Professional Documents
Culture Documents
Artikel Sunda
Artikel Sunda
Gaang teh nyaéta Gegeremet, insék, atawa insékta anu sajenis jeung jangkrik.
Numutkeun Wikipedia Gaang téh ngawengku kulawarga Gryllotalpidae, gegeremet nu
awakna kandel, panjangna kira kira 3–5 cm, biwir hareupna mekar kawas singkup pikeun
ngagali taneuh jeung ngojay, panonna bolotot. Gaang sawawa bisa hiber nepi ka 8 kilo jauhna
(dina usum kawin), getol sapanjang taun, tapi mun keur usum tiris mah hibernasi.
Gaang téh omnivora, ngahakan jentik, cacing, akar tutuwuhan, jeung jukut. Anapon
gaang, sok dimangsa ku manuk, beurit, lasun, peusing, jeung careuh.Gaang téh aya di mana-
mana, tapi ku sabab liarna peuting sarta lolobana mah cicing dina jero taneuh, manusa jarang
nu mireungeuh. Biasana, gaang mah cicing dipakébonan, sawah, patamanan, atawa lapang
golep. Lima ti antara tujuh spésiés gaang nu aya di Amérika Kalér asalna ti Éropa, Asia,
jeung Amérika Kidul, sarta tara dianggap hama. Di Asia, gaang kadang sok digoréng.
Nu dimaksud mitos sora gaang ieu teh nyaéta sababaraha hal anu ulah dilakukeun
atawa pantang dilakonan upama aya sora gaang. Ari sora gaag biasa aya dina wanci sareupna,
aya dina saacan magrib nepi ka saacan isya, kira-kira dina jam 5 nepi ka jam 7. Jadi tos biasa
upama jam sakitu di Ciakar mah tos tiiseun komo deui di gunung na mah.
Eusi mitos na mah diantarana baé ulah dahar atawa nginum, ulah nyieun kadaharan,
ulah saré, ulah ngajieun gagandéngan, ulah mandi, ulah kaluar ti imah jeung sajabana.
Numutkeun Wati ( 40 Tahun) salah sahiji masyarakat Tanjung Jaya, Ciakar mitos ieu téh tos
jadi kawajiban upama aya sora gaang. Saurna mitos ieu teh pikeun ngahormatan si gaang na,
Wata nyaritakeun “ Ari sora gaang teh tanda peuting rék dimimitian, tanda sagala kagiatan
kudu dieureunan. Iwal ti éta sora gaang ogé nandakeun tutuwuhan jeung sasatoan téh keur
muji ka Allah tur ngadoakeun urang, lamun urng malah ngalakonan kagiatan sejen éta téh teu
ngahormatan kana sasatoan tur tutwuhan anu keur ngadoakeun urang. Saupama urang can
bisa muji ka Allah sahentena hormatan anu keur muji ka Allah” Kitu pok na mah.
Anu kudu dilakonan mah mung ibadah ka Gusti Allah SWT, rék dzikir atau maca
Qur’an. Mitos ieu teu nanaon upama teu dilakukeun. Upamana ka barudak atawa rumaja nu
rék nyiar élmu di madrasah anu biasana tas magrib diayakeunna. Mitos ieu teu nanaon upama
teu dilakukeun asal urang keur ngalakonan hal-hal kaagamaan.
Mitos ieu tos sapertos norma budaya. Atos jadi aturan-aturan anu diturunkeun ti buyut
buyutna. Sanaos mitos téh patojaiyah jeung agama, mung mitos ieu mah ngenaan pisan
agama. Bukti lamun akar-akar agama heubel téh masih aya jeung bukti akulturasi 2 hal anu
béda.
Sanaos patojaiyah, mitos ieu tangtu gaduh mangpaat . Diantarana kulantaran
ngaulahkeun kaluar ti imah, jadi tiasa ngaminimalisir kagiatan anu teu dipikaharep aya, teras
nyégah ayana maling oge. Salain ti éta ulah ngajieun gagandéngan tangtu moal ngaganggu
tatangga atawa masyarakat sejen anu matak moal aya paraséa antara urang jeung tatangga.
Beuki robahna jaman beuki roba ogé pola pamikiran. Loba anu ngalakonan tangtu
loba ogé anu teu ngalakonan. Anggi ( 14 tahun) misalna, ” Mitos ieu rada nyusahkeun urang
dina ngalakonan hiji kagiatan, pan loba kabutuhan anu ngadadak jeung ayana ogé di kota anu
nyebabkeun urang kudu kaluar ti imah. Salain ti éta kusabab ulah dahar atawa nginum sok
matak kanu aya riwayat kasakit Maag mah kulantaran telat dahar”
Mitos ieu can pati dikenal di luar Desa Ciakar mah, Ku kituna hayu cobi ka Ciakar
ngarasaosan kumaha mitos ieu dimasyarakat téh . jeung deui ka wisata selfi di Murbey.