You are on page 1of 4

DENIA DWI CITRA RESMI/X MIA 2

Gagak Hayang Jadi Merak

Jaman baheula, baheula gé baheula pisan. Di hiji leuweung geledegan, aya


dua tangkal kiara. Éta tangkal téh kacida gedéna. Perenahna ngaréndéng di sisi
sampalan. Ari sampalan téh paranti sato jarah nyatuan. Éta kiara sok dipaké
panonoban bangsa manuk. Anu hiji panonoban bangsa gagak, ari anu hiji deui
panonoban bangsa merak. Kacaritakeun di antara bangsa gagak, aya hiji gagak
ngora, gagak jalu keur meujeuhna belekesenteng. Ngaranna Si Candrika. Sanajan
umurna ngora kénéh, Si Candrika mah loba onjoyna. Awakna leuwih kuat jeung
keker, uteukna ogé leuwih pinter deuih.
Sakabéh gagak di éta leuweung geus boga sangka yén dina hiji mangsa Si
Candrika téh bakal jadi kokolot gagak. Gaganti kokolot gagak anu ayeuna, anu
umurna geus kacida kolotna. Anu matak Si Candrika padangajénan, padangalem
jeung ngadama-dama. Tapi dina hiji mangsa mah aya nu anéh, Si Candrika téh béda
ti sasari. Anu tadina lincah luluncatan dina kiara, ayeuna mah jadi cicingeun. Anu
tadina hégar ngelak, malah sorana ogé sok pangtarikna, ayeuna mah tara kadéngé
sorana. Ngabetem siga nu keur puasa nyarita.
Gawéna ngan ukur cindeten, mencilkeun manéh di nu buni. Kabéh bangsa
gagak ngarasa héran. Ku naon atuh Si Candrika téh? Hiji ogé taya nu nyahoeun
sabab-musababna. Ari sababna Si Candrika teu daék betus ka sasaha, ditanya ku itu
ku ieu téh anggur ngabetem. “Keun baé antepkeun ulah diganggu, meureun keur
mangsana mangkat birahi!” ceuk kokolot gagak. “Teu umum Olot,” ceuk gagak
séjén. “Anu keur mangkat birahi mah, biasana sok leuwih motah!” “Sing inget, Si
Candrika mah lain gagak biasa, tong disaruakeun jeung gagak biasa-biasa atuh!”
Kokolot gagak nétélakeun, yén anu boga kaleuwihan mah, biasana sok loba
kaanéhanana. Gagak-gagak séjén ngahaminan. “Enya ari kitu téa mah,” cenah.
Antukna mah Si Candrika padangantep. “Keun, engké ogé cageur sorangan!” ceuk
kokolot gagak, yakin pisan.
Hayang jadi merak, kudu jadi merak, terus jadi panyileukan Si Candrika, anu
mangaruhan kana tingkah paripolahna sapopoé. Lamun keur nyorangan, manéhna
sok nurutan paripolah merak. Leumpang rada diaced-aced, terus mébérkeun
buntutna. Buntutna kalah ka rancung teu puguh. “Leuh, lamun seug aing jadi
merak!” Beuki ambek baé ka dirina, antukna ambék ka Déwata, anu nakdirkeun
manéhna jadi bangsa gagak. “Naha atuh aing téh bet kudu jadi gagak? Déwata
henteu adil, henteu adil!” ceuk Si Candrika. Hiji poé Si Candrika hiber néangan
kahakanan, bari angger mikiran kahayangna: hayang jadi merak. Barang ngaliwat
ka hiji walungan, manéhna nénjo baju merak, nambru di sisi walungan. “Lakadalah,
itu geuning aya baju merak!” Ku manéhna dideukeutan. “Ka mana anu bogana,
nya?” Si Candrika ngomong sorangan. Luak-lieuk euweuh sasaha. Buru-buru baé
baju merak téh disamber, dibawa hiber ka nu jauh ti dinya. Niatna rék dipaké ku
manéhna. Haténa kacida bungahna. Clé dina tangkal anu suni. Rap baju merak téh
dipaké. Tétéla logor teuing. Waktu dicobaan dipaké hiber téh, kokoplokan.
“Kawasna mah kudu dirapet!” Ceuk pamikirna, lamun éta baju dirapet, tangtu bakal
pageuh napelna. Manéhna bakal laksana jadi merak.
Henteu talangké, manéhna ngala leugeut teureup. Éta leugeut diulas-olés
kana awakna, tuluy diulas-ales kana baju merak téa. Rap baju merak dipaké deui.
Pel baé napel rapet pisan. Dicobaan dipaké hiber, najan karasana beurat, tapi
leuwih ngeunaheun ti batan tadi. “Laksana ayeuna aing jadi merak!” ceuk Si
Candrika, paromanna marahmay. Clé kana dahan pangluhurna. Terus ngahuleng
mikiran lampah saterusna. Keur kitu torojol aya gagak, clé hareupeunana. Tétéla Si
Culindra, batur ulinna ti leuleutik. Si Culindra ngadeukeutan ka Si Candrika. “Keur
naon Sakadang Merak, hulang-huleng di dieu?” ceuk Si Culindra nanya ka nu keur
cinutrun. Ngadéngé omongan Si Culindra kitu, Si Candrika ngomong dina jero
haténa, “Si Culindra teu apaleun ka aing, padahal batur ulin aing ti leuleutik.
Nyebutna ogé Sakadang Merak. Ayeuna aing lain Si Candrika, aing merak! Merak!”
Ana pok téh Si Candrika ngomong, “Tunya-tanya teuing atuh!” “Pilakadar nanya,
wajar wé da urang téh tatangga,” témbal Si Culindra. “Tatangga sih tatangga, tapi
bangsa andika mah teu pantes cacampuran jeung bangsa merak,” témbal Si
Candrika teugeug. Si Candrika neruskeun caritaanana, “Sing ngarumasakeun
manéh wé atuh, boga rupa goréng patut, bulu hideung lestreng teu béda ti areng!
Béda pisan jeung bangsa kuring mah. Sirah dimakuta kukuncung, buntut hurung-
hérang éndah!” Ngomong kituna téh bari ucad-aced. “Na andika téh sombong-
sombong teuing!” témbal Si Culindra, haténa nyeri dihina kitu. “Ari geus, da kitu
buktina atuh!” ceuk Si Candrika teugeug. “Ngahina ka sasama mahluk!” “Da bangsa
andika mah mémang hinaeun!”Si Culindra teu ngomong deui, geleber baé hiber
ninggalkeun Si Candrika, anu ayeuna mah geus maké baju merak.
Si Candrika kacida bungahna. Ceuk pikirna, “Enya, ayeuna mah, aing téh geus
jadi merak.” Buktina Si Culindra ogé, batur ulinna ti leuleutik, teu apaleun. Malah
nyebutna ogé Sakadang Merak! “Aing geus jadi merak! Aing merak! Merak!” Si
Candrika igel-igelan dina dahan. Buntutna patinggurilap katojo ku panonpoé.
Pasosoré, wanci bangsa manuk baralik. Balik ka panonobanana masing-masing, Si
Candrika ogé balik. Ngan ayeuna mah balikna béda. Balikna kana tangkal kiara
panonoban merak. Lain kana kiara panonoban gagak, anu perenahna pahareup-
hareup. Si Candrika eunteup di dinya, ngahiji merak-merak séjén. Mimitina mah
euweuh anu ngaharu-biru, da mémang mun diténjo saliwat mah, Si Candrika téh
méh taya bédana jeung merak séjén. Kukuncungna, kitu deui bulu buntutna, sarua
baé jeung merak jalu lianna. Saperti biasa, unggal soré merak-merak jalu sok
némbongkeun kamonésanana, adu manis mébérkeun buntutna, pangpangna
pikeun ngirut merak bikang. Hiji-hiji merak jalu ngibing, buntutna patinggurilap
éndah, katojo panonpoé nu geus tunggang gunung.
Si Candrika ogé teu tinggaleun. Malah mah aya leuwihna. Manéhna hayang
némbongkeun kabungahna, pédah ayeuna geus jadi merak. Bari sari-sari mupuas
ka bangsa gagak, bangsana sorangan anu dipikaijid, pédah buluna henteu éndah. Si
Candrika leuwih motah ti merak-merak séjén. Tayohna mah sagala tindak-tanduk
Si Candrika, disérangkeun ku kokolot merak di dinya. Kokolot merak nyampeurkeun
Si Candrika. Pokna, “Ké heula, Lur, ari andika téh merak ti mana?” Si Candrika kacida
reuwasna, “Ti dieu, ti ieu leuweung!” témbal Si Candrika gugup. “Ti leuweung ieu
lebah mana?” ceuk kokolot merak. Si Candrika beuki gugup baé. Pok kokolot gagak
téh ngomong deui, “Lain, Lur, salila nyunyuhun kuncung, kuring kakara nénjo merak
kawas andika. Suku pacér, pamatuk konéng, sora serak, henteu jauh bédana ti
bangsa gagak.” “Kuring merak Indo, puguh keur serak ieu téh!” “Lain, andika mah
lain bangsa merak! Salila kuring nyunyuhun kuncung, can kabéjakeun di dieu aya
merak Indo!” Si Candrika keukeuh ngaku yén manéhna merak. Keur kitu, rob atuh
merak-merak sejenna daratang, kabéh ngaronom ka Si Candrika. “Andika mah lain
bangsa merak, sigana mah bangsa gagak anu maké baju merak!” ceuk kokolot
merak. “Rék ngacowkeun bangsa merak éta mah!” ceuk merak séjén, sorana
teugeug. “Laan bajuna! Usir! Usir!” paramerak raong, tuluy ngepung Si Candrika. Si
Candrika dipaksa kudu ngalaan bajuna. Si Candrika nurut, bajuna rék
diporosotkeun. Tapi hésé, lantaran geus rapet pisan jeung awakna. Kawantu
dirapet ku leugeut teureup kacida lobana. Baju Si Candrika padametot ku
paramerak. Tapi angger henteu bisa lesot, malah henteu ungger-ungger acan. Kalah
buluna baé anu caroplok téh.
Lantaran tanagana leuwih bedas, Si Candrika bisa leupas tina kepungan
paramerak. Geleber hiber, kalayang kakalangan sakeudeung, clé baé dina kiara
panonoban gagak. “Aya merak, euy!” ceuk hiji gagak. Gebeg Si Candrika ngagebek,
pok ngomong, “Kuring lain merak, kuring Si Candrika, batur andika, bangsa gagak
kénéh!” “Ah, maenya aya bangsa gagak kukuncungan!” Keur kitu, torojol kokolot
gagak, “Rék naon andika los-los ka dieu? Tuh, di ditu panonoban merak mah! Rék
ngacowkeun bangsa gagak di dieu?” Témbal Si Candrika, “Kuring lain merak, kuring
gagak. Kuring téh Si Candrika, piraku Olot poho ka kuring?” Kokolot gagak nelek-
nelek Si Candrika. “Sorana mah enya, sora Si Candrika. Matana, mata Si Candrika
deuih,” kokolot gagak ngahuleng salila-lila. Sanggeus ngahuleng, pok kokolot gagak
ngomong, “Lain, andika mah lain Si Candrika. Si Candrika mah bangsa gagak. Buluna
hideung cara bulu kuring. Andika mah bangsa merak anu nyamur. Andika mah rék
ngacowkeun di dieu téh, nya? Rék ngacowkeun bangsa gagak? Hayo jawab!” Najan
Si Candrika nyaritana nepi ka susumpahan, kokolot gagak angger henteu
percayaeun.
Torojol Si Culindra, pok ngomong semu ambek, “Tah, ieu merak anu tadi
ngahina bangsa gagak téh!” “Culindra, kuring sobat anjeun, Si Candrika!”
“Teu bisa! Si Candrika mah bangsa gagak. Kuring apal enya ka Si Candrika, manéhna
mah moal ngahampas bangsana sorangan!” “Kuring Si Candrika!” ceuk Si Candrika
bari ugal-ugil rék ngalaan baju merakna, tapi teu bisa, da geus pageuh napelna. “Éta
mah pangacow!” “Usir! Usir!” “Podaran wé sakalian!” Gagak-gagak réang bari rék
ngarempug Si Candrika.
Nénjo galagat kitu, Si Candrika buru-buru hiber. Tuluy hiber teu eureun-
eureun. Wanci sareupna nepi ka sisi lembur. Clé waé di dinya. Si Candrika kacida
nalangsana. Diusir ti ditu ti dieu. Ku bangsa merak teu diaku, sumawonna ku
bangsana sorangan mah. Anu matak peurih mah teu diaku jeung diusir ku bangsana
sorangan, bangsa gagak anu ngagedékeun manéhna. Bangsa anu miharep ka
manéhna, sangkan dina hiji mangsa jadi kokolot gagak.
Ka mana kudu lumampah? Ras inget ka bangsa manusa. Manusa mah teu
resepeun téh ka bangsa gagak, ari ka bangsa merak mah kacida resepeunana.
Haténa kaubaran. Geus gilig dina haténa, manéhna rék nepungan bangsa manusa,
itung-itung ngabuang manéh. Isukna, wanci haneut moyan, Si Candrika hiber
ngajugjug ka pilemburan. Nepi ka pilemburan, clé dina hiji suhunan. “Aya merak!
Aya merak!” ceuk hiji budak. Teu lila rob atuh jelema ka dinya, ningali Si Candrika.
Kabéh ogé raresepeun kana merak mah. Teu cara ka bangsa gagak.
Nyaho kitu, Si Candrika jadi loba ceta. Ucad-aced, buntutna dibébérkeun.
“Euleuh, itu mani éndah kitu!” “Patinggurilap nya, euy, kawas berlian!” “Nyaho kitu
silaing berlian?” “Henteu!” Si Candrika beuki cetaan. Atuh puguh wé jelema téh
beuki raresepeun. Keur kitu torojol kokolot lembur, bari mawa bedil angin. “Halik
barudak, ulah ngahalangan, urang témbak!” “Kadé ulah keuna kana buntutna,
lebar!” “Moal atuh,” ceuk kokolot lembur bari nyengir. Dikécéng sakeudeung,
ceplék bedil anginna dibekaskeun. Mimisna keuna pisan kana hulu Si Candrika.
Koléang Si Candrika ragrag, leng teu inget di bumi alam. Barudak sarurak ramé
pisan. Teu lila ti harita, buntut merak Si Candrika jadi papaés di tepas imah kokolot
lembur. Sakapeung aya hiji-dua anu dibawa ngapung, dipaké bubuntut
langlayangan!

You might also like