalaksanakeun parentah gusti
Tiasa janten ahli Murooqobah sareng Muqoorobah

‫يا ذاالجلل والكإرام يا أرحم الراحمين‬


Gusti Dzat anu maha agung
Gusti dzat nu maha bageur
Gusti, pangbageurna ti antaqis nu balageur
Mugi kersa masihan rohmat ka abdi
Kalayan kabageuran sareng kamurahan gusti

‫وصلى ا على سيدناا محمد وعلى أله وأصحابأه وسلم‬


Mugi kersa ngalungsurkeun rohmat salam
Ka Kangjeng Nabi muhammad
Sareng kulawargi katut para sohabatna, Aaamiin.

You might also like