You are on page 1of 13

DAFTAR EUSI

DAFTAR EUSI………………………………………………………………………...
BAB 1.............................................................................................................................
I. Wangenan Dongeng……………………………………………………………….
II.Unsur – unsur Dongeng……………………………………………………………
III.Ciri - ciridongeng………………………………………………………………...
IV.FungsiDongeng…………………………………………………………………..
V.Teknik – teknikNgadongeng……………………………………………………...

BAB 2.............................................................................................................................
I.Dongeng Mite...........................................................................................................
II.ContohDongeng Mite……………………………………………………………..

BAB 3...................……………………………………………………………………..
I.UnsurIntrinsikdongengNyiRoroKidul…………………………………………
II.Perbedaan Dongeng, Novel, JeungCarpon…………………................................
BAB 1
I. Wangenan Dongéng

Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian. Dongéng biasana
sok nyaritakeun kajadian - kajadian jaman baheula.
Numutkeun kamus, dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu
kajadian saenyana. Dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur
ukuranana parondok (Budi Rahayu Tamsah). Dongéng téh mimiti gelarna mangrupa wangun
lisan, nu nyebar ti hiji jalma ka jalma lianna, tur teu kapanggih saha nu ngarangna atawa
anonim. Lantaran nyebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit.
Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina
wangun prosa. Nilik kana wandana jeung patempatana, dongéng biasana sok ngambarkeun
kaayaan baheula. Tokoh-tokoh dina dongéng henteu manusa wungkul, tapi ogé
sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna. Bisa oge nyaritakeun tempat.

II.Unsur-unsur Dongéng
1. Téma, nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita
dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa
ngadéngékeun dongéng.
2.Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung
sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung
patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita.
Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur
campuran.
3.Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
4. Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.
5. Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina
dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita
nu sagemblengna.
III. Ciri-ciri Dongéng
1. Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi
alesanana nyaéta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé
kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.
2. Aya bagian anu pamohalan.
3. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
4. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
5. Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa
kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepikeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu
utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun
6. Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung logika umum.
7. Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.
8. Pola ngadongéng sok angger.

IV. Fungsi Dongéng

Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel
pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun
kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun,
dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nu
nurutkeun kana kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak
céngéng. Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur
ngabobodo budak céngéng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun nu ditétélakeun ieu di
handap:
1. Ngarahanak incu urangnyaho kana turunan.
2. Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.
3. Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.
4. Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali
parantina.
5. Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna.
6. Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.
Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun
1975, yén dongéng mampuh ngaronjatkeun Intelegence Question (I.Q) budak. Budak
kakeunaan ku Virus Ach (need for Achievement) nyaéta virus nu ngamotipasi budak sangkan
miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus
ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal. Panalungtikan séjén nu
ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun
kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu
nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas tibatan barudak turunan
urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna,
utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.

V. Tekhnik-tekhnik Ngadongéng

a. Maca langsung tina buku


Tekhnik ieu anu paling éféktif lamun guru ngabogaan buku dongéng anu pikareseupeun nu
cocok di bacakeun ka murid. Cirining yén dongéng bisa dipahami ku barudak nyaéta pesen
nu didugikeun bisa diserep tur paham yén kalakuan dina dongéng téh bener atawa salah.
b.Ngadongéng ngagunakeun ilustrasi tina gambar
Teknhik ieu éféktif lamun dongéng anu didugikeun dibarengan ku ilustrasi gambar tina
buku anu pikaresepeun budak. Nyaritakeun dongéng maké ilustrasi gambar téh, maksudna
pikeun ngajelaskeun pesen-pesen anuayadinacaritaan.
c.Nyaritakeun dongéng sacara langsung
Tekhnik ieu éféktif digunakeun lamun guru nyadiakeun dongéng anu bisa narik karesep
siswa. Teknik ieu mangrupakeun teknik anu paling simpel, sabab teu mikabutuh kana média
anu séjénna.
d. Ngadogéng ngagunakeun papan flannel
Cara ngajieun papan flannel nyaéta ku cara ngalapisan papan ku kaén flannel nu warnana
netral, terus gambar tokoh-tokoh anu ngawakilan watak dina dongéng éta digunting polana
dina kertas, terus ditémpelkeun dina papan éta.
e. Ngadongéng ngagunakeun bonéka
Biasana métode ieu mah disesuaikeun jeung umur sarta pangalaman barudak, biasana
barudak bakal resep pisan lamun dongéng dibacakeun bari make bonéka.
BAB 2

I. Dongéng Mite

Dongéng mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu
dianggap karamat ku masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina
jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun
kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana nu maot. Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas
sasatoan, wangun topografi, jeung tanda-tanda alam. saperti sangu, jagong,jsté. Contona
: Dongeng Dewi Sri, Dongéng Nyi
RoroKidul, DongéngSasakalaMaungPanjalu,DongéngRoroJomggrang,
jeung DongéngKanjengPrabuSiliwangi.

II. Contoh Dongeng Mite

1.)Dewi Sri
Dina hiji zaman, kasebut aya hiji taman anu endah sinareng damai, nu namina “Ytaman
Sorga Loka”. Dina tempat eta ayacicinghijijalma nu ngarana “SunanIbu” nu
keurnungguankadatangan “Dewi Sri Pohaci Long Kancana”
Dewi Sri ngalaporkeun yen dihiji tempat dibumi nu ngarana “Buana Panca Tengah” teu acan
aya “Cihaya” nu mangrupakeun hiji kabutuhan hirup. Minareng hal eta, Sunan Ibu miwarang
sangkan Dewi Sri angkatkaBuanaPanca Tengah.
Dewi Sri hente nolak mangkat ka Buana Panca Tengah, asalkeun mangkatna dibaturan ku
‘’Eyang Prabu Guruminda‘’. Permohonan Dewi Sri dikabulkeun ku Sunan Ibu. Sateuacan
angkat ninggalkeun Sorga Loka, Eyang Prabu Guruminda calik semedi nuhunkeun
petunjukka “HiangDewanata”.
Saentos angges semedi sarta menang petunjuk, sareng ku kasaktianna dina waktos sakejap,
rupa Dewi Sri ngabentukjadisahijiendog.
Saengges kabeh persiapanna angges, terus mangkat Eyang Guruminda ngagiring Dewi Sri
sareng tujuan Negara Buana Panca Tengah. Dewi Sri anu wujudna jadi endog, disimpeun
dina kotak nu ngarana “CupuGilangKencana”.
Prabu Guruminda sangges sababaraha lamina ngapung ka onggal panjuru kaler–kidul,
ngulon-ngetan anu akhirna, dina hiji mangsa endog anu disimpeun dinakotak eta murag.
Ges jadi kahayangna anu maha kawasa, endog teh murag di hiji tempat anu mana eta tempat
nu dicicingan ku ‘’DEWA ANTA’’.Dewa Anta anu terangen di tempat cicingna aya endog,
mangkana eta endogteh di ingu.
Sangges sabaraha waktos lamina, eta si endog teh netes, teras lahir hiji wanoja anu gelis
kacida anu te aya babandingannana anu teu aya lain nyaeta “DEWI SRI”.
Dina rupana anu gelis pisan, loba raja-raja anu ngalamar sang putri pikeun di jadikeun
pemaisuri. Didinya keneh kasebar barita ka sakabeh nagara pedahkageulisannana DEWI SRI.
Nanging, DEWI Sri hente ngarasa bungah, pedah lamun manehna narima pinangan berarti
manehna geus ngingkar tugaskanudimandetkeunkamanehna.
Dewi sri ngajelaskeun ka unggal raja, maksad kalahiranana teh sanes pikeun neangan calon
salaki, tapi pikeun ngalaksanakeun tugas ti “Sunan Ibu” di Taman Sorga Loka nyaeta kanggo
nganugrahkeun “Cihaya” ka nagara gelarBuanaPanca Tengah.
Tapi, lamaran terus wae daratangan, sarta akhirna Dewi Sri menang tekanan batin. Beuki lila,
panyakit nu karaos Dewi Sri beuki parah, dugi ka dongkap waktos Sang Putri nyampekeun
mandate terakhir “lamun dongkap waktos abdi maot jeung lamun abdi parantos dikurebkeun,
erek aya kaanehan-kaanehan dina pusara abdi”. Jeung akhirna ku kahoyong nu Maha Kuasa,
Dewi Sri ogemaot.
Bener wae naon anu diamanatkeun ku Sang Putri akhirna jadi kanyataan. Dicaritakeun dina
hiji poe, aya aki-aki jeung nini-nini nu keur milarian suluh jeung milarian dadaunan
kanggobekelhirupnaduaan.
Sawaktos aki-aki jeung nini-nini kenging menang pepelakan anu can pernah dipanggihan
jeung ditempo Saumur hirupna. Dina bagian hulu jadi tangkal kalapa, dina bagean leungen
jadi tangkal bubuahan, dina bagian suku jadi tangkal boled, sedengkeun dina
awaknajaditangkalaren.
Akhiirna aya niatan ti aki-aki jeung nini-nini kanggo miara eta tangkal aneh teh, jeung
dibersihkeunna pusara sakuliring tangkal eta. Ku kasabaran sarta katekunan, teu karaos
waktos parantos bulan ka 5 tangkal eta teh dipiara, buah nu tadi hejo teh ngeusi pinuh, jadi
buah nu sadahan eta tungkulsakingkubeuratna.
Sabenerna eta teh tangkal aneh naon? Pikir aki-aki sareng nini teh. Saentos sababaraha lami
bede asup ka bulan ka 6 ditingali deui tangkal eta teh, jeung siki-siki buah tadi teh jadi
koneng, aluspisankatempona.
Saentos kaduana ngahuleng akhirna aya niat rek metik eta buah. Saencan di ala eta buah teh
diasaan hela, prak teh eusina bodas jeung amis rasana. Aki jeung nini nyiapkeun dupa kanggo
meuleum menyan kanggo menta idinka “HiangWidi”.
Saentos meuleun menyan, dipotong eta tangkal teh, aki jeung nini rewaseun bari ngejat pedah
dina dahan anu dipotong tadi teh ngaluarkeun cai herangjeungseungitkacida.
Gaduh niatan kanggo aki-aki eta teh melak tangkal eta deui, jeug siki-siki buah tadi dipelak
deui disakuliring pusara “Dewi Sri”. Kaajaibanna oge kajadian deui, kusabab ku sakerejep ge
siki-siki tadi hirup jeungbuahankonengoge.
Aki jeung nini langsung nuar jeung sakerejep oge dipelak deui siki siki koneng eta sampe ka
terus kaulang ulang sampe kakumpulkeun beungkeutan siki-siki buah koneng nu lobapisan.
Ku kajadian eta, aki jeung nini jadi lieur. Kusabab, meunang hasil loba pisan dina waktos nu
tereh dina buah saadahan. Nanging maranehna can nyaho naon ngarana eta buahteh?
Akhirna, kusabab aki jeung nini lalaieureun malah teu acan kenging kaputusan kanggo
masihan ngaranna. Ujug-ujug nini ngusulkeun ngaran “Pare” kusabab maranehna bingung
kanggo milih ngaranana, pare anu dina basa sunda mah disebutna “paparelean”, akhirna buah
eta teh tepi ayena disebut ngaran “Pare” (padi).

2.) Nyi Roro Kidul

Kacaturkeun jaman baheula aya hiji awewe, anu kacida geulisna tur kasaktiannana ge taya nu
nandingan. Ngan hanjakalna, eta awewe teh sarakah, ngabogaan 99 salaki, tapi kebeannana
maraot dina peutingan pangantenan. Cenah mah, dipaehan ku sabangsa oray nu kaluar tina
larangan Nyi Putri.
Kasaktian jeung kageulisan Nyi Putri nepi ka hiji lalaki nu apaleun kana rusiah Putri. Tuluy
bae ngalamar jadi salaki Nyi Putri anu ka saratusna. Pikeun ngelehkeun Nyi Putri, salakina
puasa tur tapa geni. Dina hiji peuting, salakina kawenehan nangkeup oray nu kaluar tina
larangan pamajikannana.
Tapi Nyi Putri kaburu hudang bari ngamuk, nepi ka garelut. Tarung salaki jeung pamajikan
teh regot kacida. Nu antukna keris Nagasastra, nu ngawujud oray teh bisa karebut ku
salakina.
Ceuk sakaol, keris Nagasastra teh mibanda sifat jahat. Sing saha bae nu ngabogaan eta keris,
eta jalma ngagem elmu sasar, nu teu luyu jeung papagon agama.
Sanggeus eta keris di cekel ku salakina, Nyi Putri lumpat sataker kebek. Ku salakina diudag
nepi ka sisi basisir Laut Kidul. Tapi teu beunang sabab Nyi Putri kaburu ngajebur ka laut.
Sanajan Nyi Putri geus eleh, tapi manehna embung sadar tur teu narima eleh, kalah kabur ka
tengah laut miboga niat hayang naklukeun sarta ngawasa alam dunya. Sabada tilem ka jero
laut Nyi Putri katelah Nyi Roo Kidul.
Nepi ka kiwari, upamana aya jalma nu sombong tur adigung-adiguna sarta goreng adatna tur
kalindih, ceuk sakaol mah Nyi Roro Kidul sok wera, sabab ngarasa kasaing tur kalindih.
Cek sakaol oge, cunah upama pareng rek ngalanto ka Laut Kidul teu menang make baju
rupana beureum, sabab ceunah sok aya ombak anu kacida gedena. Lian ti eta, nu datang ka
Laut Kidul ulah mawa peso nu tungtung gagangna aya tandukan, boh nu leutik boh nu gede,
sabab ku cara kitu ge, Nyi Putri ngarasa kalindih tur ngarasa aya saingana.
Sabab ngarasa dirina nu pang heulana boga eta peso sarta nganggap dirina Ratu Alam Dunya
nu pang punjulna sa jagat raya.

3.)SasakalaMaungPanjalu

NURUTKEUN sepuh, putra Raja Pajajaran nu istri dipigarwa ku putra Raja


Majapait. Sanggeus ngandeg tujuh bulan, maksa hayang ngalahirkeun di Pajajaran. Ku sabab
teu diwidian, anjeunna lolos, nepi ka kalunta-lunta mangbulan-bulan.

Datang ka wewengkon Panjalu, di Kampung Ganjar, Nyi Putri ngalahirkeun. Putrana kembar,
istri hiji, pameget hiji. Santenna diwadahan kana pendil dikubur di dinya di handapeun kai
anu ahirna timbul kulah. Sanggeus ngarasa jagjag, Putri neruskeun lalampahanna ka
Pajajaran. Di Pajajaran, murangkalih téh ku akina dingaranan Bongbanglarang jeung
Bongbangkancana.
Kacaturkeun éta budak téh geus gedé wé. Maksa hayang papanggih jeung bapa, tapi ku
indungna teu diidinan. Budak téh maksa, tuntungna ngalolos ti Pajajaran.
Anu ngalolos téh nepi wé ka wewengkon Panjalu. Kabeneran teu jauh ti tempat
dilahirkeunana téa, aya saung anu dicicingan ku Aki jeung Nini Pangebon. Budak téh ménta
dahar. Nini Pangebon pak-pik-pek ngaliwet. Ku sabab teu aya cai, Nini Pangebon téh indit,
maksudna rék ngala cai ka kulah nu asalna kuburan santen téa.
Bakating ku lapar, liwet téh dipurak, ditodong. Barang datang Nini Pangebon mawa cai,
bakating ku halabhab pendil téh direbut, tuluy ditotor ku Bongbangkancana. Pendil ujug-ujug
ambles kana sirahna, teu bisa dilaan. Aki jeung Nini Pangebon baringung. Terus baé atuh
Bongbangkancana jeung Bongbanglarang téh dititah indit ka Aki Garahang, ménta tulung
supaya dipangudarkeun. Tempat Aki Garahang nepi ka ayeuna aya Kampung Garahang.

Bongbangkancana ditungtun ku Bongbanglarang ka Aki Garahang. Ku Aki Garahang ditarok


ku kujang, anu éta pendil muncrat jadi kulah kajajadén. Ku Aki Garahang dipiara sarta
dibéwarakeun sangkan éta kulah teu meunang digadabah. Barudak téh tuluy matuh di dinya.

Dina hiji waktu Aki Garahang téh rék nyaba. Méméh indit nyarita ka barudak, upama rék ulin
ulah wani-wani ulin ka kulah kajajadén téa. Ari Aki Garahang geus indit, barudak téh jadi
panasaran, hayang nyaho kulah kajajadén téa. Barang datang ka dinya katémbong caina
hérang ngagenclang. Barudak téh henteu tahan nénjo cai bangun nu tiis nyecep matak seger.
Nu awéwé ancrub sukuna. Ari nu lalaki sibeungeut. Dadak sakala, beungeut lanceukna jadi
maung, ariadinasukunabaruluan.
Mireungeuh kaayaan kitu, barudak téh duanana ceurik paungku-ungku. Beuki lila ceurikna
beuki tararik, nepi ka pagulung-gulung. Ahirna duanana ti gebrus kana kulah téa. Ari haranjat
duanana geus robah jadi maung. Tuluy baralik deui ka saung Aki Garahang. Waktu Aki
Garahang datang ti panyabaanana, barabat atuh barudak téh nyaritakeun lalakonna. Ku Aki
Garahang barudak téh, anu ayeuna geus jaradi maung, dititah indit neruskeun lalampahanana
ka Majapait.

Barang datang ka hiji tempat anu loba oyong, dua maung kajajadén téh kabeulit ku areuy
oyong, teu bisa lésot. Kapanggih ku nu boga kebon, terus dipalidkeun ka walungan, asup
kana gawul, abus kana badodon. Ku nu boga badodon dijait. Maung kajajadén nyaritakeun
lalakonna. Bari kagét aya maung bisa ngomong, nu boga babadon téh ngaleupaskeun dua
maung kajajadén téa. Dua maung kajajadén neruskeun deui lalampahanana ka Majapait.

Datang ka Majapait, julug-julug datang ka karaton, kalah dikepung. Sanggeus beunang tuluy
nyarita, ngariwayatkeun asal muasalna, terus diangken ku raja. Ti dinya dua maung kajajadén
téh dititah ngajaga di wewengkon asal.

Nurutkeun sakaol, loba kapantrangan anu asalna tina éta kajadian. Sakur katurunan Panjalu
teu meunang nodong pendil, teu meunang melak sumawona ngadahar oyong, teu meunang
dahar lauk tina gawul; lamun dilanggar aya matakna.

Ciri katurunan Bongbanglarang Bongbangkancana aya dina kuku. Sok aya kukuna anu teu
sampurna atawa jiga kuku urang leuweung.
4.) RoroJonggrang

Sakali kana hijiwaktos, lamipisanayakarajaangedéanudisebutPrambanan.Jalma-


jalmahirupdinakatenangansarengkaamanan.Tapinaonanulumangsungsalajengna?KarajaanPra
mbanandiserangjeungdijajahkunagaraPengging.KatentremanKarajaanPrambanankaganggu.Pr
ajuritkasebutteusanggupngatasiseranganpasukanPengging.Akhirna,
karajaanPrambanandiparéntahkuPengging, sarengdipimpinku Bandung Bondowoso.

Bandung Bondowosonyaétabosanukejam."Sahawaéanuhenteunurut kana


perintahabdibakaldihukumparah!"Bandung Bondowosokaumatna.Bandung
Bondowosonyaétatukangsihirjeungngagaduhantentarajin.Teulamisaatoskakawasaan,
Bandung BondowosoresepnitenangerakLoroJonggrang, putrigeulis Raja
Prambanan."Éndahputrinian.Kuringhoyonganjeunnajantenratukuring, "pikir Bandung
Bondowoso.

Isukna, BondowosokaanggoRoroJonggrang."Anjeunanugeulispisan,
bakalanjeunjantenratukuring?"Tanya Bandung
BondowosokaRoroJonggrang.RoroJonggrangnyentak,
ngupingkeunpatarosanBondowoso."Ieujalmaanusombong,
anjeunnahenteuterangabdilangsung, anjeunnahoyongabdijantenratuna,"
LoroJongrangnyarioskadirina."Naonanukuringkedahlaksanakeun?"RoroJonggrangjantenbing
ung.Pikirananadiintip.Upamianjeunnanolak, maka Bandung
BondowosobakalngamuksarengngabahayakeunkulawarganasarengmasarakatPrambanan.Étate
umungkinpikeunnyariosleres, sababLoroJonggrangbener-benerhenteuresepka Bandung
Bondowoso.

"Kumahakitu, RoroJonggrang?"NgadesekBondowoso.Akhirna,
RoroJonggrangngagaduhanideu."Kuringrelajantenpamajikananjeun, tapiayawaé,"
sauranjeunna."Naonkaayaanna?Hoyongkabeungharanharta?Atanapiistanaanumegah?
"."Henteusanés, gusti, saurRoroJonggrang.Kuringmiharepcandidilakukeun,
aranjeunnakedahjantensarébu."Sarébupotongan?"CeuutBondowoso."Leres,
sarengkuilkedahatossapeupeuting." Bandung BondowosomelongRoroJonggrang,
biwirnangejatdinaamarah.Ti harita Bandung Bondowosoparantosmikirkumahangadamel 1000
candi.Tungtungnaanjeunnanaroskapanaséhat."Kuringyakin master
kuringtiasangadamelkuilkalayanbantosanku Jin!", Saur penaséhat."Leres, étaleres saran
anjeun, nyiapkeunalatanukuringperyogikeun!"

Saatosparangkatdisiapkeun.Bandung Bondowosonangtung di hareupeun altar


batu.Kadualeungeunsumebarlebar."Genies,
bantosankuring!"Anjeunnangagorowokdinasoraanungaguruh.Moallamideui,
langitjadigelap.Angingalaung.Sakedapengkéna, pasukanjinnétbadédikurilingan Bandung
Bondowoso."Naonanukedahdilakukeunkuurang?" Tanya
pamimpinjin."Bantosanabdingawangunsarébucandi," aki Bandung Bondowoso.Jin-
jinlangsungngalihsareng-teras, ngalaksanakeuntugasmasing-masing.Dina
waktuanupondokgedongcandidiwangunkuampirsarébupotongan.

Samentaraéta, RoroJonggrangsacaratenangdiawaskeuntikajauhan.Anjeunnahariwang,
terangyénBondowosodibantuanpasukanjin."Wah, kumahaieu?", Saur
RoroJonggrangcicingeun.Anjeunnamilarianalesan.Anjeunnanitahawéwékarajaansupayakump
ulsarengditugaskeunpikeunngumpulkeunjarami."Buru-burusarengbakardinasagalajarami!"
ParéntahRoroJonggrang.Sababarahaawéwéséjénanubébéjakaponmortir.Dung ... dung ...
dung!A tinge beureummunculdinalangitdibarengankusora hustle sarengawét,
jantensapertossubuh.

The jinnspangintenétasubuh."Wah,
panonpoébakalnaek!"Jeritjin."Urangkedahngantunkeunlangsungsaacanawakurangmayitkupan
onpoé," sambungkeunjinanusanés.Si jinsumebarkatempatna.Bandung
Bondowosoheranningalijispanik.

Isuk-isuk, Bandung BondowosongajakRoroJonggrangkatempatcandi."Bait


anuanjeunnarosparantosngadeg!"RoroJonggranggeuwatngitungjumlahcandi.Ternyatajumlaha
nungan 999!"Ayakirangtihiji!" Banter
LoroJonggrang."Étahartosnaanjeunparantosgagalnyumponansyaratanukukuringteraskeun".Ba
ndung
Bondowosoreuwasnalikaningalikakurangan.Anjeunnajantenpisanambek."Henteumustahil ..."
saurBondowoso, merhatoskeun di RoroJonggrang."Satuluynaanjeunparantosngalengkepan!"
Saur anjeunnabarinunjukramo di
RoroJonggrang.Sakti!RoroJonggranggeuwatjantenpatungbatu.Dugikaayeunacandi-
candiieumasihayasarengperenahna di daérahPrambanan, Jawa Tengah
sarengdisebutCandiRoroJonggrang

.
5)KanjengPrabuSiliwangi

Kangjeng Prabu Siliwangi


Kangjeng Prabu Siliwangi linggih dina singgasana karajaan, ngersakeun magelaran.
Hempak para mantri ponggawa,pangpayuna papatih katut sesepuh nagara,piderekeun
piramaan sadayana mendeko mando,nganti-nganti dawuh raja.

Teu lami kangjeng Prabu Siliwangi ngadawuh,gentra alon kawantos keur liwung
kalbu,dawuhanana: " Anjeun datang ka mangsa,andika sadaya diperih pati geusan ngayonan
pangrurug musuh. Isun percaya kana kateuneungan pati jiwa raga. Mungguh Pajajaran
ayeuna estu dikepung-wakul ku musuh,ti kulon ditingker ku urang Banten,ti watan ku urang
Cirebon,geus ngangseg karepna ngaranjah nagara urang.

Tapi tina caringcing jeung dijagana kapetengan Pajajaran,nu jadi musuh kandeg teu bisa
laju.Ayeuna pamentaisun,sakabeh senapati katut balad-baladna,kudu geura miang deui
ngajaga wates mangka tohaga,ulah nepi ka bobor karahayuan.
Ngan Ki nanda kakasih isun,anu kudu tutunggon karaton,anu lian mah bral geura
miang,mangka tembong karongkahan putra putu Pajajaran ... !!!

Saparantos bubaran sinewaka,Nanda ngajenggut,raosna nyeri peurih jeung lara wirang,nya


eta dumeh henteu kawidian miang ngayonan musuh,kalah ditimbalan tunggu karaton. Dina
pikirna Nanda : " Aing teh perjurit,nu sumeja bela pati ka nagara. Tapi kacida teuing ku
raja,make teu dipercaya, dicacampah dianggap bikang tukang ngotokngowo di karaton,
keunrasakeunpamalesaing...!".
Peuting-peutingmanehnasakancana lolos ti Pajajaran,ngungsi Maolana Yusup di
Bantensejanaminangsaraya.
Atuh Maolana Yusup teh asa mobok manggih gorowong.harita keneh mepek balad.
BAB 3

I. UnsurIntrinsikNyiRoroKidul

Setting / setting:SamudraKidul
Plot / Plot: Alirananudikandungdinacaritapondokieumaju
Penegak :
- PrabuMundingseungitDewiSrengengehijiputrianujadipanerusPrabuMunding Wangi.
- DewiMutiara: indungtéréDewiSrenge
Konflik:
1. Ménta raja pikeunngirimputranajauhtikaraton
2. DewiMutiarangutuspembantosannanyaurandukunanudipikahoyong
SangdukunkutukKadita, putranaputrana. : Abdihoyongawaknageulisanupinuhku scabies
sareng itching
Amanat :
BarudakmangrupikeunkadotiGusti Allah, euweuhmasalahkumahaaranjeunna,
urangtetepkedahnampiaranjeunnakalayantulus, sanéssadayajalma di
dunyaieungagaduhankasampurnaananulanggeng.

II. Perbedaan Novel,Dongeng,jeung Carpon

Novel, nyaetakaasuprekaan (fiksi), eusijalanceritanyapanjangturlobabagean-bageanna,


diwangunkubasalancaran, palaku nu ngalakonnaloba.
carpon ,nyaetamangrupakarangansastraanudireka Dina
Wangunprosakalawanukurannapondok
dongeng , nyaetakarangansastraanudireka-reka(fiksi), ukurannapanjang.

You might also like