You are on page 1of 1

ARTIKER BASA SUNDA TENTANG PANGAJARAN

Sapertos anu ku urang terang, Pamarentah Indonesia entos ngagratiskeun biaya pendidikan
dasar duabelas taun, nyaeta ti tingkat SD nepi ka SMA. Hal ieu teh dikasang tukangan ku
kayaan ekonomi unggal jalmi masarakat Indonesia anu beda-beda.

Aya masarakat anu mampu, aya oge masarakat anu kirang mampu. Masarakat anu mampu mah
geus tangtu bakal sakola kusabab ayana biaya.

Iwal, seueur pisan masarakat Indonesia anu kirang mampu teu tiasa sakola kusabab teu aya
biayana. Pamarentah hoyong sadaya masarakat Indonesia tiasa menangkeun pendidikan anu
layak, boh anu mampuboh anu kirang mampu.

Tujuan pangna Pamarentah ngawajibkeun ka sadaya warga nagara teh nyaeta sangkan warga
nagara palinter. Bangsa bakal sejahtera mun masarakatna palinter.

Lamun masarakat Indonesia barodo, bangsa Indonesia moal bisa ngudag kamajuan nagara sejen
jeung bakal kalindes ku kamajuan jaman.

Diharepkeun dina diayakeunna program wajar dikdas duabelas taun, masarakat Indonesia tiasa
lebih maju, utamana dina widang pendidikan.

Ieu program pamarentah moaltiasa kalaksanakeun upamiteu aya gawe bareng ti sadaya lapisan
masarakat, ti kawit pejabat dugi ka sadaya rahayat Indonesia. Ku kituna, urang sadaya kudu
gawe bareng ngalaksanakeun program ieu sangkan menang hasil anu nyugemakeun.

Sakitu anu tiasa didugikeunku sim kuring. Hapunten bilih aya kalepatan sareng cariosan nu teu
merenah kanu manah

You might also like