You are on page 1of 2

BIOGRAFI

Mukhlis Tanjung S.pd

Siswa SMAN 1 Karawang pasti terang ka guru matematika anu namina Mukhlis Tanjung S.pd.
Pak Mukhlis wedal di Padang kaping 28 April 1971. anjeunna anak katujuh ti dalapan saderek.
nalika alit ngalih ka Medan kumargi ngiring sareng ramana anu ngalih tugas dinas. Nalika SD,
ramana Pak Mukhlis wafat sahingga Pak Mukhlis kedah nyukupan kahirupana sacara mandiri.

Ti SD Pak Mukhlis tos icalan es, icalan jagong, icalan endog asin di stadion, ngabantosan ibuna
ka pasar. tabuh 2 enjing Pak Mukhlis tos aya di pasar pikeun ngabantosan ibuna di pasar. Oge
janten kuli macul di sawah. Nalika SD, Pak Mukhlis kasebat murid anu pinter. Anjeunna di
kelas teu weleh ti ranking 2 ti kelas opat dugi ka kelas genep.

Pak Mukhlis sakola di SMP anu tiasa disebat sakola militer Angkasa Pura di Polonia Medan.
Anjeunna dicandak ku pamana pikeun sakola di sakola eta. Nanging, kumargi teu kiat kusabab
kedah disiplin ku pamana Pak Mukhlis kabur ti sakola eta. Anjeunna ngurus sagal surat surat
pindahna nyalira. Saparantos kaluar ti Angkasa pura anjeunna sakola di SMP Karya
Pembangunan Deli II. Di SMP pak Mukhlis tos tiasa ngajar ka adik kelasna sareng nalika Smp
Pak Mukhlis resep kana palajaran matematika. Nalika SMP Pak Mukhlis parantos janten
pemulung pikeun ngahirupan kahirupana sapopoe.

Saparantos eta Pak mukhlis sakola di SMA Dwi warna Medan. Anjeunna daptar sakola nyalira,
anjeunna kenging jurusan A1 atanapi fisika anu kuat pisan ilmu eksakna sanajan Pak Mukhlis
jalmi anu biasa biasa tina ilmu eksak. Anjeunna nalika SMA parantos narik becak. Awalna tina
nyewa becak dugi ka gaduh becak tilu. Saparantos kelas tilu Pak Mukhlis ngiringan ujian
negara anu ayeuna disebut UNBK. Saparantos lulus ti SMA Pak Mukhlis langsung damel janten
buruh pabrik.

Anjeunna damel di pabrik pengolahan rotan pikeun ekspor. Anjeunna oge janten kuli
bangunan nalika ngantosan kelulusan sareng tes pikeun lebet ka kuliah. Anjeunna teu
ngadugikeun ka ibuna yen anjeunna bade kuliah. Padahl pak mukhlis parantos janten pegawai
tetap di pabrik industry rotan. Tapi kumargi motivasi anu kuat pak mukhlis ngiringan seleksi
pikeun ka universitas.

Anjeunna nalika tes milih tilu universitas nyaeta Universitas sumatera utara jurusan kimia, anu
kadua universitas palangkaraya jurusan matematika, sareng anu ka tilu universitas
cendrawasih di jayapura papua jurusan fisika. Pak mukhlis ningal di koran yen anjeunna lebet
di universitas palangkaraya.

8 agustus 1991 pak mukhlis angkat ka palangkaraya pikeun kuliah. Awalna ibuna ngalarang
pak mukhlis pikeun angkat ka palangkaraya, nanging ku tekad anu kuat pak mukhlis hoyong
ngarubah nasib hoyong berhasil kumargi sadaya lanceuk sareng adina teu aya anu tamat SD.
Anjeunna angkat ngagunakeun artos logam anu parantos ditabung salami tilu taun dicandak
make koper. Artos na dipake pikeun daptar pak mukhlis teu gaduh artos deui.

Di palangkaraya anjeunna damel janten guru ngaji, tukang parkir, agen koran, agen asuransi,
cetak batako, dagang di warung emperan, ngajar les privat SD, PERNAH KERJA KANTOR DI
Jamsostek. Anjeunna milih jurusan guru, tapi anjeunna hoyong janten dokter. Pak mukhlis
kenging Ipk 3 kaluhur.
Anjeunna mimitina stress di semester hiji sareng dua kusabab jauh sareng ibuna. Nanging
kadieu na pak mukhlis parantos tiasa adaptasi dugi ka damel di tempat cetak batako. Tukang
bangunan jeung sajabana.

Saparantos lulus kuliah, anjeunna kenging ngajar di Sman 1 Kuala kapus di Kalimantan barat.
Nanging kumargi kenging istri ti karawang, pak mukhlis mutuskeun pindah ka karawang.
Kusabab sadaya kulawargana di medan sareng ti kulawargi istrina seeur di karawang.

Pak mukhlis datang ka karawang teu gaduh nanaon anjeunna ngontrak dugi ka dalapan kali.
Awalna pak mukhlis ngajar di SMAN 1 PANGKALAN teras ngalih ka SMAN 1 Karawang, di
Karawang, Pak mukhlis salian janten guru oge janten dosen statistik di salah sahiji universitas
di karawang.

Salian janten dosen anjeunna oge janten mentor sarta motivator dibabarah event acara
dipayuneun mahasiswa oge dosen anu sanes. Nanging anjeunna mutuskeun pikeun ereun
janten dosen kumargi teu sesuai sareng nurani pak mukhlis. Dugi ka ayeuna pak mukhlis tetep
janten guru matematika di SMAN 1 Karawang.

Suka duka janten guru parantos karasa ku pak mukhlis. Suka na nyaeta ningal para muridna
berprestasi, disiplin sabab siswa anu berprestasi nunjukkeun yen guruna kompeten sareng
berprestasi. Dukana nyaeta upami ningal siswa na teu disiplin, bangor sareng sajabana.

Ulah sampe mohokeun ka anu namina Pendidikan anu inti pertama nyaeta urang kedah
langkah anu pasti langkah baik langkah anu lurus. Janten dimana wae urang ayana kedah izin
ka kolot. Jangan ngabantah kahoyong kolot. Kedah numbuhkeun akhlak budi pekerti anu
hade, karakter anu mana urang sadaya salaku siswa sman 1 karawang. Jadikeun kesalahan
janten kahadean.

Ulah ninggalkeun disiplin, tepat waktu sareng kedah inget yen urang sadayana pernah diajar
ku guru. Ulah poho ka guru dima guru nyaeta kolot urang di sakola.

You might also like