You are on page 1of 1

Wasta : Isal Abdussalam

Kelas : X MIA 2
Pancén : Biantara “Basa Sunda”

“PENTINGNA NGAJAGA KABERSIHAN KELAS”

Assalamu’alaikum Wr. Wb.


Bismillahirrahmaanirrahiim

Alhamdulillahirabbil ‘alamin, Washshalaatu wassalaamu ‘alaa ashrafil anbiyaa i


walmursalin, Wa’ala alihi washahbihi ajma’in. Amma ba’d

Langkung tipayun hayu urang sanggakeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah
SWT. anu parantos masihan ni’mat sareng anu parantos masihan kasempetan ka urang
sadayana sahingga urang sadayana tiasa kempel dina ieu tempat. Teu hilap sholawat sinareng
salam mugia tetep dilimpahkeun kapanutan urang sadayana nyaéta kanjeng Nabi Muhammad
SAW. ka para kulawargina, para sahabatna sareng para pangikutna anu nganut kana ajaran
anjeunna. Aamiin .

Bapak/Ibu guru anu ku simkuring dipihormat, sareng réréncangan sadaya anu


kusimkuring dibanggakeun, simkuring didieu badé ngadugikeun biantara simkuring nyaéta
tentang “Pentingna Kabersihan Kelas”. Urang sadaya kedah tiasa ngajaga ieu lingkungan
sakola, utamina dimimitian kabersihan kelas heula. Kabersihan kelas téh mangrupikeun salah
sahiji kabersihan anu kedah diperhatoskeun pisan. Cobi bayangkeun pami kelas urang kotor,
acak –acakan, pasti dina diajarna ogé moal serius, sapertos pami seueur sampah dikelas
bakal seueur laleur, bararau sampah, jeung sajabina anu matak ngaganggu kana konséntrasi
belajar urang, salian ti éte conto lainna sapertos lingkungan kelas anu tara disapukeun sareng
tara di elap, ogé kaayaan fasilitas kelas anu acak – acakan bakal ngaganggu kana aktivitas
diajar urang sadayana lantaran bakal moal énakkeun katinggalna sareng moal enakkeun dina
ditempatanana.

Bapak/Ibu guru sareng réréncangan sadaya kabersihan kabersihan dikelas anu kedah
diperhatoskeun téh sanés kabersihan lingkunganna hungkul, tapi urang kedah bersih dina
sagala hal sapertos kabersihan haté, kabersihan jiwa, kabersihan raga, sareng kabersihan
rohani kedah leres – leres diperhatoskeunna, lantaran kabersihan anu nembé disebatkeun ogé
bakal aya dampakna pikeun urang sadayana, sapertos kabersihan haté pami henteu dijaga ku
urang, urang bakal ngaraos teu resep ka réréncangan sakelas dugi ka ngaganggu ogé kana
diajar.

Kumargi kitu hayu urang sasarengan ngajaga kabersihan anu dimimitian dilingkungan
anu sering ku urang ditempattan, lantaran pami kabersihan henteu dijagi urang bakal ngaraos
teu nyaman sareng bakal ngadatangkeun panyakit, boh panyakit awak, ogé panyakit haté.

Rupina cekap sakitu biantara ti simkuring, hapunten bilih seueur kalepatan.

Wabillahitaufiq walhidayyah
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

You might also like