Professional Documents
Culture Documents
Tugas Bahasa Sunda Nabil XI MIPA 8
Tugas Bahasa Sunda Nabil XI MIPA 8
XI MIPA
Bahasa Sunda
Sisindiran
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan
atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra
Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan
basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu
dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku
purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina
unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi).
1. Rarakitan
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan 'elmu
Nu guna duna aherat.
2. Paparikan
Peupeujeuh ari ka dayeuh
Meuli kupat jeung gorengan
Peupeujeuh ari geus euweuh
Ulah ngupat kagorengan.